Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Abdi Terang Manéhna Bakal Hirup Deui”

”Abdi Terang Manéhna Bakal Hirup Deui”

”Sobat urang, Lasarus keur sare, ku Kami rek dihudangkeun.”​—YOH. 11:11.

KAWIH: 142, 129

1. Marta yakin kana hal naon? (Tingali gambar dina awal artikel.)

MARTA téh sobat jeung muridna Yésus. Manéhna keur nalangsa lantaran dulurna, Lasarus, maot. Naha aya nu bisa ngalilipur manéhna? Aya. Yésus jangji ka manéhna, ”Dulur maneh tangtu hirup deui.” Sanajan kitu, bisa waé Marta masih kénéh sedih. Tapi, Marta yakin kana jangji Yésus. Dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru, Marta ngomong, ”Abdi terang manéhna bakal hirup deui dina ahir jaman.” (Yoh. 11:20-24) Manéhna yakin bakal aya pihudangeunana nu maot dina mangsa kahareup. Tuluy, Yésus nyieun mujijat, Lasarus dihirupkeun deui poé éta kénéh.

2. Ku naon Sadérék hayang boga kayakinan nu kuat siga Marta?

2 Urang teu bisa miharep Yésus atawa Bapana bakal ngahirupkeun deui nu maot ayeuna. Tapi, naha Sadérék sarua yakinna siga Marta yén jalma nu dipikanyaah bakal hirup deui dina mangsa kahareup? Bisa jadi Sadérék dikantunkeun ku salaki atawa pamajikan, indung, bapa, aki, nini, malahan budak nu dipikanyaah. Sadérék tangtu teu sabar hayang nangkeup, ngobrol, tur heureuy jeung maranéhna. Saperti Marta, Sadérék boga alesan nu kuat pikeun ngomong kalawan yakin, ’Abdi terang, engké manéhna bakal hirup deui.’ Tapi, alus lamun unggal urang Kristen ngalenyepan alesan kana kayakinan éta.

3, 4. Naon nu geus dilampahkeun ku Yésus, jeung kumaha éta nguatkeun kayakinan Marta?

3 Marta matuh di deukeut Yérusalém, jadi bisa waé manéhna teu nyaksian Yésus ngahirupkeun deui nu maot, sanajan bisa waé manéhna ngadéngé ngeunaan hal éta. Yésus ngahirupkeun putra randa di Nain, Galiléa. Kitu ogé jeung budak awéwéna Yairus nu bisa waé aya di Kapernaum. Kabéh nu aya di imah Yairus nyahoeun éta budak téh geus maot. Tuluy, Yésus nyekel leungeunna tur ngomong, ”Hudang, anaking!” Éta budak terus hudang. (Luk. 7:11-17; 8:41, 42, 49-55) Marta jeung Maria apal yén Yésus bisa nyageurkeun nu gering. Jadi, maranéhna yakin lamun Yésus datang leuwih awal, Lasarus moal maot. Tapi, sanggeus Lasarus maot, naon nu dipiharep ku Marta? Perhatikeun, manéhna ngomong yén Lasarus bakal hirup deui ”dina ahir jaman”, dina mangsa kahareup. Ku naon manéhna bisa sakitu yakinna? Ku naon Sadérék ogé yakin yén jalma nu dipikanyaah ku Sadérék bakal dihirupkeun deui?

4 Aya alesan nu kuat pikeun yakin kana pihudangeunana nu maot. Urang bakal ngabahas sababaraha di antarana. Sadérék bisa manggihan hal-hal penting tina Firman Allah nu jarang kapikir, tapi éta bisa nguatkeun iman Sadérék yén Sadérék bisa panggih deui jeung nu dipikanyaah.

KISAH NU MAWA HAREPAN!

5. Ku naon Marta yakin yén Lasarus bakal dihirupkeun deui?

5 Marta teu ngomong, ’Muga dulur abdi bisa hirup deui,’ tapi, ”Abdi terang manéhna bakal hirup deui dina ahir jaman.” Ku naon Marta sakitu yakinna? Lantaran manéhna apal yén baheula aya jalma-jalma nu dihirupkeun deui. Bisa jadi manéhna diajar hal éta di imah atawa di sinagoga basa keur leutik kénéh. Ayeuna, hayu urang bahas tilu kisahna.

