Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Apal nu Sabenerna?

Naha Sadérék Apal nu Sabenerna?

”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.”​—SIL. 18:13.

KAWIH: 126, 95

1, 2. (a) Naon nu kudu diupayakeun ku urang, jeung naon sababna? (b) Naon nu rék dibahas dina artikel ieu?

URANG kudu diajar carana mariksa informasi ngarah bisa nyieun kasimpulan nu bener. (Sil. 3:21-23; 8:4, 5) Lamun teu kitu, urang bakal gampang dibobodo ku Sétan jeung dunya ieu. (Epe. 5:6; Kol. 2:8) Jadi, urang kudu ngaregepkeun atawa mariksa heula nu sabenerna ngarah bisa nyieun kasimpulan nu bener. Ceuk Siloka 18:13, ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.”

2 Artikel ieu bakal ngabahas ku naon urang hésé meunangkeun informasi nu bener jeung nyieun kasimpulan nu bener. Urang ogé bakal ngabahas prinsip-prinsip Alkitab jeung conto-conto nu bisa ngabantu urang mariksa bener henteuna hiji informasi.

ULAH GAMPANG ”PERCAYAAN”

3. Naon sababna urang kudu ngalarapkeun prinsip Alkitab dina Siloka 14:15? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Kiwari, urang bisa meunang informasi ti mana waé, misalna ti Internét, TV, jeung média séjénna. Urang ogé osok narima loba e-mail, SMS, jeung ngadéngé carita ti babaturan. Urang asa dicekokan ku loba informasi. Babaturan bisa jadi boga niat alus, tapi aya jalma-jalma nu ngahaja nyebarkeun informasi nu salah atawa nu can tangtu bener. Ku kituna, urang kudu ati-ati. Prinsip Alkitab mana nu bisa ngabantu urang? Siloka 14:15 nyebutkeun, ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.”

4. Kumaha Pilipi 4:8, 9 bisa ngabantu urang pikeun milih naon nu rék dibaca, jeung ku naon penting pikeun néangan informasi nu bisa dipercaya? (Tingali ogé kotak ” Sababaraha Sumber Berita nu Bisa Dipercaya”.)

4 Pikeun nyieun putusan nu bener, urang butuh informasi nu bisa dipercaya. Jadi, urang kudu ati-ati milih naon nu rék dibaca. (Baca Pilipi 4:8, 9.) Tong méakkeun waktu jang maca berita dina situs Internét nu teu bisa dipercaya atawa e-mail jeung SMS nu eusina gosip, utamana tina situs nu dijieun ku jalma murtad. Maranéhna hayang ngalemahkeun iman umat Allah jeung ngajarkeun nu salah. Lamun narima informasi nu can tangtu bener, urang bisa nyieun putusan nu salah. Ulah ngarasa urang moal kapangaruhan ku informasi éta.​—1 Tim. 6:20, 21.

5. Carita bohong naon nu didéngé ku urang Israil, jeung naon balukarna?

5 Carita bohong bisa ngabalukarkeun masalah gedé. Di jaman Musa, 12 mata-mata diutus ka Tanah Perjangjian. Waktu baralik deui, sapuluh mata-mata nyaritakeun nu goréng. (Bil. 13:25-33) Maranéhna ngaleuwih-leuwihkeun caritana nu nyababkeun umat Allah jadi kecing jeung leutik haté. (Bil. 14:1-4) Ku naon jalma-jalma percaya? Bisa jadi, maranéhna mikir yén carita éta téh bener ku sabab kalolobaan mata-mata nyaritakeun hal nu sarua. Jadi, maranéhna embung ngadéngékeun carita alus ti dua mata-mata ngeunaan Tanah Perjangjian. (Bil. 14:6-10) Ti batan percaya ka Yéhuwa jeung mariksa caritana, maranéhna kalah ka percaya ka carita nu goréng.

