Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 1

”Kami teh Allah Maneh, Maneh Tong Sieun ku Naon-Naon!”

”Kami teh Allah Maneh, Maneh Tong Sieun ku Naon-Naon!”

”Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa.”​—YES. 41:10.

KAWIH 7 Yéhuwa Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Naon pangaruhna kekecapan di Yesaya 41:10 ka Sadérék Yoshiko? (b) Yéhuwa nitah kekecapan ieu dicatet keur mangpaat saha waé?

YOSHIKO, sadérék istri nu satia, meunang kabar goréng. Ceuk dokter, umurna kari sababaraha bulan deui. Kumaha réaksina? Yoshiko inget ayat karesepna nyaéta Yesaya 41:10. (Baca.) Ku cara nu tenang manéhna ngomong ka dokterna yén manéhna teu sieun lantaran ngarasa saolah-olah leungeunna dicekelan ku Yéhuwa. * Manéhna kalilipur ku ayat ieu jeung percaya pisan ka Yéhuwa. Ayat ieu ogé bisa ngabantu urang tetep tenang waktu nyanghareupan tangtangan nu beurat. Ngarah leuwih ngarti, hayu urang bahas ku naon Allah nyarios kitu ka Yésaya.

2 Mimitina, Yéhuwa nitah Yésaya nyatet kekecapan ieu pikeun ngalilipur urang Yahudi nu engkéna bakal ditawan di Babul. Tapi, kekecapan ieu ogé aya mangpaatna keur kabéh hamba Allah nepi ka jaman ayeuna. (Yes. 40:8; Rum 15:4) Kiwari, urang hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:1) Leuwih ti saacanna, urang butuh pisan panglilipur nu aya dina buku Yesaya.

3. (a) Naon jangji nu aya di Yesaya 41:10? (b) Ku naon urang butuh jaminan ieu?

3 Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas tilu jangji Yéhuwa nu nguatkeun iman di Yesaya 41:10, nu jadi ayat taunan 2019: (1) Yéhuwa bakal nyarengan urang, (2) Mantenna téh Allah urang, jeung (3) Mantenna bakal ngaraksa urang. Urang butuh jaminan * ieu lantaran, saperti Yoshiko, urang gé nyanghareupan tangtangan dina hirup urang. Urang gé kudu nyanghareupan masalah lantaran kaayaan dunya nu goréng. Malahan, aya sababaraha nu dikaniaya ku pamaréntah. Hayu urang bahas hiji-hiji jaminan ieu.

”AYA KAMI”

4. (a) Naon jaminan kahiji nu bakal dibahas? (Tingali ogé catetan handap.) (b) Kumaha Yéhuwa ngungkabkeun parasaanana ka urang? (c) Kumaha parasaan Sadérék kana kekecapan Allah ieu?

4 Jaminan Yéhuwa nu kahiji aya dina kekecapan, ”Ulah sieun, aya Kami!” * Yéhuwa nyarengan urang ku cara nyaah jeung merhatikeun urang. Perhatikeun kumaha Mantenna ngungkabkeun rasa deudeuhna ka urang. Yéhuwa nyarios, ”Maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami, sarta ku Kami dibere kamulyaan.” (Yes. 43:4) Di jagat raya ieu, euweuh nu bisa megatkeun kanyaah Yéhuwa ka hamba-hamba-Na. Kasatiaan Mantenna euweuh tungtungna. (Yes. 54:10) Lantaran Mantenna téh sobat nu nyaahan, urang jadi gedé haté. Mantenna bakal ngajaga urang kiwari sakumaha ka Abram (Ibrahim), sobat-Na. Yéhuwa nyarios, ”Tong sieun, Abram! Ieu Kami anu jadi kepeng maneh.”​—Kaj. 15:1.

Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa nyorang sagala masalah nu kawas cai jero jeung seuneu (Tingali paragrap 5-6) *

5-6. (a) Naon buktina Yéhuwa hoyong pisan nulungan urang waktu keur aya masalah? (b) Naon palajaran keur urang tina tuladan Yoshiko?

5 Urang apal yén Yéhuwa hoyong pisan nulungan urang waktu keur aya masalah lantaran Mantenna jangji ka umat-Na, ”Mun maneh meuntasan cai jero, ku Kami tangtu diaping, maneh moal titeuleum ku kasukeran. Nyorang seuneu moal tutung, nyorang bahla moal cilaka.” (Yes. 43:2) Naon hartina kekecapan ieu?

