Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sabar—Teu Pegat Harepan

Sabar—Teu Pegat Harepan

HIRUP beuki susah lantaran urang aya dina ”ahir jaman”. Jadi, urang kudu leuwih sabar ti batan saacanna. (2 Tim. 3:1-5) Loba jalma teu sabaran. Maranéhna mentingkeun manéh, sok paraséa, jeung teu bisa ngadalikeun diri. Jadi, pék lenyepan, ’Naha abdi jadi teu sabaran siga nu séjén? Naon sabar téh? Kumaha carana sangkan abdi jadi sabar?’

NAON SABAR TÉH?

Naon harti kecap ”sabar” nu digunakeun dina Alkitab? Hartina téh teu ngan saukur pasrah. Jalma nu sabar moal pegat harepan. Manéhna yakin yén kaayaan bakal barobah jadi leuwih hadé. Manéhna teu mikirkeun diri sorangan, tapi mikirkeun parasaan batur kaasup jalma-jalma nu nganyenyeri manéhna. Manéhna miharep bakal akur deui jeung jalma nu nganyenyeri manéhna. Teu héran lamun Alkitab nyebutkeun yén sabar téh hasil tina kanyaah. * (Tingali catetan handap.) (1 Kor. 13:4) Sabar ogé kaasup ’buah padamelan roh’. (Gal. 5:22, 23, Sunda Formal [SF]) Jadi, kumaha supaya urang bisa bener-bener sabar?

CARANA URANG BISA SABAR

Sangkan bisa sabar, urang kudu ngadoa ménta roh suci ka Yéhuwa. Mantenna pasti masihan roh suci-Na ka jalma-jalma nu ngandel ka Mantenna. (Luk. 11:13) Roh suci téh gedé kawasana, tapi lalampahan urang kudu saluyu jeung doa urang. (Jab. 86:10, 11) Ieu hartina urang kudu sabisa-bisa sabar unggal poé sarta ngupayakeun sangkan éta jadi sipat urang. Tapi, sakapeung urang gagal. Naon nu bisa ngabantu urang?

Urang kudu nyonto tuladan Yésus nu sampurna. Waktu Rasul Paulus ngomong ngeunaan ”kapribadian anu anyar”, éta téh kaasup sipat sabar. Ceuk manéhna, ”Mugi, dulur-dulur, ku [Kristus] dipaparinan reugreug hate.” (Kol. 3:10, 12, 15, SF) Sangkan bisa kitu, urang kudu nyonto Yésus jeung sapinuhna percaya yén Allah bakal menerkeun kaayaanana jadi leuwih hadé dina waktuna. Lamun urang percaya, urang moal leungit kasabaran, teu sual naon nu keur kaalaman.​—Yoh. 14:27; 16:33.

Urang kabéh hayang gancang asup ka dunya anyar. Tapi, urang bakal leuwih sabar lamun inget Yéhuwa geus sabar pisan ka urang. Alkitab ngayakinkeun, ”Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.” (2 Pet. 3:9) Jadi, lantaran Yéhuwa geus sabar ka urang, urang tangtu kageuing pikeun leuwih sabar ka batur. (Rum 2:4) Dina kaayaan naon waé urang kudu sabar?

DINA KAAYAAN NAON URANG KUDU SABAR?

Dina kahirupan sapopoé, urang kudu sabar dina loba kaayaan. Misalna, urang moal motong omongan batur sanajan nu rék ditepikeun téh penting. (Yak. 1:19) Urang gé kudu sabar lamun aya jalma nu nganyenyeri urang. Ti batan jadi émosi, mending urang inget kumaha Yéhuwa jeung Yésus ningali kalemahan urang. Aranjeunna teu merhatikeun kasalahan-kasalahan leutik, tapi ningali sipat-sipat hadé urang jeung méré waktu pikeun barobah.​—1 Tim. 1:16; 1 Pet. 3:12, SF.

Urang gé kudu sabar lamun dituduh ngomong atawa ngalampahkeun nu salah. Bisa jadi urang langsung kasinggung atawa hayang ngabéla diri. Tapi sabalikna, Firman Allah ngajurung, ”Mending sabar ti batan gumede. Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.” (Pan. 7:8, 9) Jadi, sanajan éta tuduhan téh salah, urang kudu sabar jeung mikir heula saacan nyieun tindakan. Ieu nu dilakukeun ku Yésus basa jalma-jalma nuduh anjeunna.​—Mat. 11:19.

