Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 49

Palajaran tina Buku Imamat ngeunaan Sikep Urang ka Batur

Palajaran tina Buku Imamat ngeunaan Sikep Urang ka Batur

”Kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.”​—IMA. 19:18.

KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah

NU DIBAHAS *

1-2. Naon nu geus dibahas dina artikel saacanna, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

DINA artikel saacanna, urang geus ngabahas sababaraha paréntah nu aya dina Imamat pasal 19. Misalna dina ayat 3, Yéhuwa maréntahkeun urang Israél pikeun ngahormat ka indung bapana. Kiwari, urang ogé bisa nuturkeun paréntah éta ku cara ngurus pangabutuh jasmani, émosi, jeung rohani kolot urang. Dina ayat éta, umat Allah gé diingetan pikeun terus ngajalankeun poé Sabat. Mémang urang ayeuna geus teu kudu deui nuturkeun hukum ngeunaan poé Sabat, tapi urang masih kénéh bisa nuturkeun prinsipna, nyaéta nyadiakeun waktu pikeun ngalakukeun hal-hal rohani. Ku kituna, urang téh ngupayakeun pikeun nuturkeun paréntah dina Imamat 19:2 jeung 1 Pétrus 1:15 nu nyebutkeun yén urang téh kudu suci.

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha ayat deui dina Imamat pasal 19. Tina pasal ieu, urang bisa diajar kumaha bisa bageur ka jalma-jalma nu cacad, carana tetep jujur dina urusan bisnis, jeung carana némbongkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman urang. Urang hayang jadi suci jiga Allah urang. Jadi, hayu urang bahas hal ieu.

SING BAGEUR KA MARANÉHNA NU CACAD

Dina Imamat 19:14, kumaha sakuduna sikep urang ka tunarungu jeung nu teu bisa ningali? (Tingali paragrap 3-5) *

3-4. Nurutkeun Imamat 19:14, kumaha sakuduna sikep urang Israél ka jalma nu torék atawa jalma nu lolong?

3 Baca Imamat 19:14. Yéhuwa hayang umat-Na bageur ka jalma-jalma nu cacad. Contona, Yéhuwa ngalarang urang Israél nyumpahan jalma torék. Éta téh kaasup ngaléléwé atawa ngagogoréng manéhna. Kalakuan jiga kitu téh meni teungteuingeun pisan! Manéhna téh teu bisa ngabéla diri lantaran manéhna teu bisa ngadéngé.

4 Dina ayat 14 gé, Yéhuwa méré nyaho ka umat-Na supaya ”ulah ngajailan anu lolong neundeun tatajongeun dina jajalaneunana”. Hiji buku nyebutkeun ngeunaan jalma-jalma nu cacad, ”Baheula di Timur Tengah téh [maranéhna] sok ditindes meni kejem pisan.” Bisa jadi, jalma-jalma sok neundeun tatajongeun di hareupeun jalma lolong supaya manéhna titajong atawa supaya diseungseurikeun ku batur. Éta téh kacida pisan kejemna! Hukum nu aya dina ayat 14 téh ngabantu umat Allah paham yén Yéhuwa hayang maranéhna bageur ka jalma-jalma nu cacad.

5. Kumaha urang bisa némbongkeun sipat karunyaan ka jalma-jalma nu cacad?

5 Isa téh karunyaan ka jalma-jalma nu cacad. Perhatikeun kekecapan Isa, manéhna nitah jalma-jalma méré laporan kieu ka Yahya Jurubaptis, ”Nu lolong jadi bisa ningali, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu maot dihirupkeun deui.” Sanggeusna, ”kabéh jalma nu ningali hal ieu gé maruji Allah”. (Luk. 7:20-22; 18:43) Urang Kristen téh hayang niru Isa nu karunyaan ka jalma-jalma nu cacad. Urang hayang bageur jeung sabar ka maranéhna. Mémang ayeuna urang téh teu dibéré kawasa pikeun nyieun mujijat, tapi urang dibéré tugas istiméwa pikeun nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma, kaasup ka maranéhna nu teu bisa ningali sarta nu lolong sacara rohani. Urang bisa ngabéjaan maranéhna yén engké di pirdaus urang téh bakal boga awak nu sampurna sarta bakal akrab jeung Allah. (Luk. 4:18) Ku kituna, maranéhna bakal kajurung pikeun milu maruji ka Allah.

