Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Cara Meunangkeun Kabébasan Sajati

Cara Meunangkeun Kabébasan Sajati

”Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.”​—YOH. 8:36.

KAWIH: 54, 36

1, 2. (a) Naon nu dilakukeun jalma-jalma pikeun meunangkeun kabébasan? (b) Biasana, naon balukarna?

KIWARI, loba jalma di sakuliah dunya ngabahas carana meunangkeun kabébasan jeung hak nu sarua. Aya nu hayang bébas tina kateuadilan, prasangka, jeung kamiskinan. Nu séjénna deui hayang bébas ngungkabkeun pandangan, bébas milih naon waé, jeung bébas ngagunakeun hirupna. Di mana-mana, jalma hayang bébas.

2 Sangkan bisa bébas, jalma-jalma osok protés malahan nepi ka ngagulingkeun pamaréntahan. Naha maranéhna meunang kabébasan? Henteu. Biasana, balukarna téh kasangsaraan, malahan maot. Kekecapan Raja Suléman di Pandita 8:9 kabukti bener yén jalma jadi ”sangsara ku lantaran kakawasaan” jalma séjénna.

3. Kumaha carana urang bisa bener-bener bagja jeung sugema?

3 Alkitab nyebutkeun carana urang bisa bener-bener bagja jeung sugema. Yakobus ngomong, ”Jalma nu nalungtik hukum nu sampurna nu mawa kamerdékaan jeung terus nuturkeunana . . . bakal bagja lantaran ngalampahkeunana.” (Yak. 1:25, Terjemahan Dunia Baru) Hukum nu sampurna téh asalna ti Yéhuwa. Mantenna nu paling terang carana supaya manusa bener-bener bagja jeung sugema. Yéhuwa masihan Adam jeung Hawa kabébasan sajati sarta sagala hal supaya maranéhna hirup bagja.

BASA MANUSA BENER-BENER BÉBAS

4. Kabébasan nu kawas kumaha nu dipiboga ku Adam jeung Hawa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Waktu maca Kajadian pasal 1 jeung 2, urang diajar yén Adam jeung Hawa miboga kabébasan nu diimpi-impikeun ku loba jalma kiwari. Sagala pangabutuhna kacumponan, maranéhna teu sieun kana nanaon, sarta teu ngalaman kateuadilan. Maranéhna gé tara ngahariwangkeun dahareun, pagawéan, panyakit, atawa maot. (Kaj. 1:27-29; 2:8, 9, 15) Tapi, naha kabébasan maranéhna téh teu aya watesanana? Hayu urang bahas.

5. Béda jeung pamikiran jalma-jalma, naon nu dibutuhkeun sangkan urang meunang kabébasan?

5 Loba jalma mikir yén maranéhna bener-bener bébas lamun bisa ngalampahkeun naon waé bari teu mikirkeun balukarna. The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén kabébasan téh ”kamampuh pikeun milih jeung ngajalankeun pilihan éta”. Tapi, disebutkeun ogé yén jalma-jalma bisa bébas lamun watesan nu dijieun ku pamaréntah adil, perlu, jeung asup akal. Jadi, watesan téh perlu sangkan kabéh jalma bisa meunang kabébasan. Tapi, saha nu boga hak pikeun netepkeun watesan nu adil, perlu, jeung asup akal?

6. (a) Naon sababna ngan Yéhuwa nu boga kabébasan mutlak? (b) Kabébasan nu kawas kumaha nu dipiboga ku manusa, jeung naon sababna?

6 Urang kudu inget yén ngan Allah Yéhuwa nu boga kabébasan mutlak nu teu aya watesanana. Naon sababna? Sabab Mantenna téh Pangawasa jagat raya nu mahakawasa, nu nyiptakeun saniskara. (1 Tim. 1:17; Wahyu 4:11) Kadudukan Yéhuwa ieu digambarkeun kalawan éndah ku Raja Daud di 1 Babad 29:11, 12. (Baca.) Tapi, kabébasan nu dipiboga ku kabéh mahluk ciptaan di sawarga jeung di bumi aya watesanana. Éta disebut kabébasan rélatif. Allah Yéhuwa hoyong urang paham yén ngan Mantenna nu boga hak pikeun netepkeun watesan nu adil, perlu, jeung asup akal. Ti mimiti, Yéhuwa geus netepkeun watesan pikeun ciptaana-Na.

