Nulad ka Yéhuwa—Allah anu Masihan Kategeran Haté
”Puji kasanggakeun ka Allah . . . Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger.”—2 KOR. 1:3, 4.
1. Waktu Adam jeung Hawa barontak, kumaha Allah masihan harepan jeung kategeran haté ka manusa?
YÉHUWA téh Allah nu masihan kategeran haté. Mantenna geus ngalampahkeun hal ieu ti saprak manusa dosa jeung teu sampurna. Malah, teu lila sanggeus Adam jeung Hawa barontak ngalawan Allah, Mantenna nganubuatkeun hal nu negerkeun haté jeung mawa harepan pikeun turunan Adam. Ieu dicatet di Kajadian 3:15 nu nganubuatkeun yén Sétan Si Iblis sarta sagala lalampahan jahatna bakal dimusnakeun.—1 Yoh. 3:8; Wahyu 12:9.
YÉHUWA NEGERKEUN HATÉ UMAT-NA DI JAMAN BAHEULA
2. Kumaha Yéhuwa negerkeun haté Nuh?
2 Pék lenyepan kumaha Yéhuwa negerkeun haté Nuh, hamba-Na. Jalma-jalma di jaman éta telenges jeung cabul. Ngan Nuh jeung kulawargana nu nyembah Yéhuwa. Kaj. 6:4, 5, 11; Yud. 6) Tapi, Yéhuwa negerkeun Nuh sangkan tetep rumaket ka Mantenna jeung ngalampahkeun nu bener. (Kaj. 6:9, 10) Yéhuwa nyarios ka Nuh yén Mantenna bakal ngamusnakeun dunya nu jahat harita, sarta ngajelaskeun carana Nuh jeung kulawargana bisa salamet. (Kaj. 6:13-18) Yéhuwa kabukti sabagé Allah nu masihan kategeran haté ka Nuh.
Nuh bisa waé leutik haté. (3. Kumaha Yéhuwa negerkeun haté Yosua? (Tingali gambar dina awal artikel.)
3 Ka dieunakeun, Yéhuwa negerkeun haté Yosua basa meunang tugas nu beurat. Manéhna kudu mingpin umat Allah ka Tanah Perjangjian jeung ngéléhkeun prajurit nu kuat ti bangsa-bangsa di ditu. Yéhuwa apal yén Yosua bisa waé sieun. Ku kituna, Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Yosua pakihikeun, pengkuhkeun hatena sarta kuatkeun tekadna, sabab manehna kudu meuntaskeun eta jelema-jelema nepi ka bisa majik di eta tanah anu ku maneh katenjo ti dinya, ti kajauhan.” (Pam. 3:28) Teu lila, Yéhuwa sorangan negerkeun Yosua, ”Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.” (Yos. 1:1, 9) Pék bayangkeun kumaha parasaan Yosua basa ngadéngé kekecapan ieu.
4, 5. (a) Kumaha Yéhuwa negerkeun haté umat-Na di jaman baheula? (b) Kumaha Yéhuwa negerkeun haté Putra-Na?
4 Yéhuwa ogé negerkeun haté umat-Na sabagé kelompok. Misalna, Yéhuwa terang yén urang Yahudi nu ditawan di Babul perlu ditegerkeun. Jadi, Mantenna masihan nubuat nu nguatkeun maranéhna, ”Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.” (Yes. 41:10) Ka dieunakeun, Yéhuwa negerkeun haté urang Kristen nu mimiti. Mantenna ogé negerkeun haté urang ayeuna.—Baca 2 Korinta 1:3, 4.
5 Yéhuwa negerkeun haté Putra-Na. Sanggeus dibaptis, Yésus ngadangu sora ti sawarga, ”Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!” (Mat. 3:17) Kekecapan ieu tangtu negerkeun Yésus pikeun ngajalankeun tugasna di bumi!
YÉSUS NEGERKEUN HATÉ BATUR
6. Kumaha misil Yésus ngeunaan talénta negerkeun haté urang?
6 Yésus nulad ka Bapana ku cara negerkeun haté batur pikeun terus satia. Contona téh dina misil ngeunaan talénta nu nyaritakeun saurang dunungan nu ngomong kieu ka bujangna nu satia, ”Alus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!” (Mat. 25:21, 23) Kekecapan ieu tangtu negerkeun haté murid-murid pikeun terus satia ngawula Yéhuwa!