Kolot utamana kudu sabar waktu rék mapatahan budakna ngeunaan sikep atawa hasrat nu salah. Contona, Mattias, nu ayeuna ngawula di Bétel Skandinavia di Eropa. Basa keur rumaja, batur sakolana sok ngaléléwé kapercayaan manéhna. Mimitina mah kolotna teu apaleun, tapi ka dieunakeun, kolotna ningali yén manéhna jadi cangcaya kana bebeneran. Gillis, bapana Mattias, ngomong yén manéhna jeung pamajikanana kudu sabar pisan nyanghareupan kaayaan ieu. Mattias sok nanyakeun, ”Saha Allah téh? Kumaha lamun Alkitab téh lain Firman Allah? Ti mana urang apal yén Allah nu maréntahkeun itu ieu ka urang?” Manéhna gé pernah ngomong, ”Naha abdi salah lamun béda kapercayaan jeung Bapa?”

Gillis ngajelaskeun, ”Sakapeung, budak abdi sok tatanya bari ambek, ambekna téh lain ka abdi jeung indungna, tapi ka bebeneran, nu karasana téh nyusahkeun manéhna.” Kumaha Gillis ngabantu budakna? ”Abdi jeung budak osok diuk bari ngobrol mangjam-jam.” Gillis ngadéngékeun Mattias bari tatanya supaya paham naon nu dirasakeun jeung dipikirkeun ku manéhna. Sakapeung, Gillis ngajelaskeun hiji hal ka budakna tuluy nitah budakna mikirkeun hal éta sapoé atawa leuwih saacan dibahas deui. Gillis ngomong yén manéhna gé butuh waktu sababaraha poé pikeun mikirkeun omongan budakna. Ku sabab sering ngobrol, Mattias lalaunan paham hartina tebusan, paham Yéhuwa mikanyaah urang, jeung paham yén Mantenna boga hak pikeun ngawasa. Ceuk Gillis, ”Ieu téh butuh waktu. Seringna mah teu gampang, tapi lalaunan kanyaah ka Yéhuwa tumuwuh dina haténa. Abdi jeung pun bojo bungah lantaran kasabaran abdi duaan téh aya hasilna jeung bisa ngageuing haté manéhna.”

Bari sabar mantuan budakna, Gillis jeung pamajikanana percaya yén Yéhuwa bakal mantuan. Ceuk Gillis, ”Abdi sering ngomong ka Mattias yén abdi duaan nyaah pisan ka manéhna, ku kituna abdi duaan jadi leuwih husu ngadoa sangkan Yéhuwa mantuan manéhna paham kana bebeneran.” Gillis jeung pamajikanana bungah pisan ku sabab geus sabar jeung teu nyerah!

Urang gé kudu sabar waktu ngarawat kulawarga atawa sobat nu gering mangtaun-taun. Contona, Ellen * (tingali catetan handap) nu cicing di Skandinavia.

Kira-kira dalapan taun katukang, salaki Ellen dua kali keuna stroke nu ngaruksak otakna. Éta nyababkeun manéhna teu bisa deui ngarasa karunya, bungah, atawa sedih. Kaayaan ieu kacida nyusahkeun Ellen. Ceuk manéhna, ”Abdi kudu sabar pisan jeung loba ngadoa.” Manéhna ogé ngomong, ”Abdi resep pisan ayat Pilipi 4:13. Ayat ieu nguatkeun abdi, eusina, ’Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan [Allah].’” Ku kawasa jeung dukungan Yéhuwa, Ellen bisa sabar nyanghareupan kaayaan ieu.​—Jab. 62:6, 7.

NYONTO KASABARAN YÉHUWA

Tangtu, conto nu panghadéna téh Yéhuwa. (2 Pet. 3:15) Dina Alkitab, urang sering maca yén Yéhuwa téh sabar pisan. (Neh. 9:30; Yes. 30:18) Naha Sadérék inget sikep Yéhuwa basa Ibrahim sababaraha kali nanyakeun putusan Mantenna pikeun ngancurkeun Sadumu? Yéhuwa henteu motong omongan Ibrahim. Mantenna sabar ngadangukeun unggal pananya jeung kahariwangan Ibrahim. Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna bener-bener ngadangukeun kahariwangan Ibrahim tuluy ngayakinkeun yén Mantenna moal ngancurkeun Sadumu lamun aya sapuluh jalma nu bener. (Kaj. 18:22-33) Yéhuwa terus sabar ngadéngékeun jeung tindakana-Na teu pernah kaleuleuwihi!

Sabar téh bagian penting tina kapribadian anyar nu kudu dipiboga ku urang Kristen. Lamun urang sabisa-bisa sabar, urang mawa kahormatan ka Bapa nu nyaahan jeung sabar, nyaéta Yéhuwa. Urang gé bakal nampa ”hal anu dijangjikeun ku Allah lantaran percaya, sarta nunggu-nunggu kalayan sabar”.​—Ibr. 6:10-12.

^ par. 4 Sipat kanyaah geus dibahas dina artikel kahiji ti salapan artikel ngeunaan buah padamelan roh.

^ par. 15 Ngaran geus diganti.