Tedunan Ikrar Sadérék
”Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.”—MAT. 5:33.
KAWIH: 63, 59
1. (a) Naon nu sarua ti Yépta jeung Hana? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Pananya naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?
YÉPTA téh pamingpin jeung prajurit nu wanian. Hana jalma nu rendah haté sarta opénan ka salaki jeung rumah tanggana. Salian ti nyembah ka Yéhuwa, duanana nyieun ikrar ka Mantenna jeung nedunan ikrarna. Maranéhna jadi conto nu alus keur jalma-jalma nu rék nyieun ikrar ka Yéhuwa. Hayu urang bahas tilu pananya ieu: Naon ikrar téh? Sakumaha sériusna ikrar ka Yéhuwa? Naon nu bisa urang conto ti Yépta jeung Hana?
2, 3. (a) Naon ikrar téh? (b) Naon nu dijelaskeun dina Alkitab ngeunaan ikrar ka Allah?
2 Dina Alkitab, ikrar téh jangji nu sérius ka Allah. Contona, hiji jalma jangji ka Yéhuwa rék ngalakukeun hiji hal, rék méré kurban, rék ngalaksanakeun tugas, atawa rék nyieun pantrangan. Ikrar dijieun ku cara sukaréla, euweuh paksaan. Tapi basa hiji jalma nyieun ikrar, éta téh sérius keur Yéhuwa, kudu dijaga jeung ditedunan. Dina Alkitab, ikrar téh sarua pentingna jeung sumpah. Sumpah nyaéta kekecapan nu ngandung jangji pikeun Kaj. 14:22, 23; Ibr. 6:16, 17) Naon nu dijelaskeun Alkitab ngeunaan sériusna ikrar urang ka Allah?
pantrang atawa pikeun ngalakukeun hiji hal. (3 Dina Hukum Musa, lamun aya jalma nu nyieun ikrar ka Yéhuwa, ”sagala anu diikrarkeunana teu meunang dicabut deui, kudu ditekanan”. (Bil. 30:2) Suléman ogé nulis, ”Jadi lamun boga kaul ka Allah geuwat laksanakeun, sabab Mantenna teu resepeun ka jelema anu gejul. Nu matak ari geus jangji kudu bukti.” (Pan. 5:4) Yésus ngajarkeun lamun ikrar ka Allah téh sérius, ”Jalma-jalma baheula ditimbalan kieu: ’Ulah mungkir jangji. Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.’”—Mat. 5:33.
4. (a) Sakumaha sériusna ikrar urang ka Allah? (b) Urang bakal diajar naon ngeunaan Yépta jeung Hana?
4 Jadi jelas lamun urang kudu nganggap sérius jangji ka Yéhuwa. Hubungan urang jeung Mantenna bisa kapangaruhan. Daud ngajéntrékeun hal ieu basa manéhna nanya, ”Saha nu meunang unggah ka pasir kagungan PANGERAN? Saha nu meunang asup ka Bait-Na nu suci?” Terus manéhna ngajawab lamun nu kaidinan téh jalma nu ”cadu kana jangji palsu”. (Jab. 24:3, 4) Naon ikrar Yépta jeung Hana? Naha gampang pikeun nedunanana?
MARANÉHNA NEDUNAN IKRAR KA ALLAH
5. Naon ikrar Yépta jeung kumaha hasilna?
5 Basa Yépta rék perang jeung urang Amon, musuhna umat Allah, manéhna nyuhunkeun ka Yéhuwa supaya unggul. (Hak. 10:7-9) Tuluy manéhna ikrar, ”Madak abdi ku anjeun dikersakeun tiasa ngelehkeun urang Amon, ana abdi wangsul unggul jurit, abdi sumeja ngahaturkeun jalmi anu pangheulana kaluar ti rorompok mapagkeun abdi.” Allah ngajawab doa Yépta jeung méré kaunggulan ka manéhna. Waktu Yépta balik ka imah, nu kaluar mapagkeun téh putra awéwéna. Jadi, putrana éta nu bakal ’dihaturkeun’ ka Yéhuwa. (Hak. 11:30-34) Naon balukarna keur putrana?
