Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Jalma anu Balalener Barungah ku Sagala Padamelan PANGERAN”

”Jalma anu Balalener Barungah ku Sagala Padamelan PANGERAN”

DIANA nu umurna 80 taun leuwih ngalaman loba masalah sababaraha taun katukang. Salakina keuna panyakit Alzheimer, dirawat di panti jompo, tuluy maot. Dua budak lalakina gé maot. Manéhna sorangan kudu ngalawan kangker payudara. Tapi, sadérék-sadérék ningali Diana tetep bungah di pasamoan jeung dines.

John geus leuwih ti 43 taun jadi pangawas wilayah. Manéhna resep pisan kana tugasna, jadi teu kabayang lamun kudu ganti tugas téh. Tapi, John kudu eureun tina tugasna pikeun ngarawat barayana nu gering. Sanajan kitu, sadérék-sadérék nu panggih jeung manéhna di kongrés ngarasa yén manéhna teu barobah, John tetep bungah.

Ku naon Diana jeung John bisa tetep bungah? Maenya jalma nu keur susah bisa tetep bagja? Naha bisa jalma tetep ngarasa senang padahal kudu eureun tina tugas nu dipikaresepna? Alkitab méré jawabanana, ”Jalma anu balalener barungah ku sagala padamelan PANGERAN.” (Jab. 64:11) Urang bisa leuwih paham kana hal ieu lamun nyaho naon nu bisa mawa kabungah nu langgeng jeung nu henteu.

KABUNGAH NU SEMENTARA

Aya hal-hal nu biasana matak bungah. Misalna, lalaki awéwé nu keur bobogohan jeung rék kawin, jalma nu sakeudeung deui rék boga orok, atawa jalma nu narima tugas anyar ti organisasi Yéhuwa. Hal-hal ieu matak bungah lantaran ieu téh kurnia ti Yéhuwa. Mantenna nu nyiptakeun perkawinan, masihan kasanggupan pikeun boga budak, jeung masihan tugas-tugas dina organisasi-Na.​—Kaj. 2:18, 22; Jab. 127:3; 1 Tim. 3:1.

Tapi, sababaraha hal nu matak bungah bisa jadi ngan sementara. Contona, batur hirup bisa salingkuh atawa maot. (Yeh. 24:18; Hos. 3:1) Aya budak nu teu nurut ka kolotna jeung ka Allah, malahan dipecat ti sidang. Misalna, barudakna Samuél ninggalkeun Yéhuwa. Daud ogé ngalaman loba masalah di kulawargana lantaran manéhna jinah jeung Batséba. (1 Sam. 8:1-3; 2 Sam. 12:11) Kaayaan-kaayaan sarupa kitu lainna mawa kabungah, tapi kasedih jeung loba kanyeri.

Kitu ogé, sakapeung urang kudu eureun tina tugas palayanan lantaran urang gering, kudu ngurus kulawarga, atawa aya parobahan dina organisasi. Sababaraha sadérék nu kudu eureun tina tugasna ngomong yén maranéhna téh inget terus kana sakumaha bagjana baheula.

Mémang, sababaraha hal nu matak bungah bisa jadi teu langgeng. Jadi, naha aya kabungah nu langgeng sanajan hirup urang susah? Pasti aya, sabab Samuél, Daud, jeung nu séjénna tetep bungah sanajan ngalaman kasusah.

KABUNGAH NU LANGGENG

Yésus apal kawas kumaha kabungah nu sajati téh. Saacan anjeunna datang ka bumi, Alkitab nyebutkeun yén anjeunna ”bagja aya di payuneuna [Yéhuwa]”. (Sil. 8:30) Tapi basa di bumi, sakapeung anjeunna nyanghareupan kasusah nu kacida. Sanajan kitu, anjeunna tetep bungah dina ngajalankeun kahoyong Bapana. (Yoh. 4:34) Kumaha waktu anjeunna téréh maot? Ceuk Alkitab, ”Anjeunna kuat nandangan panyiksa [tihang siksaan] . . . lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang.” (Ibr. 12:2) Urang bisa diajar tina dua hal nu disebutkeun ku Yésus ngeunaan kabungah nu sajati.

Sakali waktu, 70 murid Yésus balik ngawawar. Maranéhna bungah lantaran geus nyieun mujijat, malahan bisa ngusir roh-roh jahat. Tapi ceuk Yésus, ”Bungah teh, ulah pedah roh-roh tea taraluk ka maraneh; kudu bungah teh ku sabab ngaran maraneh geus aya dina daptar di sawarga.” (Luk. 10:1-9, 17, 20, Sunda Formal) Jadi, kamanah ku Yéhuwa téh leuwih penting jeung leuwih ngabagjakeun ti batan tugas istiméwa naon waé.

