Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Gawé Bareng jeung Yéhuwa Unggal Poé

Gawé Bareng jeung Yéhuwa Unggal Poé

”Urang téh batur gawé Allah.”​—1 KOR. 3:9, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH: 64, 111

1. Ku cara naon waé urang bisa gawé bareng jeung Yéhuwa?

WAKTU Yéhuwa nyiptakeun manusa, Mantenna hoyong manusa jadi batur gawé-Na. Sanajan kiwari teu sampurna, jalma-jalma nu satia masih bisa gawé bareng jeung Yéhuwa unggal poé. Misalna, urang jadi ”batur gawé Allah” waktu ngawawarkeun warta hadé Karajaan jeung ngajadikeun murid. (1 Kor. 3:5-9) Dipilih ku Pribadi Nu Nyiptakeun urang pikeun ngalaksanakeun tugas penting ieu téh mangrupa kahormatan nu luhur! Tapi, ngawawar lain hiji-hijina cara pikeun gawé bareng jeung Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal diajar kumaha urang gé gawé bareng jeung Mantenna waktu ngabantu kulawarga jeung dulur saiman, lamun urang akuan ka batur, waktu urang ngabantu proyék organisasi di sakuliah dunya, sarta waktu urang ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa.​—Kol. 3:23.

2. Ku naon urang ulah ngabanding-bandingkeun palayanan urang jeung batur?

2 Waktu ngabahas artikel ieu, urang kudu inget yén unggal jalma téh béda. Umur, kaséhatan, kaayaan, jeung kamampuh urang teu sarua. Jadi, ulah ngabanding-bandingkeun palayanan urang jeung batur. Ceuk Rasul Paulus, ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—Gal. 6:4.

BANTU KULAWARGA JEUNG DULUR SAIMAN

3. Ku naon jalma nu ngurus kulawargana bisa dianggap gawé bareng jeung Allah?

3 Yéhuwa miharep urang ngurus kulawarga. Misalna, Sadérék kudu nganapkahan kulawarga. Loba indung kudu cicing di imah pikeun ngurus barudakna nu laleutik kénéh. Lamun kolot urang geus teu bisa ngurus diri, bisa jadi urang gé kudu ngurus maranéhna. Ieu téh hal-hal nu penting ku sabab Alkitab nyebutkeun, ”Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.” (1 Tim. 5:8) Lamun boga tanggung jawab kulawarga, bisa jadi Sadérék teu bisa ngalalayanan Yéhuwa leuwih loba sakumaha nu dipikahayang ku Sadérék. Tapi, ulah leutik haté! Sadérék kamanah ku Yéhuwa lamun Sadérék nyadiakeun pangabutuh kulawarga.​—1 Kor. 10:31.

4. Kumaha kolot bisa ngutamakeun Karajaan, jeung naon hasilna?

4 Kolot Saksi bisa gawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ngabantu barudakna pikeun boga cita-cita ngawula Yéhuwa. Loba nu geus ngalampahkeun hal ieu. Hasilna, barudakna mutuskeun pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu sanajan kudu jauh ti imah. Aya nu jadi misionaris, aya nu jadi panaratas tuluy pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta, sarta aya ogé nu ngawula di Bétel. Tangtu lamun barudakna jauh, kolot teu bisa sering babarengan deui. Tapi, maranéhna teu mentingkeun diri, malahan ngadukung barudakna pikeun terus ngawula Yéhuwa teu sual tempatna. Ku naon? Ku sabab maranéhna bungah pisan yén barudakna téh geus ngutamakeun Yéhuwa dina kahirupanana. (3 Yoh. 4) Loba kolot ngarasa saperti Hana nu ’ngabaktikeun’ Samuél ka Yéhuwa. Maranéhna ngarasa reueus pisan bisa gawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ieu.​—1 Sam. 1:28.

