Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kanyaah nu Kawas Kumaha nu Bener-Bener Mawa Kabagjaan?

Kanyaah nu Kawas Kumaha nu Bener-Bener Mawa Kabagjaan?

”Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.”​—JAB. 144:15.

KAWIH: 111, 109

1. Ku naon jaman urang hirup téh béda pisan jeung jaman séjénna?

URANG hirup di jaman nu béda pisan jeung jaman séjénna di sapanjang sajarah. Yéhuwa nuju ngumpulkeun loba jalma ”campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana”, sakumaha dinubuatkeun dina Alkitab. Ayeuna, geus aya leuwih ti dalapan juta jalma ”lir hiji bangsa” nu bagja ”beurang peuting ngawula ka Mantenna”. (Wahyu 7:9, 15; Yes. 60:22) Can pernah aya sakitu lobana jalma nu nyaah ka Allah jeung sasama.

2. Kanyaah naon nu dipiboga ku jalma-jalma nu teu nyobat jeung Allah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

2 Tapi, Alkitab ogé nganubuatkeun yén di jaman urang, jalma-jalma nu teu nyobat jeung Allah bakal boga kanyaah nu nyimpang, nu mentingkeun diri. Rasul Paulus nulis yén dina ahir jaman, jalma-jalma bakal ”nyaah ka diri sorangan, nyaah kana duit”, jeung ”nyaah kana kasenangan lainna nyaah ka Allah”. (2 Tim. 3:1-4, Terjemahan Dunia Baru [NWT]) Kanyaah nu mentingkeun diri ieu patukang tonggong jeung kanyaah ka Allah. Ngudag kahayang nu mentingkeun diri téh moal ngahasilkeun kabagjaan nu diarep-arep ku maranéhna. Ieu malah ngahasilkeun dunya nu mentingkeun diri nu nyusahkeun batur.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu? Naon sababna?

3 Rasul Paulus nyaho yén kanyaah nu mentingkeun diri bakal jamak sarta bahaya keur urang Kristen. Jadi, Paulus ngélingan maranéhna pikeun ”ngajauhan” jalma-jalma nu némbongkeun kanyaah kawas kitu. (2 Tim. 3:5) Tapi, urang teu bisa bébas sama sakali ti maranéhna. Jadi, kumaha carana sangkan urang teu kapangaruhan sarta bisa nyukakeun Yéhuwa, Allah nu asih? Hayu urang tingali bédana kanyaah nu dipiharep ku Allah jeung kanyaah nu digambarkeun di 2 Timoteus 3:2-4 (NWT). Tuluy, urang bisa mariksa diri jeung ngupayakeun kanyaah nu bakal bener-bener nyugemakeun tur ngabagjakeun urang.

NYAAH KA ALLAH ATAWA KA DIRI SORANGAN?

4. Ku naon boga kanyaah nu wajar ka diri sorangan téh teu salah?

4 Paulus nulis, ”Jalma-jalma bakal nyaah ka diri sorangan.” Naha nyaah ka diri sorangan téh salah? Henteu, éta téh wajar jeung perlu sabab urang diciptakeun kitu ku Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.” (Mar. 12:31) Malah lamun teu mikanyaah diri sorangan, urang moal bisa mikanyaah batur. Alkitab ogé maréntahkeun, ”Salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara.” (Epe. 5:28, 29) Jadi, jelas yén urang kudu boga kanyaah nu wajar ka diri sorangan.

5. Jalma nu nyaah teuing ka diri sorangan téh siga kumaha?

5 Kanyaah ka diri sorangan dina 2 Timoteus 3:2 (NWT) téh teu wajar jeung teu alus sabab mentingkeun diri. Hiji jalma nu nyaah teuing ka diri sorangan bakal mikir yén dirina leuwih punjul ti batan nu samistina. (Baca Rum 12:3.) Manéhna ngan merhatikeun dirina sorangan. Mun aya masalah, manéhna bakal nyalahkeun batur lain dirina sorangan. Hiji réferénsi Alkitab nyaruakeun jalma nu kawas kitu jeung landak nu ngagulung dirina siga bola. Ari keur awakna sorangan mah bulu-bulu lemes nu matak haneut, tapi ari keur batur mah némbongkeun cucuk nu sareukeut. Jalma siga kitu moal bener-bener bagja.

