Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Carana Urang Maké jeung Mertahankeun Kapribadian nu Anyar

Carana Urang Maké jeung Mertahankeun Kapribadian nu Anyar

”Pribadi aranjeun . . . geus diganti ku kapribadian anu anyar.”​—KOL. 3:10, SF.

KAWIH: 43, 106

1, 2. (a) Ku naon teu mustahil urang bisa maké kapribadian nu anyar? (b) Dina Kolosa 3:10-14, sipat-sipat naon waé nu kaasup kapribadian anyar?

DINA Alkitab, aya ungkara ”manusa anyar”. (Epe. 4:24; Kol. 3:10, SF) Ieu ngamaksudkeun kapribadian anyar ”sakumaha gambaran Anu Nyiptana”. Naha urang bisa maké kapribadian anyar ieu? Bisa. Yéhuwa nyiptakeun manusa sakumaha gambar Mantenna, jadi urang kabéh bisa nyonto sipat-sipat-Na nu hadé.​—Kaj. 1:26, 27; Epe. 5:1.

2 Mémang, lantaran ngawaris kateusampurnaan, urang sakapeung boga kahayang nu salah. Urang ogé bisa kapangaruhan ku batur sakurilingeun. Tapi, ku welas asihna Yéhuwa, urang bisa jadi jalma nu nyukakeun manah-Na. Sangkan bisa kitu, hayu urang bahas sababaraha sipat nu kaasup kapribadian anyar. (Baca Kolosa 3:10-14, SF.) Terus, urang bakal ningali kumaha carana némbongkeun sipat-sipat ieu dina dines.

”NGAJADI HIJI”

3. Naon salah sahiji bagian ti kapribadian anyar?

3 Ceuk Paulus, sipat teu ngabéda-béda téh salah sahiji bagian penting tina kapribadian anyar. Manéhna ngomong, ”Sual-sual urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, urang Tartar, nu kumawula, nu merdika teh geus moal aya deui.” * (Tingali catetan handap.) Di sidang, teu meunang aya nu ngarasa leuwih punjul ti batur ku lantaran sélér, bangsa, atawa status sosialna. Ku naon? Lantaran salaku murid Yésus, urang geus ”ngajadi hiji”.​—Kol. 3:11, SF; Gal. 3:28.

Urang moal ngabéda-béda jalma ku lantaran sélér atawa statusna

4. (a) Kumaha sakuduna sikep hamba-hamba Yéhuwa ka batur? (b) Kaayaan naon nu bisa ngaruksak kasatunggalan urang Kristen?

4 Tapi, lamun urang geus maké kapribadian anyar, urang bakal ngahormat jeung ngajénan batur, teu sual sélér bangsa atawa statusna. (Rum 2:11) Di sababaraha nagri, ieu téh teu gampang. Contona, baheula di Afrika Selatan, pamaréntah ngabédakeun panyicingan jalma-jalma nu béda sélér. Lolobana masih kénéh cicing di ditu, kaasup Saksi Yéhuwa. Badan Pingpinan ngajurung sadérék-sadérék sangkan ”laluasa” narima dulur-dulur ti rupa-rupa sélér bangsa. Jadi dina Oktober 2013, diayakeun program husus sangkan sadérék-sadérék nu béda sélér bisa silih wanoh.​—2 Kor. 6:13, SF.

5, 6. (a) Di hiji nagri, program naon nu diayakeun sangkan umat Allah leuwih ngahiji? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Kumaha hasilna?

5 Sadérék-sadérék ngatur sangkan dina sababaraha ahir minggu, para Saksi ti dua sidang nu béda basa atawa sélér bisa campur gaul babarengan. Maranéhna dines bareng, masamoan bareng, jeung silih anjangan. Aya ratusan sidang nu miluan program ieu. Kantor cabang narima loba laporan alus. Malahan, nu lain Saksi gé nepi ka muji. Contona, hiji pandéta ngomong, ”Abdi lain Saksi, tapi abdi mujikeun kagiatan pangwawaran aranjeun nu tartib, aranjeun ogé teu ngabéda-bédakeun sélér.” Kumaha parasaan sadérék-sadérék ngeunaan program ieu?

