Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Budak Ngora, Naha Hidep Ngutamakeun Cita-Cita Rohani?

Budak Ngora, Naha Hidep Ngutamakeun Cita-Cita Rohani?

”Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.”​—SIL. 16:3.

KAWIH: 135, 144

1-3. (a) Budak ngora nyanghareupan kaayaan naon, sarta kumaha ibaratna? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Dina kaayaan ieu, naon nu bisa ngabantu budak ngora?

BAYANGKEUN hidep rék indit ka acara nu penting di hiji kota nu jauh. Sangkan nepi ka ditu, hidep kudu numpak beus. Di términal, hidep mimitina bingung lantaran loba pisan jalma jeung loba pisan beusna. Tapi untungna, hidep apal tujuan hidep jeung beus nu kudu ditumpakan. Hidep tangtu moal numpak beus séjén lantaran nyaho éta beus moal mawa hidep ka tempat tujuan.

2 Kahirupan téh siga perjalanan. Barudak ngora siga jalma-jalma nu aya di términal beus. Sakapeung, aya loba pisan pilihan dina kahirupan nepi ka maranéhna ngarasa bingung. Tapi, lamun hidep nyaho tujuan hirup, hidep bakal leuwih gampang pikeun nangtukeun pilihan nu bener. Naon sakuduna tujuan hidep?

3 Ieu artikel bakal ngajawab pananya éta sarta ngajurung hidep pikeun ngutamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa. Ieu hartina nuturkeun naséhat Yéhuwa dina nyieun putusan, saperti waktu rék milih pendidikan jeung pagawéan, atawa waktu nangtukeun rék boga kulawarga atawa henteu. Ieu ogé hartina ngudag cita-cita rohani, nyaéta cita-cita nu ngaraketkeun hidep ka Yéhuwa. Lamun hidep ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, Mantenna bakal ngaberkahan jeung ngabantu hidep sangkan suksés hirupna.​—Baca Siloka 16:3.

KU NAON PERLU NETEPKEUN CITA-CITA ROHANI?

4. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

4 Netepkeun cita-cita rohani téh alus. Naon sababna? Urang bakal ngabahas tilu alesan. Nu kahiji jeung kadua némbongkeun yén ngudag cita-cita rohani téh bakal ngabantu hidep jadi leuwih raket jeung Yéhuwa. Nu katilu némbongkeun mangpaatna netepkeun cita-cita rohani ti ngongora.

5. Naon alesan nu pangpentingna pikeun netepkeun cita-cita rohani?

5 Alesan nu pangpentingna pikeun netepkeun cita-cita rohani téh lantaran urang nganuhunkeun kana kanyaah jeung berkah Yéhuwa pikeun urang. Salah sahiji nu nulis jabur ngomong, ”Muji sukur ka Gusti teh lampah utami . . . Padamelan Gusti anu harebat ngabungahkeun abdi, abdi nyanyi gumbira ku hal anu parantos dipidamel ku Gusti.” (Jab. 92:2, 5) Pék lenyepan sagala hal nu dipasihan Yéhuwa ka hidep, misalna kahirupan, iman, Alkitab, sidang, sarta harepan hirup langgeng di Pirdaus. Waktu hidep netepkeun cita-cita rohani, éta hartina hidep nganuhunkeun kana berkah-berkah ti Yéhuwa. Ieu ngaraketkeun hidep ka Mantenna.

6. (a) Naon pangaruh cita-cita rohani kana hubungan hidep jeung Yéhuwa? (b) Cita-cita naon nu bisa dihontal ku hidep ti ngongora?

6 Alesan nu kadua, waktu ngudag cita-cita rohani, hidep keur ngalampahkeun nu hadé di pandangan Yéhuwa. Ieu ngaraketkeun hidep ka Mantenna. Rasul Paulus jangji, ”Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.” (Ibr. 6:10) Teu aya watesan umur dina netepkeun cita-cita rohani. Contona, Christine umurna 10 taun waktu netepkeun pikeun rutin maca pangalaman Saksi-Saksi nu satia. Toby umurna 12 taun waktu boga cita-cita pikeun maca kabéh eusi Alkitab saacan dibaptis. Maxim umurna 11 taun sarta adina, Noemi, umurna 10 taun waktu dibaptis. Duanana boga cita-cita rék ngawula di Bétel. Sangkan tetep inget kana cita-cita éta, maranéhna némpélkeun formulir Bétel dina témbok. Kumaha jeung hidep? Naha kapikir ku hidep cita-cita naon nu bisa dihontal ku hidep?​—Baca Pilipi 1:10, 11.

