Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”

”Dugi Patepang Deui di Pirdaus!”

”Maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.”​—LUK. 23:43.

KAWIH: 145, 139

1, 2. Jalma-jalma boga pandangan naon ngeunaan pirdaus?

LOBA sadérék ti rupa-rupa nagri datang ka kongrés di Seoul, Korea. Basa maranéhna kaluar ti stadion rék baralik, Saksi-Saksi Korea ngurilingan maranéhna. Ningalina téh mani asa nyérédét haté, matak ngeclak cipanon. Maranéhna silih gupayan bari ngomong, ”Dugi patepang deui di Pirdaus!” Pirdaus naon nu keur diomongkeun ku maranéhna téh?

2 Kiwari, aya loba pandangan ngeunaan pirdaus. Aya nu ngomong éta mah saukur hayalan. Nu séjén ngomong yén pirdaus téh tempat urang ngarasa bagja. Jalma nu keur lapar, nu diuk di hareupeun méja nu pinuh ku dahareun, bisa ngarasa keur aya di pirdaus. Waktu ningali pamandangan nu kacida éndahna, saperti lebak nu pinuh ku kekembangan, saurang jalma bisa waé ngomong, ”Ieu yeuh pirdaus téh!” Ari ceuk Sadérék, naon Pirdaus téh? Naha Sadérék ngarepkeun éta jadi kanyataan?

3. Di mana Pirdaus mimiti disebutkeun dina Alkitab?

3 Alkitab nyebutkeun yén di jaman baheula aya pirdaus, jeung dina mangsa kahareup ogé bakal aya pirdaus deui. Pirdaus téh disebutkeun mimiti dina buku Alkitab nu kahiji. Kajadian 2:8 nyebutkeun, ”GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden [atawa pirdaus kasenangan, Alkitab Katolik Douay Version] beulah wetan. Manusa teh dipernahkeun di dinya.” (Dicitak kandel ku urang.) Naskah Ibranina nyebutkeun Taman Éden. Kecap ”Éden” hartina ”Kasenangan”. Jadi, taman éta téh bener-bener tempat nu nyenangkeun, kacida éndahna, jeung loba dahareun. Di dinya, manusa jeung sasatoan gé alakur.​—Kaj. 1:29-31.

4. Kumaha Taman Éden téh bisa disebut pirdaus?

4 Kecap Ibrani ”taman” ditarjamahkeun jadi paradeisos dina basa Yunani. Cyclopaedia karya M’Clintock jeung Strong nyebutkeun yén waktu aya urang Yunani ngadéngé paradeisos, manéhna langsung ngabayangkeun taman nu lega jeung éndah, jauh tina gangguan, pinuh ku rupa-rupa tangkal gedé nu baruahan, aya susukan anu caina hérang jeung sisina dipinuhan ku jukut, tuluy aya kumpulan domba jeung uncal nu keur dahar. Urang jadi ngarti yén Taman Éden téh pirdaus.​—Bandingkeun Kajadian 2:15, 16.

5, 6. Ku naon Adam jeung Hawa teu meunang deui cicing di Pirdaus, jeung naon nu dipikirkeun ku sababaraha jalma?

5 Yéhuwa nempatkeun Adam jeung Hawa di taman pirdaus nu sarupa kitu. Tapi lantaran teu taat ka Yéhuwa, boh maranéhna boh turunanana teu meunang deui cicing di Pirdaus. (Kaj. 3:23, 24) Sanajan ti saprak éta euweuh jalma nu cicing di éta Pirdaus, katingalina taman éta aya kénéh nepi ka Caah Gedé di jaman Nuh.

6 Bisa jadi aya nu bingung, ’Naha bakal aya deui Pirdaus di bumi?’ Naon nu ditémbongkeun ku bukti-buktina? Lamun Sadérék boga harepan hirup di Pirdaus jeung jalma nu dipikanyaah, naha aya dasarna? Naha Sadérék bisa ngajelaskeun kayakinan Sadérék yén bakal aya pirdaus dina mangsa kahareup?

BUKTI BAKAL AYA DEUI PIRDAUS

7, 8. (a) Naon jangji Allah ka Ibrahim? (b) Naon nu dipikirkeun ku Ibrahim ngeunaan jangji Allah ieu?

