Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Ngawula Yéhuwa, Allah Kabébasan

Pék Ngawula Yéhuwa, Allah Kabébasan

”Di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.”​—2 KOR. 3:17.

KAWIH: 49, 73

1, 2. (a) Ku naon pangbudakan sarta kabébasan téh hal nu penting pikeun loba jalma di jaman Paulus? (b) Saha Sumber ti kabébasan sajati nu disebutkeun ku Paulus?

URANG KRISTEN di abad kahiji hirup di jaman pamaréntahan Rum nu bangsana agul kana hukum, sistim kaadilan, jeung kabébasan maranéhna. Tapi, pamaréntahan éta bisa kuat lantaran aya badéga-badéga nu digawé beurat. Dina hiji mangsa, 1 ti 3 jalma di Rum téh badéga. Geus jelas, pangbudakan sarta kabébasan téh hal nu penting pikeun loba jalma, kaasup urang Kristen.

2 Rasul Paulus ogé sering nulis ngeunaan kabébasan. Tapi, manéhna lain rék ngoméan masalah nu aya di dunya, hal nu dipiharep ku loba jalma harita. Justru Paulus jeung urang Kristen séjénna sabisa-bisa ngajarkeun warta hadé Karajaan Allah sarta mantuan batur paham sakumaha istiméwana korban tebusan Kristus Yésus. Paulus méré nyaho urang Kristen ngeunaan Sumber ti kabébasan sajati. Manéhna nulis, ”’Pangeran’ . . . teh nya eta Roh; di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.”​—2 Kor. 3:17.

3, 4. (a) Naon nu dibahas Paulus dina ayat-ayat saacan 2 Korinta 3:17? (b) Naon nu kudu dilakukeun sangkan urang miboga kabébasan ti Yéhuwa?

3 Dina suratna nu kadua ka sidang Korinta, Paulus nyebutkeun naon nu kaalaman ku Musa basa turun ti Gunung Sinai sanggeus ningali kahadiran malaikat Yéhuwa. Rarayna mani moncorong! Waktu bangsa Israil ningali Musa, maranéhna sieuneun tuluy Musa nutupan rarayna ku cindung. (Bud. 34:29, 30, 33; 2 Kor. 3:7, 13) Paulus ngajelaskeun yén waktu hiji jalma ”malik mayun ka Pangeran, cindungna diangkat”. (2 Kor. 3:16) Naon nu dimaksud ku Paulus?

4 Dina artikel saacanna, urang diajar yén Yéhuwa, Nu Nyipta saniskara, téh hiji-hijina Pribadi nu miboga kabébasan mutlak nu teu aya watesna. Jadi asup akal, di mana aya roh Yéhuwa, di dinya aya kabébasan. Tapi, Paulus ngajelaskeun yén sangkan bisa narima kabébasan ieu urang kudu malik mayun ka Yéhuwa. Ieu hartina urang kudu boga hubungan nu raket jeung Mantenna. Cara pikir bangsa Israil di gurun keusik henteu siga cara pikir Yéhuwa. Haté jeung pikiran maranéhna saolah-olah ditutupan ku cindung. Maranéhna ngagunakeun kabébasanana pikeun muaskeun kahayangna sorangan.​—Ibr. 3:8-10.

Malahan jalma nu di panjara ogé bisa miboga kabébasan

5. (a) Kabébasan nu kawas kumaha nu dihasilkeun ku roh Yéhuwa? (b) Naon buktina yén badéga atawa jalma nu di panjara ogé bisa miboga kabébasan ti Yéhuwa? (c) Pananya-pananya naon nu bakal dibahas?

