Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 4

Urang Diajar Naon tina Acara nu Saderhana ngeunaan Raja Urang?

Urang Diajar Naon tina Acara nu Saderhana ngeunaan Raja Urang?

”Ieu teh daging awak Kami. . . . Ieu teh getih Kami anu neguhkeun perjangjian Allah.”​MAT. 26:26-28.

KAWIH 16 Puji Yéhuwa jeung Putra-Na

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Ku naon urang teu héran lamun Yésus netepkeun cara nu saderhana pikeun miéling pupusna anjeunna? (b) Sipat Yésus naon waé nu bakal dibahas?

NAHA Sadérék bisa ngajelaskeun aya naon waé dina acara taunan Pangéling-ngéling pupusna Kristus? Tangtu lolobana mah apal kumaha acarana. Ku naon? Lantaran acara ieu téh saderhana pisan. Bisa waé urang mikir, ’Ku naon mani saderhana kitu padahal acarana penting pisan?’

2 Salila di bumi, Yésus katelah ngajarkeun bebeneran nu penting ku cara nu saderhana, jelas, jeung gampang kaharti. (Mat. 7:28, 29) Sarupa kitu, anjeunna netepkeun cara nu saderhana tapi penting pikeun miéling * pupusna anjeunna. Hayu urang bahas leuwih jero acara ieu jeung sababaraha hal nu dilampahkeun jeung diucapkeun ku Yésus. Urang bakal leuwih paham sakumaha rendah haté, teger, jeung nyaahna Yésus téh. Urang gé bakal diajar kumaha carana urang bisa leuwih hadé nyonto anjeunna.

YÉSUS TÉH RENDAH HATÉ

Lambang roti jeung anggur ngingetkeun urang yén Yésus pupus pikeun urang sarta ayeuna geus jadi Raja di sawarga (Tingali paragrap 3-5)

3. Saperti nu disebutkeun di Mateus 26:26-28, sakumaha saderhana acara Pangéling-ngéling nu dikenalkeun ku Yésus, jeung naon nu dilambangkeun ku dua bahan nu saderhana éta?

3 Yésus ngenalkeun Pangéling-ngéling pupusna anjeunna ka 11 rasulna nu satia. Anjeunna ngagunakeun bahan-bahan nu aya tina jamuan Paska pikeun acara nu saderhana ieu. (Baca Mateus 26:26-28.) Anjeunna ngan ngagunakeun roti nu teu diragian jeung anggur nu geus sadia. Yésus méré nyaho rasul-rasulna yén dua bahan nu saderhana éta ngalambangkeun awakna nu sampurna jeung getihna nu sakeudeung deui bakal dikorbankeun keur kapentingan maranéhna. Para rasul bisa jadi teu héran yén acara ieu téh saderhana. Naon sababna?

4. Kumaha naséhat Yésus ka Marta ngabantu urang paham alesanana Yésus netepkeun acara Pangéling-ngéling nu saderhana?

4 Mangbulan-bulan saacanna, dina taun katilu palayanan Yésus, anjeunna nganjang ka sobat-sobatna nyaéta Lasarus, Marta, jeung Maria. Dina kaayaan nu rinéh, Yésus ngajar maranéhna. Marta aya di dinya, tapi sibuk nyiapkeun loba dahareun pikeun ngajénan Yésus. Waktu ningali hal ieu, Yésus ngélingan Marta ku cara nu lemah lembut sangkan manéhna paham yén dahareun nu loba teuing macemna téh sakapeung teu perlu. (Luk. 10:40-42) Sababaraha jam saacan pupus sabagé korban, Yésus ngalarapkeun naséhatna sorangan. Anjeunna netepkeun acara Pangéling-ngéling nu saderhana. Urang diajar naon ngeunaan Yésus?

5. Urang diajar naon ngeunaan Yésus tina acara saderhana nu ditetepkeun ku anjeunna, sarta kumaha ieu téh saluyu jeung Pilipi 2:5-8?

