Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 5

Sipat-Sipat nu Ngajurung Urang Masamoan

Sipat-Sipat nu Ngajurung Urang Masamoan

’Mashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.’​—1 KOR. 11:26.

KAWIH 18 Nganuhunkeun kana Tebusan

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Naon nu ditingali ku Yéhuwa waktu jutaan jalma hadir di Jamuan Wengi Jungjunan? (Tingali gambar dina sampul.) (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

BAYANGKEUN naon nu ditingali ku Yéhuwa waktu jutaan jalma di sakuliah dunya hadir di Jamuan Wengi Jungjunan. Mantenna teu ngan saukur ningali lobana jalma, tapi merhatikeun unggal jalma nu datang. Misalna, Mantenna merhatikeun jalma nu terus datang unggal taun. Di antara maranéhna, aya nu tetep datang sanajan nyanghareupan panganiayaan nu parah. Nu séjénna teu rutin masamoan, tapi datang ka Pangéling-ngéling lantaran nganggap éta téh acara nu penting pisan. Yéhuwa ogé merhatikeun jalma-jalma nu anyaran datang lantaran hayang nyaho acara Pangéling-ngéling.

2 Tangtu, Yéhuwa bungah ningali sakitu lobana jalma nu datang ka Pangéling-ngéling. (Luk. 22:19) Tapi, Yéhuwa teu ngan saukur merhatikeun lobana jalma nu datang. Mantenna leuwih merhatikeun naon alesan maranéhna datang. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas pananya nu penting pisan: Ku naon urang teu ngan saukur datang ka acara Pangéling-ngéling unggal taun tapi ogé datang ka pasamoan unggal minggu nu disadiakeun ku Yéhuwa keur jalma-jalma nu nyaah ka Mantenna?

Jutaan jalma di sakuliah dunya dibagéakeun waktu datang ka Jamuan Wengi Jungjunan (Tingali paragrap 1-2)

KARENDAHAN HATÉ NGAJURUNG URANG DATANG

3-4. (a) Naon alesanana urang datang ka pasamoan? (b) Datangna urang ka pasamoan téh ngabuktikeun naon? (c) Numutkeun 1 Korinta 11:23-26, ku naon urang ulah nepi ka teu datang ka acara Pangéling-ngéling?

3 Alesan utama urang datang ka pasamoan téh lantaran éta bagian tina ibadah urang. Urang ogé datang lantaran hayang diajar ku Yéhuwa. Ari nu sombong mah teu daék diajar nanaon. (3 Yoh. 9) Sabalikna, urang sumanget narima pituduh ti Yéhuwa liwat organisasi-Na.​—Yes. 30:20; Yoh. 6:45.

4 Datang ka pasamoan téh bukti urang rendah haté, éta ditunjukkeun ku cara siap jeung daék diajar. Urang datang ka Pangéling-ngéling pupusna Yésus téh lain saukur kawajiban, tapi ogé lantaran urang taat kana paréntah Yésus, ”Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.” (Baca 1 Korinta 11:23-26.) Pangéling-ngéling nguatkeun harepan jeung ngingetkeun urang kana sakumaha nyaahna Yéhuwa ka urang. Tapi, Yéhuwa apal urang téh teu cukup dikuatkeun jeung diyakinkeun ngan sakali sataun. Jadi, Mantenna nyadiakeun pasamoan unggal minggu sarta ngajurung urang pikeun datang. Ku lantaran rendah haté, urang daék taat. Urang réla nyadiakeun waktu sababaraha jam unggal minggu pikeun persiapan jeung datang ka pasamoan.

5. Ku naon jalma-jalma nu rendah haté narima ondangan ti Yéhuwa?

5 Unggal taun, loba jalma nu rendah haté narima ondangan ti Yéhuwa lantaran hayang diajar ku Mantenna. (Yes. 50:4) Maranéhna bungah datang ka Pangéling-ngéling tuluy datang ka pasamoan séjénna. (Jak. 8:20-23) Bareng jeung maranéhna, urang resep diajar jeung dibingbing ku Yéhuwa, ”panulung [urang]”. (Jab. 40:18) Naha aya nu leuwih pikaresepeun, atawa leuwih penting, ti batan narima ondangan pikeun diajar ku Yéhuwa jeung Yésus, Putra-Na nu paling dipikanyaah?​—Mat. 17:5; 18:20; 28:20.

6. Kumaha karendahan haté ngajurung saurang lalaki datang ka Pangéling-ngéling?

6 Unggal taun, urang ngupayakeun ngondang saloba-lobana jalma pikeun datang ka Pangéling-ngéling. Loba jalma nu rendah haté meunang mangpaat lantaran narima ondangan ieu. Contona sababaraha taun katukang, saurang lalaki narima ondangan, tapi manéhna ngomong teu bisa datang. Teu disangka-sangka ku Sadérék nu ngondangna, lalaki éta datang ka acara Pangéling-ngéling di Balé Karajaan. Manéhna kageuing haténa ku lantaran dibagéakeun ku sadérék-sadérék. Jadi, manéhna gé datang ka pasamoan mingguan. Malah dina sataun, ngan tilu kali manéhna teu datang ka pasamoan. Ku naon manéhna daék datang ka kabéh acara pasamoan? Lantaran manéhna lemah lembut, jadi daék ngarobah pikiranana. Sadérék nu ngondangna ngomong, ”Manéhna téh rendah haté pisan.” Tangtu Yéhuwa nu narik lalaki éta pikeun ibadah ka Mantenna. Ayeuna, manéhna geus dibaptis.​—2 Sam. 22:28; Yoh. 6:44.

