Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kenneth E. Cook, Jr., jeung Jamie, pamajikanana

Anggota Anyar Badan Pingpinan

Anggota Anyar Badan Pingpinan

DINA poé Rebo isuk-isuk, 24 Januari 2018, kulawarga Bétel Amerika Serikat jeung Kanada bungah pisan ngadéngé pangumuman istiméwa: Sadérék Kenneth Cook, Jr., jadi anggota Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa.

Sadérék Cook lahir jeung digedékeun di Pennsylvania, AS. Manéhna diajar bebeneran ti batur sakolana pas rék lulus SMA tuluy dibaptis tanggal 7 Juni 1980. Manéhna ngawula sapinuh waktu sabagé panaratas biasa ti saprak 1 Séptémber 1982. Sanggeus dua taun naratas, manéhna diondang ka Bétel jeung ngawula di Wallkill, New York, tanggal 12 Oktober 1984.

Dua puluh lima taun ti harita, Sadérék Cook meunang rupa-rupa tugas di Percitakan jeung di Kantor Bétel. Manéhna kawin jeung Jamie taun 1996. Tuluy pamajikanana milu ngawula jeung manéhna di Bétel di Wallkill. Dina bulan Désémber 2009, Sadérék Cook jeung pamajikanana dipindahkeun ka Pusat Pendidikan Menara Pengawal di Patterson, New York. Di dieu, Sadérék Cook digawé di Departemén Koréspondénsi. Dina bulan April 2016, sanggeus balik sakeudeung ka fasilitas di Wallkill, maranéhna dipindahkeun ka Brooklyn, New York. Lima bulan sanggeusna, maranéhna pindah deui ka kantor pusat di Warwick, New York. Bulan Januari 2017, Sadérék Cook dilantik jadi asistén keur Panitia Penulisan ti Badan Pingpinan.