Dina waktu séjénna, waktu Yésus ngajar jalma réa, aya saurang awéwé Yahudi nu tajub kana pangajaranana. Manéhna ngomong yén indungna Yésus tangtu bagja pisan boga budak saperti anjeunna. Tapi, Yésus malah ngajawab, ”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!” (Luk. 11:27, 28) Urang gé bisa jadi bungah jeung reueus ka budak urang. Tapi, kabungah nu langgeng mah lamun urang taat ka Yéhuwa sarta nyobat jeung Mantenna.

Urang bungah pisan lamun kamanah ku Yéhuwa. Sanajan urang ngalaman kasusah, éta moal ngaleungitkeun kabungah urang. Malahan, lamun urang terus satia, urang bakal beuki bungah. (Rum 5:3-5) Yéhuwa gé bakal masihan roh suci sarta kabungah nu dihasilkeun ku roh éta ka jalma-jalma nu ngandelkeun Mantenna. (Gal. 5:22) Urang jadi paham naon nu disebutkeun dina Jabur 64:11, ”Jalma anu balalener barungah ku sagala padamelan PANGERAN.”

Naon nu ngabantu John bisa tetep bungah?

Éta sababna Diana jeung John bisa tetep bungah sanajan ngalaman kasusah. Ceuk Diana, ”Abdi muntang ka Yéhuwa, sakumaha budak leutik ka bapana.” Manéhna ogé ngomong, ”Abdi ngarasa dipasihan kakuatan pikeun rutin ngawawar jeung tetep senyum.” Naon nu ngabantu John bisa tetep bungah jeung sibuk dina palayanan sanggeus eureun tina tugasna? Ceuk manéhna, ”Taun 1998, abdi ditugaskeun pikeun ngajar di Sekolah Pelatihan Pelayanan. Ti saprak éta, abdi jadi sering diajar pribadi leuwih ti saacanna.” Manéhna ngajelaskeun yén manéhna jeung pamajikanana jadi leuwih gampang nyaluyukeun diri lantaran daék narima tugas naon waé ti Yéhuwa. Manéhna nambahkeun, ”Abdi teu kaduhung ngalampahkeunana.”

Loba nu geus ngarasakeun benerna kekecapan Jabur 64:11. Misalna, aya sapasang salaki pamajikan nu geus 30 taun leuwih ngawula di Bétel Amerika Serikat. Tuluy, maranéhna ditugaskeun jadi panaratas istiméwa. Maranéhna ngaku, ”Wajar lamun urang sedih lantaran kaleungitan hal nu dipikaresep.” Tapi ceuk manéhna, ”Maenya urang rék sedih terus?” Sanggeus nepi di daérah tugas nu anyar, maranéhna langsung ngawawar jeung sidang. Maranéhna gé ngomong, ”Aya hal-hal husus nu didoakeun ku abdi duaan. Waktu doa éta diijabah, abdi ngarasa bungah jeung dikuatkeun. Teu lila, aya sababaraha sadérék di sidang nu naratas. Abdi duaan gé boga dua palajar Alkitab nu alus.”

BUNGAH SALALANGGENGNA

Mémang, teu gampang pikeun terus ngarasa bungah. Sakali-kali urang ngarasa sedih. Tapi, Yéhuwa nengtremkeun haté urang ku kekecapan di Jabur 64:11. Jadi waktu keur sedih, urang yakin lamun tetep satia, urang bakal ”barungah ku sagala padamelan PANGERAN”. Urang gé bisa ngarepkeun ngawujudna jangji Yéhuwa ngeunaan ”bumi anyar jeung langit anyar”. Engké, kabéh jalma jadi sampurna jeung ”sapapanjangna bakal aya dina kabungah” lantaran sagala padamelan Yéhuwa.​—Yes. 61:7; 65:17, 18.

Bayangkeun kumaha kaayaanana engké. Urang bakal boga kaséhatan nu sampurna. Mun hudang saré gé awak bakal karasa leuwih jagjag. Sagala hal nu nyababkeun urang sedih baheula, moal aya-aya deui. Yéhuwa ngajamin, ”Sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget.” Urang ogé bakal ngabagéakeun kadeudeuh urang nu dihirupkeun deui. Urang bakal ngarasa siga kolotna budak awéwé nu dihirupkeun deui ku Yésus, ”Kolotna téh mani bungah kabina-bina.” (Mar. 5:42, Terjemahan Dunia Baru) Ahirna, bumi bakal dipinuhan ku jalma-jalma nu bener sarta maranéhna bakal ”barungah ku sagala padamelan PANGERAN” salalanggengna.