Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Hakim Sabumi” Salawasna Ngalampahkeun nu Bener

”Hakim Sabumi” Salawasna Ngalampahkeun nu Bener

”PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara.”PAM. 32:4.

KAWIH: 112, 89

1. Kumaha Ibrahim némbongkeun lamun manéhna téh percaya kana kaadilan Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

”KAPAN anu jadi hakim sabumi teh kedah nyepeng hukum adil.” (Kaj. 18:25) Kekecapan Ibrahim ieu téh némbongkeun lamun manéhna yakin Yéhuwa bakal ngahukum Sadumu jeung Gomora kalawan adil sampurna. Manéhna percaya lamun ”jalmi-jalmi anu taya kalepatanana mah ku Gusti moal ngiring dibasmi . . . sareng nu daroraka”. Ceuk Ibrahim éta téh ”mustahil”. Ka dieunakeun, Yéhuwa nyarios ngeunaan diri-Na, ”PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara. Allah maraneh satuhu sarta saestu, lempeng bener sagala damel-Na.”Pam. 31:19; 32:4.

2. Ku naon pamohalan Yéhuwa teu adil?

2 Ku naon Ibrahim yakin lamun Yéhuwa salawasna ngalampahkeun nu bener? Lantaran Yéhuwa téh conto panghadéna dina némbongkeun kaadilan. Jadi, lantaran papakon Yéhuwa salawasna bener, Mantenna ngahakiman sagala hal ku cara nu bener. Ceuk Alkitab, ”PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan.”Jab. 33:5.

3. Béré conto kateuadilan di dunya kiwari.

3 Tangtu nengtremkeun haté lantaran nyaho lamun Yéhuwa salawasna adil. Tapi kiwari, dunya pinuh ku kateuadilan. Contona, bisa waé jalma nu teu salah dipanjara. Sanggeus mangtaun-taun dipanjara, karék kanyahoan lamun manéhna téh teu salah ku ayana tés DNA. Kateuadilan nu siga kitu bisa ngalantarankeun manéhna strés jeung ambek. Tapi, aya deui kateuadilan nu leuwih hésé disanghareupanana. Kateuadilan nu siga kumaha?

KATEUADILAN DI SIDANG KRISTEN

4. Iraha iman urang diuji?

4 Geus teu anéh lamun urang ngalaman kateuadilan nu dilantarankeun ku jalma nu teu saiman. Tapi, iman urang diuji basa ningali atawa ngalaman nu kacirina siga kateuadilan di sidang Kristen. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Naha urang bakal kuciwa?

5. Ku naon urang teu perlu héran lamun ningali atawa ngalaman kateuadilan di sidang?

5 Urang kabéh teu sampurna jeung bisa salah, jadi bisa waé batur teu adil ka urang atawa urang nu teu adil ka batur di sidang. (1 Yoh. 1:8) Sanajan ieu téh jarang, urang Kristen nu satia moal héran atawa kuciwa lamun ngalaman kateuadilan. Yéhuwa masihan naséhat dina Alkitab nu ngabantu urang tetep satia lamun ngalaman kateuadilan di sidang.Jab. 55:13-15.

6, 7. Kateuadilan naon nu dialaman ku hiji sadérék, jeung kumaha sikep manéhna?

6 Perhatikeun pangalaman Willi Diehl. Ti saprak taun 1931, Sadérék Diehl satia ngawula di Bétel di Bern, Swiss. Taun 1946, manéhna milu Sakola Gilad kelas kadalapan di New York, AS. Sanggeus lulus, manéhna ditugaskeun jadi pangawas wilayah di Swiss. Dina pangalaman hirupna, Sadérék Diehl nyebutkeun lamun manéhna ngabéjaan kantor cabang Swiss dina bulan Méi 1949 lamun manéhna boga rencana rék nikah. Sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab méré nyaho lamun sagala hak istiméwana bakal dicabut. Manéhna ngan meunang jadi panaratas. Ceuk Sadérék Diehl, ”Kuring teu diidinan hutbah. Loba sadérék teu daék ngobrol deui jeung kuring. Kuring dianggap siga jalma nu dipecat.”

7 Kumaha sikep Sadérék Diehl? Manéhna nyarita, ”Kuring nyaho lamun nikah téh teu salah, jadi kuring duaan nguatkeun diri ku cara ngadoa jeung ngandel ka Yéhuwa.” Sanajan aya nu teu paham kana pandangan Yéhuwa ngeunaan perkawinan, dina waktuna pandangan maranéhna dilempengkeun. Ahirna, Sadérék Diehl meunangkeun deui hak istiméwana. Yéhuwa ngaberkahan kasatiaanana. * (Tingali catetan handap.) Urang bisa mariksa diri: ’Lamun ngalaman kateuadilan siga kitu, naha urang bisa tetep sabar jeung ngadagoan Yéhuwa nu bakal menerkeun kaayaanana, atawa ngalawan kateuadilan éta ku kakuatan urang sorangan?Sil. 11:2; baca Mika 7:7.

