Pananya ti Nu Maca
Dina Terjemahan Dunia Baru [NW], Imamat 19:16 nyebutkeun, ”Ulah ngahaja ngalakukeun naon waé nu bakal ngabahayakeun nyawa batur.” Naon maksud kekecapan éta, jeung urang bisa diajar naon tina hal éta?
Yéhuwa téh nitah urang Israél pikeun jadi umat nu bersih lampah, atawa suci. Ku kituna, Anjeunna méré nyaho salah sahiji carana, ”Ulah ka ditu ka dieu nyebarkeun pitnah. Ulah ngahaja ngalakukeun naon waé nu bakal ngabahayakeun nyawa batur. Kuring téh Yéhuwa.”—Ima. 19:2, 16, NW.
Dina Basa Ibrani, kecap ”ngahaja ngalakukeun naon waé nu bakal ngabahayakeun nyawa batur” téh sacara harfiahna nyaéta ”nangtung pikeun nentang getih batur”. Naon maksudna ”nangtung pikeun nentang”? Hiji réferénsi Yahudi nu ngabahas ngeunaan buku Imamat ngajelaskeun, ”Kekecapan dina ayat éta téh . . . hésé dipikaharti ku lantaran urang teu nyaho naon makna anu sabenerna tina istilah Ibrani [nu aya di dieu], nu sacara harfiah mah hartina téh ’ulah nangtung di deukeut’.”
Sababaraha ahli ngahubungkeun kekecapan ieu jeung ayat saacanna nu nyebutkeun, ”Mun mutus perkara sah kudu jujur, kudu nurutkeun kumaha perkara nu sabenerna, ulah dumeh watir ka nu miskin atawa serab ku nu beunghar.” (Ima. 19:15) Jadi, paréntah dina ayat 16 nu nyebutkeun ulah nangtung pikeun nentang batur téh bisa ngamaksudkeun yén urang Israél teu meunang licik dina pangadilan, urusan bisnis, jeung kulawarga. Maranéhna gé teu meunang nipu bakating hayang meunang untung sorangan. Mémang hal-hal éta teu meunang dilakukeun. Tapi aya cara séjén nu ngabantu urang pikeun ngarti kekecapan nu aya dina ayat 16.
Perhatikeun bagian mimiti ayat 16. Yéhuwa méré paréntah ka umat-Na supaya maranéhna henteu ka ditu ka dieu nyebarkeun pitnah. Urang kudu inget pitnah téh leuwih parah tibatan gosip, najan gosip ogé sabenerna mah bisa ngabahayakeun batur. (Sil. 10:19; Pan. 10:12-14; 1 Tim. 5:11-15; Yak. 3:6) Jalma nu sok mitnah biasana osok méré nyaho nu teu bener nu bisa ngagogoréng batur. Malah maranéhna bisa méré kasaksian nu palsu, padahal kasaksianana téh bisa ngabahayakeun nyawa batur. Éta ogé nu kaalaman ku Nabot. Ku lantaran aya nu méré kasaksian palsu, manéhna téh jadi dibalédogan ku batu. (1 Rja. 21:8-13) Jadi kalimah kadua dina Imamat 19:16 téh mémang bener, jalma nu sok mitnah bisa ngabahayakeun nyawa batur.
Bisa jadi saurang jalma mitnah batur téh lantaran ngéwa ka manéhna. Dina 1 Yahya 3:15 disebutkeun, ”Anu ngéwa ka dulurna sarua jeung maéhan. Aranjeun gé apal tukang maéhan mah moal meunangkeun hirup langgeng.” Salian ti éta, sanggeus Allah méré paréntah dina Imamat 19:16, Anjeunna neruskeun, ”Ulah aya kangéwa ka dulur maranéh dina haté.”—Ima. 19:17, NW.
Kekecapan dina Imamat 19:16 téh panginget nu sérius pisan keur urang Kristen. Urang kudu nyingkahan sagala pamikiran nu goréng, jeung urang ogé ulah mitnah batur. Lamun urang mitnah batur lantaran teu resep atawa sirik ka manéhna, urang téh sarua jiga ”nangtung pikeun nentang batur”. Mun kitu, urang gé nunjukkeun urang téh ngéwa ka manéhna. Urang Kristen pasti embung boga parasaan jiga kitu.—Mat. 12:36, 37.