6. Ku naon urang teu kudu reuwas waktu ngadéngé carita nu teu lumrah ngeunaan umat Yéhuwa?

6 Urang kudu leuwih ati-ati waktu ngadéngé carita ngeunaan umat Yéhuwa. Inget yén Sétan téh ”tukang ngadakwa . . . dulur-dulur urang”. (Wahyu 12:10) Yésus ogé ngélingan yén urang bakal ”diomongkeun jeung digogoreng” ku musuh. (Mat. 5:11) Jadi, urang moal reuwas lamun ngadéngé carita nu teu lumrah ngeunaan umat Yéhuwa.

7. Pananya naon nu kudu dilenyepan saacan urang ngirim e-mail atawa SMS?

7 Naha Sadérék osok ngirim e-mail jeung SMS ka babaturan? Waktu ningali berita nu alus atawa ngadéngé pangalaman nu unik, naha Sadérék siga wartawan nu hayang buru-buru méré nyaho batur? Saacan éta disebarkeun, pék lenyepan, ’Naha urang yakin yén caritana bener? Naha urang apal nu sabenerna?’ Mun teu yakin, Sadérék bisa jadi nyebarkeun carita bohong. Jadi, lamun urang teu nyaho bener henteuna hiji carita, ulah disebarkeun. Geura pupus!

8. Naon nu dilakukeun ku musuh-musuh urang di sababaraha nagri, sarta kumaha urang bisa jadi malah ngadukung maranéhna?

8 Aya bahaya séjénna lamun urang buru-buru neruskeun e-mail jeung SMS. Di sababaraha nagri, kagiatan urang diwatesan, aya ogé nu dilarang. Musuh urang di nagri-nagri éta osok nyebarkeun carita nu ngalantarankeun urang sieun atawa silih curiga. Ieu pernah kajadian di nagri nu baheulana disebut Uni Soviet. Pulisi rasiah, nu disebut KGB, nyebarkeun carita bohong yén sababaraha sadérék nu kasohor ngahianatan organisasi Yéhuwa. * (Tingali catetan handap.) Hanjakalna loba nu percaya tuluy ninggalkeun organisasi. Mémang, ka dieunakeun loba nu balik deui, tapi aya nu teu pernah balik deui. Maranéhna percaya ka carita bohong nu ngaruntuhkeun iman. (1 Tim. 1:19) Kumaha supaya urang teu siga kitu? Ulah nyebarkeun carita bohong atawa carita nu can tangtu bener. Tong asal percaya. Pastikeun heula nu sabenerna.

INFORMASI NU TEU SAKABÉHNA BENER

9. Naon deui nu bisa ngalantarankeun urang nyieun kasimpulan nu salah?

9 Sakapeung, urang ngadéngé carita nu teu sakabéhna bener atawa carita nu teu lengkep. Urang jadi nyieun kasimpulan nu salah. Ulah percaya ka carita nu teu sakabéhna bener! Urang kudu kumaha supaya teu katipu ku carita-carita éta?​—Epe. 4:14.

10. Ku naon sababaraha urang Israil rék perang jeung dulurna sorangan, tapi ku naon teu jadi?

10 Urang bisa diajar ti pangalaman urang Israil nu aya di kuloneun Walungan Yordan di jaman Yosua. (Yos. 22:9-34) Maranéhna ngadéngé yén urang Israil nu aya di wétaneun Yordan ngadegkeun hiji altar gedé di deukeut walungan. Éta téh mémang bener, tapi maranéhna teu nyaho carita lengkepna. Jadi, maranéhna mikir yén dulur-dulurna nu aya di wétaneun Yordan geus barontak ka Yéhuwa, tuluy rék diperangan. (Baca Yosua 22:9-12.) Tapi saacanna, maranéhna ngirim sababaraha priya pikeun mariksa heula ka ditu. Naon hasilna? Urang Israil nu aya di wétaneun Yordan ngadegkeun altar lain keur nyembah allah palsu, tapi pikeun jadi tanda yén maranéhna umat Yéhuwa. Untungna éta carita dipariksa heula, jadi urang Israil teu kudu perang jeung dulurna sorangan.