6. Marta apal kana mujijat naon?

6 Dihudangkeunana nu maot mimiti kajadian dina mangsa Allah masihan Nabi Élias kawasa pikeun nyieun mujijat. Di kaléreun Israil, di kota Sarpat di daérah Pénésia, aya saurang randa miskin nu béréhan ka Nabi Élias. Ku mujijat Yéhuwa, tipung jeung minyak éta randa teu béak-béak, jadi manéhna jeung putrana bisa tetep hirup. (1 Rja. 17:8-16) Ka dieunakeun, putrana gering tuluy maot. Élias nulungan manéhna. Bari nangkubkeun diri kana awak éta budak, Élias sasambat ka Yéhuwa sangkan éta budak hirup deui. Allah ngadangukeun doana, sarta ngahirupkeun deui éta budak. Ieu kisah dihudangkeunana nu maot nu mimiti dicatet dina Alkitab. (Baca 1 Raja 17:17-24.) Tangtu, Marta apal kana mujijat ieu.

7, 8. (a) Kumaha Élisa ngalilipur hiji indung nu dikantunkeun? (b) Mujijat Élisa ngabuktikeun naon ngeunaan Yéhuwa?

7 Kajadian kadua nu dicatet dina Alkitab dilakukeun ku Nabi Élisa. Aya hiji wanita Israil di kota Suném nu can boga budak. Lantaran manéhna béréhan ka Élisa, Yéhuwa ngaberkahan anak ka manéhna jeung salakina nu geus kolot. Sababaraha taun sanggeusna, budakna maot. Bayangkeun kumaha nalangsana wanita éta. Saking sedihna, manéhna nepi ka indit manggihan Élisa di Gunung Karmél nu jauhna kira-kira 30 kilométer. Élisa nitah palayanna, Géhasi, indit ti heula pikeun ngahirupkeun deui budak wanita éta. Tapi, Géhasi teu bisaeun. Tuluy, Élisa indit bareng jeung éta wanita ka imahna.​—2 Rja. 4:8-31.

Allah kabukti sanggup ngahirupkeun deui nu maot

8 Élisa asup ka kamar tempat éta budak digolérkeun, tuluy ngadoa. Yéhuwa ngajawab doa Élisa sarta ngahirupkeun deui éta budak. Indungna pohara bungahna ningali budakna hirup deui! (Baca 2 Raja 4:32-37.) Bisa jadi, manéhna inget kana kekecapan doa Hana nu teu bogaeun budak nepi ka Yéhuwa masihan budak, nyaéta Samuél. Hana muji Yéhuwa lantaran ”Mantenna nurunkeun jelema ka enggon anu paraeh, Mantenna anu ngajait deui ti dinya”. (1 Sam. 2:6) Waktu ngajait éta budak tina maot, Allah kabukti sanggup ngahirupkeun deui nu maot.

9. Caritakeun kisah katilu dina Alkitab ngeunaan jalma nu hudang tina maot.

9 Mujijat séjénna kajadian sanggeus Élisa maot. Geus leuwih ti 50 taun Élisa ngawula sabagé nabi, terus manéhna ”teu damang, beuki lila beuki wales . . . nepi kana pastina Elisa pupus”. Sanggeus jasad Élisa tinggal tulang taléng, aya sababaraha urang Israil nu rék nguburkeun mayit. Ujug-ujug datang gorombolan musuh. Urang Israil tingbalecir sarta éta mayit dikusrukkeun kana makam Élisa. Ceuk Alkitab, ”Ari mayit tea barang antel kana tulang taleng Elisa, dak dumadak hirup deui tuluy cengkat.” (2 Rja. 13:14, 20, 21) Kajadian ieu ngayakinkeun Marta yén Allah miboga kawasa pikeun ngéléhkeun maot. Sadérék ogé bisa yakin kana kawasa Allah nu luar biasa jeung taya watesna.