Kanyaah nu dipiharep Allah bisa ngamekarkeun sipat-sipat alus

6. Lamun urang nyaah ka Allah, naon hasilna?

6 Sababaraha ahli Alkitab percaya yén kanyaah ka diri sorangan disebutkeun mimiti ku Paulus lantaran bisa ngabalukarkeun sipat-sipat goréng nu disebutkeun saterusna. Ieu béda jeung kanyaah nu dipiharep Allah, nu bisa mekarkeun sipat-sipat alus, nyaéta galumbira, resep rukun, tengtrem haté, sabar, hadé ka batur, leuleuy, satia, handap asor, jeung kadali diri. (Gal. 5:22, 23) Nu nulis jabur ngomong, ”Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.” (Jab. 144:15) Salaku Allah nu bagja, Yéhuwa hoyong umat-Na gé bagja. Ieu béda jeung jalma nu nyaah teuing ka dirina nu hayang narima wungkul. Umat Yéhuwa bisa bagja lantaran béréhan ka batur.​—Ras. 20:35.

Kumaha carana sangkan urang teu nyaah ka diri sorangan? (Tingali paragrap 7)

7. Pananya naon waé nu bisa ngabantu urang mariksa kanyaah urang ka Allah?

7 Kumaha carana mariksa naha kanyaah ka diri sorangan leuwih kuat ti batan kanyaah ka Allah? Pék pikirkeun naséhat bijaksana ieu, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan. Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.” (Pil. 2:3, 4) Urang bisa ngalenyepan, ’Naha abdi ngabandungan naséhat ieu? Naha abdi ngupayakeun pikeun ngalampahkeun kahoyong Allah? Naha abdi néangan cara pikeun mantuan batur di sidang jeung dina dines?’ Mémang ieu téh teu gampang, urang kudu bener-bener nyieun upaya pikeun ngorbankeun waktu jeung énergi sarta hal-hal nu dipikaresep. Tapi, urang bakal bungah pisan lantaran nyaho yén Pangawasa jagat raya ieu resep ningali upaya urang!

8. Naon nu dilampahkeun ku sababaraha urang Kristen lantaran nyaah ka Allah?

8 Lantaran nyaah ka Allah jeung hayang leuwih sapinuhna ngawula ka Mantenna, loba urang Kristen ngorbankeun kariér nu bisa ngabeungharkeun maranéhna. Ericka téh dokter, tapi manéhna milih jadi panaratas ti batan ngudag kariér. Bareng jeung salakina, manéhna bisa ngawula di sababaraha nagri. Manéhna ngomong, ”Pangalaman ngawawar maké basa nu séjén, ogé sosobatan jeung loba dulur saiman, bener-bener jadi harta dina hirup urang.” Ericka masih kénéh digawé sabagé dokter, tapi kalolobaan waktu jeung énergina dipaké pikeun ngajar loba jalma ngeunaan Yéhuwa sarta nulungan dulur saiman. Ericka nyarita yén manéhna ”bener-bener ngarasa bagja jeung sugema”.

HARTA DI SAWARGA ATAWA DI DUNYA?

9. Naon sababna jalma nu nyaah kana duit moal bisa bagja?

9 Paulus nulis yén jalma bakal ”nyaah kana duit”. Pernah aya hiji panaratas di Irlandia nu ngawawar ka hiji lalaki ngeunaan Allah. Lalaki éta muka dompétna, ngébréhkeun sababaraha lambar duit, jeung ngomong, ”Ieu yeuh Allah urang mah!” Loba jalma gé ngarasa saperti kitu sanajan teu langsung ngomong. Maranéhna nyaah kana duit jeung barang nu bisa dibeuli ku duit. Alkitab mépélingan, ”Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh.” (Pan. 5:10) Nu nyaah kana duit hayang teterusan meunang leuwih loba duit. Hirupna saukur keur néangan duit. Ieu nu ngalantarankeun ”rupa-rupa aral”.​—1 Tim. 6:9, 10.

