Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Budak Ngora—Terus Upayakeun Kasalametan Hidep

Budak Ngora—Terus Upayakeun Kasalametan Hidep

”Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.”​—PIL. 2:12.

KAWIH: 133, 135

1. Ku naon dibaptis téh penting? (Tingali gambar dina awal artikel.)

UNGGAL taun, rébuan palajar Alkitab dibaptis. Loba di antarana téh budak ngora, rumaja, atawa nu leuwih leutik deui umurna. Bisa jadi maranéhna diajar bebeneran ti leuleutik. Naha hidep ogé kitu? Lamun enya, éta téh alus pisan. Unggal urang Kristen kudu dibaptis pikeun narima kasalametan jeung hirup langgeng.​—Mat. 28:19, 20; 1 Pet. 3:21.

2. Ku naon hidep teu kudu sieun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa?

2 Sanggeus dibaptis, Yéhuwa mulai ngaberkahan hidep ku loba cara. Tapi, hidep ogé boga tanggung jawab. Naon éta téh? Dina poéan dibaptis, nu mawakeun hutbah baptisan nanya ka hidep, ”Dumasar kana korban tebusan Yésus Kristus, naha Sadérék parantos tobat tina dosa-dosa Sadérék sarta ngabaktikeun diri ka Yéhuwa pikeun ngalampahkeun pangersa-Na?” Tuluy hidep ngaenyakeun. Hidep jangji pikeun mikanyaah Yéhuwa sarta ngutamakeun kahoyong Mantenna dina hirup hidep. Naha hidep bakal kaduhung nyieun jangji éta? Tangtu moal! Hidep moal bakal kaduhung dibingbing ku Yéhuwa dina kahirupan. Kabéh nu teu wanoh ka Yéhuwa jadi bagian dunya Sétan. Sétan teu paduli ka maranéhna jeung ka hidep. Malah, manéhna bungah lamun hidep nolak Yéhuwa, biluk ka manéhna, terus kaleungitan harepan hirup langgeng.

3. Naon waé berkah ti Yéhuwa lantaran hidep geus ngabaktikeun diri?

3 Pikirkeun berkah naon waé nu dipasihkeun ku Yéhuwa lantaran hidep geus ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Lantaran geus ngabaktikeun hirup ka Yéhuwa, hidep bisa ngomong kalawan yakin, ”PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?” (Jab. 118:6) Mihak Yéhuwa jeung kamanah ku Mantenna téh kahormatan nu taya bandingna.

TANGGUNG JAWAB PRIBADI

4, 5. (a) Ku naon ngabaktikeun diri téh tanggung jawab pribadi? (b) Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku urang Kristen teu sual umurna?

4 Hidep teu bisa nganggap sosobatan jeung Yéhuwa siga imah atawa tanah nu bisa diwariskeun ka hidep. Sanajan hidep masih kénéh cicing jeung kolot, sosobatan jeung Yéhuwa téh tanggung jawab hidep sorangan. Ieu penting pikeun diinget. Teu aya nu nyaho bakal nyanghareupan ujian iman naon kahareupna. Contona, bisa waé hidep geus dibaptis ti leuleutik kénéh. Tapi ayeuna sanggeus rumaja, hidep boga parasaan jeung masalah nu béda deui. Hiji rumaja awéwé nyarita, ”Keur budak leutik mah teu hésé jadi Saksi Yéhuwa, pira gé teu meunang kuéh ulang taun di sakola. Tapi sababaraha taun sanggeusna, basa kudu ngalawan napsu séksual nu beuki kuat, manéhna kudu bener-bener yakin yén nurut ka hukum Yéhuwa téh pilihan nu panghadéna.”

5 Lain budak ngora wungkul nu kudu nyanghareupan tangtangan nu anyar. Jalma déwasa nu dibaptis gé kudu nyanghareupan tangtangan nu teu disangka-sangka. Bisa waé éta tina perkawinan, kaséhatan, atawa pagawéan maranéhna. Teu sual umurna, urang kabéh kudu satia ka Yéhuwa dina rupa-rupa kaayaan.​—Yak. 1:12-14.