6 Sadérék istri ti sidang basa Xhosa nu ngaranna Noma, mimitina asa-asa rék ngondang Saksi ti sidang basa Inggris nganjang ka imahna nu saderhana. Tapi, sanggeus manéhna ngawawar jeung Saksi kulit bodas sarta nganjang ka imahna, manéhna ngarasa reugreug. Ceuk manéhna, ”Geuningan maranéhna téh siga urang-urang ogé!” Jadi, waktu sadérék-sadérék ti sidang basa Inggris ngawawar bareng jeung sidang basa Xhosa, Noma ngondang maranéhna dahar di imahna. Manéhna teu nyangka saurang kokolot kulit bodas daék diuk di jojodog plastik. Ku ayana program nu terus lumangsung ieu, loba sadérék bisa nyobat jeung leuwih wanoh ka sadérék nu béda sélér.

MEKARKEUN SIPAT KARUNYAANJEUNG HADÉ HATÉ

7. Ku naon urang kudu terus némbongkeun sipat karunyaan?

7 Umat Allah bakal terus nyanghareupan cocoba salila hirup di dunya Sétan. Urang bisa di-PHK, gering parna, dikaniaya, dipaok, keuna musibat alam, atawa kasusahan séjén. Sangkan bisa silih nguatkeun dina nyanghareupan cocoba, urang kudu boga sipat karunyaan. Sipat karunyaan bakal ngageuing urang pikeun hadé haté ka batur. (Kol. 3:12) Sipat-sipat ieu téh kaasup kapribadian anyar, nu bakal ngabantu urang nyonto Allah jeung negerkeun batur.​—2 Kor. 1:3, 4.

8. Naon hasil alusna lamun urang karunyaan jeung hadé haté ka kabéh nu datang ka sidang? Béré contona.

8 Kumaha urang bisa némbongkeun kahadéan ka dulur di sidang nu pindah ti nagri séjén atawa nu hirupna susah? Urang hayang ngabagéakeun jeung jadi sobat maranéhna sangkan maranéhna ngarasa dibutuhkeun di sidang. (1 Kor. 12:22, 25) Contona, Dannykarl nu pindah ti Filipina ka Jepang. Lantaran manéhna lain asli Jepang, manéhna sok dibédakeun di pagawéanana. Terus, manéhna datang ka pasamoan Saksi Yéhuwa. Ceuk Dannykarl, ”Kalolobaan nu hadir téh urang Jepang, tapi abdi dibagéakeun siga ka sobat dalit.” Kahadéan ti sadérék-sadérék éta nu nyieun Dannykarl beuki raket ka Yéhuwa. Ahirna, manéhna dibaptis, jeung ayeuna ngawula sabagé kokolot sidang. Kokolot séjénna ngarasa bungah sabab bisa sasidang jeung Dannykarl sarta Jennifer, pamajikanana, terus ngomong, ”Maranéhna jadi conto alus pikeun hirup basajan sabagé panaratas nu ngutamakeun Karajaan.”​—Luk. 12:31.

9, 10. Némbongkeun sipat karunyaan dina dines téh mawa hasil nu alus. Béré conto-contona.

9 Urang boga kasempetan pikeun ”migawe kahadean ka sing saha bae” waktu urang ngawawarkeun warta Karajaan. (Gal. 6:10) Loba Saksi némbongkeun sipat karunyaan ka imigran sarta diajar basa maranéhna. (1 Kor. 9:23) Ieu mawa hasil nu alus. Contona, saurang panaratas ti Australia nu ngaranna Tiffany diajar basa Swahili pikeun mantuan sidang basa Swahili di kota Brisbane. Sanajan kudu bajoang diajar basa anyar, kahirupan manéhna jadi leuwih bagja. Tiffany nyarita, ”Lamun hayang ngalaman dines nu pikaresepeun, cobaan geura ngagabung jeung sidang basa asing. Éta téh siga pelesir di kota sorangan. Urang bakal ngarasakeun sorangan duduluran internasional sarta ningali hébatna kasatunggalan urang.”

