Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon nu Bisa Dipasihkeun ka Pribadi nu Miboga Sagalana?

Naon nu Bisa Dipasihkeun ka Pribadi nu Miboga Sagalana?

”Nun Allah panutan, abdi-abdi muji sukur sareng ngamulyakeun pajenengan Gusti nu agung.”​—1 BAB. 29:13.

KAWIH: 80, 50

1, 2. Naon buktina Yéhuwa béréhan ka urang?

YÉHUWA téh Allah nu béréhan. Sagala nu dipiboga ku urang asalna ti Mantenna. Emas, pérak, jeung sagala sumber daya alam milik Mantenna, sarta digunakeun pikeun nunjang kahirupan. (Jab. 104:13-15; Hag. 2:8) Tina Alkitab, urang nyaho yén Yéhuwa sakapeung nyieun mujijat pikeun nyumponan pangabutuh hamba-hamba-Na.

2 Contona, Yéhuwa nyadiakeun manna jeung cai pikeun bangsa Israil di gurun keusik salila 40 taun. (Bud. 16:35) Hasilna, sagala kaperluanana kacumponan. (Neh. 9:20, 21) Yéhuwa ogé masihan Élisa kawasa pikeun ngalobaan minyak nu ngan saeutik milik hiji randa nu satia. Lantaran kurnia ti Allah ieu, éta randa bisa mayar hutang-hutangna sarta boga cukup duit keur hirup jeung barudakna. (2 Rja. 4:1-7) Ku kawasa Yéhuwa gé, Yésus bisa nyadiakeun dahareun sarta duit ku cara mujijat basa dibutuhkeun.​—Mat. 15:35-38; 17:27.

3. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Yéhuwa bisa ngagunakeun naon waé pikeun ngarojong ciptaana-Na. Tapi, Mantenna tetep ngondang hamba-hamba-Na pikeun sabisa-bisa méré naon waé keur ngarojong kagiatan organisasi-Na. (Bud. 36:3-7; baca Siloka 3:9.) Ku naon Yéhuwa miharep urang pikeun masihan ka Mantenna ngagunakeun harta banda urang? Kumaha carana hamba-hamba Yéhuwa di jaman baheula ngarojong kagiatan ibadah ka Mantenna? Kiwari, kumaha carana organisasi ngagunakeun duit sumbangan? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya éta.

KU NAON URANG MASIHAN KA YÉHUWA?

4. Naon nu ditémbongkeun ku urang lamun ngarojong kahoyong Yéhuwa?

Urang masihan ka Yéhuwa sabab nyaah ka Mantenna

4 Urang masihan ka Yéhuwa téh sabab nyaah jeung hayang nganuhunkeun ka Mantenna. Lamun urang ngalenyepan naon waé nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun urang, haté urang jadi kageuing. Waktu nyebutkeun naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngawangun bait, Raja Daud ngakukeun yén sagala milik urang téh asalna ti Yéhuwa sarta nu dipasrahkeun deui ka Mantenna téh asalna ti Mantenna kénéh.​—Baca 1 Babad 29:11-14.

5. Kumaha Alkitab némbongkeun yén méré sumbangan téh bagian penting tina ibadah?

5 Urang ogé masihan ka Yéhuwa lantaran ieu téh ibadah. Dina titingalian, Rasul Yohanes ngadéngé hamba-hamba Yéhuwa di sawarga ngomong, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” (Wahyu 4:11) Yéhuwa téh layak narima kamulyaan jeung kahormatan, jadi urang hayang méré nu panghadéna ka Mantenna. Liwat Musa, Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israil pikeun ngarayakeun tilu pésta sataunna. Méré pangbakti ka Yéhuwa téh mangrupakeun bagian tina pésta-pésta ieu. Bangsa Israil diparéntahkeun, ”Unggal jalma kudu mawa pangbakti.” (Pam. 16:16) Kiwari, méré sumbangan kalawan réla téh mangrupakeun bagian penting tina ibadah. Ku cara kitu, urang kabukti ngajénan sarta ngarojong kagiatan organisasi Yéhuwa.