6. (a) Naon maksudna ngabakti ka Yéhuwa tanpa sarat? (b) Naon palajaran ti Pilipi 4:11, 12 jeung Yesaya 12:2?

6 Sangkan terus satia, sing inget yén hidep geus jangji tanpa sarat ka Yéhuwa. Ieu hartina hidep rék ngawula Mantenna teu sual sobat atawa kolot ninggalkeun Yéhuwa. (Jab. 27:10) Dina sagala kaayaan, ulah asa-asa nyuhunkeun bantuan ka Yéhuwa pikeun nedunan jangji ka Mantenna.​—Baca Pilipi 4:11, 12; Yesaya 12:2.

7. Naon maksudna ngupayakeun kasalametan nu dibarengan ”sieun ku Allah”?

7 Yéhuwa hayang nyobat jeung hidep. Tapi, hidep perlu ngupayakeun éta sosobatan jeung kasalametan hidep. Pilipi 2:12 nyebutkeun, ”Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.” Ieu hartina urang kudu bener-bener mikirkeun carana tetep raket jeung Yéhuwa sarta tetep satia teu sual tangtanganana. Urang teu bisa nganggap urang moal gagal. Inget yén jalma-jalma nu geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun gé bisa teu satia. Naon waé nu bisa ngabantu hidep pikeun ngupayakeun kasalametan?

PENTINGNA PALAJARAN ALKITAB

8. Naon nu kaasup palajaran pribadi? Ku naon ieu penting?

8 Pikeun jadi sobat Yéhuwa, urang kudu ngadéngékeun Yéhuwa jeung nyarita ka Mantenna. Cara utama pikeun ngadéngékeun Yéhuwa nyaéta diajar Alkitab. Ieu kaasup maca jeung ngalenyepan Firman Allah sarta publikasi Kristen. Tapi, diajar Alkitab téh béda jeung ngapalkeun palajaran pikeun ujian sakola. Ieu téh siga hidep keur pelesir tuluy manggihan hal-hal nu anyar ngeunaan Yéhuwa. Hidep jadi leuwih raket ka Allah, Mantenna gé jadi raket ka hidep.​—Yak. 4:8.

Naha komunikasi hidep jeung Yéhuwa lancar? (Tingali paragrap 8-11)

9. Naon waé bantuan pikeun palajaran pribadi hidep?

9 Organisasi Yéhuwa nyadiakeun loba bantuan pikeun palajaran pribadi hidep. Contona, di jw.org/id aya séri ”Menggali Isi Alkitab” di bagian ”Anak Muda” nu bisa mantuan hidep meunang palajaran tina kisah-kisah Alkitab tur ngalarapkeunana. Aya ogé bagian ”Panduan Belajar”. Hidep jadi leuwih kuat iman jeung bisa ngajelaskeun kapercayaan hidep ka batur. Hidep ogé bisa manggihan saran séjén pikeun palajaran pribadi dina artikel ”Kaum Muda Bertanya . . . Bagaimana Aku Bisa Menikmati Pembacaan Alkitab?” tina Sedarlah! April 2009. Palajaran pribadi tur ngalenyepan téh penting pikeun ngupayakeun kasalametan hidep.​—Baca Jabur 119:105.

PENTINGNA DOA

10. Ku naon urang Kristen nu geus dibaptis kudu ngadoa?

Iraha waé hidep guligah, ”Pasrahkeun kasusah [hidep] ka Allah”

10 Waktu diajar Alkitab, urang ngadéngékeun Yéhuwa. Tapi waktu ngadoa, urang ngomong ka Yéhuwa. Tangtu urang moal nganggap doa téh ngan saukur kabiasaan atawa jampé sangkan urang suksés. Doa téh komunikasi jeung Nu Nyipta. Pék bayangkeun, Yéhuwa hayang ngadéngékeun omongan urang! (Baca Pilipi 4:6.) Jadi, iraha waé hidep guligah, inget kekecapan Alkitab, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah.” (Jab. 55:23) Jutaan dulur saiman geus ngarasakeun ieu téh mangpaat. Hidep ogé bisa!