Yépta jeung putrana téh saratia, teu pernah kapikir ku maranéhna rék mungkir tina ikrar éta
6. (a) Ku naon teu gampang keur Yépta jeung putrana pikeun nedunan ikrarna? (b) Ngeunaan ikrar, urang diajar naon tina Pamindo 23:21, 23 jeung Jabur 15:4?
6 Éta hartina, putra Yépta kudu cicing di kémah tepangan jeung ngawula sapinuh waktu di dinya. Naha Yépta téh gagabah dina nyieun ikrar ieu? Henteu. Yépta bisa jadi nyaho lamun putrana nu bakal kaluar mapagkeun manéhna. Tapi nu pasti, keur Yépta jeung putrana, nedunan ikrar ka Yéhuwa téh teu gampang. Basa Yépta ningali putrana, haténa Hak. 11:35-39) Teu pernah kapikir ku maranéhna rék mungkir tina ikrar éta sanajan hésé pisan nedunanana. Maranéhna saratia.—Baca Pamindo 23:21, 23; Jabur 15:4.
nalangsa. Putrana ogé ”nyeungceurikan diri sorangan”. Naon sababna? Yépta ngan boga hiji putra nu ayeuna moal bakal nikah jeung boga anak. Ngaran kulawarga Yépta bakal leungit. Tapi, boh Yépta boh putrana sadar lamun aya nu leuwih penting ti batan parasaan maranéhna. Ceuk Yépta, ”Ama teh geus sumpah ka PANGERAN, teu bisa diletak deui.” Ceuk putrana, ”Mangga teh teuing abdi pidamel sakumaha anu ku Ama parantos diikrarkeun.” (7. (a) Naon ikrar Hana, jeung naon sababna manéhna nyieun ikrar éta? Naon hasilna? (b) Naon balukarna ikrar Hana ka Samuél? (Tingali catetan handap.)
7 Hana ogé nyieun ikrar ka Yéhuwa basa keur nyanghareupan kasusah. Manéhna nalangsa lantaran teu boga anak, sarta dipapanas jeung dinyenyeri ku lantaran éta. (1 Sam. 1:4-7, 9, 10, 16) Manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa jeung jangji, ”Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, tingali ieu abdi nuju kasesahan. Mugi mikaemut. Upami abdi ku Gusti dikersakeun gaduh anak tur lalaki, bade diiklaskeun sumeja kasanggakeun, saumurna sina kumawula ka Gusti sareng moal dicukur-cukur.” * (Tingali catetan handap.) (1 Sam. 1:11) Yéhuwa ngajawab doa Hana. Taun hareupna, Hana ngalahirkeun anak nu dingaranan Samuél. Hana kacida bungahna! Tapi, manéhna teu poho kana ikrarna. Basa anakna lahir, Hana ngomong, ”Beunang nyuhunkeun ti PANGERAN.”—1 Sam. 1:20.
Hana réla ngorbankeun hal nu penting dina hirupna demi nedunan jangji ka Allah
8. (a) Ku naon teu gampang keur Hana pikeun nedunan ikrarna? (b) Naon patalina Jabur 61 jeung tuladan Hana?
8 Basa Samuél umurna kira-kira tilu taun, Hana nedunan jangjina ka Yéhuwa. Manéhna mawa Samuél ka Imam Agung Éli di kémah tepangan di Silo. Ceuk manéhna, ”Harita abdi teh nyuhunkeun dipaparin anak, ayeuna parantos dimakbul. Ieu pun anak teh. Ayeuna seja dibaktikeun ka PANGERAN, saumur hirupna sina ngawula ka Mantenna.” (1 Sam. 1:24-28) Ti saprak éta, Samuél cicing di kémah tepangan. ”Samuel beuki ageung, sarta jongjon kumawula ka PANGERAN.” (1 Sam. 2:21) Keur Hana, nedunan ikrarna téh tangtu teu gampang. Manéhna teu bisa ulin jeung anakna nu dipikanyaah. Manéhna ogé teu bisa ningali anakna beuki gedé. Tapi, Hana nganggap sérius ikrarna ka Yéhuwa. Manéhna réla ngorbankeun hal nu penting dina hirupna demi nedunan ikrar ka Allah. Hana suka bungah ngalampahkeunana.—1 Sam. 2:1, 2; baca Jabur 61:2, 6, 9.