6 Yéhuwa teu jangji bakal nyingkirkeun masalah urang. Tapi, Mantenna moal ngantep urang titeuleum ku ”cai jero” mangrupa kasukeran atawa tutung ku ”seuneu” mangrupa bahla. Jadi, moal aya nu bisa nyangsarakeun urang salilana. Mantenna ngajamin bakal nyarengan jeung nulungan urang ”nyorang” kasukeran. Kumaha carana? Mantenna bakal ngabantu urang sangkan teu sieun deui, jadi urang bisa tetep satia sanajan kudu maot. (Yes. 41:13) Yoshiko, nu tadi disebutkeun, ngarasakeun hal éta. Budak awéwéna ngomong, ”Abdi tajub ningali sakumaha tenangna Mamah. Abdi ningali Yéhuwa masihan katengtreman batin ka Mamah. Nepi ka maotna gé, Mamah tetep méré kasaksian ka perawat jeung pasién séjénna ngeunaan Yéhuwa jeung jangji-jangji-Na.” Naon palajaranana? Lamun urang percaya kana jangji Allah ”Kami nyarengan manéh”, urang gé bakal tabah jeung kuat nandangan masalah.

”KAMI TÉH ALLAH MANÉH”

7-8. (a) Naon jaminan nu kadua, jeung naon hartina ”sieun”? (b) Ku naon Yéhuwa nyarios ka urang Yahudi nu di pangbuangan, ”Tong sieun”? (c) Kekecapan naon di Yesaya 46:3, 4 nu nengtremkeun umat Allah?

7 Perhatikeun jaminan kadua nu dicatet ku Yésaya, ”Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!” Naon hartina sieun di dieu? Dina basa aslina, kecap ”sieun” dina ayat ieu boga harti ”ngalieuk terus ka tukang lantaran hariwang aya nu nyilakakeun” atawa ”culang-cileung kasieunan”.

8 Ku naon Yéhuwa nyarios ka urang Yahudi nu bakal ditawan di Babul sangkan teu ”sieun”? Lantaran Mantenna apal yén nu kudu sieun mah penduduk nagri éta. Sieun ku naon? Di ahir 70 taun urang Yahudi jadi tawanan, Babul bakal diserang ku pasukan Média-Pérsia. Yéhuwa ngagunakeun pasukan ieu pikeun ngabébaskeun umat-Na ti Babul. (Yes. 41:2-4) Waktu urang Babul jeung jalma-jalma ti bangsa séjén ngadéngé yén musuh rék nyerang, maranéhna silih kuatkeun. Maranéhna ogé nyieunan loba brahala supaya bisa dilindungan. (Yes. 41:5-7) Tapi, Yéhuwa nenangkeun haté urang Yahudi di pangbuangan ku cara nyarios, ”Israil, [teu siga bangsa-bangsa séjén] maneh téh abdi Kami, . . . Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!” (Yes. 41:8-10) Perhatikeun Yéhuwa nyarios, ”Kami teh Allah maneh.” Yéhuwa ngayakinkeun umat-Na yén Mantenna teu mopohokeun maranéhna. Mantenna masih jadi Allah maranéhna, maranéhna gé masih kénéh umat-Na. Mantenna nyarios, ”Kami anu ngurus. Maraneh tangtu . . . disalametkeun.” Kekecapan ieu nengtremkeun jeung nguatkeun urang Yahudi di pangbuangan.​—Baca Yesaya 46:3, 4.

9-10. Ku naon urang teu kudu sieun? Caritakeun ibaratna.

9 Leuwih ti saacanna, jalma-jalma di sakurilingeun urang hariwang lantaran kaayaan dunya nu beuki goréng. Tangtu urang gé keuna ku balukar goréngna. Tapi teu kudu sieun, Yéhuwa nyarios, ”Kami teh Allah maneh.” Ku naon kekecapan ieu nengtremkeun urang?