5 Kabébasan nu dihasilkeun ku roh Yéhuwa teu ngan saukur bébas ti pangbudakan. Roh éta bisa mawa kabébasan nu teu bisa diwujudkeun manusa, nyaéta kabébasan tina pangbudakan dosa jeung maot sarta pangbudakan agama palsu jeung kabiasaanana. (Rum 6:23; 8:2) Ieu téh kabébasan nu luar biasa! Malahan badéga atawa jalma nu di panjara ogé bisa miboga kabébasan ieu. (Kaj. 39:20-23) Sadérék Nancy Yuen jeung Sadérék Harold King nu dipanjara mangtaun-taun tetep miboga kabébasan ieu. Wawancara jeung pangalaman hirup maranéhna aya di JW Broadcasting. (Tingali di bagian vidéo WAWANCARA DAN PENGALAMAN > BERTEKUN MENGHADAPI KESULITAN.) Ayeuna, hayu urang bahas dua pananya. Kumaha carana némbongkeun yén kabébasan téh istiméwa pikeun urang? Sarta, kumaha carana urang bijaksana dina ngagunakeun kabébasan?

ALLAH MASIHAN KABÉBASAN NU ISTIMÉWA

6. Naon buktina yén bangsa Israil teu nganuhunkeun kabébasan ti Yéhuwa?

6 Waktu urang narima hadiah nu istiméwa, urang nganuhunkeun ka nu méréna. Tapi, bangsa Israil mah teu nganuhunkeun kana kabébasan nu dipasihkeun ku Yéhuwa. Ngan sababaraha bulan ti saprak dibébaskeun ti Mesir, maranéhna ngimpi-ngimpikeun dahareun jeung inumeun di Mesir. Maranéhna kukulutus ngeunaan manna, dahareun nu disadiakeun ku Yéhuwa. Malahan, maranéhna hayang baralik deui ka Mesir! Keur maranéhna, ’lauk, bonteng, samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas’ téh leuwih penting ti batan kabébasan pikeun ibadah ka Yéhuwa. Éta sababna Yéhuwa ambek pisan ka maranéhna. (Bil. 11:5, 6, 10; 14:3, 4) Urang bisa meunang palajaran penting tina hal ieu.

7. Kumaha Paulus ngalarapkeun naséhatna di 2 Korinta 6:1, sarta kumaha urang bisa ngalarapkeunana ogé?

7 Paulus mépélingan sakabéh urang Kristen sangkan terus nganuhunkeun kabébasan nu geus dipasihan ku Yéhuwa liwat Putra-Na, Yésus Kristus. (Baca 2 Korinta 6:1.) Paulus teu sampurna sarta jadi badégana dosa jeung maot. Ieu ngalantarankeun manéhna nalangsa. Tapi manéhna ngomong, ”Rebu laksa nuhun ka Allah . . . ku jalan Gusti urang Yesus Kristus.” Ku naon manéhna ngomong kitu? Ceuk Paulus, ”Sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.” (Rum 7:24, 25; 8:2) Saperti Paulus, urang kudu terus inget yén Yéhuwa geus ngabébaskeun urang tina pangbudakan dosa jeung maot. Ku ayana tebusan, urang bisa ngawula Yéhuwa ku haté sanubari nu bersih sarta miboga kabagjaan sajati.​—Jab. 40:9.

Naha Sadérék ngagunakeun kabébasan milih pikeun ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa atawa kahayang sorangan? (Tingali paragrap 8-10)

8, 9. (a) Pétrus méré pépéling naon ngeunaan carana ngagunakeun kabébasan? (b) Kumaha hiji jalma bisa nepi ka nyalahgunakeun kabébasanana?

8 Teu cukup saukur nganuhunkeun ka Yéhuwa, urang ogé kudu ati-ati sangkan teu nyalahgunakeun kabébasan. Contona, Rasul Pétrus mépélingan urang sangkan teu ngajadikeun kabébasan sabagé alesan pikeun ngalampahkeun nu salah. (Baca 1 Petrus 2:16.) Ieu ngingetkeun urang kana pangalaman bangsa Israil di gurun keusik. Kiwari, urang justru leuwih butuh dipépélingan. Sétan jeung dunyana ngamangpaatkeun kahayang urang kana papakéan, dahareun, inumeun, sarta hiburan. Iklan ngagunakeun jalma-jalma nu geulis atawa kasép sangkan urang meuli barang nu sabenerna teu dibutuhkeun. Gampang pisan kajiret ku dunya ieu sarta nyalahgunakeun kabébasan urang.