Urang kudu inget lamun urang téh teu sampurna jeung bisa salah paham

8. Ku naon urang bisa boga panyangka nu salah lamun urang atawa batur jadi korban kateuadilan?

8 Lamun Sadérék ngarasa aya kateuadilan di sidang, inget lamun éta téh can tangtu bener. Ku naon? Lantaran urang teu sampurna jeung bisa salah paham. Urang ogé teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Tapi, rék bener rék henteu panyangka urang, urang kudu ngadoakeun masalahna ka Yéhuwa, ngandel ka Mantenna, jeung terus satia. Ku kituna, urang moal ”neumbleuhkeun ka PANGERAN”.Baca Siloka 19:3.

9. Conto saha waé nu dibahas dina artikel ieu jeung nu saterusna?

9 Hayu urang tingali tilu conto kateuadilan nu dicaritakeun dina Alkitab. Dina ieu artikel, urang bakal diajar tina pangalaman buyutna Ibrahim, nyaéta Yusup nu sangsara lantaran dulur-dulurna. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas sikep Yéhuwa ka Raja Ahab jeung pangalaman Rasul Pétrus di Antioki Siria. Bari ngabahas tilu conto ieu, tingali carana Sadérék bisa terus muntang ka Yéhuwa jeung ngajaga sosobatan Sadérék jeung Mantenna, utamana lamun Sadérék keur ngalaman kateuadilan.

YUSUP JADI KORBAN KATEUADILAN

10, 11. (a) Kateuadilan naon nu dialaman ku Yusup? (b) Kasempetan naon nu dipiboga ku Yusup basa keur dipanjara?

10 Yusup téh hamba Yéhuwa nu satia nu ngalaman kateuadilan. Tapi, nu leuwih nganyerikeun haté téh nyaéta kateuadilan nu dilantarankeun ku dulur-dulurna. Basa Yusup umur 17 taun, dulur-dulurna nyulik jeung ngajual manéhna jadi badéga. Tuluy manéhna dibawa ka Mesir. (Kaj. 37:23-28; 42:21) Di ditu, Yusup dituduh rék merkosa dununganana terus diasupkeun ka panjara bari teu diadilan heula. (Kaj. 39:17-20) Tilu belas taun lilana Yusup sangsara sabagé badéga jeung sakitan. Naon hikmahna pangalaman Yusup keur urang?

11 Basa Yusup keur dipanjara, manéhna panggih jeung mantri nu ngurus leueuteun, nu dipanjara ogé. Hiji peuting, mantri éta ngimpi. Ku bantuan Yéhuwa, Yusup bisa ngahartikeun impianana. Yusup nerangkeun lamun mantri éta bakal dibébaskeun tur ngalalayanan Firaun deui. Yusup gé boga kasempetan pikeun ngajelaskeun masalah manéhna ka ieu mantri. Urang bisa diajar tina cara Yusup nyaritakeun masalahna, boh nu diomongkeun boh nu henteu.Kaj. 40:5-13.

12, 13. (a) Ti mana urang nyaho lamun Yusup teu pasrah kana kaayaanana? (b) Naon nu teu dicaritakeun ku Yusup ka éta mantri?

12 Baca Kajadian 40:14, 15. Yusup ngomong lamun manéhna téh ”dipaling” atawa diculik. Éta hartina manéhna téh korban kateuadilan. Yusup gé ngomong lamun manéhna teu nyieun kasalahan. Ku kituna, manéhna ménta ka éta mantri pikeun nyaritakeun masalahna ka Firaun. Naon tujuanana? Ceuk manéhna, ”Manawi jadi lantaran abdi dikaluarkeun ti ieu bui.”

13 Naha Yusup pasrah kana kaayaanana nepikeun ka teu nyieun upaya? Henteu! Yusup nyaho lamun manéhna loba ngalaman kateuadilan. Éta sababna manéhna ngajelaskeun kaayaanana ka éta mantri, miharep éta mantri bisa mantuan manéhna. Tapi, Kitab Suci ngajelaskeun lamun Yusup teu nyaritakeun ka sasaha, ogé ka Firaun, lamun dulur-dulurna nu nyulik manéhna. Malahan mah basa dulur-dulurna datang ka Mesir jeung rukun deui jeung Yusup, Firaun ngabagéakeun maranéhna jeung ngajak maranéhna cicing di ”tanah-tanah anu pangsuburna di satanah Mesir”.Kaj. 45:16-20.

