Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Jalma nu Béréhan téh Jalma nu Bagja

Jalma nu Béréhan téh Jalma nu Bagja

”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”​—RAS. 20:35.

KAWIH: 76, 110

1. Naon buktina Yéhuwa béréhan?

DINA hiji mangsa, Yéhuwa ngan hirup sorangan. Tuluy, Mantenna mutuskeun pikeun masihan kurnia kahirupan ka ciptaana-Na nu di sawarga jeung di bumi. Sabagé ”Allah nu bagja”, Yéhuwa resep masihan hal-hal nu hadé. (1 Tim. 1:11, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Yak. 1:17) Ku sabab Yéhuwa gé hoyong urang bagja, Mantenna ngajar urang pikeun béréhan.​—Rum 1:20.

2, 3. (a) Ku naon urang bisa bagja lamun béréhan? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Yéhuwa nyiptakeun manusa nyeplés jeung Mantenna. (Kaj. 1:27) Ieu hartina, urang boga sipat-sipat nu sarua jeung Mantenna. Jadi, supaya urang bisa bener-bener bagja jeung diberkahan ku Yéhuwa, urang kudu miconto Mantenna. Urang kudu perhatian jeung béréhan ka batur. (Pil. 2:3, 4; Yak. 1:5) Ku naon? Ku sabab éta tujuan urang diciptakeun ku Yéhuwa. Sanajan teu sampurna, urang ogé bisa béréhan lantaran nyonto Yéhuwa.

3 Ayeuna, urang bakal ngabahas sababaraha catetan Alkitab nu ngajar urang supaya béréhan. Urang bakal diajar yén urang bisa kamanah ku Yéhuwa lamun béréhan. Urang gé bakal diajar kumaha sipat béréhan ngabantu urang ngajalankeun tugas ti Yéhuwa jeung ku naon urang bakal bagja lamun boga sipat éta. Tuluy, urang bakal ngabahas alesanana urang kudu terus béréhan.

URANG KAMANAH KU YÉHUWA LAMUN BÉRÉHAN

4, 5. Naon buktina Yéhuwa jeung Yésus béréhan, jeung ku naon urang kudu miconto Aranjeunna?

4 Yéhuwa hoyong urang miconto Mantenna, jadi Mantenna bungah waktu urang béréhan. (Epe. 5:1) Yéhuwa gé hoyong manusa bagja. Buktina urang diciptakeun ku cara nu luar biasa, Mantenna gé nyiptakeun bumi nu éndah jeung sagala eusina keur kasenangan urang. (Jab. 104:24; 139:13-16) Jadi, urang ngahormat Yéhuwa lamun ngabagjakeun batur.

5 Urang gé nyonto Yésus, nu jadi tuladan sampurna yén manusa bisa béréhan. Ceuk Yésus, ’Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema salamet.’ (Mat. 20:28) Rasul Paulus ogé ngajurung urang Kristen, ”Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus: ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula.” (Pil. 2:5, 7) Jadi, pék lenyepan, ’Naha abdi geus sabisa-bisa nyonto Yésus?’​—Baca 1 Petrus 2:21.

6. Naon nu diajarkeun ku Yésus tina carita ngeunaan urang Samaria nu bageur? (Tingali gambar dina awal artikel.)

6 Lamun urang miconto tuladan sampurna ti Yéhuwa jeung Yésus, urang bakal kamanah ku Mantenna. Carana nyaéta urang kudu merhatikeun jeung nulungan batur. Yésus nunjukkeun pentingna hal ieu waktu nyarita ngeunaan urang Samaria nu bageur. (Baca Lukas 10:29-37.) Anjeunna ngajar murid-muridna pikeun resep nulungan batur, teu sual saha jeung ti mana asalna. Naha Sadérék inget ku naon Yésus nyaritakeun hal éta? Ku sabab aya saurang lalaki Yahudi nu nanya ka anjeunna, ”Saha batur kaula teh?” Tina jawaban Yésus urang diajar yén saperti urang Samaria éta, urang kudu béréhan lamun hayang kamanah ku Yéhuwa.

7. Kumaha carana urang némbongkeun yén paréntah Yéhuwa téh nu panghadéna? Jelaskeun.

7 Alesan séjén urang kudu béréhan téh aya patalina jeung kajadian di Taman Éden. Ceuk Sétan mah Adam jeung Hawa bakal leuwih bagja lamun maranéhna teu taat ka Yéhuwa jeung mikirkeun diri sorangan. Hawa mentingkeun diri jeung hayang saperti Allah. Adam ogé mentingkeun diri jeung leuwih hayang nyenangkeun Hawa ti batan Allah. (Kaj. 3:4-6) Balukarna kasangsaraan. Jelas, jalma nu mentingkeun diri moal bisa bagja. Tapi, lamun urang teu mentingkeun diri jeung béréhan, urang némbongkeun yén paréntah Yéhuwa téh nu panghadéna.