7. Hal-hal naon nu bisa ngabagjakeun urang?

7 Sanajan Adam jeung Hawa boga loba kabébasan, éta téh aya watesna. Misalna, sangkan tetep hirup maranéhna kudu napas, dahar, jeung saré. Tapi, maranéhna teu ngarasa éta jadi watesan. Maranéhna ogé teu ngarasa kaleungitan kabébasan. Yéhuwa ngatur sangkan maranéhna bagja jeung sugema waktu ngalampahkeun hal-hal ieu. (Jab. 104:14, 15; Pan. 3:12, 13) Urang ngarasakeun nikmatna nyeuseup udara seger, ngadahar dahareun nu ngeunah, sarta saré tibra. Urang teu ngarasa diwatesan waktu ngalampahkeunana. Adam jeung Hawa gé kitu.

8. Allah masihkeun paréntah naon ka Adam jeung Hawa, sarta naon sababna?

8 Yéhuwa masihkeun paréntah nu rinci ka Adam jeung Hawa. Maranéhna diparéntahkeun pikeun boga turunan, sarta minuhan jeung ngurus bumi. (Kaj. 1:28) Naha paréntah éta ngarampas kabébasan maranéhna? Henteu! Malahan, maranéhna bisa ngarojong kahoyong Yéhuwa pikeun nyieun bumi jadi pirdaus, tempat nu éndah pikeun maranéhna jeung turunanana nu bakal hirup langgeng tur sampurna. (Yes. 45:18) Kiwari, jalma-jalma teu ngalanggar paréntah Allah lamun milih henteu kawin atawa boga anak. Tapi, kalolobaanana mah hayang kawin jeung boga anak sanajan nyaho bakal nyanghareupan masalah. (1 Kor. 7:36-38) Naon sababna? Sabab maranéhna hayang meunangkeun kabagjaan jeung kasugemaan. (Jab. 127:3) Jadi saenyana, kabagjaan dina perkawinan jeung kulawarga téh bisa dirasakeun ku Adam jeung Hawa salalanggengna.

LEUNGITNA KABÉBASAN SAJATI

9. Naon sababna paréntah Allah di Kajadian 2:17 téh adil, perlu, jeung asup akal?

9 Yéhuwa masihkeun paréntah séjénna ka Adam jeung Hawa sarta ngajéntrékeun balukarna lamun maranéhna teu taat. Saur Mantenna, ”[Buah] ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng . . . teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kaj. 2:17) Naha paréntah éta téh teu adil, teu perlu, atawa teu asup akal? Naha éta ngarampas kabébasan maranéhna? Henteu. Loba ahli Alkitab nganggap paréntah Allah téh bijaksana jeung asup akal. Numutkeun saurang ahli, paréntah Allah ieu ngajarkeun yén ”ngan Allah nu terang naon nu hadé . . . keur umat manusa sarta ngan Allah nu terang naon nu goréng . . . keur maranéhna. Sangkan ngalaman nu ’hadé’, manusa kudu ngandel jeung taat ka Allah. Lamun teu taat, maranéhna jadi kudu mutuskeun sorangan naon nu hadé . . . jeung nu goréng”. Ieu téh kaliwat hésé keur manusa.

Pilihan Adam jeung Hawa mawa kasangsaraan! (Tingali paragrap 9-12)

10. Pék jelaskeun yén kabébasan milih téh béda jeung hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng.

10 Aya nu mikir yén Yéhuwa teu masihan Adam kabébasan pikeun ngalampahkeun kahayangna. Maranéhna teu paham yén kabébasan milih, atawa hak pikeun milih naon nu rék dilampahkeun, béda jeung hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng. Adam jeung Hawa bébas milih naha rék taat ka Allah atawa henteu. Tapi, ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng. Éta dilambangkeun ku ”tangkal nu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng”. (Kaj. 2:9) Urang teu salilana bisa nyaho hasil tina pilihan urang, naha hasilna bakal salawasna alus. Éta sababna loba putusan ngahasilkeun kasangsaraan, musibat, atawa kasedih sanajan tadina mah niatna alus. (Sil. 14:12) Jelas, manusa teu bisa ngalampahkeun naon waé sakahayangna. Ku cara ngalarang Adam jeung Hawa ngadahar buah tina éta tangkal, Yéhuwa ngajarkeun yén maranéhna kudu taat ka Mantenna sangkan boga kabébasan sajati. Naon nu diputuskeun ku maranéhna?

Ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng

11, 12. Ku naon putusan Adam jeung Hawa ngabalukarkeun kasangsaraan? Pék gambarkeun.

11 Hanjakalna, Adam jeung Hawa milih pikeun teu taat ka Allah. Hawa leuwih milih ngadéngékeun jangji Sétan, ”Aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.” (Kaj. 3:5) Naha Adam jeung Hawa jadi leuwih bébas sakumaha ceuk Sétan? Henteu. Kanyataanana, maranéhna sadar yén nolak pituduh Yéhuwa ngabalukarkeun kasangsaraan. (Kaj. 3:16-19) Ku naon? Lantaran Yéhuwa teu masihan manusa kabébasan pikeun nangtukeun sorangan naon nu hadé jeung nu goréng.​—Baca Siloka 20:24; Yermia 10:23.