6. Ku naon méré téh alus pikeun urang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

6 Alus pikeun urang lamun resep méré teu ngan saukur nampa. (Baca Rasul 20:35.) Bayangkeun aya saurang budak leutik nu meunang duit jajan ti kolotna. Manéhna tuluy nyéngcéléngan pikeun meulikeun hadiah keur kolotna. Kumaha parasaan kolotna waktu narima éta hadiah? Atawa, bayangkeun saurang panaratas ngora nu cicing jeung kolotna. Manéhna méré saeutik duit keur kolotna pikeun mantuan mayar biaya-biaya atawa meuli dahareun. Kolotna teu ngarepkeun hal éta, tapi tetep nampa. Ku naon? Lantaran éta cara budakna ngajénan sagala nu geus dilampahkeun ku kolotna. Kitu ogé Yéhuwa, Mantenna apal yén méré téh alus pikeun urang.

CARANA HAMBA-HAMBA ALLAH DI JAMAN BAHEULA MÉRÉ SUMBANGAN

7, 8. Tuladan naon nu ditémbongkeun ku umat Yéhuwa di jaman baheula dina méré sumbangan keur (a) hiji proyék? (b) ngarojong kagiatan umat Allah?

7 Tina Alkitab, urang nyaho yén umat Allah méré sumbangan pikeun ngarojong kagiatan ibadah ka Mantenna. Sakapeung, maranéhna méré sumbangan pikeun hiji proyék. Contona, Musa ngajurung urang Israil pikeun nyumbang keur pangwangunan tabernakel. Raja Daud gé ngalampahkeun nu sarua waktu rék ngawangun bait. (Bud. 35:5; 1 Bab. 29:5-9) Dina pamaréntahan Raja Yoas, para imam ngoméan bait maké duit sumbangan ti umat. (2 Rja. 12:4, 5) Di abad kahiji, urang Kristen ngadéngé yén aya bala kalaparan di Yudéa sarta dulur-dulurna butuh bantuan. Jadi, maranéhna udunan sakamampuhna pikeun dulur-dulur di ditu.​—Ras. 11:27-30.

8 Umat Yéhuwa gé méré sumbangan pikeun jalma-jalma nu mingpin kagiatan umat Allah. Contona, numutkeun Hukum Musa, kaom Léwi teu dibéré tanah warisan sakumaha kaom séjénna. Jadi, urang Israil séjénna kudu méré jakat perpuluhan keur urang Léwi. Ku kituna, urang Léwi teu perlu salempang basa digawé di tabernakel. (Bil. 18:21) Kitu ogé di jaman Yésus, para wanita nu béréhan ngarojong Yésus jeung para rasulna ku pangaboga maranéhna.​—Luk. 8:1-3.

Ti nu pangbeungharna nepi ka nu pangmiskinna, kabéh bisa méré sumbangan

9. Di jaman baheula, ti mana asalna duit sumbangan téh?

9 Sumber sumbangan éta téh béda-béda. Urang Israil méré sumbangan keur pangwangunan tabernakel tina harta banda nu diboyong ti Mesir. (Bud. 3:21, 22; 35:22-24) Di abad kahiji, sababaraha urang Kristen ngajual pangabogana, saperti lahan atawa imah, sarta duitna dibikeun ka para rasul. Tuluy, para rasul ngagunakeun éta duit pikeun mantuan jalma-jalma nu kakurangan. (Ras. 4:34, 35) Urang Kristen lianna rutin nyisihkeun duitna pikeun ngarojong kagiatan umat Allah. (1 Kor. 16:2) Jadi, ti nu pangbeungharna nepi ka nu pangmiskinna bisa méré sumbangan.​—Luk. 21:1-4.

CARANA URANG AYEUNA MÉRÉ SUMBANGAN

10, 11. (a) Kumaha urang bisa nyonto hamba-hamba Allah nu béréhan di jaman baheula? (b) Kumaha parasaan Sadérék kana kasempetan pikeun ngarojong kagiatan Karajaan?

10 Kiwari, urang ogé bisa waé dijurung pikeun ngarojong hiji hal ku cara méré sumbangan. Misalna, sidang urang rék ngoméan Balé Karajaan atawa ngawangun nu anyar. Bisa jadi kantor cabang kudu dioméan. Urang ogé hayang milu nutupan biaya kongrés. Atawa, aya musibat alam di daérah séjén jeung dulur-dulur urang butuh bantuan. Sumbangan urang gé bisa ngarojong para misionaris, panaratas istiméwa, pangawas wilayah, sarta kabéh nu digawé di kantor pusat jeung kantor cabang di sakuliah dunya. Sidang Sadérék bisa jadi ngirimkeun sumbangan rutin pikeun ngawangun Balé Kongrés jeung Balé Karajaan di nagri séjén.