LAKSANAKEUN TUGAS TI ALLAH

8. Ku naon Adam jeung Hawa sakuduna mah mikirkeun batur?

8 Sanajan Adam jeung Hawa ngan duaan di Taman Éden, maranéhna sakuduna mikirkeun batur. Ku naon? Yéhuwa masihan tugas ka maranéhna pikeun minuhan bumi ku turunanana jeung nyieun sakuliah bumi jadi pirdaus. (Kaj. 1:28) Kuduna mah maranéhna mikirkeun kabagjaan barudakna engké, sakumaha Yéhuwa hoyong maranéhna kabéh bagja. Maranéhna bakal babarengan ngajadikeun sakuliah bumi jadi pirdaus. Ieu téh proyék nu kacida gedéna!

9. Ku naon manusa bisa bagja waktu ngawujudkeun bumi jadi pirdaus?

9 Pikeun ngawujudkeun bumi jadi pirdaus jeung ngalaksanakeun kahoyong Yéhuwa, manusa nu sampurna gé kudu gawé bareng jeung Mantenna. Bayangkeun sakumaha nyugemakeun jeung resepna pagawéan éta! Yéhuwa pasti masihan loba berkah ka maranéhna lamun mikirkeun batur jeung teu mentingkeun diri.

10, 11. Naon nu ngajurung urang pikeun ngawawar jeung ngajadikeun murid?

10 Kiwari, Yéhuwa masihan tugas nu istiméwa ka urang. Mantenna hoyong urang ngawawar jeung ngajadikeun murid. Ku kituna, urang kudu bener-bener mikirkeun batur. Urang bisa terus ngalaksanakeun tugas ieu lamun boga motif nu bener, nyaéta nyaah ka Yéhuwa jeung ka jalma-jalma.

11 Paulus ngomong yén manéhna jeung urang Kristen séjénna di abad kahiji téh batur gawé Allah lantaran maranéhna ngawawar jeung ngajar jalma-jalma ngeunaan bebeneran. (1 Kor. 3:6, 9, NW) Kiwari, urang ogé bisa jadi batur gawé Allah ku cara réla nyadiakeun waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngawawar. Ieu téh kahormatan nu luar biasa!

Urang bakal bungah pisan waktu ngajarkeun bebeneran ka batur (Tingali paragrap 12)

12, 13. Naon hasilna lamun urang ngajadikeun murid?

12 Urang bakal bungah pisan lamun réla nyadiakeun waktu jeung tanaga pikeun ngawawar jeung ngajar. Éta nu dirasakeun ku loba dulur saiman nu mandu palajaran Alkitab. Urang tangtu bungah ningali palajar Alkitab urang atoh waktu manéhna paham kana bebeneran, ngawangun imanna, ngarobah kahirupanana, tuluy ngamimitian nyaritakeun bebeneran ka batur. Yésus gé bungah pisan waktu ningali 70 jalma nu ”kacida barungaheunana” balik ngawawar lantaran boga pangalaman nu aralus.​—Luk. 10:17-21.

13 Dulur saiman urang di sakuliah dunya ngarasa bungah waktu ningali warta Alkitab méré pangaruh alus ka jalma-jalma. Misalna, saurang sadérék istri nu ngora kénéh, nu ngaranna Anna, hayang ningkatkeun dinesna. * (Tingali catetan handap.) Jadi, manéhna pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta di daérah Eropa Timur. Manéhna nulis, ”Abdi resep pisan, di dieu loba nu hayang diajar Alkitab. Dines téh mawa kabagjaan. Di imah, euweuh waktu jang mikirkeun diri sorangan. Nu dipikiran téh palajar Alkitab abdi, masalah jeung kahariwangan maranéhna. Abdi mikirkeun kumaha carana ngagedékeun haté jeung mantuan maranéhna. ’Leuwih bagja méré ti batan nampa’ téh bener.”​—Ras. 20:35.

Teu sual batur rék narima atawa henteu, urang bisa tetep bungah ngawawarkeun warta ti Allah

14. Kumaha urang bisa tetep bungah ngawawar sanajan jalma-jalma teu ngadéngékeun?

14 Sanajan jalma-jalma teu ngadéngékeun warta urang, urang bisa tetep bagja lantaran geus méré kasempetan ka maranéhna pikeun ngadéngékeun warta hadé. Paréntah Yéhuwa ka urang sarua jeung paréntah ka Yéhéskél, ”Tepikeun bae ka maranehna anu ku Kami baris diandikakeun ka maneh, rek ditarurut rek henteu.” (Yeh. 2:7; Yes. 43:10) Jadi, teu sual batur rék narima atawa henteu, Yéhuwa ngahargaan upaya urang. (Baca Ibrani 6:10.) Saurang Sadérék ngomong ngeunaan dinesna, ”Nu penting mah urang melak, nyébor, jeung ngadoa ka Yéhuwa pikeun numuwuhkeun minat jalma-jalma.”​—1 Kor. 3:6.