9. Naon nu bakal dibahas saterusna?
9 Urang geus paham lamun ikrar ka Yéhuwa téh sérius. Ayeuna, hayu urang bahas pananya-pananya ieu: Ikrar naon waé nu bisa dijieun ku urang? Sakumaha gedéna tékad urang pikeun nedunanana?
IKRAR PANGBAKTIAN
10. Naon ikrar pangpentingna keur urang Kristen? Naon waé nu kaasup dina ikrar éta?
10 Ikrar pangpentingna keur urang Kristen nyaéta ikrar ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Ieu dilakukeun basa hiji jalma keur nyorangan. Manéhna ngadoa jeung jangji rék ngagunakeun hirupna pikeun ngawula ka Mat. 16:24) Ti saprak éta, urang ”kagungan Pangeran”. (Rum 14:8) Urang nganggap sérius pangbaktian urang sarta satuju jeung nu nulis jabur, ”Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula? Kaula rek nyumponan nadar ka Mantenna dina pagempungan sakabeh umat-Na.”—Jab. 116:12, 14.
Yéhuwa salawasna, teu sual kaayaanana. Saperti nu disebutkeun ku Yésus, urang ”ninggalkeun kapentingan pribadi”, jangji rék ngutamakeun Yéhuwa dina kahirupan. (11. Jelaskeun naon nu kaalaman dina poéan Sadérék dibaptis.
11 Naha Sadérék geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis? Lamun enggeus, éta téh alus pisan! Dina hutbah baptisan, Sadérék ditanya naha Sadérék geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung paham lamun ”ngabaktikeun diri sarta dibaptis, Sadérék bakal dikenal salaku Saksi-Saksi Yéhuwa”. Waktu Sadérék ngajawab pananya éta, kabéh nu hadir nyaho lamun Sadérék geus ngabaktikeun diri, nyumponan sarat pikeun dibaptis, jeung resmi jadi hamba Yéhuwa. Yéhuwa tangtu bungah kana ikrar Sadérék!
12. (a) Urang kudu mariksa diri ku pananya-pananya naon? (b) Pétrus ngajurung urang pikeun ngihtiarkeun sipat-sipat naon?
12 Basa dibaptis, Sadérék jangji ka Yéhuwa rék ngagunakeun hirup Sadérék pikeun ngawula Mantenna jeung satékah polah ngajalankeun papakon-Na. Tapi, baptisan téh kakara mimitina. Dina lumangsungna waktu, urang kudu sering mariksa: ’Ti saprak dibaptis, naha kuring jadi leuwih raket jeung Yéhuwa? Naha kuring masih ngawula sapinuh haté? (Kol. 3:23) Naha kuring sering ngadoa, maca Alkitab unggal poé, rutin masamoan, jeung ngawawar unggal aya kasempetan? Atawa, naha kuring teu pati sumanget ngajalankeun kabéh kagiatan ieu?’ Rasul Pétrus ngélingan yén urang bisa eureun ngawula ka Yéhuwa. Ieu moal kajadian lamun urang ihtiar enya-enya supaya leuwih percaya, boga pangarti, tabah, jeung nurut kana pangersa Allah.—Baca 2 Petrus 1:5-8.