7. Kumaha nu diajarkeun di pasamoan jeung nu dibaca tina Alkitab bisa ngajurung urang jadi rendah haté?

7 Nu diajarkeun di pasamoan jeung nu dibaca tina Alkitab bisa ngajurung urang jadi rendah haté. Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, pasamoan urang sering ngabahas tuladan Yésus jeung karendahan haténa waktu ngorbankeun kahirupanana jadi tebusan. Sababaraha poé saacanna gé, urang dijurung pikeun maca ayat-ayat ngeunaan kajadian maotna jeung dihirupkeunana deui Yésus. Lantaran diajar hal éta di pasamoan jeung maca kisah-kisah éta dina Alkitab, urang jadi leuwih ngahargaan pangorbanan Yésus keur urang. Sanajan teu gampang, urang jadi kajurung pikeun nyonto karendahan haté anjeunna sarta kajurung pikeun ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa.​—Luk. 22:41, 42.

KATEGERAN NGAJURUNG URANG DATANG

8. Kumaha Yésus némbongkeun kategeran?

8 Urang ogé ngupayakeun teger siga Yésus. Pikirkeun kategeran anjeunna sababaraha poé saacan pupus. Anjeunna apal yén sakeudeung deui bakal dihina, digebugan, jeung dipaéhan ku musuh-musuhna. (Mat. 20:17-19) Tapi, ku anjeunna tetep disanghareupan. Pas dina waktuna, anjeunna ngomong ka para rasul nu keur bareng jeung anjeunna di Gétsemané, ”Geura harudang, urang indit. Tenjo, anu arek ngahianat ka Kami teh geus datang!” (Mat. 26:36, 46) Waktu gorombolan serdadu nu rék néwak datang, anjeunna maju, ngungkabkeun saha dirina, jeung ménta murid-muridna dileupaskeun. (Yoh. 18:3-8) Kategeran Yésus luar biasa! Kiwari, urang Kristen nu diistrénan jeung domba-domba lian gé satékah polah nyonto kategeran Yésus. Naon buktina?

Lantaran Sadérék wani datang ka pasamoan, batur dikuatkeun (Tingali paragrap 9) *

9. (a) Ku naon urang butuh kategeran pikeun rutin masamoan? (b) Naon pangaruhna tuladan urang ka iman sadérék-sadérék?

9 Supaya bisa rutin masamoan, bisa jadi urang kudu teger nyanghareupan kaayaan nu susah. Sababaraha dulur urang nu datang ka pasamoan téh keur sedih, leutik haté, atawa gering. Nu séjénna kudu wani datang ka pasamoan lantaran ditentang ku kulawargana atawa ku pamaréntah. Pék pikirkeun naon pangaruhna tuladan urang ka dulur saiman nu dipanjara lantaran imanna. (Ibr. 13:3) Lamun ngadéngé urang tetep satia sanajan aya tangtangan, maranéhna bakal leuwih kuat imanna, leuwih teger, jeung terus satia. Rasul Paulus boga pangalaman nu sarupa. Waktu dipanjara, manéhna bungah ngadéngé dulur-dulur saimanna tetep satia ngawula Allah. (Pil. 1:3-5, 12-14) Teu lila saacan atawa sanggeus dibébaskeun, Paulus nulis surat ka dulur-dulur di Ibrani. Dina suratna, manéhna ngajurung dulur-dulur nu satia éta pikeun terus ”silih pikanyaah” jeung ulah ngabaékeun pasamoan.​—Ibr. 10:24, 25; 13:1.

10-11. (a) Saha waé nu bisa diondang ka acara Pangéling-ngéling? (b) Numutkeun Epesus 1:7, naon sababna urang ngalampahkeun hal éta?

10 Urang butuh kawani pikeun ngondang baraya, batur gawé, jeung tatangga ka Pangéling-ngéling. Ku naon urang ngondang maranéhna? Urang ngahargaan pisan kana naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus keur urang. Jadi, urang hayang pisan ngondang batur ka Pangéling-ngéling. Urang hayang maranéhna gé nyaho carana narima mangpaat tina ”rahmat” Yéhuwa nu mangrupa tebusan.​—Baca Epesus 1:7; Wahyu 22:17.

11 Lamun urang némbongkeun kategeran atawa kawani pikeun masamoan, urang gé keur némbongkeun sipat alus séjénna, nu ditémbongkeun ku Allah jeung Putra-Na.

KANYAAH NGAJURUNG URANG DATANG

12. (a) Kumaha pasamoan bisa nguatkeun kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Yésus? (b) Numutkeun 2 Korinta 5:14, 15, naon nu bisa dilampahkeun ku urang pikeun nyonto Yésus?