Ku cara ngadatangan unggal imah di daérah urang, urang méré kasempetan ka batur pikeun ngadéngékeun warta Karajaan (Tingali paragrap 14)

CARANA URANG BISA BAGJA

15. Naha urang béréhan téh lamun aya nu ngahargaan wungkul? Jelaskeun.

15 Yésus hayang urang béréhan lantaran éta ngabagjakeun urang. Lamun urang béréhan, jalma-jalma gé bakal kajurung pikeun béréhan. Jadi, Yésus ngajurung urang, ”Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.” (Luk. 6:38) Mémang teu kabéh jalma bakal ngahargaan, tapi urang kudu tetep béréhan. Hiji kahadéan bisa mawa hasil alus nu teu disangka-sangka ku urang.

16. Urang kudu béréhan ka saha? Naon alesanana?

16 Jalma nu bener-bener béréhan moal ngarepkeun batur mulang tarima. Ceuk Yésus, ”Ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong; geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun.” (Luk. 14:13, 14) Alkitab ogé nyebutkeun, ”Kudu berehan, . . . tangtu baris meunang berkah,” sarta ”Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat.” (Sil. 22:9; Jab. 41:2) Kuduna mah urang béréhan téh lantaran bener-bener hayang ngabantu batur.

17. Urang bisa méré naon waé sangkan bagja?

17 Waktu Paulus nyutat kekecapan Yésus ”leuwih bagja mere ti batan nampa”, manéhna lain saukur ngomong ngeunaan méré harta banda. Urang gé bisa méré naséhat tina Alkitab, méré bantuan langsung, atawa ngagedékeun haté batur. (Ras. 20:31-35) Tina omongan jeung lalampahanana, Paulus ngajarkeun pentingna méré waktu, tanaga, perhatian, jeung kanyaah ka batur.

18. Para ahli nyebutkeun naon ngeunaan sipat béréhan?

18 Para ahli nu nalungtik tingkah laku jalma nyebutkeun yén jalma bisa bagja lamun osok barang béré. Numutkeun hiji artikel, jalma-jalma ngarasa leuwih bungah waktu nyieun kahadéan ka batur. Para ahli nyebutkeun waktu urang mantuan batur, urang ngarasa kahirupan urang jadi boga tujuan. Jadi, lamun hayang leuwih séhat jeung bagja, sababaraha ahli nyarankeun jalma-jalma pikeun jadi sukarélawan. Tangtu, urang mah teu héran kana hal ieu sabab Yéhuwa, Nu Nyiptakeun urang, geus ngabéjaan yén béréhan téh matak bagja.​—2 Tim. 3:16, 17.

SING TERUS BÉRÉHAN

19, 20. Naon alesanana Sadérék hayang béréhan?

19 Jalma-jalma di sakurilingeun urang mentingkeun diri, jadi urang hésé pikeun terus béréhan. Tapi, Yésus ngingetan urang kana dua paréntah nu pangutamana, nyaéta mikanyaah Yéhuwa ku sapinuh haté, nyawa, akal budi, jeung kakuatan sarta mikanyaah batur saperti diri sorangan. (Mar. 12:28-31) Tina artikel ieu, urang nyaho yén jalma nu mikanyaah Yéhuwa bakal nyonto Mantenna. Yéhuwa jeung Yésus téh béréhan. Urang dijurung pikeun nyonto Aranjeunna lantaran Aranjeunna terang yén éta bisa ngabagjakeun urang. Urang bakal ngamulyakeun Yéhuwa sarta mawa mangpaat ka diri sorangan jeung batur lamun urang ngalaksanakeun tugas ti Allah jeung terus béréhan ka batur.

20 Tangtu Sadérék geus ngupayakeun sabisa-bisa pikeun béréhan jeung ngabantu batur, utamana ka dulur saiman. (Gal. 6:10) Lamun éta terus dilakukeun, Sadérék bakal dihargaan jeung dipikanyaah ku batur. Sadérék gé bakal bagja. Ceuk Alkitab, ”Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.” (Sil. 11:25) Dina kahirupan sapopoé jeung dines, aya loba cara pikeun bageur, béréhan, jeung teu mentingkeun diri. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas sababaraha carana.

^ par. 13 Ngaran geus diganti.