Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ulah Ngukur Batur tina Rupa Luarna

Ulah Ngukur Batur tina Rupa Luarna

”Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.”​—YOH. 7:24.

KAWIH: 142, 123

1. Yésaya nganubuatkeun naon ngeunaan Yésus, jeung ku naon hal éta ngalilipur urang?

NUBUAT Yésaya ngeunaan Yésus Kristus ngalilipur jeung méré harepan ka urang. Ceuk Yésaya, Yésus ”mutus perkara moal satingal-tingalna, moal sadangu-danguna”, tapi anjeunna ”adil asih ka nu miskin”. (Yes. 11:3, 4) Ku naon hal ieu ngalilipur urang? Ku sabab ayeuna urang hirup di dunya nu pinuh ku prasangka. Jalma téh ditingali tina luarna wungkul. Ku kituna, urang butuh Yésus sabagé Hakim nu sampurna. Anjeunna moal ngukur urang tina rupa luarna!

2. Naon paréntah Yésus, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Biasana, urang boga pandangan pribadi ngeunaan hiji jalma. Tapi teu siga Yésus, urang teu sampurna. Jadi, pandangan urang gé teu sampurna. Urang gampang kapangaruhan ku naon nu ditingali. Tapi, Yésus maréntahkeun, ”Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.” (Yoh. 7:24) Jadi, Yésus hayang urang nyonto anjeunna nu henteu ngukur jalma tina rupa luarna. Artikel ieu bakal ngabahas tilu hal nu mangaruhan pandangan urang: sélér atawa bangsa, harta, jeung umur. Dina unggal bagian, urang bakal diajar carana nuturkeun paréntah Yésus sangkan henteu ngukur batur tina rupa luarna.

ULAH NGUKUR BATUR TINA SÉLÉR ATAWA BANGSANA

3, 4. (a) Ku naon pandangan Pétrus ka bangsa nu lain Yahudi bisa barobah? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Pamahaman anyar naon nu diajarkeun Yéhuwa ka Pétrus?

3 Bayangkeun kumaha parasaan Rasul Pétrus waktu dititah indit ka imahna Kornélius, jalma nu lain Yahudi, di Késaréa. (Ras. 10:17-29) Ti leuleutik, Pétrus diajar yén bangsa nu lain Yahudi téh najis. Tapi, aya sababaraha kajadian nu ngarobah pikiranana, misalna waktu manéhna meunang titingalian ti Allah. (Ras. 10:9-16) Dina titingalian éta, Pétrus nempo aya nu siga lawon rubak turun ti langit nu eusina téh sasatoan haram. Tuluy aya sora, ”Geura cengkat, Petrus, eta peuncit, tuluy dahar!” Pétrus nolak, tapi aya sora nu ngomong, ”Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh ulah diharamkeun.” Pétrus can paham naon maksud sora éta. Tapi teu lila, datang utusan Kornélius. Roh suci ngajurung Pétrus pikeun datang ka imahna Kornélius. Jadi, manéhna indit jeung utusan éta.

4 Lamun Pétrus ngukur batur tina rupa luarna, manéhna moal datang ka imahna Kornélius. Urang Yahudi tara nganjangan imah jalma nu lain Yahudi. Jadi, ku naon Pétrus bet daék? Sanajan manéhna boga prasangka, titingalian jeung pituduh ti roh suci ngarobah pandanganana. Sanggeus ngadéngékeun carita Kornélius, Pétrus ngomong, ”Parantos tetela ka Bapa, yen mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.” (Ras. 10:34, 35) Pétrus gumbira pisan narima pamahaman anyar ieu. Ieu ogé bakal mangaruhan sakabéh urang Kristen. Naon pangaruhna?

Sanajan ngarasa geus teu beurat sabeulah, naha Sadérék masih bisa boga prasangka?

5. (a) Yéhuwa hoyong kabéh urang Kristen ngarti kana hal naon? (b) Sanajan urang geus nyaho bebeneran, parasaan naon nu bisa jadi masih aya kénéh?