Lamun nyaho tujuan hirup, hidep leuwih gampang pikeun nyieun putusan nu bijaksana

7, 8. (a) Ku naon lamun netepkeun cita-cita rohani, hidep leuwih gampang pikeun nyieun putusan? (b) Naon sababna saurang rumaja mutuskeun henteu kuliah?

7 Naon alesan nu katilu? Salaku budak ngora, hidep kudu nyieun loba putusan. Misalna, hidep kudu nyieun putusan ngeunaan pendidikan atawa pagawéan jeung nu séjénna. Ieu téh siga hidep keur aya di simpangan jalan. Lamun hidep geus nyaho rék ka mana, gampang pikeun nangtukeun rék milih jalan nu mana. Kitu ogé, lamun nyaho tujuan hirup, hidep leuwih gampang pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Siloka 21:5 nyebutkeun, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.” Beuki awal hidep netepkeun cita-cita nu alus, beuki gancang meunang mangpaatna. Ieu nu kaalaman ku Damaris waktu manéhna nyieun putusan nu penting basa keur rumaja.

8 Basa lulus SMA, peunteun Damaris téh alus pisan. Manéhna meunang béasiswa pikeun kuliah hukum. Tapi, manéhna milih pikeun digawé sambian. Ku naon? Sabab ti ngongora, manéhna geus boga cita-cita jadi panaratas. Ceuk manéhna, ”Éta sababna abdi digawé sambian. Lamun jadi sarjana hukum, abdi mémang bisa meunang loba duit, tapi bakal hésé pisan néangan gawé sambian.” Ayeuna, Damaris geus 20 taun naratas. Naha cita-cita jeung putusan manéhna basa keur rumaja téh alus? Tangtu. Di tempat gawéna, manéhna osok panggih jeung loba pangacara. Éta téh pagawéan manéhna lamun baréto kuliah hukum. Manéhna ngomong yén pangacara-pangacara éta teu bagja. Tapi, Damaris mah henteu ngarasa strés siga maranéhna, sabalikna ngarasa bagja pisan lantaran mangtaun-taun naratas.

9. Ku naon urang reueus ningali barudak ngora Saksi?

9 Rébuan budak ngora Saksi di sakuliah dunya layak dipuji. Maranéhna mentingkeun sosobatan jeung Yéhuwa sarta cita-cita rohani dina hirupna. Maranéhna bisa nganikmatan hirup bari tetep nuturkeun pituduh Yéhuwa dina sagala hal, kaasup pendidikan, pagawéan, jeung kahirupan kulawarga. Ceuk Suléman, ”Kudu temen ngandel ka PANGERAN.” Manéhna nambahkeun, ”Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.” (Sil. 3:5, 6) Budak ngora, Yéhuwa nyaah pisan ka hidep! Hidep téh penting pisan keur Mantenna. Jadi, Mantenna bakal nangtayungan, ngabingbing, jeung ngaberkahan hidep.

SIAPKEUN DIRI PIKEUN NYARITA NGEUNAAN YÉHUWA

10. (a) Ku naon pangwawaran téh kudu jadi salah sahiji nu pangpentingna pikeun urang? (b) Kumaha hidep bisa leuwih tarampil dina ngajelaskeun kapercayaan hidep?