13. Urang Kristen nu geus ngabakti jeung dibaptis kudu paham kana hal naon?
13 Sakalina urang ikrar rék ngawula ka Yéhuwa, éta moal bisa dilétak deui. Lamun aya hiji jalma nu embung ngawula deui ka Yéhuwa, manéhna teu bisa méré alesan yén baheula téh manéhna teu bener-bener ngabakti ka Yéhuwa jeung baptisanana teu sah. * (Tingali catetan handap.) Jalma nu geus ngabakti ka Yéhuwa tapi ngalampahkeun dosa gedé kudu tanggung jawab ka Yéhuwa jeung ka sidang. (Rum 14:12) Urang embung dicawad ku Yésus, ”Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.” Sabalikna, urang hayang dipuji ku Yésus, ”Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.” (Wahyu 2:4, 19) Urang hayang nyukakeun Yéhuwa ku cara sumanget nyumponan ikrar pangbaktian urang.
IKRAR PERKAWINAN
14. Naon ikrar kadua nu pangpentingna téh? Naon sababna?
14 Ikrar kadua nu pangpentingna nyaéta ikrar perkawinan. Ku naon bisa kitu? Lantaran perkawinan téh suci jeung ikrarna dianggap sérius pisan ku Yéhuwa. Pangantén nyebutkeun ikrarna disaksian ku Yéhuwa jeung sakabéh jalma nu hadir. Biasana maranéhna jangji pikeun silih pikacinta, pikanyaah, jeung silih ngajénan, salila maranéhna hirup bareng di bumi luyu jeung prinsip perkawinan ti Allah. Batur bisa jadi teu maké kekecapan nu sarua, tapi maranéhna gé nyieun ikrar di hareupeun Allah. Sanggeus nyieun ikrar, maranéhna sah jadi salaki pamajikan jeung ngahiji saumur hirup. (Kaj. 2:24; 1 Kor. 7:39) Ceuk Yésus, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.” Salaki pamajikan teu bisa nganggap yén maranéhna bisa pepegatan iraha waé lamun aya masalah.—Mar. 10:9.
15. Naon sababna urang Kristen teu nyapirakeun perkawinan?
15 Lantaran teu aya manusa nu sampurna, perkawinan ogé teu aya nu sampurna. Éta sababna Alkitab nyebutkeun lamun nu geus nikah bakal boga ”loba karepot”. (1 Kor. 7:28) Loba jalma di dunya nyapirakeun perkawinan, nganggap yén maranéhna bisa pepegatan iraha waé lamun ngarasa teu cocog. Tapi, urang Kristen mah béda. Maranéhna nyieun ikrar perkawinan di hareupeun Allah, jadi lamun ikrar éta teu ditedunan, éta sarua jeung ngabohong ka Allah. Allah ijid ka nu sok ngabohong. (Ima. 19:12; Sil. 6:16-19) Urang Kristen nu geus kawin kudu inget kana kekecapan Rasul Paulus, ”Geus kawin? Ulah pepegatan.” (1 Kor. 7:27) Paulus paham lamun Yéhuwa ijid kana pepegatan nu maké akal licik.—Mal. 2:13-16.
16. Naon pituduh Alkitab ngeunaan pepegatan jeung pipisahan?
16 Yésus ngajarkeun lamun hiji-hijina dasar Alkitab pikeun pepegatan nyaéta jinah, éta ogé lamun batur hirupna teu ngahampura. (Mat. 19:9; Ibr. 13:4) Kumaha jeung pipisahan? Alkitab ngajelaskeun ngeunaan hal éta. (Baca 1 Korinta 7:10, 11.) Mémang, teu aya dasar Alkitab pikeun pipisahan, tapi sakapeung aya kaayaan nu nyababkeun hiji jalma ngarasa yakin kudu pisah jeung batur hirupna. Contona, lamun batur hirupna kacida ngabahayakeun kahirupan atawa hubunganna jeung Yéhuwa. Bisa waé manéhna téh osok neunggeulan atawa jalma nu murtad. * (Tingali catetan handap.)