Yésus negerkeun Pétrus jeung méré tugas pikeun negerkeun nu séjénna
7. Kumaha Yésus negerkeun rasul-rasulna, utamana Pétrus?
7 Rasul-rasul Yésus osok parebut omong ngeunaan saha nu pangpunjulna, tapi anjeunna tetep sabar. Anjeunna ngajurung maranéhna pikeun tetep Luk. 22:24-26) Pétrus sababaraha kali nyieun kasalahan jeung nguciwakeun Yésus. (Mat. 16:21-23; 26:31-35, 75) Tapi, Yésus henteu nolak Pétrus. Malahan Yésus negerkeun Pétrus jeung méré tugas pikeun negerkeun nu séjénna deui.—Yoh. 21:16.
rendah haté jeung silih ladénan ti batan ngarepkeun diladénan ku batur. (NU DITEGERKEUN DI JAMAN BAHEULA
8. Kumaha Hiskia negerkeun haté rahayat jeung para perwira?
8 Saacan aya Yésus nu méré tuladan, hamba-hamba Yéhuwa di jaman baheula nyaho yén maranéhna kudu negerkeun haté batur. Misalna Hiskia. Basa urang Asur rék narajang Yérusalém, Hiskia ngumpulkeun rahayat jeung para perwira pikeun digedékeun haténa. Ngadéngé kekecapan Hiskia, ”rahayat taleger hatena”.—Baca 2 Babad 32:6-8.
9. Urang diajar naon ti Ayub ngeunaan negerkeun haté batur?
9 Urang ogé bisa diajar ti Ayub ngeunaan carana negerkeun haté batur. Sanajan dirina sorangan keur butuh ditegerkeun, Ayub ngajarkeun carana negerkeun batur. Ayub méré nyaho priya-priya nu rék ngalilipur manéhna yén kuduna mah maranéhna téh ngucapkeun hal-hal nu genah jeung méré bongbolongan, lainna nganyerikeun haté. (Ayub 16:1-5) Ahirna, Ayub ditegerkeun haténa ku Élihu jeung Yéhuwa.—Ayub 33:24, 25; 36:1, 11; 42:7, 10.
10, 11. (a) Naon sababna putra awéwéna Yépta butuh ditegerkeun? (b) Saha waé nu bisa ditegerkeun haténa ku urang?
10 Putrana Yépta ogé butuh ditegerkeun haténa. Bapana, Hakim Yépta, rék merangan urang Amon. Bapana jangji lamun Yéhuwa ngabantu manéhna unggul dina perang, jalma nu pangheulana kaluar mapagkeun manéhna bakal dihaturkeun pikeun ngawula Yéhuwa di tabernakel. Israil unggul, jeung jalma nu pangheulana mapagkeun Yépta téh putra awéwéna nu ngan hiji-hijina. Haté Yépta kajejewét. Tapi, manéhna nedunan jangjina jeung ngahaturkeun putrana pikeun ngawula di tabernakel saumur hirupna.—Hak. 11:30-35, Terjemahan Dunia Baru [NW].
11 Ieu téh mémang teu gampang pikeun Yépta, tapi tangtu leuwih hésé deui pikeun putrana. Sanajan kitu, putrana réla ngalaksanakeun jangji bapana. (Hak. 11:36, 37, NW) Ieu hartina, manéhna moal bisa kawin jeung boga anak. Moal aya nu bisa neruskeun ngaran kulawargana. Jadi, manéhna kudu dililipur jeung ditegerkeun haténa. Alkitab nyebutkeun, ”Geus jadi kabiasaan di Israil yén unggal taun, mojang-mojang di Israil bakal méré pujian ka putra awéwé Yépta, urang Gilad, opat poé saban taunna.” (Hak. 11:39, 40, NW) Putra Yépta téh ngingetkeun urang ka sadérék-sadérék nu tetep léngoh sangkan bisa leuwih loba ngawula Yéhuwa. Naha urang bisa muji jeung negerkeun haté maranéhna?—1 Kor. 7:32-35.
PARA RASUL NEGERKEUN DULUR SAIMANNA
12, 13. Kumaha Pétrus ’nguatkeun batur-baturna’?
12 Dina peuting saacan pupus, Yésus ngomong ka Rasul Pétrus, ”Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna. Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.”—Luk. 22:31, 32.
13 Pétrus téh salah sahiji pamingpin kagiatan sidang Kristen di abad kahiji. (Gal. 2:9) Lantaran ningali lalampahan Pétrus nu wani waktu Péntakosta jeung saterusna, dulur-dulur saimanna jadi teger haté. Sanggeus ngawula salila mangtaun-taun, manéhna nulis, ”Ieu surat anu pondok . . . pikeun ngadorong jeung ngayakinkeun ka aranjeun, yen anu ditulis dina ieu surat teh estu sih kurnia Allah. Eta rahmat Mantenna ku aranjeun kudu terus dipuntangan.” (1 Pet. 5:12) Surat Pétrus negerkeun haté urang Kristen harita. Éta ogé negerkeun haté urang ayeuna salila ngadagoan kabéh jangji Yéhuwa kalaksana.—2 Pet. 3:13.
14, 15. Kumaha kitab-kitab nu ditulis Yohanes negerkeun haté urang?
14 Rasul Yohanes gé salah sahiji pamingpin kagiatan sidang Kristen di abad kahiji. Manéhna nulis Injil ngeunaan palayanan Yésus. Injilna geus negerkeun haté urang Kristen salila mangabad-abad terus nepi ka jaman urang. Contona, ngan di Injil Yohanes urang bisa maca kekecapan Yésus nu nyebutkeun yén kanyaah téh cirina murid Yésus.—Baca Yohanes 13:34, 35.
