Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Réla Sabar Ngadagoan Yéhuwa?

Naha Sadérék Réla Sabar Ngadagoan Yéhuwa?

”Sing salabar dulur-dulur.”​—YAK. 5:7.

KAWIH: 78, 139

1, 2. (a) Naon sababna urang nanyakeun, ”Dugi ka iraha?” (b) Ku naon conto hamba-hamba Allah nu satia di jaman baheula bisa ngagedékeun haté urang?

NABI YÉSAYA pernah nanya, ”Dugi ka iraha?” Nabi Habakuk nanya, ’Kedah sabaraha lami?’ (Yes. 6:11; Hab. 1:2) Basa nulis Jabur 13, Raja Daud ogé opat kali nanyakeun nu sarua. (Jab. 13:2, 3) Sarta, basa Yésus nyanghareupan jalma-jalma nu teu boga iman, anjeunna nanya nu sarupa kitu. (Mat. 17:17) Kiwari, urang ogé bisa jadi boga pananya nu sarua.

2 Naon sababna urang nanyakeun, ”Dugi ka iraha?” Bisa jadi urang ngalaman kateuadilan, boga panyakit, atawa geus rémpo. Urang ogé bisa strés lantaran hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:1) Atawa, bisa waé urang ngabatin lantaran tingkah laku jalma-jalma nu pikasebeleun. Tapi, nu ngagedékeun haté téh teu sual alesanana, Yéhuwa tara nyalahkeun hamba-hamba-Na nu satia nu boga pananya siga kitu.

3. Naon nu bisa ngabantu urang nyanghareupan kaayaan nu sulit?

3 Naon nu bisa ngabantu urang nyanghareupan kaayaan nu sulit? Yakobus, adi téré Yésus diilhamkeun pikeun méré naséhat, ”Sing salabar dulur-dulur, ngadago Gusti sumping.” (Yak. 5:7) Jadi, urang kabéh perlu sabar. Tapi, naon sabar téh, sarta kumaha urang bisa némbongkeun sipat nu hadé ieu?

NAON SABAR TÉH?

4, 5. (a) Siga kumaha sipat sabar téh, jeung kumaha sangkan bisa sabar? (b) Kumaha Yakobus ngajelaskeun sipat sabar? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Alkitab ngajelaskeun yén sipat sabar téh hasil roh suci Allah. Lamun teu aya bantuan Allah, manusa nu teu sampurna moal bisa sabar dina kaayaan sulit. Sipat éta téh kurnia ti Allah. Lamun urang sabar, urang nunjukkeun asih ka Allah jeung ka sasama. Lamun urang teu sabar, kaasih di antara urang jeung batur bisa laas. (1 Kor. 13:4; Gal. 5:22) Siga kumaha sipat sabar téh? Sipat ieu ngabantu urang tetep tabah tur positif dina kaayaan sulit. (Kol. 1:11, 12; Yak. 1:3, 4) Kasabaran ogé ngabantu urang tetep satia ka Yéhuwa teu sual masalahna. Sipat éta ogé ngabantu urang pikeun teu ngabales lamun aya nu jahat ka urang. Alkitab ngajelaskeun yén urang kudu réla narimakeun lamun kudu ngadagoan. Ieu palajaran penting tina Yakobus 5:7, 8. (Baca.)

5 Ku naon urang kudu ngadagoan Yéhuwa nyumponan jangji-Na? Yakobus nyaruakeun kaayaan urang jeung kaayaan patani. Sanajan geus getol melakan, manéhna teu bisa ngadalikeun cuaca jeung tumuwuhna éta pepelakan. Manéhna kudu sabar ngadagoan ”hasil pepelakanana”. Sarua siga kitu, urang gé teu bisa ngadalikeun loba hal, sarta kudu ngadagoan jangji Yéhuwa kalaksana. (Mar. 13:32, 33; Ras. 1:7) Siga éta patani, urang kudu sabar ngadagoan.