SING JUJUR DINA URUSAN BISNIS

6. Kumaha Imamat pasal 19 ngabantu urang leuwih paham kana Sapuluh Paréntah?

6 Sababaraha ayat dina Imamat pasal 19 ngajéntrékeun naon nu disebutkeun dina Sapuluh Paréntah. Contona, dina paréntah kadalapan disebutkeun, ”Ulah maling.” (Bud. 20:15) Bisa jadi aya nu mikir, lamun manéhna teu pernah maok barang batur, manéhna téh geus nuturkeun paréntah ieu. Tapi Imamat pasal 19 ngajelaskeun dina hal naon deui saurang jalma bisa dianggap maling barang batur.

7. Kumaha saurang tukang dagang bisa ngalanggar paréntah anu kadalapan?

7 Saurang tukang dagang bisa jadi nganggap manéhna tara maling, da manéhna teu pernah maok barang batur. Tapi, na manéhna jujur dina ngajalankeun bisnisna? Dina Imamat 19:35, 36, Yéhuwa ngomong, ”Ulah malsu eloan, timbangan, takeran, dipake ngalicikan batur. Taraju kudu bener, timbangan kudu bener, eloan kudu bener.” Jadi lamun urang saurang tukang dagang maké timbangan atawa takeran nu teu jujur pikeun ngalicikan batur, éta téh sarua jiga manéhna maling barang batur. Aya ayat-ayat séjén dina Imamat pasal 19 nu ngajéntrékeun hal ieu.

Waktu maca Imamat 19:11-13, urang Kristen perlu mikirkeun, na sikep manéhna kudu dirobah dina urusan bisnis? (Tingali paragrap 8-10) *

8. Kumaha rincian dina Imamat 19:11-13 ngabantu urang Yahudi leuwih paham kana prinsip nu aya dina paréntah kadalapan, jeung naon mangpaatna keur urang?

8 Baca Imamat 19:11-13. Dina Imamat 19:11 urang maca, ”Ulah maling, ulah nipu.” Dina ayat éta maling téh disaruakeun jeung nipu. Jadi, lamun aya jalma nu nipu atawa teu jujur dina urusan bisnisna, manéhna téh disaruakeun jeung maling. Dina paréntah kadalapan téh ngan disebutkeun pikeun ulah maling, tapi dina Imamat dibéré rincian nu leuwih jelas. Ku kituna, urang Yahudi jadi leuwih ngarti kana prinsip tina hukum éta jeung dina prakprakanana. Urang gé bisa ngarasakeun mangpaatna lamun mikirkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan sikep teu jujur jeung maling. Urang bisa mikirkeun, ’Waktu abdi ngalenyepan Imamat 19:11-13, na dina kahirupan abdi téh aya nu kudu dirobah, hususna dina urusan bisnis?’

9. Kumaha hukum dina Imamat 19:13 ngalindungan para pagawé?

9 Aya hal séjénna deui ngeunaan kajujuran nu kudu dipikirkeun ku urang Kristen nu boga pagawé. Dina Imamat 19:13 di bagian ahir disebutkeun, ”Ulah nunda kulian jelema anu buburuh, ulah dipeutingkeun nepi ka isukna.” Kalolobaan urang Israél téh digawéna di ladang, jadi unggal poéna maranéhna bakal dibayar sanggeus bérés digawé. Lamun teu dibayar poé éta kénéh, maranéhna moal bisa nyumponan pangabutuh kulawargana. Yéhuwa ngomong, ”Buruhanana kudu dibayar, sabab kacida dipikabutuhna jeung geus kaciptaeun bakal katarima.”​—Pam. 24:14, 15; Mat. 20:8.

10. Urang bisa diajar naon tina Imamat 19:13?

10 Kiwari kalolobaan pagawé téh digajihna sabulan sakali atawa sabulan dua kali, teu unggal poé. Tapi prinsip dina Imamat 19:13 masih bisa dilarapkeun ayeuna. Aya sababaraha dunungan nu méré gajih leuwih saeutik ka pagawéna tibatan sakumaha mistina. Maranéhna nyaho éta pagawé jigana bakal terus digawé, sanajan gajihna ngan saeutik. Ku kituna, dunungan nu siga kitu téh nahan atawa ”nunda kulian jelema nu buburuh”. Urang Kristen kudu mastikeun yén maranéhna kudu adil ka pagawéna. Urang bisa diajar naon deui tina Imamat pasal 19? Hayu urang bahas.

SING NYAAH KA BATUR SAPERTI KA DIRI SORANGAN

11-12. Waktu ngutip Imamat 19:17, 18, naon nu hayang ditandeskeun ku Isa?