5 Yéhuwa ngagunakeun Pétrus pikeun ngabantu kabéh urang Kristen ngarti yén Mantenna teu beurat sabeulah. Yéhuwa teu ngamasalahkeun sélér, nagara, bangsa, atawa basa urang. Salila urang sieun atawa ngabakti ka Allah jeung ngalakukeun nu bener, urang kamanah ku Mantenna. (Gal. 3:26-28; Wahyu 7:9, 10) Meureun Sadérék geus apal hal ieu. Tapi, kumaha lamun Sadérék digedékeun di nagri atawa di kulawarga nu boga prasangka? Sanajan ngarasa geus teu beurat sabeulah, naha Sadérék masih bisa boga prasangka? Pétrus mémang geus ngabantu batur ngarti yén Allah teu beurat sabeulah, tapi manéhna masih kénéh nunjukkeun prasangka. (Gal. 2:11-14) Jadi, kumaha urang bisa nuturkeun paréntah Yésus sangkan teu ngukur batur tina rupa luarna?

6. (a) Naon nu bisa ngabantu urang pikeun miceun prasangka? (b) Tina laporan nu dijieun ku saurang sadérék, urang bisa nyaho naon ngeunaan sadérék éta?

6 Urang kudu mariksa diri maké Firman Allah pikeun mastikeun naha urang boga kénéh prasangka atawa henteu. (Jab. 119:105) Urang ogé bisa nanya ka babaturan lantaran urang sok hésé ningali prasangka dina diri sorangan. (Gal. 2:11, 14) Bisa jadi parasaan éta geus aya ti baheula, jadi urang teu sadar yén éta téh prasangka! Ieu pernah kaalaman ku hiji kokolot. Manéhna nulis laporan ka kantor cabang ngeunaan pasangan salaki pamajikan nu sumanget dina dines sapinuh waktu. Salakina téh asalna ti sélér nu dianggap rendah ku loba jalma. Kokolot éta nulis loba hal hadé ngeunaan sadérék tadi, tapi manéhna nambahkeun, ”Sanajan manéhna ti [nagara ieu], tapi tina tatakrama jeung cara hirupna, batur bisa ningali yén [bangsa ieu] can tangtu jorok atawa kampungan, sakumaha nu umum ti turunan [ieu].” Naon palajaranana keur urang? Teu sual naon tanggung jawab urang di organisasi, urang kudu mariksa diri jeung narima bantuan pikeun mastikeun naha urang masih kénéh boga prasangka atawa henteu. Naon deui nu bisa dilakukeun?

7. Kumaha urang bisa ”muka haté sagedé-gedéna”?

7 Lamun ”urang geus muka haté sagedé-gedéna”, prasangka bakal diganti ku kanyaah. (2 Kor. 6:11-13, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Naha Sadérék leuwih resep babarengan jeung jalma nu sélér, nagara, bangsa, atawa basana sarua jeung Sadérék? Mun kitu, coba campur gaul jeung nu béda sélér. Sadérék bisa dines bareng jeung maranéhna. Ajak maranéhna dahar atawa ngumpul di imah. (Ras. 16:14, 15) Lila-lila, haté Sadérék bakal pinuh ku kanyaah lain ku prasangka. Ayeuna, hayu urang bahas hal séjénna nu bisa ngalantarankeun urang ngukur batur tina rupa luarna.

ULAH NGUKUR BATUR TINA HARTANA

8. Ceuk Imamat 19:15, kumaha beunghar miskinna hiji jalma bisa mangaruhan pandangan urang ka manéhna?

8 Beunghar miskinna hiji jalma bisa mangaruhan pandangan urang ka manéhna. Ceuk Imamat 19:15, ”Mun mutus perkara sah kudu jujur, kudu nurutkeun kumaha perkara nu sabenerna, ulah dumeh watir ka nu miskin atawa serab ku nu beunghar.” Misalna kumaha?