7 Sumber katerangan nu paling bisa dipercaya ngeunaan Pirdaus téh Alkitab lantaran buku ieu asalna ti Yéhuwa, nu nyiptakeun Pirdaus. Perhatikeun naon nu dicarioskeun ku Allah ka sobat-Na, Ibrahim. Allah nyarios yén turunan Ibrahim bakal kacida lobana ”lir keusik di basisir”. Tuluy, Allah masihan jangji nu penting ka Ibrahim, ”Bangsa-bangsa saalam dunya baris mareunang berkah ku lantaran turunan maneh, sabab maneh tuhu kana parentah Kami.” (Kaj. 22:17, 18) Ka dieunakeun, Allah ogé nyarioskeun deui jangji ieu ka anak jeung incuna Ibrahim.​—Baca Kajadian 26:4; 28:14

8 Alkitab teu pernah ngajelaskeun yén Ibrahim nganggap manusa bakal meunang ganjaran pikeun hirup di pirdaus di sawarga. Jadi, basa Allah jangji yén ”bangsa-bangsa saalam dunya” bakal diberkahan, Ibrahim pasti mikir yén berkah ieu téh bakal laksana di dunya. Tapi, naha ngan ieu wungkul bukti di Alkitab yén bakal aya pirdaus di dunya?

9, 10. Jangji naon deui nu nguatkeun harepan urang ngeunaan pirdaus?

9 Allah masihan ilham ka salah sahiji turunan Ibrahim, nyaéta Daud, pikeun ngomong yén dina mangsa kahareup ”nu jarahat bakal gancang musna”. (Jab. 37:1, 2, 10) Sabalikna, ”anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening”. Daud ogé nganubuatkeun, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.” (Jab. 37:11, 29; 2 Sam. 23:2) Ceuk Sadérék, naon pangaruh jangji ieu ka jalma-jalma nu taat ka Allah? Maranéhna boga alesan pikeun ngarepkeun yén dina mangsa kahareup ngan jalma balener nu aya di bumi jeung bakal aya deui pirdaus saperti Taman Éden.

Nubuat nu geus laksana ngayakinkeun urang kana pirdaus di bumi dina mangsa kahareup

10 Ka dieunakeun, kalolobaan urang Israil nu ngaku nyembah Yéhuwa nolak Mantenna jeung ibadah sajati. Jadi, Allah ngantep bangsa Babul pikeun nalukkeun umat-Na, ngancurkeun nagrina, jeung ngagiring pendudukna ka Babul. (2 Bab. 36:15-21; Yer. 4:22-27) Tapi, nabi-nabi Allah nganubuatkeun yén maranéhna bakal balik deui ka lemah caina sanggeus 70 taun. Nubuat-nubuat éta geus laksana, tapi aya pangaruhna ogé keur urang kiwari. Urang bakal ngabahas sababaraha nubuat nu bakal nguatkeun kayakinan urang kana pirdaus di bumi dina mangsa kahareup.

11. Kumaha nubuat di Yesaya 11:6-9 laksana dina jaman Israil, tapi pananya naon nu bisa waé ditanyakeun ku urang?

11 Baca Yesaya 11:6-9. Liwat nabi Yésaya, Allah nganubuatkeun yén waktu urang Israil baralik deui, kaayaan lemah caina bakal tengtrem. Euweuh nu bakal sieun diserang ku sato atawa jalma. Boh nu ngora boh nu kolot bakal aman. Éta geus laksana harita. Ieu tangtu ngingetkeun Sadérék kana kaayaan nu tengtrem di Taman Éden. (Yes. 51:3) Yésaya ogé nganubuatkeun yén sakuliah bumi, teu ngan saukur bangsa Israil, ”bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN, lir laut pinuh ku cai”. Iraha kajadianana? Tangtu, dina mangsa kahareup.

12. (a) Berkah naon nu ditarima ku jalma-jalma nu balik ti pangbuangan di Babul? (b) Naon nu némbongkeun yén Yesaya 35:5-10 ogé bakal laksana dina mangsa kahareup?

12 Baca Yesaya 35:5-10. Yésaya nganubuatkeun deui yén urang Israil nu balik ti Babul moal diserang ku sato atawa jalma. Manéhna nyebutkeun yén bakal aya loba dahareun lantaran caina limpah, siga di Taman Éden. (Kaj. 2:10-14; Yer. 31:12) Naha nubuat éta ngan laksana di jaman urang Israil wungkul? Pék perhatikeun, nubuat éta ogé nyebutkeun yén nu lolong, nu lumpuh, jeung nu torék bakal calageur. Hal ieu teu kajadian ka urang Israil nu balik ti Babul. Jadi, Allah keur nunjukkeun yén sakabéh panyakit bakal leungit dina mangsa kahareup.

13, 14. Kumaha Yesaya 65:21-23 laksana waktu urang Israil balik ti Babul, tapi bagian mana tina nubuat éta nu can laksana? (Tingali gambar dina awal artikel.)

