Budak Ngora, Nu Nyiptakeun Hidep Hoyong Hidep Bagja
”Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade.”—JAB. 103:5.
1, 2. Ku naon bijaksana lamun hidep ngadéngékeun Nu Nyipta waktu rék netepkeun tujuan hirup? (Tingali gambar dina awal artikel.)
BUDAK NGORA, hidep bisa jadi geus sering narima naséhat ngeunaan mangsa kahareup. Guru sakola, guru bingbingan jeung konseling, atawa nu séjénna bisa jadi ngabéjaan yén hidep kudu sakola luhur atawa ngudag kariér ngarah beunghar. Tapi, naséhat Yéhuwa mah béda. Tangtu, Mantenna hoyong hidep getol sakola supaya engkéna bisa nyumponan pangabutuh sorangan. (Kol. 3:23) Tapi, Mantenna ogé apal yén hidep kudu nyieun putusan-putusan penting ayeuna nu bakal mangaruhan kahirupan hidep dina mangsa kahareup. Jadi, Mantenna nyadiakeun prinsip-prinsip nu bisa ngabingbing jeung ngabantu hidep pikeun hirup ku cara nu nyenangkeun Mantenna dina ahir jaman ieu.—Mat. 24:14.
2 Inget yén Yéhuwa apal kana sagala hal. Mantenna apal naon nu bakal kajadian dina mangsa kahareup jeung Yes. 46:10; Mat. 24:3, 36) Yéhuwa gé apal ka hidep. Mantenna apal naon nu ngabagjakeun atawa nu nyusahkeun hidep. Naséhat manusa kadéngéna mah alus, tapi lamun éta teu dumasar kana Firman Allah, éta teu bener-bener alus.—Sil. 19:21.
apal sakumaha deukeut ahir dunya ieu. (HIKMAT ASALNA NGAN TI YÉHUWA
3, 4. Lantaran ngadéngékeun naséhat goréng, naon balukarna keur Adam, Hawa, jeung turunanana?
3 Naséhat goréng geus aya ti baheula. Nu mimiti méré naséhat goréng ka manusa téh Sétan. Manéhna ngabéjaan Hawa yén Hawa jeung Adam bakal leuwih bagja lamun bisa nangtukeun sagala hal ku sorangan. (Kaj. 3:1-6) Tapi, Sétan téh mentingkeun diri! Sétan hayang maranéhna, katut turunanana, taat jeung nyembah ka manéhna lain ka Yéhuwa. Padahal Sétan mah teu méré nanaon ka manusa. Justru Yéhuwa nu masihan sagala nu dipiboga ku maranéhna. Mantenna masihan batur hirup, taman nu éndah pikeun dicicingan, jeung awak nu sampurna nu bisa hirup langgeng.
4 Hanjakalna, Adam jeung Hawa teu taat ka Allah. Ku kituna, maranéhna misahkeun diri ti Sumber kahirupan maranéhna. Balukarna kacida parahna. Kawas kembang nu diteukteuk tina tangkalna, Adam jeung Hawa ngolotan tuluy maot. Turunanana gé milu sangsara, kaasup urang. (Rum 5:12) Kalolobaan jalma kiwari nampik naséhat Allah jeung mawa karep sorangan. (Epe. 2:1-3) Jelas, jalma-jalma nu nentang Yéhuwa téh teu boga hikmat.—Sil. 21:30, Terjemahan Dunia Baru (NW).
5. Allah boga kayakinan naon ka manusa? Naha éta téh kabukti?
5 Yéhuwa yakin bakal aya jalma-jalma, kaasup loba budak ngora, nu hayang wanoh jeung ngawula Mantenna. (Jab. 103:17, 18; 110:3) Barudak ngora éta dipikanyaah pisan ku Yéhuwa! Naha hidep téh salah sahijina? Hidep pasti narima loba ”hal-hal anu harade” ti Allah. Éta nu ngalantarankeun hirup hidep leuwih bagja. (Baca Jabur 103:5; Sil. 10:22) Urang bakal ngabahas opat hal nu hadé ti Allah, nyaéta kadaharan rohani, sobat sajati, cita-cita nu ngabagjakeun, jeung kabébasan nu sajati.