11. (a) Mépibosét ngalaman kateuadilan naon? (b) Naon nu kuduna dilakukeun ku Daud?

11 Sakali waktu, bisa waé urang nyeri haté sabab aya nu nyebarkeun carita nu teu sakabéhna bener ngeunaan urang. Ieu pernah kaalaman ku Mépibosét. Tanah warisan ti Saul, akina, dibikeun ka manéhna ku Raja Daud. (2 Sam. 9:6, 7) Tapi, ka dieunakeun Daud ngadéngé carita goréng ngeunaan Mépibosét. Manéhna teu mariksa heula carita éta, kalah ka langsung ngajabel sakabéh hartana Mépibosét. (2 Sam. 16:1-4) Waktu Daud panggih jeung Mépibosét, manéhna sadar geus nyieun kasalahan. Daud langsung malikkeun deui sababaraha harta Mépibosét. (2 Sam. 19:24-29) Coba mun Daud teu gagabah tapi mariksa heula carita nu sabenerna, Mépibosét teu kudu ngalaman kateuadilan.

12, 13. (a) Naon nu dilakukeun ku Yésus waktu jalma-jalma nyebarkeun carita bohong ngeunaan anjeunna? (b) Urang kudu kumaha lamun aya nu ngagogoréng urang?

12 Kumaha lamun aya jalma nu nyebarkeun carita bohong ngeunaan Sadérék? Ieu pernah kaalaman ku Yésus jeung Yohanes Jurubaptis. (Baca Mateus 11:18, 19.) Naon nu dilakukeun ku Yésus? Anjeunna teu méakkeun waktu jeung tanaga pikeun ngayakinkeun jalma-jalma yén carita éta téh bohong. Tapi, anjeunna ngajurung jalma-jalma pikeun ningali kanyataanana, nyaéta tina lalampahan jeung pangajaranana. Yésus ngomong yén hikmat hiji jalma katingali tina laku lampahna.

13 Urang meunang palajaran penting ti conto Yésus. Sakapeung, bisa waé aya jalma nu ngagogoréng atawa ngomong nu teu bener ngeunaan urang. Urang sieun ngaran urang jadi goréng. Tapi, urang bisa nyonto Yésus. Ku lalampahan, urang bisa nunjukkeun yén urang mah teu kitu. Jadi, omongan jeung tuduhan nu teu bener ngeunaan urang téh kabukti salah.

NAHA SADÉRÉK NGANDELKEUN DIRI SORANGAN?

14, 15. Ku naon urang ulah ngandelkeun kanyaho sorangan?

14 Urang geus ngabahas yén meunangkeun informasi nu bisa dipercaya téh hésé. Masalah séjénna nyaéta urang teu sampurna. Bisa jadi urang geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun jeung kabukti bijaksana dina sababaraha hal. Batur ogé nganggap urang téh jalma nu bisa méré saran alus. Tapi, naha ieu bisa nyababkeun masalah?

Alkitab ngélingan yén urang ulah ngandelkeun kanyaho sorangan

15 Bisa. Urang jadi ngandelkeun kanyaho sorangan. Parasaan jeung pandangan pribadi bisa mangaruhan pikiran urang. Urang ngarasa yén urang geus paham kana hiji kaayaan padahal urang can apal kabéh faktana. Ieu bahaya pisan! Alkitab ngélingan yén urang ulah ngandelkeun kanyaho sorangan.​—Sil. 3:5, 6; 28:26.