11. Ku naon urang kudu terus nganuhunkeun ka Yéhuwa?

11 Tapi, ngadoa téh ulah ngan keur butuhna waé. Alkitab mépélingan urang, ”Aranjeun kudu muji sukur.” (Kol. 3:15) Sakapeung, lantaran baluweng ku masalah, berkah-berkah ti Allah jadi teu katingali deui. Jadi, cobaan hal ieu: Unggal poé, pikirkeun tilu hal nu bisa urang sukurkeun, tuluy doa ka Yéhuwa ngucapkeun sukur. Saurang rumaja nu ngaranna Abigail dibaptis basa umurna 12 taun. Manéhna nyarita, ”Ceuk abdi, Yéhuwa layak narima rasa sukur urang leuwih ti saha waé di jagat raya ieu. Dina unggal kasempetan, urang kudu nganuhunkeun ka Mantenna kana sagala berkah-Na.” Sakapeung, Abigail mikirkeun pananya nu pernah didéngé ku manéhna, ”Lamun nu urang sukurkeun poé ieu bakal ditarima isukan, urang rék ngadoakeun naon waé?” * (Tingali catetan handap.)

PENTINGNA PANGALAMAN

12, 13. Ku cara naon waé hidep ngarasakeun kasaéan Yéhuwa, sarta ku naon penting pikeun ngalenyepan carana Yéhuwa ngabantu hidep?

12 Yéhuwa nulungan Raja Daud pikeun nyanghareupan loba kaayaan sulit. Dumasar kana pangalamanana, Daud ngomong, ”Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.” (Jab. 34:9) Ayat ieu némbongkeun yén urang kudu ngarasakeun sorangan kasaéan Yéhuwa. Waktu hidep masamoan sarta maca Alkitab jeung publikasi, hidep diajar carana Yéhuwa ngabantu jalma séjén pikeun satia. Tapi beuki raket jeung Yéhuwa, hidep kudu ngarasaan sorangan kumaha Yéhuwa ngabantu hidep. Kumaha carana?

Ajénan bagian nu disadiakeun Yéhuwa keur hidep di organisasi-Na

13 Unggal urang Kristen geus ngarasakeun kasaéan Yéhuwa ku cara nu istiméwa. Mantenna ngondang urang pikeun ngaraket ka Mantenna jeung Putra-Na. Ceuk Yésus, ”Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama ku manten.” (Yoh. 6:44) Naha hidep ngarasa yén Yéhuwa geus narik hidep? Atawa hidep ngarasa, ’Yéhuwa geus narik kolot abdi, abdi mah ngan nuturkeun maranéhna’? Inget yén waktu hidep ngabaktikeun diri jeung dibaptis, hidep boga hubungan husus jeung Mantenna. Alkitab nyebutkeun, ”Jelema anu enya-enya nyaah ka Allah, tangtu ku Allah dikenal.” (1 Kor. 8:3) Ajénan bagian nu disadiakeun Yéhuwa keur hidep di organisasi-Na.

14, 15. Kumaha dines bisa ngabantu hidep boga iman nu kuat?

14 Hidep ogé ngarasakeun kasaéan Yéhuwa waktu Mantenna masihan hidep kawani pikeun nyaritakeun iman hidep ka batur, boh dina dines boh di sakola. Mémang teu gampang ngawawar ka batur sakola téh. Bisa jadi hidep sieun lantaran ngabayangkeun maranéhna bakal kumaha. Komo deui lamun kudu ngajelaskeun di hareupeun loba jalma. Kumaha hidep bisa dibantu?

15 Pék pikirkeun, naon alesanana hidep yakin kana kapercayaan hidep. Gunakeun ”Panduan Belajar” dina jw.org/id. Ieu bantuan pikeun mikirkeun kapercayaan hidep, alesan hidep percaya, jeung carana ngajelaskeun éta ka batur. Sanggeus hidep bener-bener yakin jeung siap, hidep bakal sumanget nyarita ngeunaan Yéhuwa.​—Yer. 20:8, 9.

