Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kolot—Bantu Barudak Miboga Hikmat pikeun Kasalametan

Kolot—Bantu Barudak Miboga Hikmat pikeun Kasalametan

”Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet.”​—2 TIM. 3:15.

KAWIH: 141, 134

1, 2. Ku naon aya kolot nu hariwang waktu budakna rék ngabaktikeun diri jeung dibaptis?

AYA rébuan palajar Alkitab nu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Loba di antarana téh barudak nu geus diajar bebeneran ti leuleutik tur milih jalan hirup nu panghadéna. (Jab. 1:1-3) Salaku kolot Saksi, tangtu Sadérék miharep barudak bakal dibaptis engkéna.​—Bandingkeun 3 Yoh. 4.

2 Sanajan kitu Sadérék bisa waé hariwang, meureun lantaran pernah ningali barudak ngora nu geus dibaptis tuluy jadi cangcaya kana mangpaat papakon Allah. Malahan aya nu ninggalkeun bebeneran. Jadi, waktu budak Sadérék rék ngawula Yéhuwa, bisa jadi Sadérék kapikiran naha engkéna manéhna bakal kaleungitan kanyaahna ka bebeneran saperti urang Kristen di Épésus abad kahiji. Yésus ngomong ka maranéhna, ”Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.” (Wahyu 2:4) Kumaha Sadérék bisa ngabantu budak sangkan kanyaahna tetep kuat sarta ”tumuwuh reujeung salametna”? (1 Pet. 2:2) Urang bisa diajar tina tuladan Timoteus.

”HIDEP GEUS NYAHO KANA KITAB SUCI”

3. (a) Kumaha Timoteus jadi urang Kristen, jeung naon nu dilakukeunana? (b) Paulus nunjukkeun ka Timoteus tilu hal naon ngeunaan cara diajar?

3 Basa Rasul Paulus mimiti datang ka Listra taun 47 M, Timoteus diajar ngeunaan pangajaran Yésus. Sanajan masih kénéh budak ngora, Timoteus ngalarapkeun naon nu diajarkeun. Dua taun sanggeusna, manéhna nyarengan Paulus. Kurang leuwih 16 taun sanggeusna, Paulus nulis ka Timoteus, ”Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep. Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci [Kitab-Kitab Ibrani], anu ka hidep mere pangarti [”hikmat”, Terjemahan Dunia Baru], nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.” (2 Tim. 3:14, 15) Perhatikeun, Paulus ngomong yén Timoteus (1) nyaho kana Kitab Suci, (2) jadi kukuh percaya kana hal-hal nu geus diajarkeun, sarta (3) boga hikmat nu nungtun kana kasalametan lantaran percaya ka Kristus Yésus.

Budak nu leutik kénéh gé bisa diajar ngeunaan jalma jeung kisah dina Alkitab

4. Naon nu geus digunakeun ku Sadérék pikeun ngajar barudak? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Sabagé kolot Saksi, Sadérék tangtu hayang budak Sadérék nyaho kana Kitab Suci, nu ayeuna mah geus lengkep. Budak nu leutik kénéh gé bisa diajar ngeunaan jalma jeung kisah dina Alkitab. Organisasi Yéhuwa nyadiakeun loba bacaan jeung vidéo nu bisa digunakeun ku kolot pikeun mantuan barudakna. Naon waé nu aya dina basa Sadérék? Barudak kudu nyaho eusi Alkitab pikeun ngawangun sosobatan jeung Yéhuwa.

”SING KUKUH PERCAYANA”

5. (a) Naon hartina jadi ”kukuh percayana”? (b) Naon buktina Timoteus yakin kana warta ngeunaan Yésus?

