Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Priya-Priya nu Dilantik—Pék Diajar ti Timoteus

Priya-Priya nu Dilantik—Pék Diajar ti Timoteus

TAUN kamari, rébuan sadérék pameget di sakuliah dunya dilantik jadi kokolot jeung palayan sidang. Lamun Sadérék salah sahijina, Sadérék pasti bungah boga tugas nu anyar pikeun ngalalayanan Yéhuwa jeung dulur saiman.

Wajar lamun mimitina mah Sadérék ngarasa geumpeur. Kokolot nu ngora kénéh nu ngaranna Jason ngomong, ”Waktu mimiti dilantik, abdi kawalahan ku tanggung jawab anyar ieu.” Musa jeung Yérmia gé pernah ngarasa teu pantes waktu narima tugas ti Yéhuwa. (Bud. 4:10; Yer. 1:6) Lamun kitu, kumaha carana sangkan Sadérék bisa leuwih percaya diri jeung terus nyieun kamajuan? Pék diajar ti conto Timoteus.​—Ras. 16:1-3.

PÉK CONTO TIMOTEUS

Bisa jadi Timoteus umurna 20 taunan waktu milu iinditan jeung Rasul Paulus. Mimiti narima tugas ieu, bisa jadi Timoteus ngarasa teu pantes ngajar jeung méré naséhat ka batur ku sabab ngora kénéh. (1 Tim. 4:11, 12; 2 Tim. 1:1, 2, 7) Tapi, manéhna terus nyieun kamajuan. Sapuluh taun ti harita, Paulus ngomong ka urang Pilipi, ”Lamun aya widi Gusti, sim kuring ngaharep bisa buru-buru ngutus Timoteus ka aranjeun.” Ku naon Paulus ngarasa kitu? Manéhna ngajelaskeun, ”Ngan anjeunna saurang di ditu mah anu saperasaan jeung sim kuring.”​—Pil. 2:19, 20.

Ku naon Timoteus jadi conto nu hadé keur para kokolot? Aya genep alesan.

1. Manéhna nyaah pisan ka batur. Paulus ngomong ka dulur-dulur di Pilipi yén Timoteus téh ”kacida mikamelangna” ka maranéhna. (Pil. 2:20) Timoteus hayang dulur saimanna tetep raket jeung Yéhuwa. Manéhna réla ngorbankeun waktu jeung tanaga pikeun ngabantu maranéhna.

William, nu geus jadi kokolot leuwih ti 20 taun, osok ngomong kieu ka kokolot nu anyar dilantik, ”Sing nyaah ka dulur saiman. Pikirkeun naon kabutuhanana ti batan mikirkeun aturan jeung prosedur sidang.” Tong siga supir beus nu ninggalkeun panumpang ngabélaan bisa nepi ka halteu beus pas dina waktuna.

2. Manéhna ngutamakeun hal-hal rohani. Paulus ngomong yén Timoteus mah béda ti jalma-jalma nu ”ngaruruskeun kapentingan dirina bae, cul urusan pikeun Yesus Kristus”. (Pil. 2:21) Paulus merhatikeun yén loba sadérék ngan mikirkeun urusanana sorangan, sakapeung dines ka Yéhuwa dinomerduakeun. Timoteus mah teu kitu! Waktu aya kasempetan pikeun ningkatkeun dines ka Allah, sikep Timoteus sarua jeung Yésaya nu ngomong, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!”​—Yes. 6:8.

Kumaha sangkan kapentingan pribadi jeung kapentingan sidang bisa saimbang? Kahiji, tuturkeun naséhat Paulus pikeun mastikeun naon ”anu panghadena”. (Pil. 1:10) Utamakeun palayanan ka Yéhuwa. Kadua, singkahan kagiatan nu méakkeun waktu jeung tanaga. Paulus ngomong ka Timoteus, ”Ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran.”​—2 Tim. 2:22.