11 Urang kabéh bisa ngarojong kagiatan organisasi Yéhuwa dina ahir jaman ieu. Kalolobaan nu nyumbang teu nyebutkeun ngaranna. Waktu nyumbang ka kotak di Balé Karajaan atawa nyumbang liwat jw.org, urang gé moal hayang kanyahoan ku batur. Tapi, kumaha lamun Sadérék ngarasa sumbangan Sadérék téh saeutik pisan? Sabenerna, kalolobaan sumbangan ka organisasi téh asalna ti loba sumbangan leutik, lain ti sababaraha sumbangan gedé. Malahan, aya sadérék-sadérék urang nu nyonto urang Kristen di Makédoni. Maranéhna ”kacida mariskinna”, tapi keukeuh ménta diidinan pikeun méré sumbangan sarta méréna kalawan limpah.​—2 Kor. 8:1-4.

12. Kumaha organisasi ngagunakeun sumbangan ku cara nu panghadéna?

12 Badan Pingpinan téh satia jeung bijaksana dina ngagunakeun sumbangan. (Mat. 24:45) Kabéh anggotana ngadoa sangkan bisa nyieun putusan nu hadé, sarta nyieun rencana nu taliti dina ngagunakeun éta sumbangan. (Luk. 14:28) Di jaman baheula, priya-priya nu ngawaskeun sumbangan mastikeun sangkan éta sumbangan dipaké keur ibadah ka Yéhuwa wungkul. Contona, Ésra balik ka Yérusalém bari mawa loba sumbangan ti raja Pérsia, nyaéta emas, pérak, jeung barang-barang marahal séjénna. Jumlahna téh ayeuna sarua jeung leuwih ti 1,3 triliun rupiah. Ésra nganggap ieu téh kurnia ti Yéhuwa. Jadi, manéhna méré pituduh rinci ngeunaan carana ngajaga éta harta basa dibawa ngaliwatan daérah-daérah nu bahaya. (Esra 8:24-34) Mangtaun-taun ti harita, Rasul Paulus ngumpulkeun duit pikeun dulur-dulur di Yudéa. Manéhna mastikeun yén jalma-jalma nu mawa éta sumbangan jujur jeung ati-ati, ”lain ka payuneun Allah bae, ka papada jelema nya kitu keneh”. (Baca 2 Korinta 8:18-21.) Kiwari, organisasi urang nyonto Ésra jeung Paulus nu ati-ati dina ngagunakeun sumbangan.

13. Ku naon anyar-anyar ieu organisasi nyieun sababaraha parobahan?

13 Hiji kulawarga bisa waé nyieun parobahan sangkan duit nu dipaké henteu ngaleuwihan panghasilan. Atawa, maranéhna nyaderhanakeun kahirupan sangkan bisa leuwih ngawula Yéhuwa. Kitu ogé jeung organisasi Yéhuwa. Anyar-anyar ieu, aya loba proyék nu sakapeung nyababkeun duit nu dipaké leuwih loba ti batan nu ditarima. Jadi siga kulawarga tadi, organisasi néangan cara pikeun ngahémat biaya sarta nyaderhanakeun pagawéan. Ku kituna, sagalana bisa dijalankeun sabisa-bisa luyu jeung sumbangan Sadérék nu béréhan.

MANGPAATNA SUMBANGAN SADÉRÉK

Sumbangan Sadérék ngarojong kagiatan sadunya (Tingali paragrap 14-16)

14-16. (a) Sumbangan Sadérék digunakeun keur naon waé? (b) Mangpaat naon nu geus karasa ku Sadérék?

14 Loba sadérék nu geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun ngomong yén ayeuna maranéhna narima leuwih loba hadiah ti organisasi ti batan saacanna. Urang ayeuna boga jw.org jeung JW Broadcasting. Urang gé boga Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dina leuwih loba basa. Dina taun 2014/2015, Kongrés Internasional tilu poé nu jejerna ”Utamakeun Heula Karajaan Allah!” diayakeun di stadion panggedéna di 14 nagara. Kabéh nu hadir di ditu bungah pisan!

