Leuwih Enya-Enya dina Silih Tegeran
”Sing silih titenan, . . . sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.”—IBR. 10:24, 25.
1. Ku naon Rasul Paulus ngajurung urang Kristen Ibrani pikeun leuwih enya-enya dina silih tegeran?
DI ABAD kahiji, Rasul Paulus méré naséhat ieu ka urang Kristen Ibrani, ”Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.” (Ibr. 10:24, 25) Bisa jadi, maranéhna mikir ku naon Paulus ngajurung pikeun leuwih enya-enya dina silih tegeran. Tapi, kurang ti lima taun deui, maranéhna nyaho alesanana. Maranéhna ningali poé panghakiman Yéhuwa ka Yérusalém nu beuki deukeut. Maranéhna paham kudu nurut kana paréntah Yésus pikeun kalaluar ti kota éta. (Luk. 21:20-22; Ras. 2:19, 20) Poé Yéhuwa datang taun 70 M waktu urang Rum ngancurkeun Yérusalém.
2. Ku naon urang kudu leuwih enya-enya dina silih tegeran?
2 Kaayaan urang kiwari méh sarua. ”Poena PANGERAN Yoel 2:11) Nubuat Nabi Sépanya kajadian dina jaman urang, ”Poe agung PANGERAN geus deukeut, deukeut naker, bakal gancang datang.” (Sep. 1:14) Éta sababna urang kudu ”silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”. (Ibr. 10:24) Urang kudu leuwih merhatikeun dulur-dulur urang sangkan bisa negerkeun haté maranéhna waktu diperlukeun.
[nu] matak sieun kabina-bina” geus deukeut. (SAHA NU KUDU DITEGERKEUN HATÉNA?
3. Naon nu disebutkeun ku Paulus ngeunaan silih tegeran? (Tingali gambar dina awal artikel.)
3 ”Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.” (Sil. 12:25) Sakapeung, urang butuh ditegerkeun. Tina surat Paulus, urang nyaho yén jalma nu boga tanggung jawab pikeun negerkeun batur ogé perlu ditegerkeun. Manéhna nulis ka dulur-dulur saiman di Rum, ”Kacida hayangna papanggih jeung aranjeun teh, hayang ngaduum kurnia ti Roh Allah, pikeun nguatkeun kapercayaan aranjeun. Nu dipalar nya eta sangkan urang anu geus sakapercayaan bisa silih kuatkeun.” (Rum 1:11, 12) Jadi sakapeung, Rasul Paulus ogé perlu ditegerkeun haténa.—Baca Rum 15:30-32.
4, 5. Kiwari, saha nu bisa ditegerkeun ku urang, jeung naon sababna?
4 Kiwari, urang bisa negerkeun jalma-jalma nu sapinuh waktu ngawula Yéhuwa, saperti para panaratas nu satia. Loba nu geus ngorbankeun hal nu dipikaresep sangkan bisa naratas. Kitu ogé jeung misionaris, pangawas wilayah jeung pamajikanana, sarta nu digawé di Bétel jeung di kantor panarjamahan jarak jauh. Maranéhna nyieun pangorbanan sangkan boga leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa. Jadi, urang kudu negerkeun haté maranéhna. Aya ogé nu miharep pikeun tetep ngawula sapinuh waktu tapi geus teu sanggup deui. Maranéhna tangtu nganuhunkeun lamun urang negerkeun haténa.
5 Saha deui nu kudu ditegerkeun haténa? Urang bisa negerkeun loba dulur saiman nu léngoh kénéh lantaran hayang taat ka Yéhuwa pikeun kawin jeung nu saiman. (1 Kor. 7:39) Pamajikan ogé bisa ditegerkeun ku salakina. Salaki bisa ngomong yén manéhna nyaah sarta nganuhunkeun kana sagala nu geus dilampahkeun. (Sil. 31:28, 31) Urang Kristen nu tabah nyanghareupan kaniaya atawa panyakit ogé kudu ditegerkeun haténa. (2 Tes. 1:3-5) Yéhuwa jeung Yésus ngalilipur kabéh nu satia.—Baca 2 Tesalonika 2:16, 17.
KOKOLOT BISA NEGERKEUN HATÉ URANG
6. Naon tanggung jawab para kokolot nu digambarkeun dina Yesaya 32:1, 2?
6 Baca Yesaya 32:1, 2. Urang babari sedih jeung leutik haté lantaran hirup dina jaman nu pinuh kasusahan. Yésus Kristus ngagunakeun kaom kaistrén sarta ”pamingpin-pamingpin” ti domba-domba lian pikeun negerkeun urang. Para kokolot sidang ieu ’moal maksa naon anu kudu dipercaya’ ku urang sarta ”seja sabilulungan”. Maranéhna hayang urang bagja jeung tetep satia.—2 Kor. 1:24.