11 Allah téh miharep urang teu ngan saukur henteu jahat ka batur. Buktina urang bisa ningali dina Imamat 19:17, 18 (Baca.) Dina ayat ieu disebutkeun, ”Kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.” Jadi lamun urang Kristen hayang nyenangkeun Allah, maranéhna kudu nuturkeun paréntah ieu.

12 Isa nandeskeun sakumaha pentingna paréntah nu aya dina Imamat 19:18. Baréto waktu urang Farisi nanya ka Isa, ”Paréntah mana nu pangutamana dina Torét?” Isa ngajawab yén ”paréntah nu pangutamana jeung nu pangpentingna” téh kudu nyaah ka Yéhuwa ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa, jeung sakabéh pikiran. Sanggeusna, Isa ngutip kekecapan nu aya dina Imamat 19:18. Isa ngomong, ”Nu kadua, nu sarupa kitu, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’” (Mat. 22:35-40) Mémang aya loba cara pikeun némbongkeun kanyaah ka sasama, tapi urang bisa ningali sababaraha contona tina Imamat pasal 19.

13. Kumaha urang bisa leuwih ngarti kana Imamat 19:18 waktu maca kisah Yusuf?

13 Salah sahiji cara némbongkeun kanyaah ka sasama nyaéta nuturkeun naséhat dina Imamat 19:18, nu nyebutkeun, ”Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek.” Urang meureun apal aya jalma nu teterusan ambek ka batur gawéna, batur sakolana, atawa ka kulawargana, malahan nepi ka mangtaun-taun! Pék perhatikeun kasapuluh lanceuk Yusuf nu ambek ka manéhna nepi ka ngalakukeun hal nu kejem ka Yusuf. (Kaj. 37:2-8, 25-28) Tapi Yusuf mah teu ngabales maranéhna. Yusuf némbongkeun sipat welas sanajan aya kasempetan pikeun ngabales lanceuk-lanceukna. Yusuf henteu ngunek-ngunek, malahan mah manéhna nuturkeun naséhat nu dicatet dina Imamat 19:18.​—Kaj. 50:19-21.

14. Ku naon urang kudu nuturkeun prinsip nu aya di Imamat 19:18?

14 Urang Kristen nu hayang nyenangkeun Allah perlu nyonto sikep Yusuf. Manéhna henteu ngabales dulur-dulurna, tapi daék ngahampura maranéhna. Ieu téh cocog jeung nu disebutkeun ku Isa, waktu ngajarkeun carana ngadoa. Isa ménta supaya urang ngahampura dosa batur. (Mat. 6:9, 12) Hal ieu gé mirip jeung naséhat Rasul Paulus ka urang Kristen, ”Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah ngabales.” (Rm. 12:19) Paulus gé ngomong ka maranéhna, ”Aranjeun kudu terus silih sabaran jeung iklas silih hampura sanajan aya nu pikakeuheuleun.” (Kol. 3:13) Nepi ka ayeuna téh prinsip ti hukum Yéhuwa teu barobah. Jadi urang kudu nuturkeun prinsip nu aya dina Imamat 19:18.

Mun urang keur raheut, tangtu raheutna téh moal ditoél-toél. Kitu deui mun urang nyeri haté, alusna mah kanyeri urang teu diinget-inget sarta dipopohokeun (Tingali paragrap 15) *

15. Caritakeun ibarat nu bisa ngabantu urang ngarti ku naon urang kudu ngahampura jeung teu ngunek-ngunek.

15 Perhatikeun ibarat ieu. Parasaan nyeri haté téh disaruakeun jiga raheut. Meureun aya nu teu sapira, tapi aya ogé anu parah. Misalna, waktu keur muka surat, bisa jadi jari urang téh kabesét ku kertas. Mimitina mah nyeri, tapi biasana moal lila. Sanggeus sapoé atawa dua poé gé, meureun urang geus poho. Kitu gé jeung parasaan nyeri haté. Bisa jadi aya nu dilantarankeun ku hal-hal nu teu sapira, misalna aya omongan jeung kalakuan batur nu nganyenyeri urang. Tapi urang bisa gampang ngahampura manéhna. Kumaha lamun raheut urang téh leuwih parah? Bisa jadi, dokter nitah raheut urang téh dijait atawa diperban. Lamun raheutna terus ditoél-toél, raheutna moal cageur-cageur malah bakal leuwih parah. Hanjakalna, aya jalma-jalma nu jiga kitu waktu manéhna dinyenyeri ku batur. Manéhna terus mikirkeun sakumaha nyeri jeung keuheulna ka batur. Tapi jalma nu ngunek-ngunek téh sabenerna mah ngan nganyenyeri dirina sorangan. Tangtu leuwih alus lamun urang nuturkeun naséhat nu aya dina Imamat 19:18.○

