Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Ninggalkeun Loba Hal pikeun Nuturkeun Kristus

Ninggalkeun Loba Hal pikeun Nuturkeun Kristus

Waktu abdi umur 16 taun, pun bapa ngomong, ”Ulah balik ka imah lamun manéh ngawawar. Mun wani balik, ku aing potongkeun siah suku manéh!” Jadi, abdi ninggalkeun imah. Ieu mimitina abdi ninggalkeun loba hal pikeun nuturkeun Yésus, Dunungan abdi.

KU NAON bapa sakitu ambekna? Kieu caritana. Abdi lahir tanggal 29 Juli 1929 tuluy digedékeun di hiji désa nu aya di Propinsi Bulacan, Filipina. Kulawarga abdi teu beunghar sarta hirup saderhana. Basa abdi leutik kénéh, prajurit Jepang nyerang Filipina tuluy perang dimimitian. Tapi, désa abdi mah teu diserang lantaran tempatna mencil. Di dinya teu aya radio, TV, atawa koran, jadi béja ngeunaan perang téh meunang ti carita batur.

Abdi boga tujuh adi lanceuk. Waktu abdi kakara dalapan taun, abdi diasuh ku aki nini. Sanajan kulawarga abdi Katolik, aki resep diskusi jeung narima bacaan rohani ti babaturanana. Abdi inget kénéh basa aki nunjukkeun Alkitab sarta bacaan dina basa Tagalog nu ngabolékérkeun pangajaran-pangajaran agama palsu. Abdi resep maca Alkitab, hususna bagian opat Injil. Ieu ngageuing abdi pikeun nuturkeun tuladan Yésus.​—Yoh. 10:27.

DIAJAR PIKEUN NUTURKEUN DUNUNGAN ABDI

Prajurit Jepang ninggalkeun Filipina taun 1945. Teu lila, kolot nitah abdi balik ka imah. Aki ogé ngajurung kitu, jadi abdi balik ka imah.

Dina Désémber 1945, Saksi Yéhuwa ti kota Angat ngawawar ka désa abdi. Salah sahiji Saksi nu geus kolot datang ka imah jeung ngajelaskeun tina Alkitab ngeunaan ”ahir jaman”. (2 Tim. 3:1-5) Manéhna ogé ngondang abdi sakulawarga pikeun diajar Alkitab di désa tatangga. Abdi indit sanajan kolot abdi henteu. Kira-kira aya 20 jalma nu hadir, jeung aya nu ngajukeun pananya ngeunaan Alkitab.

Abdi teu ngarti maranéhna keur ngomongkeun naon. Tapi basa abdi rék indit, maranéhna ngawihkeun kawih Karajaan. Abdi resep pisan ngadéngékeun kawihna nepi ka teu tulus inditna. Sanggeus ngawih jeung doa, abdi sadaya diondang pikeun hadir di pasamoan di Angat poé Mingguna.

Pasamoan éta diayakeun di imahna kulawarga Cruz. Pikeun nepi ka dinya, aya nu kudu leumpang kira-kira dalapan kilométer. Kira-kira aya 50 jalma nu hadir. Abdi kataji ningali budak leutik bisa ngajawab pananya ngeunaan topik-topik Alkitab nu hésé. Sanggeus sababaraha kali masamoan, abdi diajak mondok di imahna Damian Santos, panaratas nu geus kolot nu baheulana walikota. Sapeupeuting, abdi duaan diskusi ngeunaan Alkitab.

Baheula mah, jalma bisa dibaptis sanggeus diajar bebeneran dasar Alkitab. Sanggeus sababaraha kali masamoan, sadérék-sadérék nanya ka abdi jeung ka nu séjénna, ”Naha aranjeun hayang dibaptis?” Abdi ngajawab, ”Hayang!” Abdi hayang ngajadikeun Yésus ”dunungan” abdi. (Kol. 3:24) Jadi dina tanggal 15 Pébruari 1946, kabéh indit ka walungan nu pangdeukeutna, sarta aya dua nu dibaptis.

Abdi paham yén urang Kristen nu geus dibaptis kudu rutin ngawawar saperti Yésus. Pun bapa nganggap abdi ngora kénéh pikeun ngawawar jeung nganggap dibaptis téh lain hartina kudu jadi pawarta. Abdi ngajelaskeun ka pun bapa yén ngawawarkeun warta hadé Karajaan téh kahoyong Allah. (Mat. 24:14) Abdi ogé ngomong yén abdi kudu nedunan jangji ka Allah. Geus kitu, pun bapa ambek saperti carita abdi nu mimiti. Manéhna keukeuh hayang abdi eureun ngawawar. Ieu mimitina abdi ninggalkeun loba hal, atawa nyieun pangorbanan, pikeun ngawula Yéhuwa.