7, 8. Kumaha kokolot sidang negerkeun haté batur ku kekecapan jeung lalampahanana?
7 Kokolot bisa nyonto Rasul Paulus nu terus negerkeun dulur-dulurna. Manéhna nulis surat ka urang Kristen di Tésalonika nu keur dikaniaya, ”Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun. Nepi ka kitu kanyaah ka aranjeun teh!”—8 Kekecapan kokolot bisa negerkeun jalma-jalma nu ngadéngékeunana. Tapi, naha éta geus cukup? Paulus ngomong ka para kokolot di Épésus, ”Kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ’Leuwih bagja mere ti batan nampa.’” (Ras. 20:35) Paulus teu ngan saukur réla masrahkeun ”harta banda, raga sakujur oge rido masrahkeun”. Tina lalampahanana, katingali yén Paulus réla méré nu panghadéna pikeun dulur saimanna. (2 Kor. 12:15) Kitu ogé, kokolot teu ngan saukur ngalilipur dulur saiman ku kekecapanana, tapi ogé negerkeun maranéhna ku cara méré perhatian.—1 Kor. 14:3.
9. Kumaha para kokolot bisa méré naséhat nu negerkeun haté?
9 Pikeun nguatkeun dulur saimanna, kokolot sakapeung perlu méré naséhat. Maranéhna bisa diajar tina Alkitab ngeunaan cara nu hadé dina méré naséhat. Yésus jadi tuladan alus dina hal ieu waktu ngirim warta ka sidang-sidang di Asia Leutik sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. Anjeunna kudu méré naséhat nu tegas ka sidang di Épésus, Pérgamus, Tiatira. Tapi saacanna, anjeunna muji kana hal-hal alus nu dipilampah ku maranéhna. (Wahyu 2:1-5, 12, 13, 18, 19) Yésus ngomong ka sidang di Laodikéa, ”Anu ku Kami sok diseukseukan jeung diwarah, tandaning dipikanyaah. Ku sabab kitu sing saregep, geura tobat.” (Wahyu 3:19) Para kokolot nyonto Kristus dina carana méré naséhat.
LAIN KOKOLOT WUNGKUL NU BISA NEGERKEUN HATÉ BATUR
10. Kumaha carana urang kabéh bisa silih kuatkeun?
10 Lain kokolot wungkul nu bisa negerkeun haté batur. Paulus ngajurung kabéh urang Kristen sangkan ”hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at” keur batur. (Epe. 4:29) Urang kudu merhatikeun naon nu dibutuhkeun batur sangkan bisa nulungan maranéhna. Paulus nulis ka urang Kristen Ibrani, ”Pentang-pentangkeun leungeun anu geus leuseuh, jagjagkeun tuur anu nyorocod, leumpang salawasna kudu di jalan lempeng, supaya suku anu geus pincang ulah nepi ka tipalitek, malah sing jadi cageur.” (Ibr. 12:12, 13) Urang kabéh, kaasup budak ngora, bisa silih kuatkeun jeung silih tegeran liwat kekecapan urang.
11. Naon nu ngabantu Marta waktu manéhna keur déprési?
11 Saurang sadérék istri nu ngaranna Marta pernah ngalaman déprési. * (Tingali catetan handap.) Manéhna nulis, ”Hiji poé, abdi ngadoa nyuhunkeun kategeran haté. Tuluy, abdi panggih jeung hiji sadérék istri nu geus kolot nu nyaahan jeung karunyaan ka abdi. Ieu bener-bener nu dibutuhkeun ku abdi. Manéhna ogé nyaritakeun pangalamanana sorangan nu méh sarua jeung nu dialaman ku abdi. Abdi jadi ngarasa henteu sorangan.” Sadérék éta bisa jadi teu sadar yén kekecapanana geus ngabantu Marta.
12, 13. Kumaha urang bisa ngalarapkeun saran di Pilipi 2:1-4?
12 Paulus nulis ka urang Kristen di Pilipi, ”Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun.”—Pil. 2:1-4, Sunda Formal.
13 Urang kabéh kudu néangan cara pikeun silih bantuan. Urang bisa méré ”panglipur”, ’ngaping’ dulur-dulur saiman, jeung ”silih karunyaan pada batur” sangkan maranéhna teger haté.
