Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tingali Bédana Jalma-Jalma nu Ngawula Yéhuwa jeung nu Henteu

Tingali Bédana Jalma-Jalma nu Ngawula Yéhuwa jeung nu Henteu

”Maranéh bakal ningali . . . bédana jalma nu bener jeung jalma nu jahat.”​—MAL. 3:18, Terjemahan Dunia Baru (NWT).

KAWIH: 127, 101

1, 2. Ku naon kaayaan ayeuna bisa jadi tangtangan keur umat Allah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

LOBA dokter jeung suster kudu ngarawat jalma gering nu panyakitna bisa népa ka batur. Maranéhna hayang nulungan jalma-jalma éta. Tapi, maranéhna ogé kudu ngajaga diri sangkan teu katépaan. Sabagé Saksi Yéhuwa, urang gé nyanghareupan kaayaan nu méh sarua. Urang hirup jeung digawé di antara jalma-jalma nu sikep tur sipatna béda pisan jeung Allah. Éta bisa jadi tangtangan keur urang.

2 Dina ahir jaman ieu, jalma-jalma nu teu nyaah ka Allah ngabaékeun papakon-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah. Rasul Paulus ngajéntrékeun sipat-sipat goréng maranéhna dina suratna keur Timoteus. Paulus nyebutkeun yén beuki deukeut ka ahir dunya, sipat-sipat goréng ieu téh beuki jamak. (Baca 2 Timoteus 3:1-5, 13.) Urang reuwas ningali loba jalma boga sipat-sipat éta, sanajan kitu bisa waé urang katépaan ku cara pikir, omongan, jeung lalampahan maranéhna. (Sil. 13:20) Dina ieu artikel, urang bakal ningali bédana sipat-sipat jalma di dunya ieu jeung jalma nu ngawula ka Allah. Urang gé bakal ngabahas carana ngajaga diri sangkan teu katépaan sipat-sipat goréng éta bari mantuan batur wanoh ka Yéhuwa.

3. Saha jalma-jalma nu dimaksud dina 2 Timoteus 3:2-5?

3 Paulus nulis yén dina ahir jaman bakal aya ”loba kasukeran”. Aya 19 sipat goréng nu ditulis ku manéhna nu jamak di jaman kiwari. Sipat-sipat ieu sarupa jeung nu disebutkeun ku Paulus dina Rum 1:29-31. Tapi, daptar nu aya dina surat ka Timoteus ngagunakeun kekecapan nu teu aya di ayat séjénna dina Kitab-Kitab Yunani Kristen. Paulus ngamimitian ku nyebutkeun ”jalma-jalma”. Tapi, teu kabéh jalma bakal boga sipat-sipat éta. Urang Kristen mah béda pisan sipat-sipatna.​—Baca Malaki 3:18 tina catetan handap. *

CARA MANDANG DIRI SORANGAN

4. Siga kumaha jalma nu sombong téh?

4 Sanggeus Paulus ngomong yén loba nu bakal nyaah ka diri sorangan jeung kana duit, manéhna nambahkeun yén jalma-jalma bakal takabur, garumedé, jeung aradigung. Jalma-jalma kawas kitu biasana mikir yén dirina téh leuwih punjul ti batur lantaran kasép atawa geulis, alus pagawéanana, beunghar, atawa luhur kadudukanana. Maranéhna kacida hayangna dipuja-puja ku batur. Aya saurang ahli nu ngajelaskeun ngeunaan jalma nu kawas kitu, ”Dina haténa, aya tempat pamujaan leutik keur muja dirina sorangan.” Aya nu ngomong yén saking goréngna sipat sombong, jalma sombong gé teu resep ningali jalma séjén nu sombong.

5. Béré conto sababaraha hamba Yéhuwa nu jadi sombong.

5 Yéhuwa ijid kana ”sikep nu sombong”. (Sil. 6:16, 17) Kasombongan téh bisa ngajauhkeun hiji jalma ti Allah. (Jab. 10:4) Éta téh sipatna Iblis. (1 Tim. 3:6) Hanjakalna, loba hamba Yéhuwa nu satia bisa katépaan sipat ieu. Contona, Raja Usia ti Yuda satia ngawula mangtaun-taun. Tapi Alkitab nyaritakeun, ”Sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka. Anjeunna midamel peta anu ngalawan ka PANGERAN Allahna.” Usia asup ka bait tuluy ngukus dupa, padahal lain wewenangna. Ka dieunakeun, Raja Hiskia gé pernah jadi sombong sanajan ngan sakeudeung.​—2 Bab. 26:16; 32:25, 26.

