Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Ku naon euweuh nu meunang masang publikasi Saksi-Saksi Yéhuwa dina situs Internét séjén atawa dina média sosial?

Aya nu mikir yén lantaran publikasi urang haratis, publikasi éta bisa disalin atawa dipasang dina situs Internét séjén atawa média sosial. Tapi, ieu bisa jadi masalah gedé jeung ngalanggar Sarat Ngagunakeun * (tingali catetan handap) pikeun situs Internét urang. Sarat éta ngajelaskeun yén euweuh nu meunang ”masang gambar, publikasi éléktronik, musik, poto, vidéo, atawa artikel tina situs ieu ka Internét (situs Internét, situs file-sharing, situs video-sharing, atawa jejaring sosial).” Ku naon aturan ieu penting?

Sakabéh bahan dina situs Internét urang aya hak ciptana, jadi aya panyalindungan hukumna. Ieu penting sabab éta bisa disalahgunakeun. Jalma nu murtad jeung nu hayang ngaganggu pagawéan urang osok ngasupkeun publikasi urang kana situs Internét maranéhna sangkan Saksi-Saksi Yéhuwa jeung nu séjén kataji. Tapi, di dinya aya bahan-bahan nu bisa nyababkeun jalma cangcaya kana bebeneran. (Jab. 26:4; Sil. 22:5) Nu séjénna ngagunakeun publikasi atawa logo jw.org dina iklan, aplikasi handphone, jeung barang daganganana. Tapi, ku sabab sakabéh bahan jeung logo urang téh aya panyalindungan hukumna, urang bisa ngalaporkeun maranéhna ka pangadilan. (Sil. 27:12) Tapi, pangadilan moal ngadukung urang lamun sababaraha jalma, kaasup sadérék urang, diidinan masang publikasi dina situs Internét séjén atawa ngagunakeun logo jw.org pikeun ngajual barang.

Ngunduh publikasi salian ti jw.org téh bahaya. Yéhuwa ngan masihan kadaharan rohani liwat ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) ”Gandek” ieu ngan ngagunakeun situs Internét resmi www.pr418.com, tv.pr418.com, jeung wol.pr418.com. Urang ogé ngan saukur boga tilu aplikasi resmi keur alat éléktronik, nyaéta JW Language®, JW Library®, jeung JW Library Sign Language®. Dina situs jeung aplikasi ieu, euweuh iklan atawa hal-hal nu asalna ti dunya Sétan. Jadi, nyokot publikasi tina situs Internét atawa aplikasi séjén téh bahaya ku sabab bisa waé geus aya nu dirobah.​—Jab. 18:27; 19:9.

Salian ti éta, lamun urang masang bahan dina situs Internét nu bisa dikoméntaran ku batur, jalma murtad jeung jalma séjén bisa ngagogoréng organisasi Yéhuwa. Sababaraha sadérék bisa debat jeung maranéhna dina Internét, éta teu ngamulyakeun Yéhuwa. Diskusi sarupa kitu lain cara nu alus pikeun ngalempengkeun pandangan atawa ngabantu batur paham kana bebeneran. (1 Tim. 6:3-5; 2 Tim. 2:23-25) Aya ogé nu nyieun situs Internét atawa akun di média sosial nu katingalina dijieun ku organisasi atawa ku anggota Badan Pingpinan. Tapi, éta téh palsu. Euweuh anggota Badan Pingpinan nu boga situs Internét sorangan atawa akun di média sosial.

Lamun méré nyaho batur pikeun muka jw.org, urang ngadukung pangwawaran ”Injil Kasalametan”. (Mat. 24:14) Beuki ka dieu, situs Internét jeung aplikasi urang beuki hadé. Urang hayang batur meunang mangpaatna. Jadi, urang bisa ngirim salinan publikasi atawa link situs Internét urang liwat e-mail. Ku cara kitu, urang ngabingbing jalma-jalma ka hiji-hijina sumber kadaharan rohani ti Yéhuwa, nyaéta ”gandek satia jeung bijaksana”.

^ par. 1 Lamun Sadérék hayang maca Sarat Ngagunakeun, mangga klik link nu aya di bagian handap kaca hareup jw.org. Ieu téh aturan pikeun sakabéh nu aya dina situs Internét urang.