Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kanyaah—Sipat nu Penting

Kanyaah—Sipat nu Penting

YÉHUWA ngailhamkeun Rasul Paulus pikeun nulis salapan sipat nu dihasilkeun ku roh suci. (Gal. 5:22, 23, SF) Sakabéh sipat nu alus ieu disebut ’buah padamelan roh’. * (Tingali catetan handap.) Buah ieu ogé bagian ti ”kapribadian nu anyar” nu kudu dipaké ku urang Kristen. (Kol. 3:10, SF) Hiji tangkal bakal buahan lamun disiram, kitu ogé hiji jalma bakal miboga sipat-sipat alus ieu lamun roh suci laluasa mangaruhan kahirupanana.​—Jab. 1:1-3.

Sipat kahiji nu disebutkeun ku Paulus téh kanyaah. Sakumaha pentingna sipat ieu? Ceuk Paulus, lamun teu boga kanyaah, manéhna ”teu aya hartina”. (1 Kor. 13:2) Naon kanyaah téh, sarta kumaha urang bisa mekarkeun tur némbongkeunana unggal poé?

NAON KANYAAH TÉH?

Sanajan hésé ngajelaskeun naon persisna kanyaah téh, Alkitab ngagambarkeun kumaha pipikiran jeung lalampahan jalma nu nyaahan. Contona, manéhna téh ”sabar jeung alus budi” sarta ’resep kana hal anu bener’. Jalma nu nyaahan bakal ”tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna”. Manéhna gé deudeuh pisan ka batur, perhatian, jeung jadi sobat nu satia. Tapi, jalma nu teu boga kanyaah bakal sirikan, sombong, teu sopan, mentingkeun diri, jeung teu daék ngahampura. Ti batan némbongkeun sipat-sipat goréng ieu, urang hayang bener-bener nyaah ka batur, némbongkeun kanyaah nu ”tara mentingkeun maneh”.​—1 Kor. 13:4-8.

YÉHUWA JEUNG YÉSUS TULADAN NU SAMPURNA

”Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8) Éta katingali tina ciptaan jeung lalampahan-Na. Sakitu nyaahna Yéhuwa ka manusa nepi ka ngutus Yésus ka bumi pikeun sangsara jeung maot demi urang. Rasul Yohanes ngomong, ”Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup. Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.” (1 Yoh. 4:9, 10) Ku kaasih Allah, dosa urang bisa dihampura jeung urang bisa boga harepan tur kahirupan.

Yésus gé nyaah ka manusa nepi ka ngorbankeun nyawana pikeun ngalaksanakeun pangersa Allah. Ceuk Rasul Paulus, ”Yesus Kristus geus ngajalankeun hal anu dipundut ku Allah, ku sabab kitu urang kabeh geus diberesihkeun tina dosa ku jalan kurban salira Kristus ku anjeun, . . . sakali pikeun salalanggengna.” (Ibr. 10:9, 10) Moal aya manusa nu kanyaahna leuwih ti kitu. Ceuk Yésus, ”Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.” (Yoh. 15:13) Naha bisa manusa nu teu sampurna nyonto kaasih Yéhuwa jeung Yésus? Bisa! Hayu urang bahas carana.

”HIRUP KUDU DIJIWAAN KU KANYAAH”

Paulus ngajurung urang, ”Aranjeun . . . kudu nulad ka Mantenna. Hirup kudu dijiwaan ku kanyaah, sakumaha Kristus oge mikanyaah ka urang.” (Epe. 5:1, 2) Naon hartina ”hirup kudu dijiwaan ku kanyaah”? Éta hartina urang kudu némbongkeun kanyaah unggal waktu. Kanyaah urang moal ngan saukur di biwir. Yohanes nulis, ”Anaking, nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.” (1 Yoh. 3:18) Contona, urang ngawawarkeun ”Injil Kasalametan” lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung sasama. (Mat. 24:14; Luk. 10:27) Hirup urang gé ”dijiwaan ku kanyaah” lamun sabar, bageur, jeung resep ngahampura. Urang bakal ngalarapkeun naséhat Alkitab, ”Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.”​—Kol. 3:13.

Lamun urang ngabéjaan atawa méré naséhat ka batur, éta lain hartina urang teu nyaah ka maranéhna. Misalna, sangkan budakna teu ceurik deui, aya kolot nu nyumponan naon waé kahayang budakna. Tapi, kolot nu bener-bener nyaah ka budakna bakal tegas lamun perlu. Kitu ogé, ”anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih”. (Ibr. 12:6) Jadi, disiplin nu cocog téh tanda kanyaah. (Sil. 3:11, 12) Tapi, lantaran teu sampurna, urang sering gagal némbongkeun kanyaah. Jadi, urang kudu mekarkeun kanyaah urang. Hayu urang bahas tilu carana.

KUMAHA CARANA MEKARKEUN KANYAAH?