YÉHUWA MASIHAN KADAHARAN ROHANI
6. Ku naon hidep kudu nyumponan kabutuhan rohani, jeung naon nu disadiakeun ku Yéhuwa?
6 Sato teu boga kabutuhan rohani, atawa teu hayang nyaho ka Nu Nyiptakeunana. Tapi, urang mah boga. (Mat. 4:4) Lamun ngadéngékeun Allah, urang jadi boga pamahaman, hikmat, jeung kabagjaan. Ceuk Yésus, ”Bagja jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah.” (Mat. 5:3, Sunda Formal [SF]) Allah masihan Alkitab sarta ngagunakeun ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun nyadiakeun publikasi nu nguatkeun iman urang. (Mat. 24:45) Publikasi ieu disebut kadaharan rohani lantaran bisa nguatkeun iman sarta sosobatan urang jeung Yéhuwa. Urang bagja lantaran kadaharan rohani téh loba jumlahna jeung macemna!—Yes. 65:13, 14.
7. Naon mangpaatna kadaharan rohani ti Allah keur hidep?
Siloka 2:10-14.) Misalna, hidep bisa nyaho kana kabohongan, saperti Allah téh teu aya atawa duit jeung harta banda bisa ngabagjakeun hidep. Hidep ogé bisa nampik kahayang jeung kabiasaan nu nyilakakeun. Ku kituna, upayakeun sangkan hidep jadi bijaksana jeung bisa mikir bener. Hasilna, hidep bisa ngarasakeun sorangan yén Yéhuwa téh nyaah jeung hoyong masihan nu panghadéna keur hidep.—Jab. 34:9; Yes. 48:17, 18.
7 Kadaharan rohani bisa ngalantarankeun hidep jadi bijaksana jeung bisa mikir bener, nu ngalindungan hidep dina loba hal. (Baca8. Ku naon urang kudu ngaraket ka Allah ti ayeuna, jeung naon mangpaatna keur mangsa kahareup?
8 Teu lila deui, kabéh bagian dunya Sétan bakal binasa. Engké ngan Yéhuwa nu bisa ngalindungan jeung nyadiakeun pangabutuh urang, malahan keur dahar ogé urang kudu gumantung ka Yéhuwa. (Hab. 3:2, 12-19) Ayeuna waktuna pikeun ngaraket ka Allah jeung nguatkeun kapercayaan hidep. (2 Pet. 2:9) Lamun ngalampahkeun hal éta, teu sual kumaha kaayaanana, parasaan hidep bakal siga Daud nu ngomong, ”Kaula salawasna eling di payuneun PANGERAN, Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag.”—Jab. 16:8.
YÉHUWA MASIHAN SOBAT SAJATI
9. (a) Numutkeun Yohanes 6:44, naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa? (b) Naon istiméwana waktu panggih jeung Saksi séjén?
9 Basa mimiti panggih jeung jalma nu lain Saksi, sakumaha loba nu dipikanyaho ku hidep sual manéhna? Hidep bisa jadi ngan saukur apal ngaranna atawa dedeganana. Tapi béda lamun urang panggih jeung saurang Saksi. Hidep apal manéhna téh nyaah ka Yéhuwa. Hidep apal yén Yéhuwa ningali kahadéan ti manéhna tuluy narik manéhna pikeun jadi bagian kulawarga nu nyembah Mantenna. Yohanes 6:44.) Teu sual ti mana asalna atawa cara manéhna digedékeun, hidep geus nyaho loba hal ngeunaan manéhna, jeung manéhna gé nyaho loba hal ngeunaan hidep!
(Baca10, 11. Naon sasaruaanana kabéh hamba Yéhuwa, jeung naon pangaruhna ka hidep?
10 Pas panggih jeung Saksi séjén, hidep apal yén hidep jeung manéhna téh loba saruana. Sanajan ngomong maké basa nu béda, hidep jeung manéhna boga basa nu sarua nyaéta ”basa murni”, atawa bebeneran. (Sep. 3:9, NW) Ieu hartina hidep jeung manéhna percaya ka Allah sarta boga papakon moral jeung harepan nu sarua. Jadi, hidep jeung manéhna bisa silih percaya jeung ngawangun sosobatan nu kuat tur langgeng.
11 Jadi lamun hidep ngawula Yéhuwa, hidep bener-bener boga sobat sajati. Hidep boga sobat di sakuliah dunya, sanajan can pernah panggih jeung maranéhna! Naha aya kelompok séjén nu siga kieu?