6. Urang bisa diajar naon tina tuladan Nabi Mika?

6 Sarua jeung urang ayeuna, Nabi Mika ogé kudu tabah dina kaayaan sulit. Manéhna hirup di jaman pamaréntahan Raja Ahas nu bejad. Balukarna, aya korupsi di mana-mana. Malah di Alkitab disebutkeun yén rahayatna ”geus arahli kana kajahatan”. (Baca Mika 7:1-3) Tapi, Mika nyaho yén manéhna teu bisa ngarobah kaayaan. Jadi, naon nu dilakukeun manéhna? Manéhna ngomong, ”Kaula mah ngaharep ka PANGERAN, sarta kalawan yakin muntang ka Allah nu bakal nyalametkeun kaula. Allah kaula tangtu kersaeun ngadangu doa kaula.” (Mika 7:7) Saperti Mika, urang ogé kudu ”ngaharep” ka Allah.

7. Naon sababna urang teu ngan saukur ngadagoan Yéhuwa nyumponan jangji-Na?

7 Lamun urang boga iman saperti Mika, urang bakal réla ngadagoan Yéhuwa. Urang téh lain siga tahanan nu keur ngadagoan hukuman pati. Manéhna kapaksa nunggu, tapi henteu ngarepkeunana. Béda pisan jeung urang! Urang mah réla ngadagoan Yéhuwa sabab nyaho dina waktuna, Mantenna bakal masihan kahirupan langgeng sakumaha jangji-Na! Jadi urang bakal ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”. (Kol. 1:11, 12) Bari ngadagoan, urang teu meunang kukulutus lantaran nganggap Yéhuwa lila dina nyieun tindakan. Lamun kitu, urang bakal nganyenyeri haté Mantenna.​—Kol. 3:12.

TULADAN KASABARAN

8. Urang bisa diajar naon ti hamba-hamba Allah jaman baheula?

8 Naon nu bisa ngabantu urang leuwih réla ngadagoan? Urang bakal kabantu lamun ngalenyepan tuladan hamba Allah di jaman baheula nu sabar ngadagoan kalaksanana jangji Yéhuwa. (Rum 15:4) Bari ngalenyepan, urang bisa ngabayangkeun sakumaha lila maranéhna kudu ngadagoan, ku naon maranéhna réla ngadagoan, sarta kumaha Yéhuwa ngaberkahan kasabaran maranéhna.

Ibrahim kudu ngadagoan mangtaun-taun nepi ka Ésau jeung Yakub lahir (Tingali paragrap 9, 10)

9, 10. Sabaraha lila Ibrahim jeung Sarah ngadagoan Yéhuwa?

9 Hayu urang tingali conto Ibrahim jeung Sarah. Lantaran maranéhna ”nunggu-nunggu kalayan sabar”, maranéhna narima ”hal anu dijangjikeun ku Allah”. Alkitab nyebutkeun yén sanggeus ”Ibrahim sabar ngantosan”, Yéhuwa jangji bakal ngaberkahan manéhna sarta nyieun manéhna jadi bangsa nu gedé. (Ibr. 6:12, 15) Ku naon Ibrahim kudu sabar? Sabab butuh waktu pikeun ngawujudkeun éta jangji. Dina tanggal 14 Nisan 1943 SM, Ibrahim, Sarah, jeung rumah tanggana meuntasan Walungan Éprat, terus asup ka Tanah Perjangjian. Tapi, Ibrahim kudu ngadagoan 25 taun nepi ka Ishak lahir, sarta ngadagoan 60 taun deui nepi ka incuna lahir, nyaéta Ésau jeung Yakub.​—Ibr. 11:9.

10 Sakumaha gedé Tanah Perjangjian nu dipasihkeun ka Ibrahim? Ceuk Alkitab, ”Anjeunna ku Allah henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dipaparin jangji yen ieu tanah tan wande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Waktos Allah ngajangji kitu, Ibrahim teu acan kagungan putra.” (Ras. 7:5) Kakara 430 taun sanggeus Ibrahim meuntasan Walungan Éprat, turunanana jadi bangsa nu matuh di dinya.​—Bud. 12:40-42; Gal. 3:17.