Kahiji, ménta roh suci ka Allah, sabab kanyaah téh hasil roh suci. Yésus ngomong yén Yéhuwa masihan ”Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna”. (Luk. 11:13) Urang bakal leuwih nyaahan lamun ménta jeung nurut kana bingbingan roh Allah. (Gal. 5:16) Contona, lamun Sadérék téh kokolot, Sadérék bisa ménta roh suci sangkan bisa leuwih nyaahan basa kudu méré naséhat ka batur. Atawa, lamun boga budak, Sadérék bisa ménta roh suci sangkan bisa ngadisiplin ku kanyaah, lain ku amarah.

Kadua, lenyepan carana Yésus némbongkeun kanyaah, malahan ka jalma nu jahat ka anjeunna. (1 Pet. 2:21, 23) Basa Sadérék dinyenyeri atawa ngalaman kateuadilan, pikirkeun, ’Yésus bakal kumaha nya?’ Saurang sadérék istri nu ngaranna Leigh ngarasakeun mangpaatna mikirkeun pananya tadi. Manéhna jadi teu gagabah. Ceuk manéhna, ”Sakali waktu, batur gawé abdi ngirim e-mail ka batur bisnis nu eusina ngagogoréng abdi jeung pagawéan abdi. Abdi nyeri haté pisan. Tapi, terus abdi mikir, ’Kumaha abdi bisa nyonto Yésus nyanghareupan jalma siga kieu?’ Sanggeus ngabayangkeun naon nu bakal dilakukeun ku Yésus, abdi mutuskeun rék ngantepkeun waé masalahna. Ka dieunakeun, abdi kakara nyaho lamun manéhna téh keur gering jeung strés. Abdi sadar lamun manéhna lain jalma nu jahat. Ngabayangkeun tuladan Yésus basa keur dinyenyeri ngabantu abdi némbongkeun kanyaah ka batur gawé.” Lamun nyonto Yésus, urang bakal nyaah ka batur.

Katilu, diajar némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. Ieu nu jadi ciri murid-murid Yésus. (Yoh. 13:34, 35) Yésus gé boga kanyaah nu siga kieu, sarta jadi tuladan nu sampurna. Anjeunna ninggalkeun sawarga ”ngantunkeun sagala kamulyaana-Na” demi urang ”nepi ka pupus”. (Pil. 2:5-8) Lamun urang nyonto kanyaah Yésus nu teu mentingkeun diri, pipikiran jeung parasaan urang bakal méh sarua jeung Yésus. Urang bakal miheulakeun kapentingan batur.

MANGPAATNA NÉMBONGKEUN KANYAAH

Némbongkeun kanyaah téh loba mangpaatna. Perhatikeun dua contona:

Naon mangpaatna némbongkeun kanyaah?

  • DUDULURAN INTERNASIONAL: Lantaran silih pikanyaah, urang yakin dulur-dulur di sakuliah dunya bakal ngabagéakeun lamun urang nganjangan sidang maranéhna. Dipikanyaah ku dulur-dulur ’sakapercayaan di sakuliah dunya’ mangrupakeun berkah nu pohara! (1 Pet. 5:9) Kanyaah sarupa kitu ngan aya di antara umat Allah.

  • KARUKUNAN: Lantaran ”silih pikanyaah, silih kanyahokeun”, urang bisa ”rukun sauyunan”. (Epe. 4:2, 3) Éta nu karasa ku urang di pasamoan jeung kongrés. Naha Sadérék satuju lamun moal aya karukunan siga kieu di dunya kiwari? (Jab. 119:165; Yes. 54:13) Ngupayakeun rukun jeung batur téh cara urang némbongkeun kanyaah nu sajati. Ieu nyukakeun Bapa di sawarga.​—Jab. 133:1-3; Mat. 5:9.

”KANYAAH MAH NGAWANGUN”

Ceuk Paulus, ”Kanyaah mah ngawangun.” (1 Kor. 8:1) Naon hartina? Manéhna ngajelaskeun hal éta di 1 Korinta pasal 13, yén kanyaah téh teu hayang senang sorangan, tapi merhatikeun kapentingan batur. (1 Kor. 10:24; 13:5) Lantaran kanyaah téh perhatian, rasrasan, sabar, jeung bageur, kanyaah bisa ngawangun kulawarga nu bagja jeung sidang nu ngahiji.​—Kol. 3:14.

Tapi, kanyaah nu paling penting jeung mangpaat téh nyaéta kanyaah urang ka Allah. Naon sababna? Kanyaah ka Mantenna ngahijikeun urang! Jalma-jalma ti sagala sélér, basa, jeung status sosial, ”kabeh bakal aranut” jeung ngawula Yéhuwa. (Sep. 3:9) Hayu urang témbongkeun sipat nu penting tina buah padamelan roh ieu unggal poé.

^ par. 2 Ieu téh nu kahiji tina salapan artikel nu ngabahas unggal sipat ti buah padamelan roh.