5 Teu cukup ngan saukur ngajar barudak ngeunaan jalma jeung kisah dina Alkitab. Inget yén Timoteus diajar sangkan ”kukuh percayana”, jadi manéhna beuki yakin yén ieu téh bebeneran. Timoteus geus nyaho kana Kitab-Kitab Ibrani ”ti bubudak” kénéh. Ka dieunakeun, manéhna yakin yén Yésus téh Mésias. Imanna nu kuat ngajurung Timoteus pikeun dibaptis jeung maturan Paulus sabagé misionaris.

6. Kumaha Sadérék bisa mantuan barudak nguatkeun iman ka Firman Allah?

6 Kumaha Sadérék bisa mantuan barudak sangkan ”kukuh percayana” saperti Timoteus? Mimitina, urang kudu sabar. Perlu waktu pikeun ngawangun iman nu kukuh. Sanajan Sadérék percaya kana hiji hal, barudak teu otomatis percaya. Pikeun miboga iman ka Alkitab, masing-masing budak kudu bisa ”ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”. (Baca Ibrani 5:14.) Salaku kolot, Sadérék bisa nguatkeun iman barudak, hususna waktu maranéhna nanyakeun hiji hal. Hayu urang tingali conto saurang bapa.

7, 8. (a) Kumaha saurang bapa némbongkeun kasabaran waktu ngajar budakna? (b) Iraha Sadérék kudu sabar ka budak Sadérék?

7 Thomas boga budak awéwé nu umurna 11 taun nu osok nanya: ”Bisa waé pan Yéhuwa ngagunakeun évolusi pikeun nyiptakeun sagala rupa mahluk hirup?” atawa ”Ku naon urang teu miluan kagiatan masarakat, saperti pemilu, pikeun menerkeun kaayaan?” Sakapeung, manéhna kudu ngadalikeun létah sangkan teu langsung méré jawaban nu bener. Thomas nyaho yén jalma bisa yakin ka bebeneran lain ti hiji katerangan wungkul, tapi ti sababaraha bukti.

8 Thomas nyaho pentingna kasabaran dina ngajar budakna. Kabéh urang Kristen kudu némbongkeun sipat ieu. (Kol. 3:12) Thomas kudu nyadiakeun loba waktu jeung sering ngobrol pikeun ngawangun kayakinan budakna. Manéhna kudu diskusi jeung budakna ngeunaan bebeneran Alkitab. Ceuk Thomas, ”Hususna ngeunaan hal-hal nu penting, abdi jeung pamajikan hayang mastikeun naha manéhna bener-bener yakin jeung ngarasa pangajaran éta téh asup akal. Abdi resep lamun manéhna tatanya. Justru, abdi hariwang lamun manéhna langsung narima bari teu boga pananya.”

Sadérék kudu sabar dina ngabantu barudak ngawangun iman ka Firman Allah

9. Kumaha carana Sadérék ngabantu budak pikeun yakin ka Firman Allah?

9 Lamun kolot sabar waktu ngajar barudak, dina waktuna barudak bakal paham ”legana jeung panjangna, luhurna jeung jerona” iman Kristen. (Epe. 3:18) Pangajaran urang kudu cocog jeung umur sarta pamahaman barudak. Beuki kuat iman barudak, beuki gampang maranéhna ngabéla imanna, kaasup di hareupeun batur sakola. (1 Pet. 3:15) Contona, naha budak Sadérék bisa ngajelaskeun tina Alkitab ngeunaan kaayaan nu maot? Naha ajaran Alkitab asup akal pikeun manéhna? * (Tingali catetan handap.) Sing inget yén kasabaran Sadérék dina ngabantu barudak pikeun ngawangun iman ka Firman Allah moal cumah.​—Pam. 6:6, 7.

Tuladan Sadérék ogé penting dina ngawangun iman barudak

10. Naon nu penting dina ngawangun iman barudak?

10 Tangtu, tuladan Sadérék ogé penting dina ngawangun iman barudak. Stephanie nu boga tilu budak nyarita, ”Ti barudak masih kénéh laleutik, abdi osok mastikeun, ’Naha abdi nyaritakeun ka barudak alesan abdi percaya yén Allah téh aya, nyaahan, jeung bener sagala jalan-Na? Naha barudak abdi bisa ningali jelas yén abdi nyaah pisan ka Yéhuwa?’ Abdi teu bisa ngarepkeun barudak percaya ka bebeneran lamun abdi sorangan gé henteu.”