12 Urang nyaah ka Yéhuwa jeung Yésus jadi urang masamoan. Di pasamoan, kanyaah urang ka Aranjeunna dikuatkeun lantaran terus diingetkeun kana naon nu geus dilampahkeun ku Aranjeunna. (Rum 5:8) Di Pangéling-ngéling urang diingetkeun sacara husus kana sakumaha gedé kanyaah Aranjeunna, malahan ka nu can ngahargaan tebusan. Urang nu ngahargaan pisan tebusan hayang nyonto Yésus dina kahirupan sapopoé. (Baca 2 Korinta 5:14, 15.) Salian ti éta, urang kageuing pikeun muji Yéhuwa lantaran geus nyadiakeun tebusan. Salah sahiji cara urang muji Mantenna nyaéta méré komentar nu sapinuh haté di pasamoan.

13. Kumaha urang bisa némbongkeun sakumaha gedé kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Putra-Na? Jelaskeun.

13 Urang bisa némbongkeun sakumaha gedé kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Putra-Na ku cara réla nyieun pangorbanan keur Aranjeunna. Seringna, urang kudu nyieun rupa-rupa pangorbanan supaya bisa masamoan. Loba sidang ngayakeun pasamoan sanggeus jalma-jalma baralik gawé jeung geus cararapé. Pasamoan séjénna diayakeun di ahir minggu pas batur keur istirahat. Naha Yéhuwa merhatikeun yén urang tetep datang ka pasamoan sanajan capé? Tangtu! Yéhuwa ningali jeung ngahargaan kabéh upaya urang pikeun datang ka pasamoan.​—Mar. 12:41-44.

14. Kumaha Yésus jadi tuladan nu panghadéna dina némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri?

14 Yésus jadi tuladan nu panghadéna dina némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. Anjeunna teu ngan saukur réla maot demi murid-muridna, tapi ogé ngutamakeun kapentingan maranéhna. Misalna sanajan keur capé jeung susah haté, Yésus daék nyadiakeun waktu pikeun ngobrol jeung ngajar murid-murid ngeunaan pentingna tetep sadar. (Luk. 22:39-46) Anjeunna gé leuwih mikirkeun naon nu bisa dibikeun ka batur lain nu bisa ditarima ti batur. (Mat. 20:28) Lamun kanyaah urang ka Yéhuwa jeung dulur saiman gedé siga kitu, urang bakal sabisa-bisa datang ka acara Jamuan Wengi Jungjunan jeung sakabéh acara pasamoan.

15. Saha nu utamana kudu dibantu ku urang?

15 Urang téh bagian tina duduluran Kristen nu sajati. Urang gé resep ngagunakeun saloba-lobana waktu pikeun ngondang batur ngagabung jeung urang. Tapi, nu utamana mah urang hayang ngabantu ”batur sakapercayaan” nu teu aktif. (Gal. 6:10) Urang ngabuktikeun kanyaah urang ku cara ngajurung maranéhna pikeun masamoan, hususna ka acara Pangéling-ngéling. Saperti Yéhuwa jeung Yésus, urang bungah pisan waktu nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa, Bapa jeung Pangangon nu nyaahan.​—Mat. 18:14.

16. (a) Kumaha urang bisa silih kuatkeun, jeung naon mangpaatna? (b) Dina taun ieu, ku naon ayeuna téh waktu nu cocog pikeun nginget kekecapan Yésus di Yohanes 3:16?

16 Minggu-minggu kahareup, ondang saloba-lobana jalma pikeun datang ka Pangéling-ngéling poé Jumaah peuting, 19 April 2019. (Tingali kotak ”Naha Sadérék Rék Ngondang Maranéhna?”) Saterusna lamun rutin datang ka kabéh acara pasamoan nu geus disadiakeun ku Yéhuwa, urang bisa silih kuatkeun jeung dulur saiman. Ahir dunya ieu geus téréh, jadi urang kudu masamoan sangkan tetep rendah haté, teger, jeung nyaahan. (1 Tes. 5:8-11) Ku sapinuh haté, hayu témbongkeun panghargaan urang ka Yéhuwa jeung Yésus nu nyaah pisan ka urang!​—Baca Yohanes 3:16.

KAWIH 126 Waspada, Sing Pengkuh, tur Kuat!

^ par. 5 Pangéling-ngéling pupusna Kristus dina Jumaah peuting, 19 April 2019, bakal jadi pasamoan nu pangpentingna sapanjang taun. Naon nu ngajurung urang pikeun datang ka ieu pasamoan? Tangtu lantaran urang hayang nyenangkeun Yéhuwa. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas sipat-sipat naon nu ngajurung urang datang ka Pangéling-ngéling jeung ka pasamoan.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu keur dipanjara lantaran imanna ngarasa gedé haté waktu maca surat ti kulawargana. Manéhna nyaho kulawargana teu mopohokeun. Manéhna bungah lantaran apal kulawargana tetep satia ka Yéhuwa sanajan kaayaan pulitik di daérahna keur rusuh.