Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 50

Déngékeun Sora Pangangon nu Hadé

Déngékeun Sora Pangangon nu Hadé

”Maranéhna bakal ngadéngé sora urang.”​—YAH. 10:16.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1. Ku naon Isa nyaruakeun hubungan manéhna jeung murid-muridna siga pangangon jeung dombana?

ISA TÉH nyaruakeun hubungan manéhna jeung murid-muridna siga pangangon jeung dombana. (Yah. 10:14) Éta téh cocog pisan, ku naon? Lantaran domba téh pasti apal jeung daék ngadéngékeun sora pangangonna. Aya saurang turis nu merhatikeun hal ieu. Manéhna nyarita, ”Di kelompok urang téh aya nu hayang moto domba-domba, jadi urang ngageroan éta domba supaya daék nyampeurkeun. Tapi, euweuh nu ngadeukeutan lantaran teu apal kana sora urang. Tuluy aya pangangon ngora nu ngageroan éta domba-domba, éh maranéhna langsung daék nuturkeun.”

2-3. (a) Kumaha murid-murid Isa ayeuna bisa ngadéngékeun sora manéhna? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu jeung saterusna?

2 Pangalaman turis éta ngingetan urang kana kekecapan Isa ngeunaan domba-dombana, atawa murid-muridna. Ceuk Isa, ”Maranéhna bakal ngadéngé sora urang.” (Yah. 10:16) Tapi ayeuna téh Isa aya di sorga, jadi kumaha urang bisa ngadéngékeun sorana? Urang ngadéngékeun sora Dunungan urang téh ku cara ngalarapkeun pangajaranana dina kahirupan urang.​—Mat. 7:24, 25.

3 Dina artikel ieu jeung saterusna, urang bakal ngabahas sababaraha pangajaran Isa. Isa ngajarkeun naon nu ulah dilakukeun jeung naon nu sakuduna dilakukeun ku urang. Hayu urang bahas heula dua hal nu teu meunang dilakukeun nu diajarkeun ku pangangon nu hadé.

”ULAH HARIWANG TEUING”

4. Ceuk Lukas 12:29, naon nu bisa ngalantarankeun urang ”hariwang teuing”?

4 Baca Lukas 12:29. Isa ngingetan murid-muridna supaya ”ulah hariwang teuing” kana pangabutuh maranéhna. Urang apal naséhat ti Isa téh pasti bener jeung bijaksana, jadi urang hayang ngalarapkeunana. Tapi sakapeung éta téh teu gampang. Ku naon?

5. Bisa jadi naon nu dihariwangkeun ku jalma-jalma?

 5 Bisa jadi aya sababaraha jalma anu hariwang kana pangabutuhna, jiga dahareun, pakéan, atawa tempat panyicingan. Aya ogé nu cicing di nagri nu miskin, jadi maranéhna hésé néangan pagawéan jeung hésé nyumponan pangabutuh kulawargana. Aya ogé kulawarga nu teu bisa nyumponan pangabutuhna lantaran jalma nu biasana néangan napkah téh maot. Salian ti éta, ku ayana pandémi COVID-19, aya nu kaleungitan pagawéan jeung panghasilan. (Pan. 9:11) Lamun hal-hal jiga kitu kaalaman ku urang, kumaha urang bisa nuturkeun naséhat Isa supaya ulah hariwang?

Urang bisa tilelep sacara rohani lamun kasimpangkeun ku kahariwangan, jadi urang kudu leuwih ngandel ka Yéhuwa (Tingali paragrap 6-8) *

6. Jelaskeun naon nu kaalaman ku Rasul Pétrus.

6 Sakali waktu, Rasul Pétrus jeung rasul-rasul séjénna keur aya dina parahu di Laut Galiléa. Basa éta aya angin gedé, tuluy maranéhna ningali Isa leumpang dina cai. Terus Pétrus ngomong, ”Juragan, lamun mémang bener éta Juragan, titah abdi ka dinya leumpang dina cai.” Terus ceuk Isa, ”Sok ka dieu!” Pétrus turun tina parahu jeung ”leumpang dina cai, nyampeurkeun Isa”. Perhatikeun naon nu kajadian saterusna. ”Barang ningali angin gedé, Pétrus sieuneun. Manéhna rék tilelep, terus ngagorowok, ’Tulungan, Juragan!’” Isa langsung nyodorkeun leungeunna nyekel Pétrus. Sabenerna mun Pétrus terus ningali Isa, manéhna bisa terus leumpang dina cai. Tapi waktu Pétrus ningali angin gedé, manéhna jadi sieun jeung rék tilelep.​—Mat. 14:24-31.

7. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Pétrus?

7 Urang bisa diajar tina pangalaman Pétrus. Waktu Pétrus turun tina parahu jeung leumpang dina cai, manéhna teu nyangka bakal disimpangkeun ku angin gedé tuluy tilelep. Sabenerna manéhna hayang nyampeurkeun Dununganana, tapi gagal lantaran ningali angin gedé! Kiwari, urang teu bisa leumpang dina cai, tapi urang kudu nyanghareupan ujian iman. Lamun urang teu percaya deui ka Yéhuwa sarta jangji-jangji-Na, urang bisa tilelep sacara rohani. Teu sual naon waé angin gedé nu disanghareupan, urang kudu percaya ka Yéhuwa jeung kasanggupana-Na pikeun nulungan urang. Tapi kumaha carana?

8. Naon nu bisa ngabantu urang supaya henteu hariwang teuing kana pangabutuh urang?

8 Tibatan hariwang teuing kana masalah urang, urang kudu percaya ka Yéhuwa. Sing inget yén Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan, jangji bakal ngurus pangabutuh urang lamun urang ngutamakeun hal-hal rohani. (Mat. 6:32, 33) Anjeunna gé geus kabukti terus ngalaksanakeun jangji-Na ieu. (Pam. 8:4, 15, 16; Jab. 37:25) Lamun manuk jeung kembang waé diurus ku Yéhuwa, komo deui urang. Urang teu kudu hariwang kana dahareun jeung papakéan urang. (Mat. 6:26-30; Flp. 4:6, 7) Kolot nu nyaahan pasti bakal sabisa-bisana nyumponan pangabutuh barudakna. Kitu ogé jeung Bapa urang nu di sorga, lantaran nyaah, Anjeunna pasti bakal ngurus pangabutuh umat-Na. Jadi, sing yakin Yéhuwa téh bakal ngurus urang.

9. Urang bisa diajar naon tina pangalaman hiji pasangan?

9 Perhatikeun hiji pangalaman nu némbongkeun kumaha Yéhuwa bisa nyumponan pangabutuh urang. Aya pasangan nu ngawula sapinuh waktu nu kudu nyetir salila sajam maké mobilna nu geus kolot. Maranéhna sok ngajemput sababaraha sadérék istri di pangungsian supaya bisa datang ka pasamoan. Sadérék éta nyarita, ”Sanggeus pasamoan, urang duaan ngajak maranéhna dahar bareng, tapi urang karék sadar, urang téh teu boga dahareun.” Terus, kumaha? Sadérék éta ngajelaskeun deui, ”Waktu nepi di imah, urang ningali aya dua kantong di hareupeun panto nu eusina dahareun. Urang teu apal éta téh ti saha, tapi nu pasti mah ieu téh ti Yéhuwa.” Ka dieunakeun, mobil pasangan éta téh ruksak, padahal maranéhna butuh pikeun dines. Tapi maranéhna teu boga duit jang ngoméanana. Jadi mobilna dibawa ka béngkél supaya nyaho sabaraha biayana. Terus aya hiji lalaki datang nanyakeun, ”Mobil saha éta?” Sadérék éta ngajawab yén éta téh mobil manéhna, jeung mobilna kudu dioméan. Ceuk lalaki éta, ”Oh teu masalah, rék dijual sabaraha? Pamajikan urang hayang pisan mobil jeung kelir nu percis jiga kitu.” Ahirna Sadérék éta ngajual mobilna, terus meuli mobil nu séjén. Ceuk manéhna, ”Basa éta urang bener-bener bungah. Urang apal ieu téh lain kabeneran, ieu téh bantuan ti Yéhuwa.”