6. Naon waé nu bisa nyababkeun Daud jadi sombong? Tapi, ku naon manéhna bisa tetep rendah haté?

6 Sababaraha jalma jadi sombong lantaran kasép, kasohor, pinter maén musik, kuat, atawa dipuja-puja ku batur. Daud boga éta kabéh, tapi tetep rendah haté saumur hirupna. Misalna, sanggeus Daud maéhan Goliat, Raja Saul ngomong yén Daud bisa nikah jeung budak awéwéna. Tapi ceuk Daud, ”Naon pangaji abdi kitu deui pun bapa sakulawargi, dugi ka abdi jadi mantu raja?” (1 Sam. 18:18) Ku naon Daud bisa tetep rendah haté? Daud nyaho yén manéhna boga kaunggulan, kabisa, jeung kahormatan téh lantaran kanyaah jeung karendahan haté Allah. (Jab. 113:5-8) Daud sadar yén sagalana téh pamasihan Yéhuwa.​—Bandingkeun 1 Korinta 4:7.

Jalma-jalma kabawa percaya ka Allah lantaran ningali karendahan haté hamba-hamba-Na

7. Naon nu bisa ngabantu urang pikeun rendah haté?

7 Saperti Daud, umat Yéhuwa ayeuna ngupayakeun pikeun rendah haté. Urang kageuing pikeun rendah haté lantaran nyaho yén Yéhuwa Nu Maha Agung ogé rendah haté. (Jab. 18:35, NWT) Urang hayang ngalarapkeun naséhat, ”Kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.” (Kol. 3:12) Urang ogé nyaho yén kanyaah téh ”teu gumede, teu takabur”. (1 Kor. 13:4) Lamun batur ningali urang rendah haté, bisa jadi maranéhna ogé bakal kageuing pikeun wanoh ka Yéhuwa. Siga salaki nu teu saiman nu kabawa percaya ka Yéhuwa lantaran pamajikanana ngésto, jalma-jalma ogé bisa kabawa percaya ka Allah lantaran ningali karendahan haté hamba-hamba-Na.​—1 Pet. 3:1.

CARANA SANGKAN LEUWIH HADÉ KA BATUR

8. (a) Kiwari, kumaha pandangan jalma-jalma ngeunaan barudak nu teu taat ka kolot? (b) Naon paréntah Alkitab ka barudak?

8 Paulus ngajéntrékeun kumaha hubungan hiji jalma jeung jalma séjénna dina ahir jaman. Manéhna nulis yén barudak bakal bahula ka kolot. Kiwari, loba buku, film, jeung acara TV némbongkeun yén budak nu teu taat ka kolot téh jamak jeung bisa ditarima. Tapi sabenerna, sikep ieu ngalemahkeun tatali kulawarga, nu mawa pangaruh goréng ka masarakat. Ti baheula, jalma-jalma geus nyaho kana hal ieu. Contona, di Yunani kuno, saurang jalma nu neunggeul kolotna bakal kaleungitan hak-hak warga nagarana. Dina hukum Rum, jalma nu neunggeul bapana bakal meunang hukuman nu sarua jeung jalma nu maéhan. Boh Kitab-Kitab Ibrani boh Kitab-Kitab Yunani ngamuat paréntah pikeun hormat ka kolot.​—Bud. 20:12; Epe. 6:1-3.

9. Kumaha barudak bisa taat ka kolotna?

9 Kumaha barudak bisa taat ka kolot sanajan nu séjén mah henteu? Maranéhna bisa ngajénan jeung taat ka kolotna lamun mikirkeun sagala kahadéan kolotna. Barudak ogé kudu paham yén Allah, Bapa urang sadaya, miharep maranéhna taat ka kolot. Lamun barudak nyaritakeun hal-hal nu hadé ngeunaan kolotna, babaturanana ogé bakal kajurung pikeun leuwih ngajénan kolotna sorangan. Mémang taat téh teu gampang lamun kolotna taya karunya atawa henteu nyaah. Tapi, lamun barudak ngarasa dipikanyaah ku kolotna, maranéhna bakal kajurung pikeun taat sanajan sakapeung teu gampang. Aya budak ngora nu ngaranna Austin nyarita, ”Sanajan sakapeung abdi hayang bébas, kolot abdi netepkeun aturan-aturan nu wajar, ngajelaskeun alesanana, jeung gampang diajak ngobrol. Abdi jadi leuwih gampang rék taat téh. Lantaran paham kolot abdi nyaah, abdi jadi hayang nyenangkeun aranjeunna.”