15 Tilu surat ti Yohanes ogé ngamuat bebeneran nu penting. Waktu urang leutik haté lantaran nyieun salah, urang reugreug lamun maca yén ku lantaran korban tebusan Yésus, urang ”beresih tina dosa”. (1 Yoh. 1:7) Lamun urang terus rumasa salah, urang bakal kalilipur lantaran maca yén ”Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang”. (1 Yoh. 3:20) Ngan Yohanes nu nulis, ”Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8, 16) Dina suratna nu kadua jeung katilu, manéhna muji urang Kristen nu terus ”lumampah dina kayaktian”.—2 Yoh. 4; 3 Yoh. 3, 4.
16, 17. Kumaha Rasul Paulus negerkeun haté urang Kristen di abad kahiji?
16 Rasul Paulus jadi tuladan dina negerkeun haté dulur saimanna. Teu lila sanggeus Yésus pupus, kalolobaan rasul Ras. 8:14; 15:2) Urang Kristen di Yudéa ngawartakeun Kristus ka jalma-jalma nu geus percaya ka hiji Allah. Tapi, Paulus diutus ku roh suci pikeun ngawawar ka urang Yunani, urang Rum, jeung bangsa séjénna nu nyembah loba déwa.—Gal. 2:7-9; 1 Tim. 2:7.
cicing di Yérusalém, tempat ayana badan pingpinan. (17 Paulus indit ka daérah nu ayeuna mah Turki, ogé ka Yunani jeung Italia. Manéhna ngawawar ka jalma-jalma nu lain Yahudi jeung ngadegkeun sidang-sidang Kristen. Urang Kristen nu anyar ieu dikaniaya ku bangsana sorangan, jadi butuh ditegerkeun haténa. (1 Tes. 2:14) Kira-kira dina taun 50 M, Paulus nulis surat nu negerkeun haté ka sidang anyar di Tésalonika. Manéhna nulis, ”Sim kuring teu kendat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun. Unggal neneda aranjeun sok disebut. . . . Sim kuring teh inget ka aranjeun, anu sakitu percayana ka Kristus, . . . daek nyorang hese cape, jeung teguh mantengkeun harepan.” (1 Tes. 1:2, 3) Paulus ogé ngajurung maranéhna, ”Heug sing . . . silih tegeran, silih tulungan jeung batur.”—1 Tes. 5:11.
BADAN PINGPINAN MÉRÉ KATEGERAN HATÉ
18. Kumaha badan pingpinan di abad kahiji negerkeun haté Pilipus?
18 Di abad kahiji, Yéhuwa ngagunakeun badan pingpinan pikeun negerkeun haté kabéh urang Kristen, kaasup para pamingpin sidang. Waktu Pilipus ngawartakeun Kristus ka urang Samaria, manéhna dirojong ku badan pingpinan. Dua anggotana, nyaéta Pétrus jeung Yohanes, diutus pikeun ngadoa sangkan urang Kristen nu anyar dipasihan roh suci. (Ras. 8:5, 14-17) Pilipus jeung dulur-dulur saimanna ngarasa teger haté lantaran dirojong ku badan pingpinan!
19. Kumaha parasaan urang Kristen di abad kahiji waktu maca surat ti badan pingpinan?
19 Ka dieunakeun, badan pingpinan kudu nyieun putusan nu penting. Naha urang Kristen nu lain Yahudi kudu disunat siga urang Yahudi, luyu jeung Hukum Musa? (Ras. 15:1, 2) Sanggeus ngadoa nyuhunkeun roh suci jeung mariksa Kitab Suci, badan pingpinan mutuskeun yén sunat téh teu diperlukeun deui. Tuluy, maranéhna nyieun surat nu ngajelaskeun hal éta sarta ngutus sadérék-sadérék pikeun nepikeun surat ieu ka sidang-sidang. ”Eusina kacida nyenangkeunana kana hate nu narima, jamaah ngarasa bungah.”—Ras. 15:27-32.
20. (a) Kumaha Badan Pingpinan kiwari negerkeun haté urang sadaya? (b) Pananya naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
20 Kiwari, Badan Pingpinan Saksi Yéhuwa negerkeun haté sadérék-sadérék nu digawé di Bétel, nu ngawula sapinuh waktu di lapangan, jeung urang sadaya. Saperti sadérék-sadérék di abad kahiji, urang ngarasa bungah! Taun 2015, Badan Pingpinan nyadiakeun brosur Kembalilah kepada Yehuwa pikeun ngajurung jalma-jalma nu ninggalkeun bebeneran pikeun balik deui ka Yéhuwa. Tapi, naha nu kudu negerkeun haté batur téh ngan sadérék-sadérék nu mingpin kagiatan di sidang, atawa urang gé bisa? Pananya ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.