Naon nu ngageuing urang Kristen pikeun mantuan para imigran? (Tingali paragrap 10)

10 Hiji kulawarga di Jepang ngalakukeun nu sarua. Budakna nu ngaranna Sakiko nyarita, ”Mindeng pisan panggih jeung imigran Brasil waktu ngawawar. Waktu abdi némbongkeun ayat Alkitab tina basa Portugis, saperti Wahyu 21:3, 4 atawa Jabur 37:10, 11, 29, maranéhna merhatikeun jeung aya ogé nu nepi ka ceurik.” Kulawarga éta karunyaeun jeung hayang ngajarkeun bebeneran ka para imigran. Jadi, maranéhna sakulawarga diajar basa Portugis. Teu lila, kulawarga éta ngamimitian dibentukna sidang basa Portugis. Mangtaun-taun maranéhna mantuan loba imigran jadi umat Yéhuwa. Ceuk Sakiko, ”Sanajan hésé diajar basa Portugis, berkahna ngaleuwihan upayana. Abdi sakulawarga nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa.”​—Baca Rasul 10:34, 35.

MEKARKEUN SIPAT RENDAH HATÉ

11, 12. (a) Naon sababna urang kudu boga niat nu bener dina maké kapribadian anyar? (b) Naon nu bisa ngabantu urang sangkan tetep rendah haté?

11 Niat urang maké kapribadian anyar téh lain hayang dipuji, tapi sakuduna hayang ngamulyakeun Yéhuwa. Inget yén malaikat nu sampurna gé bisa jadi adigung jeung ngalakukeun dosa. (Bandingkeun Yeheskel 28:17.) Komo deui urang nu teu sampurna, nyingkahan sipat adigung téh teu gampang. Tapi, urang tetep bisa miboga sipat rendah haté. Kumaha carana?

12 Salah sahijina nyaéta maca Firman Allah unggal poé tur ngalenyepanana. (Pam. 17:18-20) Utamana, urang kudu ngalenyepan pangajaran Yésus jeung tuladanna dina némbongkeun karendahan haté. (Mat. 20:28) Sakitu rendah hatena, Yésus nepi ka daék ngumbah suku murid-muridna. (Yoh. 13:12-17) Urang ogé bisa ngadoa nyuhunkeun roh suci Yéhuwa. Roh-Na bisa mantuan urang ngalawan parasaan leuwih unggul ti batur.​—Gal. 6:3, 4; Pil. 2:3.

Lamun urang rendah haté, sidang bakal tengtrem jeung ngahiji

13. Naon berkahna lamun urang rendah haté?

13 Baca Siloka 22:4. Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang rendah haté. Éta bakal mawa loba berkah. Lamun urang rendah haté, sidang bakal tengtrem jeung ngahiji. Urang gé bakal dipikaasih ku Yéhuwa. Rasul Paulus ngomong, ”Aranjeun kudu ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, ’Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati.’”​—1 Pet. 5:5.

MEKARKEUN SIPAT LEMAH LEMBUT JEUNG SABAR

14. Saha tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut jeung sabar?

14 Di jaman kiwari, jalma nu lembut jeung sabar téh dianggap lemah. Tapi, éta téh salah. Sipat ieu datangna ti Yéhuwa, Pribadi nu pangkuatna sajagat raya. Mantenna téh tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut jeung sabar. (2 Pet. 3:9) Contona, pék pikirkeun sakumaha sabarna Yéhuwa basa ngajawab pananya Ibrahim jeung Elut liwat malaikat-Na. (Kaj. 18:22-33; 19:18-21) Pikirkeun ogé sakumaha sabarna Yéhuwa nyanghareupan bangsa Israil nu teu satia salila 1.500 taun.​—Yeh. 33:11.

15. Kumaha Yésus némbongkeun sipat lembut jeung sabar?

15 Yésus ogé ”lemah lembut”. (Mat. 11:29) Anjeunna sabar pisan nyanghareupan kalemahan murid-muridna. Yésus osok disalahkeun jeung dituduh nu henteu-henteu ku jalma-jalma. Tapi nepi ka pupusna, anjeunna tetep lembut jeung sabar. Basa keur nandangan kanyeri di tihang siksaan, anjeunna nyuhunkeun supaya Bapana ngahampura nu maéhan anjeunna. Ceuk anjeunna, ”Ieu jalmi-jalmi . . . teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu.” (Luk. 23:34) Sanajan keur loba pikiran jeung nandangan kanyeri, anjeunna tetep lembut jeung sabar.​—Baca 1 Petrus 2:21-23.