5 Dina sagala ucapan jeung lalampahanana, Yésus téh rendah haté. Jadi, teu héran lamun dina peuting saacan anjeunna pupus gé anjeunna katingali rendah haté pisan. (Mat. 11:29) Yésus apal bakal nyanggakeun korban nu panghadéna sapanjang sajarah sarta Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui anjeunna pikeun nyepeng kadudukan nu mulya di sawarga. Sanajan kitu, anjeunna teu hayang diperhatikeun teuing ku batur nepi ka nyieun upacara nu hébat pikeun miéling pupusna anjeunna. Sabalikna, Yésus nitah murid-muridna pikeun miéling anjeunna ku acara nu saderhana sataun sakali. (Yoh. 13:15; 1 Kor. 11:23-25) Acara nu saderhana ieu némbongkeun yén Yésus téh lain jalma nu adigung. Urang bungah lantaran Raja urang téh rendah haté pisan.​—Baca Pilipi 2:5-8.

6. Kumaha urang bisa nyonto karendahan haté Yésus waktu nyanghareupan kasusah?

6 Kumaha urang bisa nyonto karendahan haté Yésus? Ku cara ngutamakeun kapentingan batur. (Pil. 2:3, 4) Inget deui kajadian dina peuting saacan Yésus pupus. Anjeunna sakeudeung deui bakal disiksa nepi ka maot, tapi anjeunna malah mikirkeun rasul-rasulna nu satia nu bakal sedih lantaran dikantunkeun ku anjeunna. Jadi dina peuting éta, anjeunna ngajar, nguatkeun, jeung ngayakinkeun maranéhna. (Yoh. 14:25-31) Jelas Yésus téh rendah haté lantaran leuwih mikirkeun kaayaan batur ti batan dirina sorangan. Ieu téh tuladan nu alus pisan keur urang!

YÉSUS TÉH TEGER

7. Kumaha Yésus némbongkeun kategeran haté nu luar biasa sanggeus ngenalkeun Jamuan Wengi Jungjunan?

7 Teu lila sanggeus ngenalkeun Jamuan Wengi Jungjunan, Yésus némbongkeun kategeran haté nu luar biasa. Yésus réla ngalampahkeun kahoyong Bapana sanajan éta hartina anjeunna bakal dihukum pati sabagé penjahat nu ngahina Allah. (Mat. 26:65, 66; Luk. 22:41, 42) Ku cara tetep satia, Yésus bisa ngamulyakeun nami Yéhuwa, ngajungjung kadaulatan Allah, jeung muka jalan sangkan manusa nu tobat bisa hirup langgeng. Yésus ogé ngabantu murid-muridna pikeun siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang.

8. (a) Yésus méré nyaho naon ka rasul-rasulna? (b) Mangtaun-taun sanggeus Yésus pupus, kumaha murid-muridna nyonto kategeran haté anjeunna?

8 Yésus ogé némbongkeun kategeran haté ku cara teu mikirkeun kahariwangan sorangan, tapi leuwih mikirkeun kabutuhan rasul-rasulna. Tina acara nu saderhana, nu dikenalkeun sanggeus Yudas dititah indit, jalma-jalma nu engkéna diistrénan bakal inget kana mangpaat korban Yésus jeung kana perjangjian anyar. (1 Kor. 10:16, 17) Sangkan maranéhna tetep satia jeung meunangkeun pahala di sawarga, Yésus méré nyaho naon nu dipiharep ku anjeunna jeung Bapana ti maranéhna. (Yoh. 15:12-15) Yésus ngabéjaan tangtangan naon nu bakal disanghareupan ku maranéhna. Tuluy, maranéhna dijurung pikeun nyonto tuladanna. Anjeunna gé nguatkeun maranéhna, ”Sing taleger.” (Yoh. 16:1-4a, 33) Mangtaun-taun sanggeusna, murid-murid Yésus masih kénéh teger jeung réla nyieun pangorbanan. Sanajan kudu ngalaman rupa-rupa kasusah, maranéhna silih kuatkeun.​—Ibr. 10:33, 34.

9. Kumaha urang bisa nyonto Yésus nu wani?

9 Ayeuna ogé urang nuturkeun Yésus nu teger atawa wani. Misalna, urang kudu wani nulungan dulur saiman nu dikaniaya lantaran imanna. Aya sadérék-sadérék nu dipanjara sacara teu adil. Lamun kitu, urang kudu sabisa-bisa nulungan maranéhna, kaasup ngabéla maranéhna. (Pil. 1:14; Ibr. 13:19) Cara séjénna nyaéta urang kudu ”beuki ludeung” ngawawar. (Ras. 14:3) Saperti Yésus, urang boga tékad pikeun ngawawarkeun warta Karajaan sanajan jalma-jalma nentang jeung nganiaya urang. Tapi sakapeung, urang osok ngarasa sieun. Urang kudu kumaha?

10. Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, naon nu kudu dilampahkeun ku urang jeung naon alesanana?

10 Urang bisa leuwih wani atawa teger lamun mikirkeun harepan nu dihasilkeun ku korban tebusan Kristus. (Yoh. 3:16; Epe. 1:7) Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, urang bisa ngamekarkeun panghargaan kana tebusan. Urang bisa maca Alkitab keur minggu Pangéling-ngéling sarta bener-bener ngalenyepan kajadian-kajadian saacan jeung sanggeus pupusna Yésus. Jadi pas hadir di Jamuan Wengi Jungjunan, urang bakal leuwih paham kana lambang-lambang Pangéling-ngéling nu ngamaksudkeun korban nu luar biasa. Lamun urang paham nu dilampahkeun ku Yésus jeung Yéhuwa keur urang, sarta paham naon mangpaatna keur urang jeung jalma-jalma nu dipikanyaah, harepan urang bakal beuki nyata. Urang gé bakal kajurung pikeun tabah nepi ka panungtungan.​—Ibr. 12:3.

11-12. Nepi ka bagian ieu, urang geus diajar naon waé?

11 Urang geus diajar yén acara Jamuan Wengi Jungjunan teu ngan saukur ngingetan urang kana tebusan Yésus, tapi ogé kana sipat Yésus nu luar biasa nyaéta rendah haté jeung teger. Urang pasti nganuhunkeun pisan lantaran Yésus terus némbongkeun sipat ieu sabagé Imam Agung nu mangmundutkeun kasalametan urang! (Ibr. 7:24, 25) Pikeun nunjukkeun panghargaan, urang kudu terus miéling pupusna Yésus sakumaha nu geus diparéntahkeun. (Luk. 22:19, 20) Pangéling-ngéling ieu diayakeun dina tanggal 14 Nisan. Di sapanjang taun, ieu téh tanggal pangpentingna.

12 Tina acara Jamuan Wengi Jungjunan nu saderhana, urang jadi nyaho sipat Yésus séjénna nu ngajurung anjeunna réla pupus demi urang. Waktu di bumi, anjeunna katelah ku sipat ieu. Naon éta téh?

YÉSUS TÉH NYAAHAN

13. Kumaha Yohanes 15:9 jeung 1 Yohanes 4:8-10 ngajelaskeun kanyaah nu ditémbongkeun ku Yéhuwa jeung Yésus, sarta saha waé nu meunang mangpaat tina kanyaah éta?

13 Tina sagala lalampahanana, Yésus sampurna némbongkeun gedéna kanyaah Yéhuwa ka urang. (Baca Yohanes 15:9; 1 Yohanes 4:8-10.) Utamana, Yésus réla ngorbankeun kahirupanana demi kapentingan urang. Teu sual urang diistrénan atawa ’domba-domba lian’, urang bisa meunang mangpaat tina kanyaah Yéhuwa jeung Putra-Na nu ditémbongkeun liwat tebusan. (Yoh. 10:16; 1 Yoh. 2:2) Tina bahan-bahan nu digunakeun dina acara Pangéling-ngéling ogé, urang nyaho yén Yésus téh mikanyaah jeung mikirkeun murid-muridna. Naon buktina?

Lantaran nyaah, Yésus netepkeun acara Pangéling-ngéling nu saderhana sangkan bisa diayakeun mangabad-abad saterusna dina rupa-rupa kaayaan (Tingali paragrap 14-16) *

14. Naon buktina Yésus nyaah ka murid-muridna?

14 Kanyaah Yésus ka murid-muridna nu diistrénan ditémbongkeun ku cara netepkeun acara nu saderhana, lain upacara nu ruwed. Saterusna, murid-murid nu diistrénan ieu kudu ngayakeun Pangéling-ngéling unggal taun dina sagala kaayaan, kaasup waktu di panjara. (Wahyu 2:10) Naha maranéhna bisa nuturkeun paréntah Yésus ieu? Bisa!

15-16. Kumaha carana sababaraha sadérék ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan dina kaayaan nu sulit?