15 Loba nu ngungkabkeun panghargaan kana hadiah ti organisasi Yéhuwa. Contona, sapasang salaki pamajikan di Asia nulis, ”Abdi duaan ditugaskeun di hiji kota leutik. Abdi sakapeung jadi ngarasa mencil ti sasaha, sarta gancang poho kana sakumaha gedéna kagiatan organisasi Yéhuwa téh. Tapi teu lila sanggeus nongton rupa-rupa program JW Broadcasting, abdi jadi inget deui yén abdi téh bagian ti duduluran internasional. Sadérék-sadérék di dieu gé resep pisan nongton JW Broadcasting. Abdi sering ngadéngé maranéhna ngarasa leuwih deukeut jeung Badan Pingpinan sanggeus nongton program bulanan. Ayeuna, maranéhna ngarasa leuwih reueus jadi bagian ti organisasi Yéhuwa.”

16 Di sakuliah dunya, aya kira-kira 2.500 Balé Karajaan nu keur diwangun atawa dioméan. Para anggota hiji sidang di Honduras ngomong yén boga Balé Karajaan sorangan téh geus kaimpi-impikeun. Tapi, ayeuna impian maranéhna jadi kanyataan! Maranéhna nulis, ”Abdi sadaya bungah pisan jadi bagian organisasi universal Yéhuwa sarta bungah bisa boga duduluran sadunya.” Loba ogé nu ngungkabkeun parasaan nu sarua waktu narima Alkitab atawa publikasi séjén dina basa indungna, waktu ditulungan basa aya musibat alam, atawa waktu maranéhna ningali hasil alus ti kasaksian métropolitan jeung di tempat umum.

17. Ti mana urang nyaho yén Yéhuwa ngarojong organisasi-Na?

17 Loba nu lain Saksi teu ngartieun kumaha hal-hal ieu bisa laksana ku sumbangan sukaréla wungkul. Saurang bos pausahaan gedé nganjangan salah sahiji percitakan urang. Manéhna tajub sanggeus nyaho yén sagala kagiatan urang dirojong ku sukarélawan jeung sumbangan sukaréla, padahal henteu ngayakeun acara pikeun ngumpulkeun dana. Manéhna ngomong yén urang ngalampahkeun hal nu mustahil. Urang gé satuju! Ieu kabéh mustahil laksana lamun teu dirojong ku Yéhuwa.​—Ayub 42:2.

BERKAH LANTARAN MASIHAN KA YÉHUWA

18. (a) Naon waé berkahna lamun urang ngarojong Karajaan? (b) Kumaha carana urang ngabantu jalma nu anyaran diajar jeung barudak pikeun ngalampahkeun nu sarua?

18 Yéhuwa masihan urang kahormatan sarta kasempetan pikeun ngarojong kagiatan Karajaan. Mantenna ngajamin yén lamun urang ngarojong, urang bakal diberkahan. (Mal. 3:10) Yéhuwa gé jangji yén lamun urang béréhan, urang moal bakal kakurangan. (Baca Siloka 11:24, 25.) Mantenna masihan terang yén urang bakal bagja sabab ”leuwih bagja mere ti batan nampa”. (Ras. 20:35) Ucapan jeung lalampahan urang bisa jadi conto pikeun jalma nu anyaran diajar jeung barudak pikeun méré sumbangan sarta narima loba berkah.

19. Tina artikel ieu, Sadérék kajurung pikeun ngalampahkeun naon?

19 Sagala nu dipiboga ku urang asalna ti Yéhuwa. Waktu urang mulang tarima, urang nunjukkeun yén urang nyaah ka Mantenna sarta nganuhunkeun kana sagala nu geus dilampahkeun ku Mantenna ka urang. (1 Bab. 29:17) Waktu urang Israil nyumbang pikeun pangwangunan bait, maranéhna méré ”reujeung sukana sarta kacida barungaheunana”. (1 Bab. 29:9) Muga urang terus ngagunakeun sagala pamasihan Yéhuwa pikeun mulang tarima ka Mantenna. Urang bakal bagja jeung sugema.