13 Baca Yesaya 65:21-23. Basa urang Yahudi balik deui ka lemah caina, maranéhna teu boga imah nu alus atawa huma jeung kebon anggur. Tapi lantaran Allah ngaberkahan maranéhna, kaayaan ahirna barobah. Bayangkeun sakumaha bagjana waktu jalma-jalma nyieun imah keur dicicingan ku sorangan jeung waktu maranéhna ngadahar dahareun ngeunah nu dipelak ku sorangan!

14 Numutkeun nubuat ieu, urang bakal panjang umur ”cara tatangkalan”. Aya sababaraha tangkal nu bisa hirup rébuan taun. Pikeun hirup panjang, manusa kudu boga awak nu bener-bener jagjag. Mun ditambah jeung kahirupan nu tengtrem sarta kaayaan nu éndah saperti nu dinubuatkeun ku Yésaya, éta pirdaus nu diimpi-impikeun ku urang! Ieu bakal jadi kanyataan!

Kumaha jangji Yésus ngeunaan Pirdaus bakal laksana? (Tingali paragrap 15, 16)

15. Berkah naon waé nu disebutkeun dina buku Yesaya?

15 Jangji-jangji nu geus dibahas némbongkeun yén dina mangsa kahareup bakal aya pirdaus. Sakuliah bumi bakal dipinuhan ku jalma-jalma nu diberkahan ku Allah. Moal aya nu bakal hariwang diserang ku sato atawa jalma jahat. Nu lolong, nu torék, nu lumpuh bakal calageur. Jalma-jalma bakal ngawangun imahna sorangan jeung melak kadaharanana sorangan. Umurna bakal leuwih panjang ti batan tatangkalan. Jadi, Alkitab geus méré bukti yén pirdaus nu siga kitu bakal aya deui. Tapi, sababaraha jalma nu diajak ngobrol ku urang bisa jadi ngomong yén nubuat ieu téh lain ngamaksudkeun pirdaus di bumi. Sadérék rék ngajawab naon? Naon alesan Sadérék ngarepkeun pirdaus di bumi? Yésus, jalma nu pangagungna, méré alesan nu ngayakinkeun urang.

SADÉRÉK BAKAL AYA DI PIRDAUS!

16, 17. Iraha Yésus ngomong ngeunaan Pirdaus?

16 Sanajan teu boga dosa, Yésus dihukum pati dina tihang bareng jeung penjahat Yahudi di kénca katuhuna. Salah sahijina sadar yén Yésus téh raja. Manéhna ngomong, ”Yesus, sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!” (Luk. 23:39-42) Jangji Yésus ka éta penjahat aya pangaruhna kana mangsa kahareup Sadérék. Ieu dicatet di Lukas 23:43. Sababaraha ahli nempatkeun koma saacan kecap ”poe”. Misalna Alkitab Sunda Formal narjamahkeun ayat éta jadi, ”Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus.” Aya béda pandangan ngeunaan di mana sakuduna koma ditempatkeun dina kalimah ieu. Tapi, naon nu dimaksud ku Yésus waktu ngomong ”poe ieu”?

17 Dina loba basa modéren, koma digunakeun sangkan maksud kalimah jadi leuwih jelas. Tapi, dina naskah Yunani kuno, tanda baca jarang dipaké. Jadi, bisa waé urang bingung: Naha maksud Yésus téh, ”Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus” atawa ”Cek Kami poe ieu, maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus”? Para panarjamah nempatkeun koma sakumaha pandanganana ngeunaan maksud Yésus. Ayeuna, aya tarjamahan Alkitab nu nempatkeun koma saacan atawa sanggeus kecap ”poe ieu”.

18, 19. Kumaha urang bisa paham maksud Yésus?

18 Tapi, pék inget kekecapan Yésus ka murid-muridna, ”Ari Anak Manusa, tilu poe tilu peuting bakal aya di jero kandungan bumi di jero taneuh.” Anjeunna gé ngomong, ”Anak Manusa teh moal lila deui oge bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa, tuluy dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui.” (Mat. 12:40; 16:21; 17:22, 23; Mar. 10:34) Rasul Pétrus ngalaporkeun yén éta téh bener kajadian. (Ras. 10:39, 40) Jadi, Yésus teu indit ka Pirdaus dina poé anjeunna jeung penjahat éta maot. Alkitab nyebutkeun yén Yésus aya ”di jero kuburan” salila tilu poé saacan Allah ngahirupkeun deui anjeunna.​—Ras. 2:31, 32. * (Tingali catetan handap.)

19 Jadi, saacan ngucapkeun jangji ka éta penjahat, Yésus ngomong heula, ”Cek Kami poe ieu.” Ieu téh cara ngomong nu umum, malahan di jaman Musa gé geus kitu. Musa pernah ngomong, ”Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun.”​—Pam. 6:6; 7:11; 30:15.