10. Kumaha Jabur 37:5 ngajurung urang pikeun henteu hariwang teuing kana pangabutuh sapopoé?

10 Lamun urang daék ngadéngékeun pangangon urang pikeun henteu hariwang teuing kana pangabutuh urang, Yéhuwa pasti bakal nyumponanana. (Baca Jabur 37:5; 1 Pét. 5:7) Coba pikirkeun kaayaan dina  paragrap 5. Nepi ka ayeuna, meureun Yéhuwa ngagunakeun kapala kulawarga atawa dunungan pikeun nyumponan pangabutuh urang. Tapi kumaha mun kapala kulawarga teu bisa deui nyumponan pangabutuh urang, atawa mun urang kaleungitan pagawéan? Sing yakin Yéhuwa pasti bakal ngurus urang ku cara séjénna. Ayeuna hayu urang bahas naon deui nu ulah dilakukeun nu diajarkeun ku pangangon urang.

”TONG SOK NGAHAKIMAN”

Urang moal ngahakiman batur mun urang ningali sipat-sipat alus ti manéhna (Tingali paragrap 11, 14-16) *

11. Dina Matius 7:1, 2, naon naséhat nu disebutkeun ku Isa, jeung ku naon éta téh teu gampang?

11 Baca Matius 7:1, 2Isa apal manusa téh teu sampurna jeung osok ningali kasalahan batur. Matakna Isa méré naséhat, ”Tong sok ngahakiman.” Meureun urang geus sabisa-bisa teu ngahakiman dulur saiman, tapi urang téh teu sampurna. Bisa jadi kadang urang sok ngiritik batur. Mun kitu, naon nu kudu dilakukeun? Déngékeun Isa jeung bajoang supaya ulah ngahakiman batur.

12-13. Kumaha sikep Yéhuwa ka Raja Daud ngabantu urang supaya henteu ngahakiman batur?

12 Urang bisa mikirkeun tuladan Yéhuwa. Anjeunna leuwih merhatikeun hal-hal hadé ti manusa. Perhatikeun naon nu dilakukeun ku Yéhuwa basa Raja Daud nyieun dosa sérius. Misalna, Daud jinah jeung Batséba, tuluy maéhan salaki Batséba. (2 Sam. 11:2-4, 14, 15, 24) Akibatna, manéhna jeung kulawargana téh jadi sangsara, kaasup pamajikanana nu séjén. (2 Sam. 12:10, 11) Dina hiji waktu, Daud pernah teu ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna ngayakeun sénsus keur prajurit Israél, padahal Yéhuwa teu nitah manéhna. Daud ngalakukeunana téh lantaran manéhna ngagulkeun jeung ngandelkeun prajuritna nu loba. Naon akibatna? Kurang leuwih 70.000 urang Israél tiwas ku panyakit!​—2 Sam. 24:1-4, 10-15.

13 Lamun harita Sadérék hirup di Israél, kumaha pandangan Sadérék ka Daud? Na Sadérék mikir manéhna téh teu pantes dihampura ku Yéhuwa? Yéhuwa mah teu kitu. Yéhuwa mah ningali yén Daud téh geus satia dina sapanjang hirupna, sarta ayeuna manéhna geus bener-bener tobat. Ku kituna, Yéhuwa ngahampura dosa sérius nu dilakukeun ku Daud. Yéhuwa gé apal Daud téh nyaah pisan ka Anjeunna jeung hayang ngalakukeun nu bener. Urang tangtu nganuhunkeun pisan sabab Yéhuwa ngan ningali sipat-sipat jeung kalakuan urang nu hadé.​—1 Rja. 9:4; 1 Bab. 29:10, 17.

14. Naon nu bisa ngabantu urang Kristen supaya henteu ngahakiman batur?

14 Yéhuwa teu maksa manusa téh kudu sampurna. Ku kituna, urang gé teu maksa batur téh kudu sampurna. Mémang gampang pikeun ningali kasalahan batur jeung ngahakiman maranéhna. Tapi jalma nu rohani mah bisa digawé bareng jeung saha waé, sanajan batur teu sampurna. Permata nu can dipolés téh mémang katingalina goréng, tapi jalma nu ngarti mah henteu ningali luarna hungkul. Manéhna apal yén permata éta bakal éndah pisan lamun geus dipotong jeung dipolés. Siga Yéhuwa jeung Isa, urang gé kudu ningali hal-hal alus ti batur, lain kasalahanana.