Ku ayana gosip, masalah jadi beuki ruwed (Tingali paragrap 14)

14. Kumaha sangkan urang teu ngagogoréng batur basa ngalaman kateuadilan?

14 Lamun urang ngalaman kateuadilan di sidang, urang kudu ati-ati ulah nepikeun ka ngagosipkeun masalahna. Tangtuna urang kudu ménta bantuan jeung ngabéjaan kokolot sidang lamun aya sadérék nu ngalakukeun dosa gedé. (Ima. 5:1) Tapi, lolobana mah lain dosa gedé, jadi urang bisa ngaréngsékeun masalahna paduduan jeung dulur urang, malahan mah kokolot gé teu perlu nyaho. (Baca Mateus 5:23, 24; 18:15.) Dina kaayaan saperti kitu, urang bisa tetep satia jeung nerapkeun prinsip-prinsip Alkitab. Sakapeung, urang jadi sadar lamun urang geus salah paham jeung lain korban kateuadilan. Haté urang bakal karasa ngemplong lantaran urang teu nyieun masalahna jadi beuki ruwed ku cara nguar-nguarkeun kagoréngan dulur urang! Masing diinget, teu sual saha nu bener, ngagogoréng batur moal ngaréngsékeun masalah. Urang moal kitu lamun urang satia ka Yéhuwa jeung ka dulur-dulur saiman. Numutkeun nu nulis jabur, jalma nu ”tuhu ka Allah” mah ”tara mitenah, ka batur tara hasud, tara ngagogoreng tatangga”.Jab. 15:2, 3; Yak. 3:5.

SING INGET KANA SOSOBATAN NU PANGPENTINGNA

15. Kumaha sosobatan Yusup jeung Yéhuwa diberkahan?

15 Aya hikmah séjénna ti pangalaman Yusup. Salila 13 taun ngalaman kateuadilan, manéhna boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa. (Kaj. 45:5-8) Manéhna tara nempuhkeun ka Yéhuwa. Tangtuna, manéhna moal poho kana kasangsaraan nu geus kaalaman, tapi manéhna henteu ngunek-ngunek. Nu leuwih penting, manéhna teu ngantep kateusampurnaan atawa kasalahan batur ngajauhkeun manéhna ti Yéhuwa. Lantaran satia, manéhna bisa ningali Yéhuwa ngalempengkeun masalahna jeung ngaberkahan manéhna tur kulawargana.

Yusup teu ngantep kateusampurnaan atawa kasalahan batur ngajauhkeun manéhna ti Yéhuwa

16. Sangkan terus ngaraket ka Yéhuwa, urang kudu kumaha lamun ngalaman kateuadilan di sidang?

16 Kitu ogé ayeuna, urang kudu ngahargaan tur ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Ulah ngantep kateusampurnaan dulur-dulur urang ngajauhkeun urang ti Allah nu dipikanyaah jeung disembah ku urang. (Rum 8:38, 39) Jadi, lamun ngalaman kateuadilan di sidang, urang perlu nyonto Yusup jeung terus ngaraket ka Yéhuwa. Urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa. Sanggeus satékah polah nuturkeun prinsip Alkitab pikeun ngaréngsékeun masalah, urang kudu masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Urang bisa yakin lamun Yéhuwa bakal ngaréngsékeun masalahna dina waktuna jeung ku cara nu panghadéna.

ANDELKEUN ”HAKIM SABUMI”

17. Kumaha carana némbongkeun lamun urang ngandel ka ”hakim sabumi”?

17 Salila urang hirup di dunya nu jahat ieu, urang bakal ngalaman kateuadilan. Sakapeung, Sadérék atawa dulur Sadérék bisa waé ngalaman atawa ningali kaayaan nu kacirina siga kateuadilan di sidang. Ulah kuciwa. (Jab. 119:165) Sadérék kudu terus satia ka Yéhuwa, ngadoa ménta bantuana-Na, jeung ngandel ka Mantenna. Sing inget, ku sabab teu sampurna, Sadérék bisa salah paham jeung bisa waé teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Conto tuladan Yusup, jeung ulah nyieun kaayaan beuki ruwed ku cara ngagogoréng batur. Ahirna, ti batan ngandelkeun diri sorangan, Sadérék kudu terus satia jeung ngadagoan Yéhuwa nu bakal menerkeun kaayaanana. Ku kituna, saperti Yusup, Sadérék ogé bakal kamanah jeung diberkahan ku Yéhuwa. Sadérék bisa yakin lamun Yéhuwa, ”hakim sabumi”, salawasna ngalampahkeun nu bener jeung ”adil sampurna dina saniskara”.Kaj. 18:25; Pam. 32:4.

18. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

18 Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas dua conto kateuadilan séjénna nu dicaritakeun dina Alkitab. Urang bakal diajar kumaha sipat rendah haté jeung resep ngahampura ngabantu urang nyonto kaadilan Yéhuwa.

^ par. 7 Tingali pangalaman hirup Willi Diehl, ”Yehuwa Allahku yang Kupercayai”, dina Menara Pengawal 1 Nopémber 1991.