Kulawarga Cruz ngajak abdi cicing jeung maranéhna di Angat. Maranéhna ogé ngajurung abdi jeung budak bungsuna, Nora, pikeun jadi panaratas. Dina 1 Nopémber 1947, abdi jeung Nora mulai naratas. Abdi naratas di Angat, tapi Nora di kota séjén.

KASEMPETAN SÉJÉN PIKEUN NINGGALKEUN LOBA HAL

Sanggeus abdi dua taun naratas, Sadérék Earl Stewart nu ngawula di Bétel, hutbah di lapangan kota Angat. Aya leuwih ti 500 jalma nu hadir. Manéhna hutbah dina basa Inggris, tuluy abdi nyaritakeun intina dina basa Tagalog. Ieu téh hutbah mimiti nu ditarjamahkeun ku abdi. Ku naon abdi bisa narjamahkeun? Sanajan abdi ngan tujuh taun sakola, guru-guru abdi biasa ngomong maké basa Inggris. Abdi ogé diajar tina publikasi basa Inggris lantaran ngan saeutik publikasi Kristen nu aya dina basa Tagalog. Ieu ngabantu abdi ngarti basa Inggris sarta bisa narjamahkeun hutbah.

Sadérék Stewart ngomong ka sidang lokal yén misionaris bakal indit pikeun hadir di Kongrés Paningkatan Téokratis di New York, AS, taun 1950. Jadi, kantor cabang butuh hiji atawa dua panaratas pikeun mantuan di Bétel. Abdi salah sahiji nu diondang. Sakali deui abdi kudu ninggalkeun loba hal, tapi ayeuna mah pikeun ngawula di Bétel.

Abdi nepi di Bétel tanggal 19 Juni 1950. Ieu téh Bétel nu gedé, bangunanana geus kolot sarta dikurilingan ku tangkal-tangkal gedé di lahan nu legana sahéktar. Aya belasan sadérék ngawula di ditu. Isuk-isuk kénéh abdi mantuan di dapur. Kira-kira jam salapan, abdi ngalicin pakéan. Jadwal beurangna ogé kitu. Sanajan para misionaris geus baralik ti kongrés internasional, abdi tetep di Bétel. Abdi ngalakukeun sagala nu ditugaskeun ku sadérek-sadérék. Abdi ngepak majalah pikeun dikirim, ngurus langganan publikasi, jeung jadi nu narima tamu.

NINGGALKEUN FILIPINA PIKEUN SAKOLA GILÉAD

Dina taun 1952, abdi jeung genep sadérék ti Filipina diondang Sakola Giléad kelas ka-20. Abdi bungah pisan! Basa keur di Amerika Serikat, abdi sadaya ningali jeung ngalaman hal-hal nu anyar. Hirup di ditu téh béda pisan jeung di désa kalahiran abdi.

Bareng jeung batur sakelas di Giléad

Contona, abdi diajar ngagunakeun pakakas-pakakas nu kakara harita ditingali ku abdi. Usum di ditu ogé béda pisan! Hiji poé pas abdi hudang, sagala nu aya di luar téh bodas. Kakara harita abdi ningali salju. Éndah pisan, tapi abdi katirisan!

Sanajan kitu, abdi resep pisan dilatih di Giléad. Instrukturna téh guru-guru nu pangalaman. Maranéhna ngajarkeun carana diajar jeung nalungtik Alkitab. Palatihan di Giléad bener-bener nguatkeun sosobatan abdi jeung Yéhuwa.

Sanggeus lulus, abdi ditugaskeun sabagé panaratas istiméwa sementara di Bronx, New York City. Dina Juli 1953, abdi hadir di Kongrés Masarakat Dunya Anyar di Bronx. Sanggeus éta kongrés, abdi ditugaskeun balik deui ka Filipina.

NINGGALKEUN KAGENAHAN DI KOTA

Abdi meunang tugas ti sadérék-sadérék di Bétel jadi pangawas wilayah. Ieu kasempetan pikeun nyonto Yésus nu iinditan ka kota-kota nu jauh pikeun mantuan umat Yéhuwa. (1 Pet. 2:21) Daérah nu ditugaskeun ka abdi téh Luzon pusat, nyaéta pulo panggedéna di Filipina. Ieu kaasup Propinsi Bulacan, Nueva Ecija, Tarlac, jeung Zambales. Pikeun nganjangan sababaraha kota, abdi kudu ngaliwatan Pagunungan Sierra Madre. Teu aya beus atawa karéta api ka éta tempat, jadi abdi biasa numpang ka treuk nu ngaliwat jeung diuk di luhureun balok kai. Mémang sopir treukna ngidinan, tapi pas nepi téh nyareri awak.