5. Kumaha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman di sidang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

5 Lamun Sadérék keur teu boga tanggung jawab kulawarga, naha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman nu gering, nu geus kolot, atawa nu butuh bantuan séjén? Atawa, naha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman nu keur ngurus kulawargana? Pék perhatikeun di sidang, saha nu keur butuh bantuan. Misalna, lamun aya sadérék istri nu keur ngurus kolotna, naha Sadérék bisa maturan kolotna sangkan sadérék éta bisa ngagawékeun urusan séjénna? Atawa, naha Sadérék bisa nawarkeun pikeun ngajemput batur ka pasamoan, balanja, atawa nganteur manéhna ngalongok ka rumah sakit? Lamun éta dilakukeun, bisa jadi Sadérék keur digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajawab doa maranéhna.​—Baca 1 Korinta 10:24.

SING AKUAN KA BATUR

6. Naon hartina akuan ka batur?

Urang kudu ngabantu batur dina unggal kasempetan

6 Batur gawé Allah akuan ka batur. Dina Alkitab, kecap Yunani nu digunakeun pikeun akuan ka batur hartina ”bageur ka jalma nu can dikenal”. (Ibr. 13:2) Dina Firman Allah, urang bisa maca conto-conto nu ngajar urang carana bageur ka batur. (Kaj. 18:1-5) Urang bisa jeung kudu ngabantu batur dina unggal kasempetan, teu sual manéhna téh ”batur sakapercayaan” atawa lain.​—Gal. 6:10.

7. Naon mangpaatna lamun Sadérék akuan ka palayan sapinuh waktu?

7 Naha Sadérék bisa gawé bareng jeung Allah ku cara nyadiakeun pamondokan keur palayan sapinuh waktu? (Baca 3 Yohanes 5, 8.) Mun éta dilakukeun, éta bakal mawa mangpaat keur Sadérék ogé keur maranéhna. Ku kituna, urang bisa ”silih kuatkeun”. (Rum 1:11, 12) Pikirkeun pangalaman Olaf. Basa manéhna keur ngora, saurang pangawas wilayah nu léngoh kénéh datang ka sidangna. Tapi, euweuh nu bisa nyadiakeun pamondokan. Olaf ménta idin ka kolotna nu lain Saksi pikeun ngajak pangawas wilayah éta mondok di imahna. Kolotna ngaenyakeun, tapi Olaf kudu daék saré dina korsi. Olaf daékeun, manéhna gé teu kaduhung. Saminggu éta manéhna bungah pisan bisa babarengan jeung pangawas wilayah! Unggal keur sarapan, maranéhna osok ngomongkeun hal-hal nu alus. Pangawas wilayah éta ngajurung Olaf pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu. Ayeuna, geus 40 taun Olaf ngawula jadi misionaris di sababaraha nagri.

8. Ku naon urang kudu tetep bageur sanajan batur mimitina teu ngahargaan? Béré contona.

8 Loba cara pikeun nyaah ka jalma nu can dikenal sanajan mimitina maranéhna teu ngahargaan. Contona, saurang sadérék istri di Spanyol ngajarkeun Alkitab ka Yesica, nu asalna ti Ekuador. Hiji poé pas keur diajar Alkitab, Yesica ceurik teu eureun-eureun. Waktu ditanya aya naon, Yesica nyarita yén saacan datang ka Spanyol hirupna malarat. Sakali waktu, manéhna teu boga dahareun keur budakna, ngan boga cai wungkul. Yesica ngadoa bari mépéndé budakna ngarah saré. Teu lila, dua Saksi datang tuluy méré majalah ka Yesica. Tapi, manéhna ambek jeung nyoékkeun majalah éta bari ngomong, ”Ieu dahareun jang budak aing téh?” Dua sadérék istri éta nenangkeun manéhna, tapi Yesica teu daék ngadéngékeun. Sanggeusna, dua sadérék tadi nunda sakaranjang dahareun di hareupeun panto imahna. Ayeuna, manéhna ceurik ku sabab sadar yén manéhna geus ngabaékeun jawaban doa ti Allah. Yesica ayeuna boga tékad pikeun ngawula Yéhuwa. Jelas, ku sabab dua sadérék istri éta béréhan, hasilna hadé.​—Pan. 11:1, 6.