KISAH DINA JAMAN PARA RASUL

10. Naon nu kaalaman ku Tabita jeung naon nu dilakukeun ku Pétrus?

10 Kitab-Kitab Yunani Kristen gé ngamuat kisah dihudangkeunana nu maot nu dilakukeun ku hamba Allah. Urang kakara ngabahas jalma-jalma nu dihirupkeun deui ku Yésus di deukeut kota Nain jeung di imah Yairus. Sababaraha waktu sanggeusna, Pétrus ngahirupkeun deui Dorkas, nu disebut ogé Tabita. Pétrus asup ka kamar tempat Tabita digolérkeun, manéhna ngadoa, tuluy ngomong, ”Tabita, geura hudang!” Tabita hirup, seug ”Tabita anu geus hirup deui diserenkeun” ka dulur-dulur Kristen nu aya di dinya. Kajadian ieu sakitu nyatana nepi ka loba ”anu palercaya ka Gusti” di kota éta. Murid-murid anyar ieu bisa nyaritakeun warta hadé ngeunaan Yésus jeung nguarkeun kawasa Yéhuwa pikeun ngahirupkeun deui nu maot.​—Ras. 9:36-42.

11. Naon nu dicaritakeun ku Lukas ngeunaan hiji perjaka, jeung naon pangaruhna kajadian ieu ka nu nyaraksian?

11 Aya deui kajadian séjénna nu disaksian ku loba jalma. Éta téh basa Rasul Paulus hutbah di kamar loténg di Troas, nu ayeuna aya di Turki beulah kulon-kalér. Paulus ngawurukna nepi ka tengah peuting. Aya perjaka nu ngaranna Étikus ngadéngékeun bari diuk dina jandéla. Tapi, manéhna les kasaréan tuluy tijedag ragrag kana taneuh ti loténg katilu. Bisa jadi Lukas nu mimiti mariksa Étikus. Salaku dokter, manéhna nyaho yén éta perjaka lainna saukur tatu atawa kapaéhan, tapi bener-bener paéh. Paulus turun tuluy ngarangkul Étikus. Kabéh nu ningali ngarasa tajub basa Paulus ngomong, ”Hirup keneh!” Mujijat ieu gedé pisan pangaruhna ka kabéh nu nyaksian. ”Sarerea ngarasa senang” jeung kalilipur lantaran nyaksian perjaka nu maot éta bisa hirup deui.​—Ras. 20:7-12.

HAREPAN NU PASTI

12, 13. Sanggeus ngabahas kisah-kisah dihudangkeunana nu maot, pananya naon nu bisa urang pikirkeun?

12 Kisah-kisah nu tadi dibahas bisa ngabantu Sadérék boga kayakinan saperti Marta. Urang yakin yén Allah, nu masihan kahirupan, bisa ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. Tapi, unggal jalma nu dihirupkeun deui téh sajaman jeung hamba-hamba Allah nu saratia saperti Élias, Yésus, atawa Pétrus, nu dipasihan kawasa ku Yéhuwa pikeun nyieun mujijat. Jadi, kumaha jeung jalma-jalma nu maot dina mangsa mujijat geus teu aya deui? Naha jalma-jalma nu saratia bisa ngarepkeun yén nu maot bakal dihirupkeun deui dina mangsa kahareup? Naha maranéhna bisa sarua yakinna jeung Marta nu ngomong ngeunaan Lasarus, ”Abdi terang manéhna bakal hirup deui dina ahir jaman”? Sarua siga Marta, ku naon Sadérék bisa yakin kana pihudangeunana nu maot dina mangsa kahareup?

13 Sababaraha kisah dina Firman Allah némbongkeun yén hamba-hamba Allah nu saratia yakin yén dina mangsa kahareup bakal aya pihudangeunana nu maot. Hayu urang bahas.

14. Tina kisah Ibrahim, urang diajar naon ngeunaan pihudangeunana nu maot?

14 Perhatikeun paménta Yéhuwa ka Ibrahim ngeunaan Ishak, anak nu geus lila diarep-arep. Yéhuwa nyarios, ”Anak kadeudeuh maneh anu ngan hiji-hijina, Ishak, bawa ka tanah Moria. Kurbankeun ku maneh ka ditu, duruk di hiji gunung.” (Kaj. 22:2) Bayangkeun parasaan Ibrahim basa ngadéngé paréntah ieu. Yéhuwa tos jangji yén sagala bangsa bakal diberkahan liwat turunan Ibrahim. (Kaj. 13:14-16; 18:18; Rum 4:17, 18) Yéhuwa gé nyarios yén berkah éta bakal datang liwat Ishak. (Kaj. 21:12) Tapi, kumaha éta bisa laksana lamun Ishak dikorbankeun? Paulus diilhamkeun pikeun ngajelaskeun yén Ibrahim percaya Allah kawasa ngahirupkeun deui Ishak. (Baca Ibrani 11:17-19.) Tapi, Alkitab teu ngajelaskeun yén Ibrahim ngarepkeun Ishak bakal langsung hirup deui dina sajam, sapoé, atawa saminggu ti harita. Ibrahim teu nyaho iraha anakna bakal hirup deui. Tapi, manéhna percaya yén Ishak bakal dihudangkeun.