’HIKMAT NU NUNGTUN KANA JALAN SALAMET’

11, 12. Naon hikmat téh, ku naon éta teu gumantung kana umur hiji jalma?

11 Urang geus diajar yén Timoteus (1) nyaho kana bebeneran Kitab Suci sarta (2) kukuh kana kapercayaanana. Tapi, naon maksud Paulus basa manéhna ngomong yén Kitab Suci bisa méré Timoteus ’hikmat nu nungtun kana jalan salamet’?

12 Dina Pemahaman Alkitab, Jilid 1, dijelaskeun yén hikmat téh ”kasanggupan pikeun ngagunakeun pangaweruh jeung pangarti dina ngaréngsékeun masalah, nyingkahan bahaya, ngahontal tujuan, atawa mépélingan batur ngeunaan hal-hal éta. Hikmat téh patukang tonggong jeung kabodoan.” Alkitab nyebutkeun yén ”barudak mah biasa sok bolostrong sologoto” atawa bodo. (Sil. 22:15) Lantaran hikmat patukang tonggong jeung kabodoan, hikmat téh ciri jalma déwasa. Hiji jalma jadi déwasa sacara rohani lamun hormat ka Yéhuwa jeung nurut ka Mantenna, teu ngan saukur lantaran umurna geus nambahan.​—Baca Jabur 111:10.

13. Kumaha budak ngora kabukti déwasa sacara rohani?

13 Budak ngora nu déwasa sacara rohani ”moal kabawa ku ombak jeung angin gogoda” ti kahayang sorangan atawa ti babaturan. (Epe. 4:14) Maranéhna ogé ”bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”. (Ibr. 5:14) Maranéhna kabukti déwasa sacara rohani lamun nyieun putusan nu bijaksana sanajan teu aya kolot atawa jalma déwasa séjénna nu ningali. (Pil. 2:12) Maranéhna perlu hikmat siga kitu sangkan salamet. (Baca Siloka 24:14.) Kumaha Sadérék bisa ngabantu barudak mekarkeun hikmat siga kitu? Prinsip hirup Sadérék kudu katingali jelas ku maranéhna. Tina kekecapan jeung laku lampah, bisa kaciri yén Sadérék ngupayakeun hirup luyu jeung papakon Alkitab.​—Rum 2:21-23.

Ku naon penting sangkan kolot teterusan mantuan budakna? (Tingali paragrap 14-18)

14, 15. (a) Naon nu sakuduna dipikirkeun ku budak ngora nu rék dibaptis? (b) Kumaha carana Sadérék ngabantu budak pikeun ngalenyepan yén taat ka hukum Allah téh salawasna mangpaat?

14 Ngawangun iman budak téh teu cukup ngan saukur méré nyaho manéhna naon nu bener jeung nu salah. Sadérék kudu mantuan manéhna mikirkeun pananya saperti: ’Naon sababna Alkitab ngalarang hal-hal nu katingalina pikaresepeun? Kumaha carana sangkan abdi yakin yén papakon Alkitab mangpaat keur abdi?’​—Yes. 48:17, 18.

15 Lamun budak Sadérék hayang dibaptis, Sadérék bisa ngabantu manéhna pikeun mikirkeun tanggung jawabna sanggeus dibaptis. Kumaha pandangan manéhna kana tanggung jawab éta? Naon mangpaatna? Naon tangtanganana? Ku naon berkahna leuwih gedé ti batan tangtanganana? (Mar. 10:29, 30) Penting pikeun bener-bener mikirkeun hal-hal ieu saacan dibaptis. Bantu budak Sadérék pikeun ngalenyepan mangpaatna taat jeung balukarna lamun teu taat. Ku kituna, manéhna teu hésé pikeun yakin yén nuturkeun papakon Alkitab téh salawasna mawa mangpaat.​—Pam. 30:19, 20.