JADI SUKARÉLAWAN NGABANTU PROYÉK ORGANISASI

9, 10. (a) Urang Israil boga kasempetan naon waé pikeun jadi sukarélawan? (b) Kiwari, sadérék pameget bisa ngabantu sidang ku cara naon?

9 Di jaman baheula, urang Israil boga loba kasempetan pikeun jadi sukarélawan. (Bud. 36:2; 1 Bab. 29:5; Neh. 11:2) Kiwari, Sadérék ogé boga loba kasempetan pikeun ngarélakeun waktu, harta banda, jeung pangabisa pikeun ngabantu dulur-dulur saiman. Lamun ngalakukeun hal éta, Sadérék bakal bagja jeung diberkahan ku Yéhuwa.

10 Firman Allah ngajurung sadérék pameget di sidang pikeun jadi batur gawé Yéhuwa ku cara ngaladénan batur sabagé palayan sidang atawa kokolot. (1 Tim. 3:1, 8, 9; 1 Pet. 5:2, 3) Maranéhna daék ngabantu dina hal-hal rohani jeung hal séjénna. (Ras. 6:1-4) Naha Sadérék pernah dipénta ku kokolot pikeun ngabagéakeun nu daratang ka pasamoan, ngurus léktur, daérah dines, ngarawat Balé Karajaan, jeung sajabana? Sadérék-sadérék nu ngabantu ku cara ieu ngomong yén maranéhna téh bungah.

Sukarélawan nu digawé di proyék organisasi sering meunangkeun sobat anyar (Tingali paragrap 11)

11. Naon mangpaat nu dirasakeun ku saurang sadérék istri nu digawé dina proyék pangwangunan?

11 Sukarélawan dina proyék pangwangunan biasana boga sobat-sobat anyar. Saurang sadérék istri nu ngaranna Margie geus digawé dina proyék pangwangunan Balé Karajaan salila 18 taun. Dina proyék-proyék ieu, manéhna osok merhatikeun jeung ngalatih sadérék-sadérék istri nu ngora. Ceuk manéhna, ieu cara nu alus keur para sukarélawan pikeun silih gedékeun haté. (Rum 1:12) Malahan, waktu manéhna keur ngalaman kasusah, sobat-sobatna ieu nu nguatkeun manéhna. Naha Sadérék pernah miluan proyék pangwangunan? Sadérék bisa milu digawé sanajan teu boga kaahlian.

12. Kumaha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman nu ngalaman musibat?

12 Urang ogé bisa digawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ngabantu dulur saiman nu ngalaman musibat. Misalna, urang bisa nyumbangkeun duit. (Yoh. 13:34, 35; Ras. 11:27-30) Cara séjénna nyaéta bebersih atawa ngoméan karuksakan. Gabriela, sadérék istri ti Polandia nu imahna ruksak lantaran banjir, bungah pisan waktu dulur saiman ti sidang-sidang tatangga daratang pikeun ngabantu. Waktu nyaritakeun pangalaman éta, manéhna teu ngomongkeun harta bandana nu leungit tapi berkah-berkah nu ditarima. Ceuk manéhna, ”Pangalaman ieu ngayakinkeun abdi yén jadi bagian ti sidang Kristen téh hak istiméwa nu teu aya bandingna. Ieu ogé sumber kabungah jeung kabagjaan.” Loba nu narima bantuan sanggeus musibat ngarasakeun hal nu sarua. Sadérék-sadérék nu digawé bareng jeung Yéhuwa pikeun ngabantu maranéhna ogé ngarasa bungah jeung puas.​—Baca Rasul 20:35; 2 Korinta 9:6, 7.