16. Caritakeun hiji kajadian di réstoran. Naon nu dipikirkeun ku Tétén?

16 Misalna, aya hiji kokolot nu geus pangalaman, ngaranna Tétén. Hiji peuting, manéhna datang ka hiji réstoran, pék téh nempo kokolot séjén nu ngaranna Jaka diuk saméja jeung awéwé nu lain pamajikanana. Tétén ningali maranéhna téh asik ngobrol, seuseurian, jeung silih tangkeup. Manéhna reuwas jeung bingung, ’Si Jaka téh rék pepegatan kitu? Ari barudakna kumaha atuh?’ Saacanna, aya nu pernah kapergo siga kieu ku Tétén. Kumaha parasaan Sadérék lamun jadi Tétén?

17. Ahirna, Tétén manggihan fakta naon? Tina kajadian ieu, naon palajaranana?

17 Tapi, engké heula. Sanajan Tétén mikir yén Jaka geus salingkuh, naha manéhna geus nyaho kabéh faktana? Sanggeus kajadian éta, Tétén nelepon Jaka. Tétén dibéré nyaho yén awéwé éta téh adina Jaka nu datang ti luar kota. Jaka jeung adina geus mangtaun-taun teu panggih. Ku sabab adina ngan boga waktu sakeudeung, Jaka ngan bisa manggihan manéhna di réstoran. Pamajikanana keur teu bisa datang. Untung Tétén teu nyarita heula ka batur! Jadi, naon palajaranana? Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang tetep kudu ngumpulkeun fakta-fakta saacan nyieun kasimpulan.

18. Ku naon urang bisa langsung percaya kana carita goréng ngeunaan dulur saiman?

18 Urang gé osok hésé mariksa kaayaan nu sabenerna lamun éta aya patalina jeung dulur saiman nu teu akur jeung urang. Urang jadi curigaan ka manéhna. Jadi, waktu ngadéngé hal nu goréng ngeunaan manéhna, urang bisa langsung percaya sanajan can tangtu bener. Naon palajaranana? Lamun urang aya rasa ngéwa ka dulur saiman, urang bisa nyieun kasimpulan nu salah nu euweuh bukti-buktina. (1 Tim. 6:4, 5) Urang kudu miceun rasa sirik jeung timburu tina haté urang. Ulah poho yén Yéhuwa hoyong urang mikanyaah jeung réla ngahampura dulur saiman.​—Baca Kolosa 3:12-14.

PRINSIP ALKITAB BISA NGABANTU

19, 20. (a) Prinsip Alkitab naon waé nu bisa ngabantu urang mariksa bener henteuna hiji informasi? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

19 Kiwari, hésé pisan meunangkeun informasi nu bisa dipercaya jeung mariksa bener henteuna informasi éta. Ku naon? Kalolobaan informasi téh teu lengkep atawa teu sakabéhna bener, jeung urang ogé teu sampurna. Naon nu bisa ngabantu? Prinsip ti Firman Allah! Misalna, aya prinsip nu nyebutkeun yén teu bijaksana lamun urang méré jawaban saacan ngadéngé. (Sil. 18:13) Nu séjénna nyebutkeun yén urang ulah percaya kana sagala nu didéngé bari teu mariksa heula bener henteuna. (Sil. 14:15) Sarta, teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, ulah percaya teuing kana kanyaho urang. (Sil. 3:5, 6) Prinsip Alkitab mémang bisa ngabantu urang nyieun kasimpulan nu bener jeung nyieun putusan nu bijaksana. Tapi, urang gé kudu néangan informasi nu bisa dipercaya.

20 Aya alesan séjén nu nyababkeun urang hésé pikeun nyaho nu sabenerna. Urang sok gancang salah sangka lantaran ngan ningali luarna wungkul. Artikel saterusna bakal ngabahas dina hal naon waé urang sok salah sangka jeung kumaha cara nyingkahanana.

^ par. 8 Tingali Buku Kegiatan Saksi-Saksi Yehuwa 2004 kaca 111-112 sarta Buku Tahunan 2008 kaca 133-135.