3. Manéhna getol ngalalayanan Yéhuwa. Paulus ngomong ngeunaan Timoteus, ”Jeung sim kuring mah mani kawas anak jeung bapa, totomplokan digawe babarengan nguarkeun wawaran.” (Pil. 2:22) Timoteus téh lain jalma kedul. Manéhna getol digawé bareng jeung Paulus. Ku kituna, Timoteus beuki nyobat jeung Paulus.

Kiwari, aya loba pagawéan di organisasi Yéhuwa. Pagawéan ieu nyugemakeun jeung ngabantu Sadérék leuwih raket ka dulur saiman. Ku kituna, sing ”rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”.​—1 Kor. 15:58.

4. Manéhna ngalarapkeun naon nu diajarkeun. Paulus nyuratan Timoteus, ”Hidep mah geus nuturkeun pangajaran bapa, kalakuan bapa, jeung tujuan hirup bapa. Geus nyaho kana iman bapa, kasabaran bapa, kanyaah bapa, jeung kapengkuhan bapa.” (2 Tim. 3:10) Lantaran ngalarapkeun naon nu diajarkeun, Timoteus dibéré leuwih loba tanggung jawab.​—1 Kor. 4:17.

Pék téangan hiji kokolot nu geus boga pangalaman tuluy jadikeun tuladan. Tom, nu geus mangtaun-taun jadi kokolot, inget ka hiji kokolot nu geus pangalaman nu merhatikeun jeung ngalatih manéhna. Ceuk Tom, ”Abdi sering ménta saran ka manéhna tuluy ku abdi dilarapkeun. Éta ningkatkeun kapercayaan diri abdi.”

5. Manéhna terus ngalatih diri. Paulus méré naséhat ka Timoteus, ”Latih diri kana lampah ibadah.” (1 Tim. 4:7) Sanajan boga palatih, saurang atlét tetep kudu latihan sorangan. Paulus ngajurung Timoteus, ”Pake waktu hidep kana mangmacakeun Kitab Suci ka dulur-dulur, hutbahkeun, wurukkeun. . . . Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.”​—1 Tim. 4:13-15.

Sadérék ogé kudu ningkatkeun kamampuh. Sing getol diajar Alkitab, jeung tuturkeun pituduh nu panganyarna ti organisasi. Ulah percaya diri teuing. Unggal nyanghareupan masalah, tong ngandelkeun pangalaman, tapi kudu ngarisét heula. Saperti Timoteus, ”Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.”​—1 Tim. 4:16.

6. Manéhna ngandelkeun roh suci Yéhuwa. Paulus ngingetan Timoteus ngeunaan palayananana, ”Naon-naon anu hade paedahna anu geus dipercayakeun ka hidep, jaga sing bener kalawan pitulung pangawasa Roh Suci anu geus ngancik di urang.” (2 Tim. 1:14) Timoteus kudu ngandelkeun roh suci Allah.

Donald nu geus jadi kokolot mangtaun-taun ngomong, ”Priya-priya nu dilantik kudu ngahargaan hubunganana jeung Allah. Ku kituna, beuki lila maranéhna bakal beuki kuat. Lamun ménta roh suci jeung mekarkeun buahna, maranéhna bakal jadi berkah keur dulur saimanna.”​—Jab. 84:8; 1 Pet. 4:11.

HARGAAN TUGAS SADÉRÉK

Kacida ngagedékeun haté ningali palayan sidang jeung kokolot nu anyar, saperti Sadérék, nu terus nyieun kamajuan rohani. Jason, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Salila abdi jadi kokolot, abdi loba diajar jeung jadi leuwih percaya diri. Ayeuna, abdi bener-bener resep kana tugas ieu. Abdi nganggap ieu téh hak istiméwa nu luar biasa!”

Naha Sadérék terus nyieun kamajuan? Lamun Sadérék nyonto Timoteus, Sadérék ogé bakal jadi berkah keur dulur-dulur saiman.