10 Budak ngora nu ngutamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa bakal hayang nyaritakeun Mantenna ka batur. Yésus Kristus nyebutkeun yén ”wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa”. (Mar. 13:10) Jadi, pangwawaran téh kudu geuwat dilakukeun sarta kudu jadi salah sahiji nu pangpentingna pikeun urang. Naha hidep bisa netepkeun tujuan pikeun leuwih sering ngawawar? Naha hidep bisa jadi panaratas? Kumaha lamun hidep teu pati resep ngawawar? Sarta, kumaha hidep bisa leuwih tarampil dina ngajelaskeun kapercayaan hidep? Aya dua hal nu bisa ngabantu: Persiapan nu alus, sarta ulah eureun nyaritakeun Yéhuwa ka batur. Teu karasa, hidep bakal leuwih resep ngawawar.

Kumaha sangkan hidep siap nyaritakeun Yéhuwa ka batur? (Tingali paragrap 11, 12)

11, 12. (a) Hidep kudu kumaha sangkan siap nyaritakeun Yéhuwa ka batur? (b) Kumaha saurang budak lalaki ngagunakeun kasempetan pikeun nyaritakeun Yéhuwa di sakolana?

11 Mimitian ku nyiapkeun jawaban pikeun pananya nu sering ditanyakeun ku batur sakola hidep. Situs Internét jw.org jeung publikasi séjénna ngamuat artikel-artikel nu bisa ngabantu budak ngora néangan jawaban pikeun pananya-pananya nu umum. Misalna, ”Ku naon manéh percaya ka Allah?” Hidep bisa nyiapkeun jawabanana tina artikel ”Naha Abdi Perlu Percaya kana Évolusi?” dina brosur Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora.​Baca 1 Petrus 3:15.

12 Béjaan batur sakola hidep hal-hal naon deui nu aya dina situs jw.org. Ieu nu dilampahkeun ku Luca. Di kelasna, aya palajaran ngeunaan rupa-rupa agama. Dina buku palajaranana, bahasan ngeunaan Saksi Yéhuwa téh teu bener. Sanajan rada geumpeur, Luca ménta idin ka guruna pikeun nerangkeun nu sabenerna. Sanggeus diidinan ku guruna, manéhna némbongkeun situs Internét urang di hareupeun kelas. Pikeun tugas di imah, guruna nugaskeun kabéh murid pikeun nongton vidéo Ulah Gelut pikeun Ngéléhkeun nu Sok Ngaganggu! Kabayang teu ku hidep sakumaha bungahna Luca bisa nyaritakeun Yéhuwa di sakolana?

13. Ku naon urang ulah nyerah waktu nyanghareupan tangtangan?

13 Lamun hidep nyanghareupan tangtangan, ulah leungit sumanget, terus hontal cita-cita hidep. (2 Tim. 4:2) Éta nu dilampahkeun ku Katharina. Basa umur 17 taun, manéhna netepkeun tujuan pikeun ngawawar ka unggal batur gawéna. Salah saurang baturna teterusan ngaléléwé manéhna. Tapi, manéhna teu nyerah. Batur gawéna nu séjén, nu ngaranna Hans, kataji ningali kalakuan manéhna nu hadé. Hans macaan publikasi urang, diajar Alkitab, jeung dibaptis. Katharina teu nyahoeun sabab manéhna geus pindah. Tilu belas taun sanggeusna waktu masamoan jeung kulawargana, manéhna reuwas basa ningali nu hutbahna téh Hans! Katharina bungah pisan sabab teu nyerah dina ngahontal tujuanana ngawawar ka batur gawéna.

ULAH KASIMPANGKEUN

14, 15. (a) Naon nu kudu diinget ku hidep basa aya gogoda? (b) Kumaha sangkan tékad hidep tetep kuat sanajan aya gogoda ti batur?

14 Artikel ieu geus ngajurung hidep pikeun ngutamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa sarta netepkeun cita-cita rohani. Tapi, kalolobaan budak ngora nu sapantaran jeung hidep hayangna mah senang-senang. Maranéhna ogé bisa waé ngajak hidep. Boh ayeuna boh engké, hidep kudu némbongkeun tékad hidep pikeun ngahontal cita-cita. Ulah daék kasimpangkeun ku maranéhna. Upamana hidep keur aya di términal beus nu disebutkeun dina awal artikel, terus ningali hiji beus nu di jerona jalma-jalmana keur senang-senang. Naha hidep bakal langsung numpak éta beus? Tangtu moal!