CARA-CARA PIKEUN NEGERKEUN HATÉ
14. Naon salah sahiji cara pikeun negerkeun haté batur?
14 Urang bungah waktu ngadéngé yén jalma-jalma nu dibantu ku urang baheula tetep satia nepi ka ayeuna. Rasul Yohanes nulis, ”Teu aya deui anu matak leuwih bungah salian ti nguping nu jadi anak bener lampahna.” (3 Yoh. 4) Loba panaratas ngarasa reueus pisan waktu nyaho yén jalma nu baheula dibantu kenal kana bebeneran masih kénéh satia ngawula Yéhuwa, malahan naratas. Jadi, lamun aya panaratas nu keur leutik haté, urang bisa ngingetkeun manéhna kana sagala kahadéan nu geus dihasilkeun ku manéhna.
15. Naon salah sahiji cara pikeun negerkeun haté sadérék-sadérék nu satia ngawula?
15 Loba pangawas wilayah ngomong yén manéhna jeung pamajikanana ngarasa ditegerkeun haténa waktu narima surat atawa kartu nu nganuhunkeun kadatangan maranéhna ka hiji sidang. Ieu ogé nu dirasakeun ku para kokolot, misionaris, panaratas, jeung anggota kulawarga Bétel nu geus satia ngawula Yéhuwa. Urang bisa negerkeun haté maranéhna lamun urang nganuhunkeun upaya maranéhna.
URANG KABÉH BISA SILIH TEGERAN
16. Ku cara saderhana naon Sadérék bisa negerkeun haté batur?
16 Kumaha lamun Sadérék ngarasa teu pati pinter ngomong? Sabenerna, negerkeun haté batur téh teu hésé. Coba imut ka hiji jalma. Lamun manéhna teu imut balik, bisa jadi manéhna keur boga masalah jeung butuh dibaturan. Sadérék bisa ngalilipur manéhna ku cara nu saderhana, nyaéta ngadéngékeun carita manéhna.—Yak. 1:19.
17. Naon nu negerkeun saurang sadérék ngora?
17 Saurang sadérék ngora nu ngaranna Henri sedih pisan lantaran sababaraha baraya deukeutna teu ngawula Yéhuwa deui, kaasup bapana nu tadina téh kokolot sidang. Pangawas wilayah merhatikeun yén Henri keur sedih tuluy ngajak Jabur 46, Sepanya 3:17, jeung Markus 10:29, 30.
manéhna ngopi. Pangawas wilayah ngadéngékeun Henri waktu manéhna nyaritakeun parasaanana. Sanggeusna ngobrol, Henri sadar yén hiji-hijina cara pikeun ngabantu kulawargana balik deui ka bebeneran téh nyaéta lamun manéhna sorangan tetep satia. Manéhna ogé dililipur waktu maca18. (a) Naon nu ditulis ku Raja Suléman ngeunaan negerkeun haté? (b) Naon nu diajarkeun ku Rasul Paulus?
18 Urang bisa diajar naon tina pangalaman Marta jeung Henri? Saha waé bisa ngalilipur jeung negerkeun haté dulur saiman nu ngabutuhkeunana. Raja Suléman nulis, ”Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan. Parangi hade ngagumbirakeun hate, beja hade matak lega rarasaan.” (Sil. 15:23, 30) Naha Sadérék inget aya nu keur leutik haté atawa sedih? Sadérék bisa macakeun artikel ti Warta Hadé atawa situs Internét urang. Salian ti éta, Paulus ngajarkeun yén ngawih lagu Karajaan babarengan téh bisa ngalilipur urang. Ceuk Paulus, ”Kudu silih ajar jeung silih tuduhan kalawan bijaksana sabisa-bisa. Nyanyikeun jabur-jabur, lagu-lagu pupujian jeung lagu-lagu rohani, sanggakeun ka Allah dibarengan ku rasa tumarima ka Mantenna sajeroning hate.”—Kol. 3:16; Ras. 16:25.
19. Naon sababna urang beuki perlu pikeun silih tegeran, jeung naon nu kudu dilampahkeun ku urang?
19 Beuki deukeut ka poé Yéhuwa, urang beuki perlu pikeun silih tegeran. (Ibr. 10:25) Urang bakal bagja lamun nuturkeun naséhat Paulus, ”Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.”—1 Tes. 5:11.
^ par. 11 Ngaran-ngaran geus diganti.