WAKTU BUDAK NGORA NU GEUS DIBAPTIS JADI CANGCAYA

16. Kolot kudu kumaha lamun budak nu geus dibaptis jadi lemah imanna?

16 Kumaha lamun budak Sadérék cangcaya kana bebeneran sanggeus dibaptis? Misalna, budak Sadérék jadi kataji ka dunya ieu. Atawa, manéhna mulai cangcaya naha nuturkeun prinsip Alkitab téh mémang cara hirup nu panghadéna. (Jab. 73:1-3, 12, 13) Sikep Sadérék kana hal éta bisa nangtukeun naha manéhna bakal terus ngawula Yéhuwa atawa henteu. Usahakeun sangkan teu paséa jeung budak, teu sual manéhna leutik kénéh atawa geus rumaja. Sabalikna, yakinkeun manéhna yén Sadérék nyaah jeung hayang ngabantu manéhna.

17, 18. Lamun budak ngora cangcaya ka bebeneran, kumaha kolot bisa méré bantuan?

17 Budak ngora nu dibaptis téh geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Manéhna geus jangji rék nyaah jeung ngutamakeun kahoyong Mantenna ti batan naon waé. (Baca Markus 12:30.) Ingetkeun budak Sadérék yén Yéhuwa nganggap sérius jangji pangbaktian, kitu ogé sakuduna urang. (Pan. 5:4, 5) Tapi, mimitina Sadérék kudu diajar tina bahan-bahan nu disadiakeun organisasi keur kolot. Tuluy, ku cara nu hadé sarta dina waktu nu cocog, tandeskeun ka budak Sadérék yén ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh sérius tur loba berkahna.

18 Misalna, Sadérék bisa manggihan saran-saran alus di apéndiks ”Pertanyaan Orang Tua” di bagian tukang buku Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis, Jilid 1. Di dinya disebutkeun yén ulah buru-buru nyimpulkeun budak téh nolak bebeneran, tapi kudu nyaho naon masalah nu sabenerna. Bisa waé manéhna kitu téh lantaran digoda ku babaturanana atawa teu boga batur. Bisa ogé manéhna ngarasa minder lantaran budak ngora séjénna leuwih alus rohanina. Apéndiks éta ngajelaskeun yén manéhna siga kitu téh lain lantaran teu satuju jeung kapercayaan Sadérék, éta mah lantaran manéhna keur aya masalah. Tuluy aya saran-saran alus kumaha kolot bisa mantuan budak nu cangcaya ka bebeneran.

19. Kumaha carana kolot ngabantu budak pikeun miboga ’hikmat nu nungtun kana jalan salamet’?

19 Salaku kolot, Sadérék boga kahormatan sarta tanggung jawab penting pikeun ngagedékeun budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan”. (Epe. 6:4) Sakumaha nu tadi geus dibahas, éta hartina Sadérék kudu ngajarkeun Alkitab ka budak Sadérék sarta ngayakinkeun manéhna ngeunaan hal éta. Lamun iman manéhna beuki kuat, manéhna bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri jeung méré nu panghadéna ka Yéhuwa. Muga Firman Yéhuwa, roh suci-Na, jeung upaya Sadérék bisa ngabantu budak pikeun miboga ’hikmat nu nungtun kana jalan salamet’.

^ par. 9 Bagian ”Panduan Belajar” pikeun buku ”Apa yang Sebenarnya Alkitab Ajarkan?” dina jw.org/id bisa ngabantu budak ngora jeung nu déwasa pikeun paham sarta bisa ngajelaskeun bebeneran Alkitab. Ieu aya dina sababaraha basa. Tingali AJARAN ALKITAB > BANTUAN UNTUK BELAJAR ALKITAB.