10. Naon nu disebutkeun ku Alkitab ngeunaan beunghar jeung miskin?

10 Mémang, urang kabéh butuh duit. Duit bisa méré panyalindungan. (Pan. 7:12) Tapi, naha urang bisa tetep bagja lamun ngan boga kabutuhan dasar? Bisa! (Baca Pandita 5:12.) Agur putra Yakéh nulis, ”Ulah dikersakeun miskin, ulah dikersakeun beunghar. Paparin sacekapna bae.” Urang bisa langsung paham ku naon manéhna teu hayang miskin, nyaéta sangkan manéhna teu maok lantaran bisa nyela Allah. Tapi, ku naon manéhna teu hayang beunghar? Manéhna nulis, ”Bilih ari beunghar mah ngunghak, nyebat teu wawuh ka Gusti.” (Sil. 30:8, 9) Bisa waé Sadérék nyaho aya jalma-jalma nu ngandelkeun kakayaan ti batan Allah.

11. Yésus ngomong naon ngeunaan duit?

11 Jalma nu nyaah kana duit moal bisa nyenangkeun Allah. Ceuk Yésus, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.” Yésus ogé nandeskeun, ”Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat. Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.”​—Mat. 6:19, 20, 24.

12. Kumaha hirup basajan ngabantu urang ngawula Yéhuwa? Béré contona.

12 Loba hamba Yéhuwa ngupayakeun hirup basajan. Ku cara kitu, maranéhna jadi boga leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa jeung ngarasa leuwih bagja. Jack, di Amerika Serikat, ngajual imahna nu gedé jeung bisnisna sangkan bisa naratas bareng jeung pamajikanana. Manéhna nyarita, ”Mémang teu gampang ninggalkeun imah nu alus di tempat nu éndah.” Tapi, geus mangtaun-taun manéhna strés ku masalah pagawéan. Manéhna ngomong, ”Pun bojo nu naratas mani bagja hirupna. Manéhna sok ngomong, ’Dunungan abdi mah nu pangbageurna!’ Ayeuna, sanggeus abdi naratas, urang duaan ngawula ka Dunungan nu sarua, Yéhuwa.”

’Naha geus katingali lamun hirup abdi luyu jeung pituduh Alkitab ngeunaan duit?’

Kumaha carana sangkan urang teu nyaah kana duit? (Tingali paragrap 13)

13. Pananya-pananya naon nu bisa ngabantu mariksa pandangan urang kana duit?

13 Waktu mariksa sikep urang kana duit, urang kudu jujur jeung ngalenyepan, ’Naha geus katingali lamun hirup abdi luyu jeung pituduh Alkitab ngeunaan duit? Naha néangan duit téh geus jadi nu pangpentingna? Naha abdi leuwih mentingkeun harta banda ti batan hubungan abdi jeung Yéhuwa sarta jalma séjén? Naha abdi bener-bener percaya yén Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh abdi?’ Urang bisa yakin yén Mantenna moal nguciwakeun saha waé nu ngandel ka Mantenna!​—Mat. 6:33.

NYAAH KA YÉHUWA ATAWA KANA KASENANGAN?

14. Saperti kumaha pandangan nu saimbang kana kasenangan téh?

14 Alkitab geus nganubuatkeun yén dina ahir jaman, jalma-jalma bakal ”nyaah kana kasenangan”. Urang geus ningali yén teu salah boga pandangan nu saimbang kana diri sorangan jeung duit. Urang ogé nyaho yén teu salah lamun senang-senang ku cara nu saimbang. Aya nu mikir yén manéhna teu meunang senang-senang, tapi maksud Yéhuwa henteu kitu. Alkitab justru ngajurung hamba Allah nu satia, ”Mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan.”​—Pan. 9:7.