15. Ku naon lamun mikirkeun kaayaan batur, éta ngabantu urang supaya teu ngahakiman maranéhna?

15 Salian mikirkeun sipat-sipat alus, naon deui nu bisa ngabantu urang supaya teu ngahakiman batur? Coba pikirkeun kahirupan manéhna. Perhatikeun conto ieu, baheula waktu Isa aya di bait. Isa ningali randa miskin ngasupkeun duit kencring nu nilaina leutik pisan. Tapi Isa teu nanya, ”Naha ngasupkeun téh meni saeutik kieu?” Nu ditingali ku Isa téh lain jumlahna, tapi niat haténa. Isa gé mikirkeun kahirupan éta randa. Tuluy, Isa gé muji éta randa sabab geus méré sakabéh pangabogana.​—Luk. 21:1-4.

16. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Veronika?

16 Perhatikeun sakumaha pentingna mikirkeun kahirupan batur. Hayu urang tingali pangalaman ti sadérék istri, nu ngaranna Veronika. Di sidangna, aya saurang sadérék istri nu ngan sorangan ngurus budakna. Veronika nyarita, ”Katingalina maranéhna téh masamoan jeung dinesna sok belang-betong. Abdi jadi boga pikiran goréng ka maranéhna. Tapi hiji waktu abdi ngawawar jeung indungna. Manéhna nyarita, budakna téh boga masalah méntal, nyaéta autisme. Indungna téh bajoang pikeun nyumponan pangabutuh jeung ngajaga karohanian maranéhna duaan. Ku lantaran masalah éta, sakapeung manéhna sok masamoan di sidang séjén.” Veronika jadi sadar, ”Abdi teu apal sakumaha hésé hirup manéhna téh. Ayeuna abdi jadi nyaah pisan jeung ngahargaan kabéh upaya manéhna keur Yéhuwa.”

17. Naon paréntah nu disebutkeun dina Yakobus 2:8, jeung kumaha urang bisa ngalarapkeunana?

17 Urang kudu kumaha lamun urang pernah ngahakiman sadérék-sadérék urang? Sing inget urang téh kudu nyaah ka dulur-dulur saiman urang. (Baca Yakobus 2:8.) Salian ti éta, urang gé bisa ngadoa ka Yéhuwa ménta supaya dibantu pikeun teu ngahakiman batur. Tindakan urang gé kudu sajalan jeung doa urang. Misalna, urang bisa nyoba ngajak ngobrol manéhna. Ku kituna, urang bisa leuwih kenal ka manéhna. Urang gé bisa ngajak dines atawa dahar bareng. Sanggeus leuwih kenal ka manéhna, urang bisa nyonto Yéhuwa jeung Isa ku cara néangan hal-hal alus tina dirina. Ku kituna, urang ngabuktikeun yén urang téh ngadéngékeun naséhat pikeun ulah ngahakiman batur ti pangangon urang nu hadé.

18. Kumaha cara némbongkeun yén urang téh ngadéngékeun sora pangangon nu hadé?

18 Siga domba nu ngadéngékeun sora pangangonna, ayeuna murid-murid Isa gé bakal ngadéngékeun sora manéhna. Lamun urang terus bajoang supaya henteu hariwang teuing kana pangabutuh urang jeung henteu deui ngahakiman batur, Yéhuwa jeung Isa bakal ngaberkahan usaha urang. Teu sual urang téh ”kumpulan leutik” atawa ”domba-domba lian”, urang kudu terus ngadéngékeun jeung nuturkeun sora pangangon nu hadé. (Luk. 12:32; Yah. 10:11, 14, 16) Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas dua hal nu kudu dilakukeun nu disebutkeun ku Isa ka murid-muridna.

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

^ par. 5 Basa Isa nyebutkeun domba-dombana téh bakal nuturkeun sora manéhna, éta téh hartina murid-muridna bakal ngadéngékeun pangajaran sarta ngalarapkeunana dina kahirupan. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas dua conto ti pangajaran Isa, nyaéta ulah hariwang kana pangabutuh urang sarta ulah ngahakiman batur. Urang gé bakal ngabahas carana ngalarapkeun hal ieu.

^ par. 51 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék kaleungitan pagawéanana, teu boga duit pikeun minuhan pangabutuh kulawargana, jeung manéhna sakulawarga kudu pindah imah. Manéhna bisa disimpangkeun ku kahariwanganana jeung teu deui ngutamakeun Yéhuwa.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék telat datang ka pasamoan. Najan kitu, manéhna bageur jeung sok méré kasaksian ka jalma-jalma, mantuan nu sepuh, sarta ngarawat Balé Karajaan.