13. Kumaha urang bisa jadi leuwih nyaah ka Yéhuwa lamun ngarélakeun diri? Béré conto.

13 Sadérék istri nu ngaranna Stephanie jeung para pawarta séjén di daérahna digawé bareng jeung Allah ku cara ngabantu Saksi-Saksi nu ngungsi ka Amerika Serikat ku sabab aya perang di nagrina. Maranéhna ngabantu para pangungsi ieu néangan imah jeung parabotan. Ceuk Stephanie, ”Urang milu bungah ningali maranéhna bungah jeung ngahargaan kanyaah ti dulur-dulur saiman. Maranéhna ngarasa geus dibantu ku urang, tapi sabenerna mah urang nu loba dibantu ku maranéhna. Urang bisa ningali kanyaah, kasatunggalan, iman, jeung kapercayaan maranéhna ka Yéhuwa. Urang jadi leuwih nyaah ka Yéhuwa jeung leuwih ngahargaan sagala nu ditarima liwat organisasi.”

TINGKATKEUN PALAYANAN SADÉRÉK

14, 15. (a) Sikep naon nu dipiboga ku Nabi Yésaya? (b) Kumaha urang Kristen bisa nyonto sikep Nabi Yésaya?

14 Naha Sadérék hayang leuwih sapinuhna digawé bareng jeung Yéhuwa? Naha Sadérék réla pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta? Mémang, urang teu kudu indit jauh pikeun béréhan, tapi aya sababaraha sadérék nu bisa. Maranéhna boga sikep nu sarua jeung Nabi Yésaya. Waktu Yéhuwa nanya, ”Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?” manéhna ngajawab, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!” (Yes. 6:8) Naha Sadérék réla jeung bisa ngabantu organisasi Yéhuwa? Ku cara naon waé?

15 Ceuk Yésus ngeunaan ngawawar jeung ngajadikeun murid, ”Pibuateun lega, ari nu dibuatna ngan saeutik. Ku sabab eta kudu nyuhunkeun ka anu kagungan eta pibuateun, supaya Mantenna ngirim jelema-jelema anu bakal mibuatanana.” (Mat. 9:37, 38) Naha Sadérék bisa naratas di daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta? Atawa, naha Sadérék bisa ngadukung batur pikeun ngalakukeun hal éta? Loba dulur saiman ngarasa yén naratas di tempat nu leuwih ngabutuhkeun téh cara nu hadé pikeun nunjukkeun kanyaah ka Allah jeung ka sasama. Naha kapikir ku Sadérék cara séjénna pikeun ningkatkeun dines? Lamun ngalakukeun hal éta, Sadérék bakal leuwih bagja.

16, 17. Ku cara naon waé Sadérék bisa ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa?

16 Naha Sadérék réla ngawula di Bétel atawa di proyék pangwangunan, misalna sabagé sukarélawan sementara atawa digawé sababaraha poé dina saminggu? Organisasi Yéhuwa butuh jalma-jalma nu réla ngawula di mana waé jeung réla ngagawékeun naon waé sanajan manéhna can boga pangalaman dina pagawéan éta. Yéhuwa ngahargaan jalma nu réla nyieun pangorbanan pikeun ngawula di tempat nu ngabutuhkeun.​—Jab. 110:3.

17 Naha Sadérék hayang dilatih supaya bisa leuwih sapinuhna ngawula Yéhuwa? Sadérék bisa ngadaptar ka Sakola kanggo Pawarta Injil Karajaan. Sakola ieu ngalatih sadérék-sadérék nu rohani nu geus ngawula sapinuh waktu pikeun bisa digunakeun leuwih loba ku organisasi Yéhuwa. Kabéh nu miluan sakola ieu kudu réla diutus ka mana waé. Naha Sadérék daék ngawula Yéhuwa leuwih sapinuhna ku cara ieu?​—1 Kor. 9:23.

18. Naon mangpaatna jadi batur gawé Yéhuwa unggal poé?

18 Salaku umat Yéhuwa, urang perhatian ka batur ku cara béréhan, bageur, soméah, jeung nyaahan. Urang ngalampahkeunana unggal poé. Ieu ngabungahkeun, nengtremkeun, jeung ngabagjakeun urang. (Gal. 5:22, 23) Teu sual kaayaanana, Sadérék bisa bagja salila nyonto Yéhuwa nu béréhan sarta terus jadi batur gawé nu dipikanyaah ku Mantenna!​—Sil. 3:9, 10.