15. Naon nu dimaksud ”nyaah kana kasenangan”?

15 Nu disebutkeun dina 2 Timoteus 3:4 (NWT) téh jalma nu nyaah kana kasenangan jeung teu paduli ka Allah. Ayatna teu nyebutkeun yén jalma-jalma leuwih nyaah kana kasenangan ti batan Allah. Lamun kitu mah maranéhna masih boga saeutik kanyaah ka Allah. Tapi, ayatna nyebutkeun ”lainna” nyaah ka Allah. Saurang ahli Alkitab nulis yén ayat ieu ”lain ngahartikeun maranéhna masih kénéh boga kanyaah ka Allah. Tapi, maranéhna geus teu nyaah sama sakali”. Ieu pangéling nu sérius pikeun jalma nu nyaah kana kasenangan. Alkitab ngajelaskeun yén maranéhna téh jalma nu ”kaelehkeun” ku kasenangan dunya.​—Luk. 8:14.

16, 17. Yésus méré tuladan naon ngeunaan kasenangan?

16 Yésus némbongkeun kumaha carana boga pandangan nu saimbang kana kasenangan. Anjeunna datang ka ”hajat nikah” jeung ”pesta” gedé. (Yoh. 2:1-10; Luk. 5:29) Dina hajat nikah éta, anggurna téréh béak, terus Yésus ngarobah cai jadi anggur. Dina hiji waktu, aya jalma nu ngiritik Yésus lantaran osok dahar jeung nginum. Yésus ngajelaskeun yén sikep maranéhna téh teu saimbang.​—Luk. 7:33-36.

17 Tapi, Yésus henteu ngajadikeun kasenangan sabagé nu pangpentingna. Anjeunna miheulakeun Yéhuwa sarta satékah polah mantuan batur. Anjeunna ogé réla nandangan kanyeri nepi ka maot dina tihang siksaan demi nyalametkeun umat manusa. Yésus ngomong ka jalma-jalma nu hayang nuturkeun anjeunna, ”Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami. Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”​—Mat. 5:11, 12.

Kumaha carana sangkan urang teu nyaah kana kasenangan? (Tingali paragrap 18)

18. Pananya-pananya naon nu bisa ngabantu urang mariksa kanyaah urang kana kasenangan?

18 Naon nu bisa ngabantu urang mariksa kanyaah urang kana kasenangan? Pék pikirkeun, ’Naha keur abdi hiburan téh leuwih penting ti batan masamoan jeung dines? Naha abdi réla ngorbankeun hal-hal nu dipikaresep demi ngawula Yéhuwa? Waktu milih hiburan, naha abdi mikirkeun pandangan Yéhuwa kana pilihan abdi?’ Lantaran nyaah ka Allah jeung hayang nyenangkeun Mantenna, urang teu ngan saukur nyingkahan hal-hal nu geus jelas salah, tapi ogé hal-hal nu sigana mah moal nyenangkeun Mantenna.​—Baca Mateus 22:37, 38.

KONCI KABAGJAAN

19. Jalma-jalma nu kawas kumaha nu moal bener-bener bagja?

19 Dunya Sétan geus nyangsarakeun manusa salila kira-kira 6.000 taun. Ayeuna dina ahir jaman ieu, dunya dipinuhan ku jalma-jalma nu ngutamakeun diri sorangan, duit, jeung kasenangan. Maranéhna ngan mikirkeun kauntungan jeung ngutamakeun kahayang sorangan wungkul. Jalma-jalma kawas kieu moal bener-bener bagja! Sabalikna, Alkitab ngomong, ”Jamuga jalma anu boga Allahna Yakub anu baris nulungan anu muntangna ka PANGERAN, nu jadi Allahna.”​—Jab. 146:5.

20. Ku naon nyaah ka Yéhuwa téh ngabagjakeun Sadérék?

20 Umat Yéhuwa bener-bener nyaah ka Mantenna. Jumlahna gé terus nambahan unggal taunna. Ieu bukti Karajaan Allah geus maréntah, sarta bakal mawa loba berkah nu teu kabayangkeun ku urang! Kabagjaan sajati téh hasil tina ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa sarta nyaho yén urang nyukakeun Mantenna. Kabéh nu nyaah ka Yéhuwa bakal bagja salanggengna! Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas sababaraha sipat goréng balukar ti kanyaah nu mentingkeun diri. Urang ogé bisa ningali bédana sipat-sipat éta jeung sipat-sipat alus umat Yéhuwa.