11. Ku naon Ibrahim réla ngadagoan, sarta naon waé berkah nu bakal katarima ku manéhna?

11 Ibrahim réla ngadagoan lantaran manéhna yakin Yéhuwa tigin kana jangji-Na. Ibrahim iman ka Yéhuwa. (Baca Ibrani 11:8-12.) Manéhna réla ngadagoan sanajan teu ningali kabéh jangji Allah kawujud salila manéhna hirup. Tapi, pék bayangkeun sakumaha bungahna Ibrahim basa engké dihirupkeun deui di bumi pirdaus. Manéhna bakal tajub basa maca kisah hirupna jeung kulawargana dina Alkitab. * (Tingali catetan handap.) Manéhna gé tangtu bungah basa nyaho yén manéhna jadi karuhun Mésias, milu ngalaksanakeun pangersa Yéhuwa! Lantaran ningali berkah-berkah éta, manéhna pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan.

12, 13. Ku naon Yusup kudu sabar, sarta manéhna boga sikep alus naon?

12 Yusup, buyutna Ibrahim, daék sabar ngadagoan. Manéhna téh korban kateuadilan nu kacida. Mimitina, basa keur 17 taun, manéhna dijual jadi gandék. Sanggeus kitu, manéhna ogé dipitnah rék merkosa pamajikan dununganana, jadi manéhna dijebloskeun ka panjara. (Kaj. 39:11-20; Jab. 105:17, 18) Sanajan Yusup téh hamba Allah nu satia, manéhna siga nu meunang hukuman lainna berkah. Tapi sanggeus 13 taun, sagalana barobah. Yusup dibébaskeun ti panjara sarta jadi pangawasa pangluhurna sanggeus raja Mesir.​—Kaj. 41:14, 37-43; Ras. 7:9, 10.

Yusup nyaho yén Yéhuwa ngadalikeun sagalana jeung ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa

13 Naha Yusup jadi aral? Naha manéhna ngarasa Yéhuwa geus ninggalkeun? Henteu. Yusup sabar ngadagoan. Ku naon bisa kitu? Manéhna iman ka Yéhuwa. Manéhna nyaho yén Yéhuwa ngadalikeun sagalana. Éta kaciri tina omonganana ka lanceuk-lanceukna, ”Ulah sieun ku kuring. Kuring moal ngangkat diri jadi Allah. Enya bareto kuring ku aranjeun dicilakakeun. Tapi ku Allah geus dibalikkeun jadi pitulung, sangkan kuring bisa nyambung umur sanak baraya anu sakitu lobana.” (Kaj. 50:19, 20) Lantaran ningali berkahna, Yusup pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa.

14, 15. (a) Ku naon kasabaran Daud téh luar biasa? (b) Naon nu ngabantu Daud sabar ngadagoan?

14 Raja Daud ogé ngalaman loba kateuadilan. Daud dilantik ku Yéhuwa jadi raja Israil basa keur ngora kénéh. Tapi, manéhna kudu ngadagoan 15 taun nepi ka bisa jadi raja Yuda wungkul. (2 Sam. 2:3, 4) Bari ngadagoan, sababaraha kali Daud rék dipaéhan ku Raja Saul, jadi manéhna kudu lumpat jeung nyumput ti Saul. * (Tingali catetan handap.) Balukarna, Daud teu bisa matuh di hiji tempat. Manéhna kudu cicing di nagri séjén atawa di guha-guha nu mencil. Ahirna, Saul maot dina perang. Tapi, Daud masih kénéh kudu ngadagoan tujuh taun deui nepi ka manéhna jadi raja sakuliah Israil.​—2 Sam. 5:4, 5.