17. Kumaha carana pasangan Kristen bisa boga perkawinan nu langgeng?
17 Lamun pasangan nu geus nikah ménta saran ka kokolot sidang pikeun nguatkeun perkawinan maranéhna, éta kokolot bisa ngajurung maranéhna pikeun nongton vidéo Apa Itu Cinta Sejati? jeung ngabahas brosur Kulawarga Sadérék Bisa Bagja. Bahan-bahan ieu nandeskeun prinsip-prinsip Alkitab nu bisa nguatkeun perkawinan. Aya pasangan nu ngomong, ”Ti saprak ngabahas brosur ieu, perkawinan kuring duaan jadi leuwih bagja ti saacanna.” Aya hiji sadérék istri nu méh pepegatan padahal geus 22 taun kawin. Sanggeusna nongton éta vidéo, manéhna ngomong, ”Kuring duaan téh geus dibaptis, tapi teu bisa silih ngarti parasaan masing-masing. Éta vidéo téh pas pisan! Ayeuna, hubungan kuring duaan geus jauh leuwih alus.” Jelas lamun salaki pamajikan ngalarapkeun prinsip Alkitab, perkawinan maranéhna bakal leuwih kuat jeung bagja.
IKRAR DINES SAPINUH WAKTU HUSUS
18, 19. (a) Naon nu dilakukeun ku loba indung bapa Saksi? (b) Naon nu diikrarkeun ku palayan sapinuh waktu husus?
18 Dina awal artikel, urang geus ngabahas ikrar Yépta jeung Hana. Lantaran ikrar éta, anakna Yépta jeung anakna Hana dihususkeun pikeun ngawula Yéhuwa. Kiwari, loba indung bapa Saksi nu ngajurung budakna pikeun asup dines sapinuh waktu jeung ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawula ka Yéhuwa. Urang kabéh ogé bisa nganjurkeun barudak ngora éta pikeun terus ngajalankeun dinesna.—Hak. 11:40; Jab. 110:3.
19 Kiwari, aya kira-kira 67.000 anggota Ordo Palayan Sapinuh Waktu Husus Saksi-Saksi Yéhuwa Sadunya. Aya nu ngawula di Bétel, di kagiatan pangwangunan, jadi pangawas wilayah, instruktur sakola, panaratas istiméwa, misionaris, hamba Balé Kongrés, atawa hamba fasilitas sakola Alkitab. Maranéhna masing-masing geus nyieun ”Ikrar pikeun Taat jeung Hirup Basajan”. Maranéhna jangji bakal soson-soson ngagawékeun tugas naon waé, hirup basajan, jeung teu néangan duit lamun teu diidinan. Anu dianggap husus téh lain jalmana tapi tugasna. Maranéhna rendah haté jeung boga tékad pikeun nedunan ikrar éta salila maranéhna aya dina dines sapinuh waktu husus.
20. Kumaha sakuduna pandangan urang kana ikrar ka Yéhuwa, jeung naon sababna?
20 Dina artikel ieu, urang geus ngabahas tilu ikrar ka Allah. Bisa jadi Sadérék ogé geus nyieun sababaraha ikrar éta. Urang kudu nganggap ikrar éta téh sérius jeung kudu satékah polah nedunanana. (Sil. 20:25) Lamun teu ditedunan, bakal aya balukarna. (Pan. 5:6) Mugia urang nyonto nu nulis jabur nu ngadoa ka Yéhuwa, ”Abdi bade nyanggakeun pupujian ka Gusti, sareng nedunan jangji, unggal dinten bade nyanggakeun kurban.”—Jab. 61:9.
^ par. 7 Hana jangji lamun manéhna boga anak, anakna bakal jadi Nasir saumur hirup. Ieu hartina anakna bakal dibaktikeun jeung dihususkeun pikeun ngawula Yéhuwa.—Bil. 6:2, 5, 8.
^ par. 13 Sangkan bisa nyumponan sarat pikeun dibaptis, hiji jalma kudu ngabahas loba hal jeung kokolot sidang. Ku kituna, jarang aya baptisan nu teu sah.
^ par. 16 Tingali artikel Apendiks ”Pandangan Alkitab tentang Perceraian dan Perpisahan” dina buku ”Tetaplah Berada dalam Kasih Allah”.