16. Nurutkeun Imamat 19:33, 34, kumaha sakuduna sikep urang Israél ka urang asing, jeung urang diajar naon tina hal éta?

16 Waktu Yéhuwa méré paréntah ka urang Israél pikeun nyaah ka batur, maranéhna téh kudu nyaah ka urang asing nu cicing jeung maranéhna ogé, lain ka sasama urang Israél hungkul. Buktina aya dina Imamat 19:33, 34 (Baca.) Di ditu disebutkeun yén urang asing téh kudu dianggap ”kawas ka sasama urang Israil” jeung kudu ’dipikanyaah’ jiga ka dirina sorangan. Misalna, urang asing jeung nu mariskin meunang mulungan sésa panén ti urang Israél. (Ima. 19:9, 10) Prinsip ieu ogé kudu dilarapkeun ku urang Kristen ayeuna. (Luk. 10:30-37) Kumaha carana? Di sakuliah dunya aya jutaan jalma nu hirup ngumbara jeung pindah ka nagri séjén. Meureun aya ogé urang asing nu cicing di daérah Sadérék. Urang perlu bageur jeung ngahargaan maranéhna, teu sual lalaki, awéwé, atawa barudak.

PAGAWÉAN PENTING NU TEU DISEBUTKEUN DINA IMAMAT PASAL 19

17-18. (a) Imamat 19:2 jeung 1 Pétrus 1:15 ngajurung urang pikeun jadi jalma nu siga kumaha? (b) Rasul Pétrus nitah urang pikeun digawé naon?

17 Dina Imamat 19:2 jeung 1 Pétrus 1:15, aya paréntah keur umat Allah pikeun jadi suci. Loba ayat dina Imamat pasal 19 nu ngabantu urang pikeun ngarti naon nu bisa dilakukeun supaya bisa dipikaresep ku Yéhuwa. Urang geus ngabahas ayat-ayat ngeunaan naon nu kudu dilakukeun jeung nu kudu disingkahan ku urang. * Kitab-Kitab Yunani Kristen ogé némbongkeun yén Allah téh hayang urang terus nuturkeun prinsip-prinsip ieu. Tapi aya hal séjénna deui anu dibahas ku Rasul Pétrus.

18 Bisa jadi urang téh geus ibadah ka Yéhuwa jeung bageur ka batur. Tapi, Pétrus ngingetan urang Kristen pikeun ngalakukeun hal penting séjénna. Saacan Pétrus nitah urang pikeun suci dina sagala laku lampah urang, manéhna ngomong, ”Siapkeun pikiran aranjeun pikeun digawé.” (1 Pét. 1:13, 15) Digawé naon? Pétrus nitah urang Kristen nu diistrénan pikeun ”nguarkeun kaagungan Allah, nu geus ngajait” maranéhna. (1 Pét. 2:9) Kiwari, kabéh urang Kristen gé ngalakukeun pagawéan nu paling penting pikeun ngabantu batur. Sabagé jalma suci, urang téh boga tugas istiméwa pikeun ngawawar jeung ngajar batur. (Mar. 13:10) Lamun urang sabisa-bisa nuturkeun prinsip nu aya dina Imamat pasal 19, urang némbongkeun yén urang téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka batur. Urang ogé némbongkeun yén urang hayang jadi ”suci” dina sagala laku lampah.

KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang

^ par. 5 Mémang urang Kristen ayeuna mah teu nuturkeun deui Hukum Musa. Tapi hukum éta ngajarkeun urang ngeunaan naon nu kudu dilakukeun atawa nu kudu disingkahan ku urang. Urang gé bisa diajar carana némbongkeun kanyaah ka batur jeung carana nyenangkeun Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal ngarti kumaha carana urang ngalarapkeun palajaran tina Imamat pasal 19 dina kahirupan urang.

^ par. 17 Masih loba kénéh ayat-ayat nu can dibahas dina artikel ieu jeung artikel saacanna. Ayat-ayat éta téh ngabahas ngeunaan kaadilan, ngagogoréng batur, ngadahar getih, spiritisme, tatanya ka arwah, jeung lampah cabul.​—Ima. 19:15, 16, 26-29, 31.​—Tingali ”Pananya ti Nu Maca” dina majalah ieu.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Saurang Saksi ngabantu sadérék nu tunarungu waktu ngobrol jeung dokter.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu boga usaha jasa tukang cat méré gajih ka pagawéna.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Sadérék istri gampang mopohokeun raheut nu leutik. Tapi na kitu ogé ka raheut nu leuwih parah?