YÉHUWA NGABANTU HIDEP NETEPKEUN CITA-CITA
12. Hidep rék netepkeun cita-cita naon waé?
12 Baca Pandita 11:9–12:1. Naha hidep boga cita-cita nu rék dihontal? Bisa jadi hidep hayang maca Alkitab unggal poé atawa méré komentar atawa nepikeun pancén nu leuwih hadé di pasamoan. Bisa ogé hidep hayang leuwih tarampil ngagunakeun Alkitab dina dines. Kumaha parasaan hidep waktu merhatikeun yén hidep téh geus aya kamajuan atawa aya nu muji hidep? Bisa jadi hidep ngarasa bungah pisan. Éta téh alus! Naon sababna? Lantaran hidep geus ngalampahkeun kahoyong Allah, sakumaha Yésus.—Jab. 40:9; Sil. 27:11.
13. Ku naon ngawula Yéhuwa téh leuwih hadé ti batan ngudag cita-cita di dunya ieu?
13 Lamun hidep ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, hidep keur ngajalankeun pagawéan nu matak bagja jeung méré tujuan hirup. Paulus méré naséhat, ”Kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti. Sabab aranjeun nyaho yen sakur lampah aranjeun pikeun Gusti moal aya anu mubadir.” (1 Kor. 15:58) Tapi, jalma nu ngudag cita-cita di dunya ieu, saperti néangan loba duit atawa hayang jadi kasohor, teu bener-bener bagja. Sanajan maranéhna geus suksés, haténa mah hampa. (Luk. 9:25) Urang bisa diajar hal ieu tina conto Raja Suléman.—Rum 15:4.
14. Hidep meunang palajaran naon tina pangalaman Suléman?
14 Suléman téh salah sahiji jalma nu pangbeungharna jeung pangkawasana nu pernah hirup di dunya. Manéhna rék ”ngajaran senang-senang, hayang nyaho kumaha genahna ari kasenangan teh”. (Pan. 2:1-10) Jadi, Suléman ngawangun imah-imah nu agréng, taman-taman nu éndah, jeung nyumponan sagala kahayangna. Tapi, naha manéhna ngarasa bagja jeung sugema? Waktu Suléman mikirkeun deui naon nu geus dihontal, manéhna ngomong, ”Bet kapikir sihoreng taya hartina, euweuh pisan paedahna.” (Pan. 2:11) Pék lenyepan palajaran tina pangalaman Suléman.
Taat ka Yéhuwa téh alus keur urang jeung bisa ngabébaskeun
15. Numutkeun Jabur 32:8, ku naon hidep butuh iman, jeung naon mangpaatna keur hidep?
Ibr. 6:10) Jadi, sing sabisa-bisa kuatkeun iman hidep. Ku kituna, hidep bisa nyieun putusan nu hadé jeung ngarasakeun sorangan yén Bapa nu di sawarga téh hoyong masihan nu panghadéna ka hidep.—Baca Jabur 32:8.
15 Sababaraha jalma kakara meunang palajaran hirup waktu nyieun kasalahan jeung sangsara ku balukarna. Yéhuwa teu hoyong hidep ngalaman nu siga kitu. Mantenna hoyong hidep ngadéngékeun jeung taat ka Mantenna. Mémang ieu téh butuh iman, tapi hidep moal kaduhung kana pilihan nu dijieun lantaran iman hidep. Yéhuwa gé moal mopohokeun ”kanyaah [hidep] ka Mantenna”. (ALLAH MASIHAN KABÉBASAN SAJATI
16. Ku naon urang kudu ngahargaan kabébasan jeung ngagunakeunana ku cara nu bijaksana?
16 Paulus nulis, ”Di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.” (2 Kor. 3:17) Yéhuwa resep kana kabébasan, jeung nyiptakeun hidep pikeun resep ogé kana kabébasan. Tapi, Mantenna hoyong hidep ngagunakeun kabébasan ku cara nu bijaksana sangkan hidep teu keuna balukar goréng. Meureun aya babaturan nu sok lalajo pornografi, lalampahanana cabul, milu olahraga nu bahaya, atawa nyalahgunakeun narkoba jeung alkohol. Katingalina mah éta pikaresepeun, tapi balukarna seringna mah goréng, siga panyakitan, kacanduan, malahan maot. (Gal. 6:7, 8) Budak ngora nu ngalakukeun hal ieu ngarasa bébas, padahal mah henteu.—Tit. 3:3.