Di ditu, kalolobaan sidangna leutik jeung anyar kénéh. Jadi, sadérék-sadérék bungah pisan lantaran abdi mantuan ngaorganisasi pasamoan jeung dines.

Terus, abdi ditugaskeun ka hiji wilayah nu nyakup daérah Bicol. Di daérah ieu, aya loba kelompok hasil pangwawaran panaratas istiméwa nu aya di tempat-tempat nu mencil pisan. Di hiji imah, jambanna téh ngan hiji lobang dina taneuh, nu di luhurna aya dua balok kai keur titincakan. Waktu ditincak ku abdi, éta kai kalah ka ragrag ka lobang, brus abdi tigebrus ka dinya. Jadi, abdi rada lila mersihan awak saacanna sarapan!

Waktu ngawula di wilayah éta, abdi inget deui ka Nora, nu babarengan jadi panaratas. Harita, manéhna ngawula sabagé panaratas istiméwa di Dumaguete City. Tuluy abdi nganjangan manéhna. Sanggeusna, abdi duaan susuratan sababaraha waktu. Ahirna, abdi duaan nikah dina taun 1956. Dina minggu kahiji sanggeus nikah, abdi duaan nganjangan sidang di Pulo Rapu Rapu. Sanajan di ditu abdi duaan kudu naék gunung jeung leumpang jauh, abdi bungah pisan bisa babarengan jeung mantuan dulur saiman di tempat nu jauh.

DIONDANG DEUI NGAWULA DI BÉTEL

Sanggeus kira-kira opat taun ngawula sabagé pangawas wilayah, abdi diondang deui ka kantor cabang. Abdi duaan mulai ngawula di Bétel dina Januari 1960. Salila mangtaun-taun ngawula di Bétel, abdi diajar loba hal basa digawé jeung sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab gedé di organisasi Yéhuwa. Nora ogé resep migawé rupa-rupa tugas di Bétel.

Nepikeun hutbah di kongrés nu ditarjamahkeun ka basa Cebuano

Bungah pisan bisa nyaksian beuki loba jalma ngawula Yéhuwa di Filipina. Basa abdi mimiti ngawula di Bétel, masih ngora jeung léngoh kénéh, ngan aya kira-kira 10.000 pawarta di nagri ieu. Ayeuna, aya leuwih ti 200.000 pawarta, jeung aya ratusan sadérék nu ngawula di Bétel ngadukung kagiatan pangwawaran.

Dina lumangsungna waktu, Bétel kudu dilegaan. Terus, Badan Pingpinan nitah néangan tanah keur diwangun kantor nu leuwih gedé. Abdi jeung pangawas percitakan ngadatangan imah-imah tatangga pikeun nanyakeun naha tanahna rék dijual. Euweuh nu daékeun, malah aya nu ngomong, ”Urang Cina mah tara ngajual, tapi meuli.”

Narjamahkeun hutbahna Sadérék Albert Schroeder

Tapi hiji poé, kaayaan mulai barobah. Salah sahiji tatangga rék pindah ka Amerika Serikat, jadi manéhna nawarkeun tanahna pikeun dibeuli. Tuluy, tatangga séjénna ogé jadi ngajual tanahna, jeung ngajurung nu séjén pikeun ngalakukeun nu sarua. Malah urang ogé bisa meuli tanah ti jalma nu ngomong, ”Urang Cina mah tara ngajual.” Dina waktu singget, kantor cabang jadi tilu kali leuwih gedé. Abdi yakin ieu bisa kalaksana lantaran ieu kahoyong Yéhuwa.

Dina 1950, abdi téh nu pangorana di Bétel. Ayeuna, abdi jeung pamajikan téh nu pangkolotna. Abdi teu pernah ngarasa kaduhung nuturkeun naon waé pituduh Yésus. Sanajan abdi diusir ti imah, Yéhuwa ngaberkahan abdi ku kulawarga gedé nu nyaah ka Mantenna. Teu sual naon tugasna, abdi yakin Yéhuwa bakal masihan sagala nu dibutuhkeun ku urang. Abdi jeung Nora nganuhunkeun pisan pikeun sagala sasadiaan ti Yéhuwa. Abdi ogé ngajurung batur pikeun nguji Yéhuwa.​—Mal. 3:10.

Yésus pernah ngondang tukang mulung pajeg nu ngaranna Mateus Léwi pikeun jadi muridna. Naon nu dilakukeun ku Mateus? ”Lewi cengkat tuluy milu ka Yesus, ninggalkeun sagala rupa.” (Luk. 5:27, 28) Abdi ogé boga kasempetan pikeun ninggalkeun loba hal tuluy nuturkeun Yésus. Abdi ngajurung sadérék-sadérék pikeun ngalampahkeun nu sarua jeung ngarasakeun berkahna.

Bungah terus ngawula di Filipina