10, 11. (a) Sipat-sipat goréng naon nu némbongkeun yén jalma-jalma teu boga kanyaah ka baturna? (b) Kudu nepi ka kumaha kanyaah urang Kristen sajati téh?

10 Paulus ngajéntrékeun sipat-sipat séjénna nu jadi bukti yén jalma-jalma teu boga kanyaah ka baturna. Sanggeus nyebutkeun ”bahula ka kolot”, manéhna nyebutkeun taya panarima. Ieu asup akal lantaran jalma-jalma nu taya panarima henteu ngajénan kahadéan batur. Paulus ogé nyebutkeun yén jalma-jalma bakal teu baroga agama, atawa numutkeun tarjamahan Alkitab séjén, teu satia. Maranéhna taya hampura, ku kituna teu daék rukun jeung batur. Maranéhna resep ngagogoréng jeung resep ngahianat boh ka sasama boh ka Allah. Maranéhna ogé resep mitnah, ngabohong pikeun ngaruksak ngaran batur. *—Tingali catetan handap.

11 Lantaran miboga kanyaah sajati ka batur, umat Yéhuwa béda pisan jeung jalma-jalma di dunya. Ieu geus kabukti. Yésus ngomong yén hiji-hijina paréntah dina Torét Musa nu leuwih penting ti batan nyaah ka batur téh nyaéta nyaah ka Allah. (Mat. 22:37-39) Yésus ogé ngomong yén kanyaah téh ciri urang Kristen sajati. (Baca Yohanes 13:34, 35.) Malahan urang Kristen sajati mikanyaah musuh-musuhna.​—Mat. 5:43, 44.

12. Kumaha Yésus mikanyaah batur?

12 Yésus némbongkeun yén anjeunna bener-bener nyaah ka manusa. Anjeunna ngabuktikeunana ku cara ngawawarkeun Karajaan Allah ti kota ka kota. Anjeunna nyageurkeun nu lolong, nu lumpuh, nu lépra, jeung nu torék. Anjeunna ogé ngahirupkeun deui nu maraot. (Luk. 7:22) Malahan Yésus ngorbankeun nyawana pikeun nyalametkeun manusa, sanajan loba nu ngéwa ka anjeunna. Yésus nyeplés pisan dina nyonto kanyaah Bapana. Di sakuliah dunya, Saksi Yéhuwa nyonto Yésus dina mikanyaah batur.

13. Kumaha kanyaah nu ditémbongkeun ku urang bisa ngageuing batur pikeun wanoh ka Yéhuwa?

13 Lamun urang mikanyaah batur, maranéhna bakal hayang wanoh ka Bapa nu di sawarga. Contona, hiji lalaki di Thailand datang ka kongrés régional. Manéhna kataji basa ningali sadérék-sadérék silih pikanyaah. Sanggeusna balik, manéhna ménta diajar Alkitab dua kali saminggu jeung Saksi Yéhuwa. Tuluy, manéhna ngawawar ka barayana. Genep bulan ti harita, lalaki ieu mimiti nepikeun pancén maca Alkitab di Balé Karajaan. Naha urang gé mikanyaah batur? Pék lenyepan, ’Naha abdi sabisa-bisa ngabantu nu lian, rék di kulawarga, di sidang, jeung dina pangwawaran? Naha abdi ngupayakeun pikeun mandang batur cara Yéhuwa?’

AJAG JEUNG DOMBA

14, 15. Sipat goréng naon waé nu ditémbongkeun ku loba jalma? Ku naon aya nu bisa ngarobah kapribadianana?

14 Dina ahir jaman, jalma-jalma ogé némbongkeun sipat-sipat goréng nu kudu disingkahan ku urang. Misalna, loba nu ijid ka jelema hadé. Maranéhna ijid sarta ngamusuh hal-hal nu hadé. Jalma-jalma kawas kitu téh dedegler, atawa teu bisa ngadalikeun diri, jeung bengis. Nu séjénna deui sambarangan. Maranéhna gagabah jeung teu mikirkeun balukar lalampahanana ka batur.