15 Nepi ka jaman ayeuna, urang Kristen sajati terus ngupayakeun pikeun miéling pupusna Yésus. Maranéhna sabisa-bisa nuturkeun cara-cara pikeun ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan, sakapeung dina kaayaan nu sulit. Perhatikeun conto-conto ieu. Basa dikurung sorangan dina sél panjara di Cina, Sadérék Harold King kudu néangan cara pikeun ngayakeun acara ieu. Manéhna susulumputan nyiapkeun lambang-lambang maké bahan saayana. Manéhna ogé taliti ngitung-ngitung tanggal Pangéling-ngéling. Pas waktuna, manéhna ngawih, ngadoa, jeung nepikeun hutbah, sorangan dina sélna.

16 Conto séjénna nyaéta sakelompok sadérék istri nu aya di kamp konséntrasi waktu Perang Dunya II. Maranéhna narohkeun nyawa ngarah bisa ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan. Lantaran saderhana, maranéhna bisa ngayakeunana susulumputan. Ceuk maranéhna, ”Urang nangtung padeudeukeut ngurilingan lambang-lambang nu diteundeun di luhureun jojodog nu ditaplakan bodas. Rohangan dicaangan ku lilin lantaran lamun maké lampu mah urang bisa kanyahoan. . . . Urang ngucapkeun deui jangji ka Bapa urang pikeun sakuat tanaga ngajungjung nami suci-Na.” Iman maranéhna luar biasa! Katémbong ogé sakumaha nyaahna Yésus ka urang lantaran netepkeun Pangéling-ngéling nu bisa diayakeun sanajan dina kaayaan nu sulit!

17. Pananya naon waé nu bisa dilenyepan ku urang?

17 Beuki deukeut ka acara Pangéling-ngéling, alus lamun urang ngalenyepan pananya-pananya ieu, ’Kumaha abdi bisa leuwih némbongkeun kanyaah saperti Yésus? Naha abdi leuwih mikirkeun kabutuhan dulur saiman ti batan diri sorangan? Naha abdi ngarepkeun dulur saiman ngalampahkeun hal-hal di luar kasanggupanana, atawa naha abdi ngarti kana watesan maranéhna?’ Mugia urang terus nyonto Yésus nu ”sapaham saperasaan”.​—1 Pet. 3:8.

TERUS INGET PALAJARANANA

18-19. (a) Urang bakal terus inget kana hal naon? (b) Naon tékad Sadérék?

18 Acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus moal diayakeun salilana. Waktu Yésus ”sumping” dina mangsa cilaka, anjeunna bakal ngumpulkeun sésa ”umat pilihan” ka sawarga. Geus kitu, acara Pangéling-ngéling moal diayakeun deui.​—1 Kor. 11:26; Mat. 24:31.

19 Sanajan engké teu diayakeun deui, umat Yéhuwa bakal terus inget kana acara nu saderhana ieu nu ngagambarkeun karendahan haté, kategeran, jeung kanyaah nu luar biasa nu ditémbongkeun ku saurang manusa. Engké, jalma-jalma nu pernah ngayakeun Pangéling-ngéling tangtu bakal nyaritakeun acara ieu ka kabéh jalma nu harirup. Tapi sangkan urang meunang mangpaat ayeuna, urang kudu boga tékad pikeun nyonto karendahan haté, kategeran, jeung kanyaah Yésus. Ku kituna, urang yakin bakal meunang ganjaran ti Yéhuwa.​—2 Pet. 1:10, 11.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

^ par. 5 Sakeudeung deui urang bakal hadir di acara Jamuan Wengi Jungjunan pikeun miéling pupusna Yésus Kristus. Tina acara nu saderhana ieu, urang diajar yén Yésus téh rendah haté, teger, jeung nyaahan. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas carana nyonto sipat-sipat anjeunna.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Miéling téh hartina nginget atawa ngahormat jalma atawa kajadian nu penting ku cara nu istiméwa.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Gambaran tina acara Pangéling-ngéling dina sidang abad kahiji; dina ahir taun 1800-an; dina kamp konséntrasi Nazi; jeung dina jaman kiwari, di Balé Karajaan nu saderhana jeung euweuh témbokan di hiji nagri di Amerika Selatan nu hawana panas.