Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti nu Maca

Pananya ti nu Maca

Ku naon catetan Mateus ngeunaan kahirupan Yésus basa keur leutik kénéh béda jeung catetan Lukas?

 

Catetan Mateus leuwih loba nyaritakeun naon nu kaalaman ku Yusup. Contona, sikep Yusup basa manéhna nyaho yén Mariam reuneuh, impian Yusup ngeunaan malaikat nu ngajelaskeun kaayaanana, sarta kumaha manéhna nurut kana pituduh malaikat. (Mat. 1:19-25) Dicaritakeun ogé yén Yusup taat kana pituduh malaikat nu ngawarah manéhna dina impian sangkan mawa kulawargana kabur ka Mesir. Mateus nyatet impian Yusup séjénna ngeunaan malaikat nu nitah manéhna balik deui ka Israil. Manéhna nurut, tuluy matuh di Nasarét jeung kulawargana. (Mat. 2:13, 14, 19-23) Dina dua pasal nu mimiti, Injil Mateus nyebutkeun ngaran Yusup 11 kali, tapi Mariam ngan 9 kali.

Catetan Lukas leuwih loba nyaritakeun Mariam. Contona, kajadian basa Mariam dianjangan ku malaikat Jabrail, Mariam nganjang ka Élisabét, dulurna, sarta pupujian Mariam ka Yéhuwa. (Luk. 1:26-56) Dicaritakeun ogé kumaha Siméon méré nyaho Mariam ngeunaan kasangsaraan Yésus engkéna. Lukas ogé nyaritakeun kajadian waktu Yésus nu umurna 12 taun datang ka bait jeung kulawargana. Ngeunaan kajadian ieu, Lukas ngan nyutat kekecapanna Mariam, lainna Yusup, sarta pangaruhna ka manah Mariam. (Luk. 2:19, 34, 35, 48, 51) Dina dua pasal nu mimiti, Injil Lukas nyebutkeun ngaran Mariam 19 kali, tapi Yusup ngan 6 kali. Jadi, Mateus leuwih loba nyaritakeun ngeunaan pikiran jeung lalampahan Yusup. Tapi Lukas, leuwih loba nyaritakeun pikiran jeung pangalaman Mariam.

Dina dua Injil ieu, silsilah Yésus ogé dicatet ku cara nu béda. Mateus nyatet silsilah ti Yusup. Ieu nunjukkeun, salaku putra kukutna, Yésus téh ahli waris tahta Daud nu sah sacara hukum. Naon sababna? Sabab Yusup turunan Raja Daud ti Suléman. (Mat. 1:6, 12-16) Tapi, Lukas nyatet silsilah Mariam nu ngabuktikeun mun Yésus téh ahli waris turunan Raja Daud sacara lahiriah. (Rum 1:3) Naon sababna? Sabab Mariam turunan Raja Daud ti Natan. (Luk. 3:31) Ku naon Lukas teu nyebutkeun lamun Mariam téh putrana Éli? Sabab biasana catetan resmi ngan nyebutkeun turunan ti pihak lalaki. Jadi, waktu catetan Lukas nyebut Yusup salaku putrana Éli, nu maca paham ieu téh ngamaksudkeun Yusup minantuna Éli.​—Luk. 3:23.

Silsilah Yésus di Injil Mateus jeung Lukas ngabuktikeun yén Yésus téh Mésias nu dijangjikeun. Ieu kanyataan nu teu bisa dibantah ku urang Parisi jeung urang Saduki yén Yésus téh turunan Raja Daud. Silsilah Yésus dina catetan Mateus jeung Lukas ogé nguatkeun iman urang, urang jadi yakin yén jangji-jangji Allah séjénna bakal kalaksana.