9 Naséhat Pétrus ogé bisa dilarapkeun dina hal-hal nu leuwih penting dina hirup urang, saperti pendidikan, pagawéan, atawa kariér. Contona, budak ngora ngarasa kudu getol diajar sangkan bisa katarima di universitas nu pangalusna. Loba jalma méré nyaho lamun miboga pendidikan nu luhur, maranéhna bisa meunang pagawéan nu alus, loba duit, jeung diajénan ku batur. Jalma-jalma éta bisa jadi méré bukti-bukti yén nu lulus ti universitas téh bakal meunang leuwih loba duit ti batan lulusan SMA. Waktu rék nyieun putusan nu bisa mangaruhan mangsa kahareup maranéhna, bisa jadi budak ngora ngarasa pendidikan luhur téh pilihan nu alus. Tapi naon nu kudu diinget ku budak ngora jeung kolotna?

10. Naon nu kudu diinget waktu nyieun putusan dina urusan-urusan pribadi?

10 Aya nu mikir hal-hal ieu téh urusan pribadi, jadi maranéhna bisa milih naon waé nu dipikahayang salila henteu ngaganggu haté sanubarina sorangan. Bisa jadi maranéhna mikir, ”Kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku haté sanubari batur?” Sanajan urang bébas nyieun putusan ngeunaan pendidikan jeung kariér, urang kudu inget yén kabébasan urang téh aya watesna sarta putusan urang aya balukarna. Éta sababna Paulus ngomong, ”Henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. . . . Henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.” (1 Kor. 10:23) Jadi, sanajan urang bébas nyieun putusan dina urusan pribadi, kahayang urang téh lain nu pangpentingna.

GUNAKEUN KABÉBASAN PIKEUN NGAWULA ALLAH

11. Naon alesan Yéhuwa ngabébaskeun urang?

11 Waktu Pétrus mépélingan urang sangkan teu nyalahgunakeun kabébasan, manéhna nyebutkeun yén nu bener mah kabébasan téh digunakeun pikeun ”ngawula ka Allah”. Alesan Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngabébaskeun urang tina pangbudakan dosa jeung maot téh sangkan urang ngagunakeun kahirupan pikeun ngawula Mantenna.

Cara panghadéna ngagunakeun kabébasan nyaéta ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngawula Yéhuwa

12. Nuh jeung kulawargana méré tuladan naon keur urang?

12 Cara panghadéna dina ngagunakeun kabébasan téh nyaéta ngagunakeun waktu jeung tanaga urang pikeun ngawula Yéhuwa sagemblengna. Ku kituna, cita-cita duniawi jeung kahayang pribadi moal jadi nu pangpentingna dina hirup urang. (Gal. 5:16) Pék pikirkeun tuladan Nuh jeung kulawargana. Maranéhna hirup di antara jalma-jalma nu telenges jeung cabul. Tapi, maranéhna henteu nuturkeun cita-cita jeung kagiatan nu umum. Maranéhna sibuk ngajalankeun tugas ti Yéhuwa, nyaéta ngawangun bahtera, ngumpulkeun dahareun pikeun maranéhna jeung sasatoan, sarta mépélingan batur ngeunaan Caah Gedé. ”Timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.” (Kaj. 6:22) Hasilna, Nuh jeung kulawargana salamet.​—Ibr. 11:7.

13. Naon paréntah Yéhuwa pikeun urang?

13 Naon paréntah ti Yéhuwa pikeun urang kiwari? Sabagé murid Yésus, urang nyaho yén Allah masihan paréntah pikeun ngawawar. (Baca Lukas 4:18, 19.) Kiwari, loba jalma dipoékkeun ku Sétan nepi ka teu sadar geus jadi badégana agama palsu, harta banda, jeung sistim pulitik. (2 Kor. 4:4) Saperti Yésus, urang boga hak istiméwa pikeun mantuan loba jalma sangkan wanoh jeung ibadah ka Yéhuwa, Allah kabébasan. (Mat. 28:19, 20) Ngawawar téh teu salawasna gampang. Di sababaraha tempat, jalma-jalma embung wanoh ka Allah, malahan aya nu nepi ka ambek lantaran urang ngawawar ka maranéhna. Tapi, lantaran Yéhuwa maréntahkeun urang pikeun ngawawar, urang kudu mikirkeun, ’Naha abdi ngagunakeun kabébasan pikeun ningkatkeun dines ka Yéhuwa?’