9. Kanyataan naon nu ditulis ku Suléman, jeung naon palajaranana keur urang?

9 Suléman diilhamkeun pikeun nulis ngeunaan hiji kanyataan, ”Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.” (Sil. 14:20) Naon nu diajarkeun siloka ieu? Mun teu ati-ati, urang bisa jadi nyobat jeung nu beunghar wungkul, embung jeung nu miskin. Naon bahayana lamun urang ngukur jalma tina hartana?

10. Urang Kristen abad kahiji diélingan naon ku Yakobus?

10 Lamun urang ngukur dulur saiman dumasar kana hartana, sidang bakal kapisah-pisah. Ieu pernah kaalaman ku sidang-sidang di abad kahiji, éta sababna maranéhna diélingan ku Yakobus. (Baca Yakobus 2:1-4.) Urang kudu ati-ati ulah nepi ka pamikiran siga kitu asup ka sidang. Jadi, kumaha carana supaya urang teu ngukur jalma tina hartana?

Urang kudu narima bantuan pikeun mastikeun naha urang masih boga prasangka atawa henteu

11. Naha harta banda aya pangaruhna kana hubungan urang jeung Yéhuwa? Jelaskeun.

11 Urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa ngeunaan dulur saiman. Yéhuwa moal nganggap hiji jalma leuwih unggul lantaran manéhna beunghar atawa miskin. Hubungan urang jeung Yéhuwa euweuh patalina jeung duit atawa harta banda. Mémang Yésus nyebutkeun, ”Kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga,” tapi lain hartina éta téh teu mungkin. (Mat. 19:23) Yésus ogé nyebutkeun, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!” (Luk. 6:20) Tapi, ieu gé lain hartina sakabéh jalma miskin bakal ngadéngékeun Yésus tuluy narima berkah. Loba jalma miskin teu nuturkeun Yésus. Jadi kasimpulanana, urang teu bisa ngukur hubungan hiji jalma jeung Yéhuwa tina harta bandana.

12. Kitab Suci ngajarkeun naon ngeunaan jalma nu beunghar jeung nu miskin?

12 Di antara umat Yéhuwa, aya nu beunghar aya ogé nu miskin. Tapi, kabéhanana mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa ku sagemblengna haté. Kitab Suci ngélingan ka nu beunghar, ”Ulah neundeun harepan kana barang anu taya katangtuanana, nya eta kabeungharan upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah.” (Baca 1 Timoteus 6:17-19.) Firman Allah gé mépélingan, boh ka nu beunghar boh ka nu miskin, yén beuki kana duit téh bahaya. (1 Tim. 6:9, 10) Lamun boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa, urang moal ngukur dulur saiman tina harta bandana. Tapi, lamun umur kumaha, naha bisa dipaké keur ngukur batur?

ULAH NGUKUR BATUR TINA UMURNA

13. Kumaha Alkitab ngajarkeun carana ngajénan nu geus karolot?

13 Alkitab sering nyebutkeun yén urang kudu ngajénan nu geus karolot. Ceuk Imamat 19:32, ”Masing hormat, ngajenan ka jelema-jelema anu geus karolot. Masing sarieun ku Kami.” Siloka 16:31 ogé nyebutkeun, ”Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya.” Paulus ngomong ka Timoteus yén ulah kasar ngomongan nu geus karolot, tapi anggap maranéhna téh bapa. (1 Tim. 5:1, 2) Jadi, sanajan boga wewenang pikeun méré naséhat ka nu geus karolot, Timoteus kudu welas asih jeung ngajénan maranéhna.

14. Iraha urang kudu méré naséhat ka jalma nu leuwih kolot?

14 Kumaha lamun saurang sadérék nu geus kolot ngahaja nyieun dosa atawa méré pangaruh anu goréng? Yéhuwa moal ngantep dosa nu dihaja, sanajan nu ngalakukeunana jalma nu geus kolot jeung diajénan. Perhatikeun prinsip di Yesaya 65:20 (NW), ”Sanajan umurna geus saratus taun, jalma nu ngadosa bakal dikutuk.” Prinsip nu sarua gé aya dina titingalian Yéhéskél. (Yeh. 9:5-7) Nu pangpentingna, urang ngajénan Yéhuwa, Pribadi ”nu geus sepuh pisan”. (Dan. 7:9, 10, 13, 14) Lantaran ngajénan Mantenna, urang jadi boga kawani pikeun méré naséhat ka batur, teu sual umurna.​—Gal. 6:1.