15 Jadi, singkahan kaayaan nu nyababkeun hidep hésé nolak gogoda. (Sil. 22:3) Pikirkeun balukar tina lalampahan nu goréng. (Gal. 6:7) Sing rendah haté, ngakukeun yén hidep butuh naséhat. Regepkeun naséhat indung bapa jeung sadérék-sadérék nu geus pangalaman di sidang.​—Baca 1 Petrus 5:5, 6.

16. Kumaha pangalaman Christoph némbongkeun yén sikep rendah haté téh penting?

16 Lantaran rendah haté, Christoph daék narima naséhat. Teu lila sanggeus dibaptis, manéhna rutin fitnes. Di dinya, budak ngora séjénna ngajak manéhna milu klub olahraga. Manéhna nyarita ka hiji kokolot sidang, terus kokolot éta mépélingan manéhna kana bahayana, saperti sikep embung ngéléhan. Tapi, Christoph tetep milu klub olahraga éta. Sanggeusna, manéhna sadar yén olahragana téh kasar jeung bahaya. Manéhna nyarita deui ka kokolot tadi, sarta dibéré naséhat tina Alkitab. Ceuk Christoph, ”Yéhuwa ngutus panaséhat nu hadé keur abdi. Sanajan rada lila, ahirna abdi nurut ka Mantenna.” Naha hidep cukup rendah haté pikeun narima naséhat?

17, 18. (a) Naon nu dipiharep Yéhuwa ti budak ngora? (b) Kumaha sangkan hidep teu kaduhung waktu geus déwasa? Caritakeun hiji pangalaman.

17 Alkitab nyebutkeun, ”Barudak! Umur ngora teh rarasakeun ni’matna. Sing galumbira meungpeung keur ngora.” (Pan. 11:9) Yéhuwa miharep budak ngora bagja hirupna. Dina ieu artikel, hidep geus diajar yén salah sahiji cara sangkan bisa bagja téh nyaéta ngutamakeun cita-cita rohani jeung nuturkeun naséhat Yéhuwa dina sagala rencana jeung putusan hidep. Beuki awal hidep ngalampahkeun hal ieu, beuki gancang hidep ngarasakeun bingbingan, panyalindungan, jeung berkah Yéhuwa. Pék lenyepan kabéh naséhat tina Firman-Na, jeung larapkeun naséhat ieu, ”Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.”​—Pan. 12:1.

18 Mangsa ngora téh gancang liwatna. Hanjakalna, loba nu kaduhung lantaran waktu keur ngora teu boga cita-cita atawa cita-citana salah. Lamun hidep terus ngutamakeun cita-cita rohani, hidep bakal bagja waktu geus déwasa. Ieu nu karasa ku Mirjana. Waktu keur rumaja, manéhna jago olahraga. Malahan, manéhna diondang pikeun miluan Olimpiade Usum Tiris. Tapi, manéhna milih ngawula Yéhuwa sapinuh waktu. Leuwih ti 30 taun sanggeusna, manéhna tetep ngawula sapinuh waktu bareng jeung salakina. Manéhna ngomong yén jalma-jalma nu hayang kasohor, dihormat, boga kawasa, jeung beunghar moal bisa bener-bener bagja. Manéhna ogé ngomong yén cita-cita panghadéna téh nyaéta ngawula Yéhuwa jeung mantuan jalma-jalma wanoh ka Mantenna.

19. Ku naon alus lamun hidep ngutamakeun cita-cita rohani ti ngongora?

19 Hidep layak dipuji lantaran terus ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa sanajan nyanghareupan loba tangtangan. Hidep boga cita-cita rohani, sarta nganggap pangwawaran téh salah sahiji kagiatan nu pangpentingna. Hidep ogé teu daék disimpangkeun ku dunya ieu. Sing yakin yén upaya hidep moal cumah. Hidep dirojong jeung dipikanyaah ku dulur-dulur saiman. Jadi, ’suhunkeun ka Yéhuwa sangkan rencana hidep diberkahan, tangtu pagawéan hidep lulus’.