Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Naha urang Kristen meunang ngagunakeun alat KB nu ngaranna IUD (intrauterine device) atawa spiral?

Ngeunaan hal ieu, unggal pasangan Kristen kudu nyieun putusan nu teu ngaganggu haté sanubarina. Ku kituna, maranéhna kudu apal kumaha cara digawéna spiral jeung naon waé prinsip Alkitab nu aya patalina.

Yéhuwa maréntahkeun Adam jeung Hawa sarta Nuh jeung kulawargana, ”Masing loba anak.” (Kaj. 1:28; 9:1) Tapi, Alkitab teu nyebutkeun yén urang Kristen kudu nuturkeun paréntah ieu. Ku kituna, unggal pasangan kudu mutuskeun naha maranéhna rék maké alat KB pikeun nangtukeun lobana anak jeung iraha waktu nu cocog. Naon waé nu kudu dipikirkeun?

Putusan urang Kristen ngeunaan KB kudu luyu jeung prinsip Alkitab. Éta sababna maranéhna moal ngagunakeun aborsi. Prakték ieu maéhan janin nu sakuduna mah lahir jadi orok. Jadi, aborsi papalingpang jeung paréntah Alkitab pikeun ngajénan kahirupan. (Bud. 20:13; 21:22, 23; Jab. 139:16; Yer. 1:5) Tapi, kumaha jeung spiral?

The Watchtower 15 Méi 1979 (kaca 30-31) ngabahas hal ieu. Baheula mah kalolobaan spiral téh tina bahan plastik nu diteundeun dina utérus (rahim) pikeun nyegah kahamilan. Artikel éta ngajelaskeun yén cara digawéna spiral téh teu pati jelas. Loba ilmuwan ngomong yén spiral ngahalangan spérma sangkan teu bisa ngabuahan sél telur. Lamun sél telur teu dibuahan, kahirupan moal dimimitian.

Tapi, aya sababaraha bukti yén sél telur sakapeung bisa waé dibuahan. Sél telur nu geus dibuahan bisa jadi tumuwuh dina tuba Falopi (hamil di luar rahim) atawa bisa pindah ka rahim. Lamun éta geus di rahim, spiral bisa ngahalangan sangkan sél telur nu geus dibuahan henteu némpél kana lapisan rahim. Ieu méh sarua jeung aborsi sabab ngagagalkeun kahamilan. Kasimpulan dina artikel éta, ”Lantaran ngajénan kahirupan, urang Kristen kudu mikirkeun enya-enya katerangan ieu pikeun mutuskeun rék maké spiral atawa henteu.”​—Jab. 36:10.

Tapi ti saprak artikel éta dipedalkeun taun 1979, geus aya loba kamajuan di bidang pangobatan jeung kadokteran.

Ayeuna, aya tambahan dua jinis spiral. Nu kahiji aya tambagana jeung umum dipaké puluhan taun katukang. Sababaraha taun sanggeusna jinis nu kadua mulai dijual, nyaéta nu bisa ngaluarkeun hormon. Kumaha cara digawéna?

Tambaga: Saperti nu geus disebutkeun, spérma nu ngaliwatan rahim moal bisa nepi ka sél telur lantaran dihalangan ku spiral. Tapi salian ti éta, spiral nu aya tambagana bisa maéhan spérma. * (Tingali catetan handap.) Spiral ieu ogé bisa ngarobah lapisan rahim.

Hormon: Ieu jinis spiral nu ngagunakeun hormon nu sarua jeung pil KB. Spiral ieu cara digawéna méh sarua jeung spiral nu baheula, tapi bisa ngaluarkeun hormon dina rahim. Pikeun sababaraha awéwé, ieu bisa ngeureunkeun prosés kaluarna sél telur. Lamun sél telur teu kaluar, tangtuna moal bisa dibuahan. Spiral ieu ogé bisa ngipisan lapisan rahim. * (Tingali catetan handap.) Malahan, spiral ieu bisa ngentelkeun lendir nu aya dina sérviks. Jadi, spérma ti vagina moal bisa asup ka rahim.

Saperti nu geus disebutkeun, dua jinis spiral ieu ngarobah lapisan rahim. Lamun sél telurna subur jeung dibuahan, sélna bisa asup ka rahim tapi teu bisa némpél lantaran lapisanana geus teu cocog. Éta bakal ngagagalkeun kahamilan ti mimiti. Tapi, para ilmuwan ngomong yén ieu jarang kajadian. Ieu ogé bisa kaalaman ku nu nginum pil KB.

Ku kituna, teu aya nu wani ngajamin yén spiral tambaga atawa hormon téh bisa terus ngahalangan sél telur dibuahan. Tapi, hasil panalungtikan ngadukung katerangan di luhur yén spiral-spiral éta bisa ngahalangan sél telur dibuahan. Jadi, awéwé nu ngagunakeunana jarang pisan aya nu hamil.

Pasangan Kristen nu rék ngagunakeun spiral kudu ngabahas hal ieu jeung dokter. Dokter bisa méré nyaho maranéhna spiral naon waé nu aya sarta ngajelaskeun mangpaat jeung épék sampingna keur awéwé. Pasangan éta sakuduna henteu ngarepkeun atawa ngantep batur, kaasup dokter, mangnyieunkeun putusan keur maranéhna. (Rum 14:12; Gal. 6:4, 5) Ieu putusan nu kudu dijieun ku pasangan éta sorangan. Tujuan utama maranéhna nyaéta nyukakeun Allah jeung ngajaga haté sanubari tetep bersih.​—Bandingkeun 1 Tim. 1:18, 19; 2 Tim. 1:3.

^ par. 8 Katerangan ti Dines Kaséhatan Nasional Inggris nyebutkeun, ”Spiral nu leuwih loba tambagana, 99% leuwih ampuh. Éta hartina di antara 100 awéwé, kurang ti hiji awéwé nu bakal hamil dina sataun. Beuki saeutik tambaga dina spiral, beuki ngurangan kaampuhanana.”

^ par. 9 Lantaran spiral hormon bisa ngipisan lapisan rahim, dokter osok ngaresépkeunana pikeun awéwé nu ménstruasina loba pisan, boh nu geus nikah boh nu teu acan.