15 Ku naon Daud réla sabar ngadagoan? Jawabanana aya di Jabur 13 nu ngamuat pananya Daud, ”Dugi ka iraha?” Manéhna ngomong, ”Margi abdi ngandel kana satia asih Gusti, abdi bingah, rehna Gusti kersa nulungan. Ka Gusti, nun PANGERAN, abdi muji sukur, reh Gusti parantos sakitu saena ka abdi.” (Jab. 13:6, 7) Daud nyaho yén Yéhuwa nyaah sarta moal ninggalkeun manéhna. Manéhna ngalenyepan yén Yéhuwa geus mangkali-kali nulungan manéhna baheula sarta ngarep-ngarep mangsana Yéhuwa mungkas kabéh kasusahna. Lantaran ningali berkahna, Daud pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa.

Yéhuwa teu ngan saukur maréntah, tapi dibarengan jeung prakna

16, 17. Kumaha Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus jadi tuladan nu alus dina nunjukkeun kasabaran?

16 Ngeunaan kasabaran, Yéhuwa teu ngan saukur maréntah, tapi dibarengan jeung prakna. Mantenna téh tuladan panghadéna dina nunjukkeun kasabaran. (Baca 2 Petrus 3:9.) Contona rébuan taun katukang di Taman Éden, Sétan nuduh Yéhuwa teu adil. Yéhuwa ”sabar ngantosan” nepi ka namina disucikeun. Éta bakal jadi berkah keur jalma-jalma nu ”terus ngaharep” ka Mantenna.​—Yes. 30:18, Terjemahan Dunia Baru.

17 Yésus gé réla ngadagoan. Basa di bumi, anjeunna satia nepi ka pupusna. Taun 33 M, anjeunna mayar harga tebusan ka Yéhuwa di sawarga. Tapi, anjeunna kudu ngadagoan nepi ka taun 1914 pikeun jadi Raja. (Ras. 2:33-35; Ibr. 10:12, 13) Yésus ogé kudu ngadagoan deui nepi ka ahir Pamaréntahan Sarébu Taun kakara kabéh musuhna dibinasakeun. (1 Kor. 15:25) Ieu téh lila pisan. Tapi, lantaran ningali berkahna, anjeunna pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa.

NAON NU BISA NGABANTU URANG?

18, 19. Naon nu bisa ngabantu urang réla jeung sabar ngadagoan?

18 Yéhuwa hoyong urang sabar, réla ngadagoan. Naon nu bisa ngabantu urang? Urang perlu ngadoa ménta roh suci Allah sabab kasabaran téh hasil tina roh suci. (Epe. 3:14-16; 6:18; 1 Tes. 5:17-19) Jadi, suhunkeun bantuan Yéhuwa sangkan bisa tabah jeung sabar!

19 Inget ogé naon nu ngabantu Ibrahim, Yusup, jeung Daud bisa sabar ngadagoan jangji Yéhuwa kawujud. Maranéhna iman jeung ngandel ka Yéhuwa. Maranéhna ogé teu ngan saukur mikirkeun diri jeung kahayang sorangan. Urang bakal dikuatkeun sangkan leuwih sabar lamun mikirkeun berkah nu ditarima ku maranéhna.

20. Naon tékad urang?

20 Jadi, sanajan urang keur bajoang nyanghareupan cocoba, urang bisa tetep ”ngaharep” ka Allah. Sakapeung, urang bisa waé nanya, ’Dugi ka iraha, Yéhuwa?’ (Yes. 6:11) Tapi ku bantuan roh suci Allah, urang bisa nyonto Yérmia jeung ngomong, ”Kaboga kuring ngan PANGERAN, harepan ngan ka Mantenna.”​—Tangis 3:21, 24.

^ par. 11 Dina buku Kajadian, aya 15 pasal nu ngabahas kahirupan Ibrahim. Dina Kitab-Kitab Yunani ogé Ibrahim disebutkeun leuwih ti 70 kali.

^ par. 14 Sanggeus maréntah dua taun leuwih saeutik, Saul ditolak ku Yéhuwa. Tapi, manéhna masih meunang maréntah 38 taun deui nepi ka maotna.​—1 Sam. 13:1; Ras. 13:21.