12 Ieu sarua siga aturan lalu-lintas. Pék bayangkeun lamun aya jalma nu ngalanggar aturan lalu-lintas. Manéhna kekebutan jeung pundah-pindah jalur sangeunahna. Naon balukarna? Ieu bisa nyilakakeun manéhna jeung batur. Kitu ogé, Adam jeung Hawa hayang ngalampahkeun sakahayangna. Maranéhna nolak pituduh Allah. Naon balukarna? Kasangsaraan! Putusan maranéhna ngabalukarkeun dosa jeung maot keur maranéhna jeung keur turunanana. (Rum 5:12) Ku cara nangtukeun sorangan mana nu hadé jeung nu goréng, Adam jeung Hawa teu bisa leuwih bébas. Maranéhna kalah ka kaleungitan kabébasan sajati ti Yéhuwa.

CARANA MEUNANGKEUN KABÉBASAN SAJATI

13, 14. Kumaha carana meunangkeun kabébasan sajati?

13 Sababaraha jalma mikir yén leuwih alus lamun maranéhna boga kabébasan nu teu aya watesna. Naha enya? Sanajan boga kabébasan téh loba mangpaatna, naha Sadérék bisa ngabayangkeun bakal kumaha jadina dunya ieu lamun teu aya watesan sama sakali? The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén hukum-hukum dina unggal organisasi masarakat téh ruwet lantaran éta hukum kudu nyalindungan kabébasan jalma-jalma bari kudu ngawatesan ogé. Ieu teu salawasna gampang. Éta sababna ayeuna aya loba hukum sarta loba pangacara jeung hakim nu kudu ngajelaskeun sarta ngalarapkeun éta hukum.

14 Yésus Kristus ngajelaskeun carana urang bisa meunangkeun kabébasan sajati. Ceuk anjeunna, ”Upama aranjeun tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku Kami, aranjeun teh enya-enya jadi murid-murid Kami; . . . aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” (Yoh. 8:31, 32, Sunda Formal) Jadi, sangkan miboga kabébasan sajati, urang kudu ngalampahkeun dua hal. Kahiji, urang kudu percaya kana bebeneran nu diajarkeun ku Yésus. Kadua, urang kudu jadi muridna. Tapi, urang bisa bébas tina naon? Ceuk Yésus, ”Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.” Anjeunna nambahkeun, ”Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.”​—Yoh. 8:34, 36.

15. Naon sababna kabébasan nu dijangjikeun ku Yésus téh kabébasan sajati?

15 Kabébasan nu dijangjikeun ku Yésus téh leuwih alus ti batan kabébasan nu dipikahayang ku loba jalma kiwari. Waktu Yésus ngomong, ”Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas,” anjeunna keur ngomong ngeunaan kabébasan tina pangbudakan dosa, pangbudakan nu pangparahna pikeun manusa. Naon buktina urang téh badégana dosa? Dosa ngalantarankeun urang ngalampahkeun nu salah. Dosa ogé ngahalangan urang dina ngalampahkeun nu panghadéna atawa nu bener. Tungtungna, urang jadi strés, susah haté, nalangsa, malahan maot. (Rum 6:23) Rasul Paulus ngarasakeun sangsarana jadi badégana dosa. (Baca Rum 7:21-25.) Urang bisa miboga kabébasan sajati siga Adam jeung Hawa baheula lamun dosa geus bener-bener leungit.

16. Kumaha urang bisa meunangkeun kabébasan sajati?

16 Yésus ngomong yén urang kudu ”tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku [anjeunna]”. Jadi, aya hal-hal nu kudu dilampahkeun lamun urang hayang dibébaskeun ku Yésus. Salaku urang Kristen nu geus ngabaktikeun diri, urang kudu ninggalkeun kapentingan pribadi sarta narimakeun watesan ti Yésus pikeun murid-muridna. (Mat. 16:24) Sakumaha jangji Yésus, urang bisa meunangkeun kabébasan sajati dina mangsa kahareup waktu narima sakabéh mangpaat tina korban tebusan Yésus.

17. (a) Kumaha carana urang bisa bener-bener bagja jeung sugema? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Sangkan urang bisa bener-bener bagja jeung sugema, urang kudu jadi murid Yésus nu taat kana pangajaranana. Lamun ngalampahkeun ieu, urang ahirna bisa bener-bener bébas ti pangbudakan dosa jeung maot. (Baca Rum 8:1, 2, 20, 21.) Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas carana ngagunakeun kabébasan urang ku cara nu bijaksana. Ku kituna, urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa, Allah kabébasan sajati, salalanggengna.