17, 18. (a) Ku naon taat ka Allah téh bener-bener ngabébaskeun? (b) Tina hal naon Adam jeung Hawa leuwih bébas ti batan manusa kiwari?
17 Sabalikna, teu aya jalma nu jadi gering jeung maot lantaran taat ka Yéhuwa. Jadi, taat téh alus keur kaséhatan jeung bisa bener-bener ngabébaskeun urang. (Jab. 19:8-12) Lamun hidep milih pikeun taat ka hukum jeung prinsip Allah nu sampurna, éta hartina hidep ngagunakeun kabébasan ku cara nu bijaksana. Lamun éta dilampahkeun, hidep némbongkeun ka Allah jeung ka kolot yén hidep téh bisa dibéré leuwih loba kapercayaan jeung kabébasan. Yéhuwa gé jangji moal lila deui hamba-hamba-Na nu satia bakal dipasihan kabébasan nu sampurna nu disebut ku Alkitab ”kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”.—Rum 8:21, SF.
18 Ieu téh kamerdikaan nu ditarima ku Adam jeung Hawa. Di Taman Éden, ngan hiji hal nu dilarang ku Allah. Maranéhna teu meunang ngadahar buah tina hiji tangkal. (Kaj. 2:9, 17) Naha hidep nganggap yén éta téh teu adil atawa ngawatesan teuing? Tangtu henteu! Pikirkeun yén hukum manusa téh aya loba pisan, malahan urang dipaksa pikeun taat. Tapi, Yéhuwa ngan masihan hiji hukum ka Adam jeung Hawa.
19. Naon nu diajarkeun ku Yéhuwa jeung Yésus supaya urang bisa meunang kamerdikaan?
Rum 12:9) Dina Hutbah di Gunung, Yésus ngajelaskeun ku naon jalma-jalma ngalampahkeun nu goréng. (Mat. 5:27, 28) Di dunya anyar, salaku Raja Karajaan Allah, Yésus bakal terus ngajar urang sangkan boga pandangan nu sarua jeung anjeunna ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Ibr. 1:9) Yésus ogé bakal nyampurnakeun pikiran jeung awak urang. Bayangkeun kumaha rasana lamun urang moal kagoda deui ku hal-hal nu goréng jeung moal ngalaman deui balukar tina kateusampurnaan urang. Ahirna, urang bakal ngarasakeun ”kamerdikaan” nu tos dijangjikeun ku Yéhuwa.
19 Yéhuwa téh bijaksana pisan ka manusa. Ti batan masihan loba hukum, Mantenna sabar ngajar urang pikeun taat ka hukum asih. Mantenna hoyong urang nuturkeun prinsip-prinsip-Na sarta mikaijid kagoréngan. (20. (a) Kumaha Yéhuwa ngagunakeun kabébasana-Na? (b) Kumaha hidep bisa nyonto Mantenna?
20 Di dunya anyar, kabébasan urang tetep aya watesna. Urang diatur ku asih ka Allah jeung sasama. Waktu dibingbing ku kaasih, urang nyonto Yéhuwa. Sanajan kabébasan Yéhuwa teu aya watesna, Mantenna milih pikeun dibingbing ku kaasih dina sagala lalampahana-Na, kaasup ka urang. (1 Yoh. 4:7, 8) Jadi asup akal, urang bisa bener-bener bébas lamun nyonto Allah.
21. (a) Kumaha parasaan Daud ka Yéhuwa? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
21 Naha hidep nganuhunkeun kana hal-hal hadé nu dipasihkeun ku Yéhuwa? Mantenna tos masihan kadaharan rohani, sobat sajati, cita-cita nu ngabagjakeun, harepan meunangkeun kabébasan nu sampurna, jeung loba kurnia luar biasa séjénna. (Jab. 103:5) Bisa jadi hidep ngarasa siga Daud nu doana dicatet dina Jabur 16:11, ”Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.” Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas permata rohani séjénna tina Jabur 16. Ieu bisa ngabantu hidep miboga kahirupan nu panghadéna!