16. Naon nu bisa ngabantu hidep wani ngajelaskeun kapercayaan hidep?

16 Sanajan geus siap gé, hidep bisa jadi masih kénéh geumpeur waktu nyarita. Saurang sadérék istri nu umurna 18 taun jeung dibaptis umur 13 taun nyarita, ”Abdi geus paham kana kapercayaan abdi, tapi sakapeung hésé pikeun ngajelaskeunana.” Jadi, manéhna nyobaan ngomong ku cara nu tenang jeung wajar waktu nyaritakeun bebeneran. Manéhna nyarita, ”Batur sakelas abdi mah asa bébas wé nyaritakeun kagiatanana. Abdi ogé kudu kitu. Jadi, bari saliwat abdi ngomong, ’Kamari, basa urang ngajarkeun Alkitab, . . . ’ Tuluy, abdi neruskeun carita abdi. Sanajan teu langsung nyarita ngeunaan Alkitab, maranéhna osok panasaran ngeunaan naon nu dilakukeun basa ngajarkeun Alkitab. Sakapeung, maranéhna gé nanyakeun ngeunaan hal éta. Beuki sering abdi ngagunakeun cara ieu, beuki gampang jadina. Hasilna, abdi ngarasa bungah pisan!”

17. Sikep naon nu bisa ngabantu hidep nyaritakeun bebeneran ka batur?

17 Lamun batur ngarasa diperhatikeun jeung diajénan, maranéhna bakal leuwih gampang pikeun ngajénan hidep jeung kapercayaan hidep. Olivia nu umurna 17 taun jeung dibaptis basa leutik kénéh nyarita, ”Abdi sok sieun dianggap panatik ku nu séjén lamun nyaritakeun Alkitab basa keur ngobrol.” Tuluy cara pikir manéhna barobah. Ti batan terus mikirkeun kasieun, manéhna mikir, ”Loba budak ngora teu nyaho nanaon ngeunaan Saksi Yéhuwa. Ngan urang Saksi nu dikenal ku maranéhna. Jadi, sikep urang nangtukeun kumaha sikep maranéhna ka urang. Kumaha lamun urang asa-asa, éra, jeung geumpeur basa nyaritakeun iman urang? Tangtu maranéhna bakal ningali yén urang téh teu reueus kana kapercayaan urang sorangan. Maranéhna ogé bakal teu resepeun ningali urang nu teu percaya diri. Tapi, lamun nyaritana tenang jeung yakin siga keur ngobrol, biasana maranéhna bakal leuwih ngajénan urang.”

TERUS UPAYAKEUN KASALAMETAN HIDEP

18. Naon nu perlu dilakukeun pikeun ngupayakeun kasalametan hidep?

18 Urang geus ngabahas yén unggal jalma boga tanggung jawab penting pikeun ngupayakeun kasalametanana sorangan. Ku kituna, hidep perlu maca jeung ngalenyepan Firman Allah, ngadoa ka Yéhuwa, sarta mikirkeun berkah-berkah nu dipasihkeun Yéhuwa ka hidep. Ieu bisa ngabantu hidep leuwih yakin yén Yéhuwa téh Sobat hidep. Hidep jadi kajurung pikeun nyaritakeun kapercayaan hidep ka batur.​—Baca Jabur 73:28.

19. Ku naon penting pikeun ngupayakeun kasalametan hidep?

19 Yésus ngomong, ”Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi, kudu manggul salibna [”tihang siksaanana”, Terjemahan Dunia Baru] tuluy ngiring ka Kami.” (Mat. 16:24) Pikeun jadi murid Yésus, unggal urang Kristen kudu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Ieu téh awal tina kahirupan nu éndah ayeuna, jeung ngahasilkeun hirup langgeng di dunya anyar engkéna. Jadi, sing satékah polah dina ngupayakeun kasalametan hidep!

^ par. 11 Pikeun saran-saran séjénna, tingali ”Pertanyaan Anak Muda—Apa Gunanya Berdoa?” sarta lambar kagiatanana dina jw.org/id.