15. Harepan naon nu dipiboga ku Ayub?

15 Ayub nu satia ogé yakin kana pihudangeunana nu maot dina mangsa kahareup. Manéhna nyaho yén tangkal nu dituar bakal sirungan deui tuluy tumuwuh jadi tangkal anyar. Tapi, manusa mah teu bisa kitu. (Ayub 14:7-12; 19:25-27) Lamun maot, manusa teu bisa ngahirupkeun deui dirina sorangan. (2 Sam. 12:23; Jab. 89:49) Tangtu, éta lain ngahartikeun yén Allah moal bisa ngahirupkeun deui manusa. Justru, Ayub yakin yén Allah bakal émut ka manéhna. (Baca Ayub 14:13-15.) Ayub teu apal iraha ieu bakal kalaksana. Tapi, Ayub yakin yén Nu Nyiptakeun manusa bisa jeung hoyong ngémut sarta ngahirupkeun deui manéhna.

16. Kumaha Daniél digedékeun haténa ku malaikat?

16 Perhatikeun Daniél, hamba Allah séjénna. Manéhna satia ka Yéhuwa saumur hirupna sarta dirojong ku Yéhuwa. Hiji poé, aya malaikat nu ngomong ka Daniél, ”Allah asiheun ka maneh.” Tuluy ngingetan, ”Teu kudu rentag, teu kudu sieun.”​—Dan. 9:22, 23; 10:11, 18, 19.

17, 18. Naon jangji Yéhuwa ka Daniél?

17 Waktu umur Daniél téréh 100 taun, bisa jadi manéhna mikir bakal kumaha hirupna engké. Naha Daniél miharep pikeun hirup deui? Tangtu! Di ahir buku Daniel, Allah jangji, ”Ari maneh, Daniel, muga sing tetep satia tepi ka ahir. Maneh bakal maot, tapi baris hirup deui.” (Dan. 12:13) Daniél nyaho yén nu maot téh siga nu keur reureuh sabab ”moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter”. (Pan. 9:10) Sanajan manéhna bakal maot, éta lain ahir pikeun Daniél. Yéhuwa nyadiakeun harepan nu éndah pikeun manéhna.

18 Malaikat Yéhuwa ngomong ka Daniél, ”Maneh bakal maot, tapi baris hirup deui geusan narima ganjaran di ahir jaman.” Daniél teu nyaho iraha persisna éta bakal kalaksana, tapi manéhna yakin bakal dihirupkeun deui dina mangsa kahareup. Éta téh kalaksana lila sanggeus manéhna maot, ”di ahir jaman”.

Saperti Marta, Sadérék bisa yakin kana pihudangeunana nu maot (Tingali paragrap 19, 20)

19, 20. (a) Naon patalina kisah-kisah nu geus dibahas jeung kekecapan Marta ka Yésus? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

19 Jadi, geus jelas yén Marta boga alesan nu kuat pikeun yakin yén dulurna nu satia, Lasarus, bakal ”hirup deui dina ahir jaman”. Jangji Yéhuwa ka Daniél, ogé iman Marta nu kuat ngeunaan pihudangeunana nu maot, nguatkeun kayakinan urang kiwari. Tangtu pihudangeunana nu maot bakal laksana!

20 Urang geus diajar yén sababaraha jalma bener-bener dihirupkeun deui di jaman baheula. Ieu ngabuktikeun yén nu maot bisa hirup deui. Urang ogé diajar yén hamba-hamba Allah nu satia yakin kana harepan éta dina mangsa kahareup. Tapi sanajan éta geus lila dijangjikeun, naha aya bukti nu ngayakinkeun urang yén éta bisa kalaksana? Lamun aya, tangtu urang bakal leuwih yakin deui kana pihudangeunana nu maot. Tapi, iraha ieu kalaksana? Hal ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.