20. Naon nu ngadukung pamahaman urang ngeunaan kekecapan Yésus?

20 Saurang panarjamah Alkitab ti Timur Tengah ngomong, ”Nu kudu ditandeskeun dina kalimah ieu téh nyaéta kecap ’poe ieu’ jeung sakuduna dibaca, ’Cek Kami poe ieu, maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus.’ Jangjina disebutkeun dina poé éta tapi laksanana mah engké.” Manéhna ogé nyebutkeun yén éta téh cara ngomong jalma-jalma di daérah éta nu maksudna mah ”jangjina diucapkeun dina hiji poé jeung pasti ditedunan”. Alkitab basa Siria ti abad kalima narjamahkeun ayat ieu jadi, ”Amin, Kami ngomong ka manéh poé ieu yén manéh bakal bareng jeung Kami di Taman Éden.” Urang kabéh tangtu gedé haté lantaran jangji ieu.

21. Naon nu moal bakal kaalaman ku éta penjahat, jeung naon sababna?

21 Basa Yésus ngomong ka penjahat éta ngeunaan Pirdaus, nu dimaksud ku anjeunna téh lain pirdaus di sawarga. Naon sababna? Salah sahiji alesanana nyaéta penjahat éta teu nyaho kana perjangjian Yésus jeung para rasul nu satia pikeun ngawasa di sawarga bareng anjeunna. (Luk. 22:29) Penjahat éta gé can dibaptis. (Yoh. 3:3-6, 12) Jadi, basa Yésus nyieun jangji ka éta penjahat, tangtuna nu dimaksud téh pirdaus di bumi. Sababaraha taun ti harita, Rasul Paulus nyaritakeun titingalian ngeunaan saurang lalaki nu ”diangkat ka Pirdus”. (2 Kor. 12:1-4) Sanajan Paulus jeung rasul séjénna dipilih pikeun maréntah di sawarga bareng jeung Yésus, Paulus nyebutkeun pirdaus nu aya dina mangsa kahareup. * (Tingali catetan handap.) Naha pirdaus éta bakal aya di bumi? Naha Sadérék bakal aya di dinya?

NU BISA DIPIHAREP KU SADÉRÉK

22, 23. Naon nu diarep-arep ku Sadérék?

22 Inget, ceuk Daud, bakal aya mangsana ”nu balener bakal kawaris tanah pusaka”. (Jab. 37:29; 2 Pet. 3:13) Nu dimaksud ku Daud téh mangsana sakabéh jalma di dunya bakal taat kana prinsip-prinsip Allah nu bener. Nubuat di Yesaya 65:22 nyebutkeun, ”Cara tatangkalan, umat Kami bakal paranjang umurna.” Ieu némbongkeun yén jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa di dunya anyar umurna bakal rébuan taun. Naha Sadérék yakin éta bakal kajadian? Tangtu, lantaran numutkeun Wahyu 21:1-4, Allah bakal ngaberkahan umat manusa, jeung salah sahiji berkahna téh nyaéta ”paeh . . . moal aya-aya deui”.

23 Nu diajarkeun Alkitab ngeunaan Pirdaus téh jéntré pisan. Adam jeung Hawa kaleungitan hak istiméwa pikeun hirup salalanggengna di Pirdaus. Tapi, bumi ieu bakal jadi pirdaus deui. Sakumaha jangji-Na, Allah bakal ngaberkahan jalma-jalma di bumi. Daud ngomong yén jalma nu lembut haté jeung nu balener bakal ngawaris bumi sarta hirup di dinya salilana. Ku ayana nubuat-nubuat dina buku Yesaya, urang jadi ngarep-ngarep mangsana urang hirup di bumi pirdaus nu éndah. Iraha éta laksana? Waktu jangji Yésus ka éta penjahat ngawujud. Sadérék ogé bisa hirup di Pirdaus éta. Engké, kekecapan dulur-dulur di kongrés di Korea bakal jadi kanyataan, ”Dugi patepang deui di Pirdaus!”

^ par. 18 Numutkeun Propésor C. Marvin Pate, loba ahli percaya waktu ngomong ”poe ieu”, maksud Yésus téh anjeunna bakal maot jeung aya di Pirdaus dina poé éta kénéh, atawa dina waktu 24 jam. Propésor Pate nambahkeun yén masalahna téh pandangan ieu teu luyu jeung katerangan séjén dina Alkitab. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén Yésus bakal aya di kuburan sanggeus anjeunna maot tuluy naék ka sawarga.​—Mat. 12:40; Ras. 2:31; Rum 10:7.

^ par. 21 Tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina majalah ieu édisi basa Indonesia.