Prinsip-prinsip Alkitab bisa ngarobah kahirupan! (Tingali paragrap 16)

15 Loba jalma nu kalakuanana siga sato galak ayeuna mah geus robah. Parobahan gedé ieu geus dinubuatkeun dina Alkitab. (Baca Yesaya 11:6, 7.) Dina nubuat éta, sato-sato galak, saperti ajag jeung maung, bakal babarengan jeung sato piaraan, saperti embé jeung anak sapi. Ku naon maranéhna bisa rukun? Numutkeun nubuat Alkitab, ieu téh lantaran ”sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN”. (Yes. 11:9) Sato teu bisa diajar ngeunaan Yéhuwa, jadi nubuat ieu téh lambang ngeunaan jalma-jalma nu geus ngarobah kapribadianana.

16. Kumaha Alkitab bisa ngabantu jalma-jalma ngarobah kapribadianana?

Barobah téh teu gampang, tapi roh suci ngabantu jalma nu hayang nyukakeun Mantenna

16 Loba dulur saiman urang nu baheulana bengis kawas ajag ayeuna mah jadi resep rukun. Pangalaman maranéhna bisa dibaca dina séri ”Alkitab Mengubah Kehidupan” nu aya dina jw.org/id. Maranéhna geus wanoh sarta ngawula Yéhuwa, henteu siga jalma-jalma nu ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipaliré. Maranéhna api-api nyembah Allah, tapi teu kabukti dina lalampahanana. Di antara Saksi Yéhuwa ogé aya nu baheulana bengis tapi ayeuna geus ”jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci”. (Epe. 4:23, 24) Sanggeus diajar ngeunaan Allah, maranéhna paham pentingna nuturkeun papakon-papakon Yéhuwa. Ieu ngabantu maranéhna ngarobah kapercayaan, cara pikir, jeung lalampahanana. Parobahan ieu téh teu gampang, tapi roh suci Allah bisa ngabantu jalma-jalma nu hayang nyukakeun Mantenna.

”JELEMA-JELEMA KITU JAUHAN”

17. Kumaha carana sangkan urang teu katépaan ku jalma nu boga sipat-sipat goréng?

17 Beuki ka dieu beuki gampang ngabédakeun jalma nu ngawula Yéhuwa jeung nu henteu. Urang kudu ati-ati sangkan teu katépaan sipat-sipat goréng ti jalma-jalma nu teu ngawula Allah. Urang hayang nuturkeun pituduh Yéhuwa pikeun ngajauhan jalma-jalma nu disebutkeun dina 2 Timoteus 3:2-5. Tangtu, urang teu bisa bener-bener misah ti jalma nu boga sipat goréng. Bisa jadi urang kudu panggih jeung maranéhna di kantor, di sakola, atawa di imah. Tapi, urang teu hayang nuturkeun cara pikir jeung kalakuan maranéhna. Naon nu bisa ngabantu urang? Urang bisa nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa ku cara diajar Alkitab sarta milih sobat nu nyaah ka Mantenna.

18. Kumaha urang bisa ngageuing batur pikeun wanoh ka Yéhuwa?

18 Urang ogé tangtu hayang mantuan batur wanoh ka Yéhuwa. Téangan cara pikeun ngawawar, sarta suhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nepikeun hal nu bener dina waktu nu cocog. Urang hayang nu séjén nyaho yén urang téh Saksi Yéhuwa. Ku kituna, lalampahan urang nu hadé bisa mawa kamulyaan ka Allah lain ka urang. Yéhuwa ngadidik urang sangkan ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah”. (Tit. 2:11-14) Upaya urang pikeun nyonto Yéhuwa sarta nuturkeun kahoyong-Na bakal diperhatikeun ku batur. Bisa jadi aya nu ngomong, ”Kaula ge hayang bagja cara [”nuturkeun”, NWT] anjeun; rehna kaula nguping yen anjeun diberkahan ku Allah.”​—Jak. 8:23.

^ par. 3 Malaki 3:18 (NWT): ”Maranéh bakal ningali deui bédana jalma nu bener jeung jalma nu jahat, bédana jalma nu ngawula Allah jeung nu henteu.”

^ par. 10 Kecap Yunani pikeun jalma nu resep mitnah atawa nuduh nyaéta di·aʹbo·los. Dina Alkitab, kecap ieu téh sebutan keur Sétan, nu mitnah Allah.