Naha Sadérék ngajénan nu leuwih ngora? (Tingali paragrap 15)

15. Urang diajar naon ti Rasul Paulus ngeunaan ngajénan nu leuwih ngora?

15 Kumaha jeung dulur saiman nu ngora kénéh? Naha éta hartina manéhna teu kudu diajénan? Lain kitu. Paulus nyuratan Timoteus, ”Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.” (1 Tim. 4:12) Waktu Paulus nulis ieu, umur Timoteus kakara 30 taunan, tapi manéhna geus dibéré tanggung jawab penting ku Paulus. Naon palajaranana? Ulah nyapirakeun jalma nu leuwih ngora. Pikirkeun ogé naon waé nu geus dilakukeun ku Yésus basa umurna 33 taun!

16, 17. (a) Naon nu dijadikeun patokan ku kokolot waktu rék ngusulkeun palayan sidang atawa kokolot? (b) Kumaha pandangan pribadi atawa kabiasaan umum bisa patukang tonggong jeung Alkitab?

16 Di sababaraha kabudayaan, lalaki nu ngora kénéh biasana teu diajénan. Jadi, sababaraha kokolot teu ngusulkeun sadérék-sadérék ngora jadi palayan sidang atawa kokolot, padahal maranéhna geus nyumponan sarat. Alkitab teu pernah nangtukeun sabaraha umur jalma supaya bisa dilantik jadi palayan sidang atawa kokolot. (1 Tim. 3:1-10, 12, 13; Tit. 1:5-9) Lamun kokolot nyieun aturan dumasar kana kabudayaanana, manéhna teu nuturkeun Firman Allah. Pandangan pribadi atawa kabiasaan di daérah urang ulah dijadikeun patokan tapi gunakeun patokan tina Firman Allah.​—2 Tim. 3:16, 17.

17 Lamun para kokolot teu nuturkeun patokan Alkitab waktu rék ngusulkeun palayan sidang atawa kokolot, maranéhna ngahalang-halang sadérék nu geus nyumponan sarat. Di hiji nagri, aya palayan sidang nu alus dina ngajalankeun tugasna. Para kokolot satuju yén manéhna téh geus nyumponan sarat Alkitab pikeun jadi kokolot. Tapi, sababaraha kokolot ngomong yén manéhna téh kaciri ngora teuing pikeun jadi kokolot. Jadi, manéhna teu diusulkeun. Hanjakal pisan sadérék ieu teu dilantik lantaran rupa luarna. Sigana mah pamikiran ieu geus umum di loba nagri. Penting pisan pikeun ngandelkeun Alkitab ti batan pandangan pribadi atawa kabiasaan umum. Ku kituna, urang nuturkeun paréntah Yésus sangkan henteu ngukur batur tina rupa luarna.

NGUKUR BATUR KU CARA NU ADIL

18, 19. Urang kudu kumaha supaya teu prasangka ka dulur saiman?

18 Urang teu sampurna, tapi urang bisa nyonto Yéhuwa nu teu prasangka ka batur. (Ras. 10:34, 35) Urang gé kudu terus merhatikeun panginget ti Firman Allah. Lamun éta dilarapkeun, éta hartina urang nurut kana paréntah Yésus, ”Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna.”​—Yoh. 7:24.

19 Sakeudeung deui, Raja urang Yésus Kristus bakal jadi hakim sakabéh jalma. Anjeunna ngahakiman dumasar kana patokan Allah nu adil, lain ti nu ditingali atawa didéngé. (Yes. 11:3, 4) Tangtu, urang ngarep-ngarep pisan mangsa éta!