14, 15. Putusan naon nu dijieun ku loba hamba Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

14 Urang dikuatkeun lantaran loba hamba Yéhuwa nyaho yén ahir dunya ieu geus téréh sarta nyaderhanakeun hirupna pikeun naratas. (1 Kor. 9:19, 23) Sababaraha sadérék naratas di daérahna sorangan, tapi aya ogé nu pindah ka sidang nu kurang pawarta. Dina lima taun ieu, aya leuwih ti 250.000 Saksi nu jadi panaratas. Ayeuna, aya leuwih ti 1.100.000 panaratas biasa. Bungah pisan ningali loba nu ngagunakeun kabébasanana pikeun ngawula Yéhuwa ku cara ieu!​—Jab. 110:3.

15 Ku naon maranéhna bisa bijaksana ngagunakeun kabébasanana? Perhatikeun John jeung Judith nu geus ngawula di sababaraha nagri salila 30 taun. Maranéhna ngajelaskeun yén waktu Sakola Dines Panaratas dimimitian taun 1977, para siswa dijurung pikeun pindah jeung ngawula di tempat nu ngabutuhkeun pawarta. Sangkan bisa kitu, John jeung Judith kudu hirup saderhana. Jadi, John sering gunta-ganti pagawéan. Maranéhna ogé pernah ngawawar di nagri deungeun. Naon nu ngabantu maranéhna nyanghareupan tangtangan, saperti diajar basa nu anyar sarta nyaluyukeun diri jeung kabudayaan tur usum nu béda? Maranéhna ngadoa jeung ngandelkeun Yéhuwa. Kumaha parasaan maranéhna ngawula Yéhuwa mangtaun-taun ku cara ieu? John nyarita, ”Abdi mani reueus bisa sagemblengna ngalakukeun kagiatan panghadéna dina hirup abdi. Yéhuwa jadi leuwih nyata keur abdi, sabagé Bapa nu nyaahan. Ayeuna, abdi leuwih paham naon hartina Yakobus 4:8, ’Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.’ Abdi geus manggihan tujuan hirup nu nyugemakeun.”

16. Kumaha rébuan Saksi bijaksana dina ngagunakeun kabébasanana?

16 Aya nu bisa naratas mangtaun-taun siga John jeung Judith. Nu séjénna ngan bisa sakeudeung naratasna lantaran kaayaanana. Tapi, loba ogé rélawan nu mantuan proyék pangwangunan di sakuliah dunya. Contona, kira-kira 27.000 sadérék pameget jeung istri mantuan pangwangunan kantor pusat di Warwick, New York. Aya nu mantuan keur dua minggu, aya ogé nu keur sababaraha bulan, nu séjénna sataun atawa leuwih. Loba ti maranéhna nyieun pangorbanan sangkan bisa digawé di Warwick. Maranéhna téh tuladan nu alus dina ngagunakeun kabébasan pikeun muji jeung ngamulyakeun Yéhuwa, Allah kabébasan!

17. Naon berkahna lamun ayeuna urang bijaksana dina ngagunakeun kabébasan?

17 Urang bungah lantaran geus wanoh ka Yéhuwa sarta miboga kabébasan lantaran ngawula Mantenna. Hayu urang buktikeun liwat pilihan urang yén kabébasan ieu téh istiméwa pikeun urang. Ti batan nyalahgunakeun kabébasan, hayu urang ngagunakeunana pikeun sagemblengna ngawula Yéhuwa. Tuluy, urang bakal ngarasakeun berkahna waktu nubuat ieu jadi kanyataan, ”Mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah.”​—Rum 8:21, Sunda Formal.