16. Kumaha carana némbongkeun sipat lembut jeung sabar?

16 Paulus nyebutkeun salah sahiji cara némbongkeun sipat lembut jeung sabar, ”Kudu silih eledan jeung silih hampura pada batur. Ngahampura teh wajib, kapan Gusti oge ngahampura ka dulur-dulur.” (Kol. 3:13, SF) Lamun urang lembut jeung sabar, urang daék ngahampura batur. Ku kituna, sidang bakal tengtrem jeung ngahiji.

17. Ku naon sipat lembut jeung sabar téh penting?

17 Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang lembut jeung sabar ka batur. Lamun hayang hirup di dunya anyar, urang kudu boga sipat-sipat ieu. (Mat. 5:5, SF) Lamun urang lembut jeung sabar, urang ngamulyakeun Yéhuwa sarta jadi tuladan keur batur.​—Gal. 6:1; 2 Tim. 2:24, 25.

MEKARKEUN KANYAAH

18. Naon patalina kanyaah jeung sipat teu ngabéda-béda?

18 Kabéh sipat nu tadi dibahas téh aya patalina jeung kanyaah. Misalna, Yakobus méré naséhat ka dulur-dulur saimanna lantaran maranéhna leuwih bageur ka jalma beunghar ti batan ka nu miskin. Manéhna ngajelaskeun yén éta téh ngalanggar paréntah Allah pikeun ”nyaah ka batur cara ka diri sorangan”. Ceuk manéhna ogé, ”Lamun ngabeda-beda jalma tina kaayaan lahirna, eta salah, dosa.” (Yak. 2:8, 9) Lamun urang nyaah ka batur, urang moal ngabéda-béda batur ku karana pendidikan, sélér, atawa status sosialna. Ieu téh kudu tina haté, ulah api-api ngalampahkeunana.

19. Naon sababna kanyaah téh penting?

19 Kanyaah téh ”sabar jeung alus budi” sarta ”teu takabur”. (1 Kor. 13:4) Urang kudu sabar, hadé hate, jeung rendah haté sangkan bisa terus ngawawarkeun warta hadé. (Mat. 28:19) Sipat-sipat ieu ogé ngabantu urang pikeun rukun jeung kabéh dulur di sidang. Lamun urang ngalampahkeun kanyaah sarupa kitu, sidang bakal tetep ngahiji jeung ngamulyakeun Yéhuwa. Jalma-jalma nu ningali hal ieu bakal kataji kana bebeneran. Ngeunaan kapribadian anyar, Alkitab méré kasimpulan nu cocog, ”Pangpangna mah, urang teh kudu silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi simpayna kasatunggalan.”​—Kol. 3:14, SF.

TERUS-TERUSAN DIANYARKEUN

20. (a) Pananya naon nu kudu urang lenyepan? Naon sababna? (b) Naon harepan urang pikeun mangsa kahareup?

20 Urang kudu ngalenyepan, ’Abdi masih kénéh kudu nyieun parobahan naon sangkan bisa miceun kapribadian nu heubeul?’ Urang kudu ngadoa jeung nyambat pitulung Yéhuwa. Urang gé kudu satékah polah ngarobah pikiran jeung lalampahan nu salah sangkan bisa ”meunang tempat di Karajaan Allah”. (Gal. 5:19-21) Urang gé bisa ngalenyepan, ’Naha abdi terus-terusan nyaluyukeun cara pikir sangkan bisa nyukakeun Yéhuwa?’ (Epe. 4:23, 24) Lantaran teu sampurna, urang kudu terus bajoang pikeun maké jeung mertahankeun kapribadian anyar. Ulah nyerah. Kacipta éndahna kahirupan basa kabéh jalma geus maké kapribadian anyar jeung nyonto sipat-sipat alus Yéhuwa kalawan sampurna!

^ par. 3 Di jaman Alkitab, urang Tartar téh dianggap rendah jeung hina.