10 Perhatikeun ibarat ieu: Jimi jeung Béni numpak pesawat. Ari pék téh aya angin ribut, pesawatna gugurudugan. Tuluy aya pangumuman, ”Pageuhan sabuk pengaman. Bakal aya turbulénsi sababaraha waktu.” Jimi sieuneun. Tapi, tuluy pilotna ngomong, ”Ieu pilot Sadérék. Sadérék teu kedah hariwang.” Jimi gogodeg bari ngomong, ”Ah, teu yakin urang mah.” Pas nempo Béni, Béni mah kalah ka tenang. Jimi nanya, ”Ku naon manéh bisa tenang kitu euy?” Béni senyum, terus ngomong, ”Lantaran urang kenal pisan jeung pilotna. Pilotna téh bapa urang!” Tuluy ceuk Béni, ”Ku urang dicaritakeun nya. Urang yakin mun manéh kenal jeung apal sakumaha jagona bapa urang, manéh gé pasti tenang.”

11. Naon palajaran keur urang tina ibarat ngeunaan dua panumpang pesawat?

11 Naon palajaranana tina ibarat ieu? Siga Béni, urang bisa tenang lantaran urang kenal pisan ka Bapa urang, Yéhuwa. Urang apal Mantenna bakal ngabingbing jeung nyalametkeun urang tina masalah-masalah nu siga angin ribut dina poé-poé panungtungan. (Yes. 35:4) Urang percaya ka Yéhuwa, jadi urang bisa tetep tenang sanajan dunya ieu pinuh ku kasieun. (Yes. 30:15) Urang gé bisa siga Béni nu nyaritakeun ka batur alesan urang yakin ka Allah. Ku kituna, maranéhna gé yakin yén teu sual naon kasukeranana, Yéhuwa bakal ngadukung maranéhna.

’MANEH REK DIJIEUN JADI BEDAS JEUNG DIRAKSA’

12. (a) Naon jaminan nu katilu? (b) Yésaya nyebutkeun ngeunaan ”kawasa” Yéhuwa, hal ieu ngingetkeun urang kana hal naon?

12 Perhatikeun jaminan nu katilu, ”Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa.” Saacanna, Yésaya geus ngajelaskeun kumaha Yéhuwa nyieun umat-Na jadi bedas, atawa jadi kuat. Ceuk Yésaya, ”PANGERAN Nu Maha Agung tereh sumping baris ngarajaan nyepeng kawasa.” (Yes. 40:10) Jadi, kekecapan Yéhuwa ieu ngingetkeun urang yén Yéhuwa téh Raja nu mahakawasa. Mantenna ngagunakeun kakuatan nu moal kaéléhkeun pikeun ngadukung jeung ngabéla hamba-hamba-Na di jaman baheula. Mantenna ogé bakal terus nguatkeun jeung ngajaga saha waé nu percaya ka Mantenna kiwari.​—Pam. 1:30, 31; Yes. 43:10.

Euweuh senjata nu bisa ngalawan kawasa Yéhuwa nu ngalindungan umat-Na (Tingali paragrap 12-16) *

13. (a) Hususna, iraha Yéhuwa nedunan jangji-Na pikeun nyieun urang jadi bedas? (b) Naon jaminanana Yéhuwa bakal masihan kakuatan jeung kawani ka urang?

13 Hususna waktu musuh nganiaya urang, Yéhuwa nedunan jangji-Na, ”Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas.” Kiwari di sababaraha bagian dunya, musuh-musuh terus ngupayakeun pikeun ngeureunkeun pangwawaran atawa ngalarang organisasi urang. Sanajan kitu, urang teu hariwang teuing. Yéhuwa geus ngajamin yén Mantenna bakal masihan kakuatan jeung kawani. Mantenna jangji, ”Satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu.” (Yes. 54:17) Tina kekecapan ieu, urang jadi nyaho tilu hal penting.

14. Ku naon urang teu héran lamun musuh Allah nyerang urang?

14 Kahiji, murid Kristus mah teu héran lamun dipikageuleuh. (Mat. 10:22) Yésus nganubuatkeun yén murid-muridna bakal dikaniaya kalawan kejem di ahir jaman. (Mat. 24:9; Yoh. 15:20) Kadua, nubuat Yésaya ngélingan urang yén musuh-musuh téh teu ngan saukur geuleuh, tapi bakal ngagunakeun rupa-rupa senjata pikeun ngalawan urang. Senjata-senjata ieu kaasup kabohongan nu katingalina bener, kabohongan nu terang-terangan, jeung panganiayaan nu kejem. (Mat. 5:11) Yéhuwa moal ngeureunkeun musuh-musuh ngagunakeun senjata ieu. (Epe. 6:12; Wahyu 12:17) Tapi, urang teu kudu sieun. Ku naon?

15-16. (a) Naon hal katilu nu kudu diinget ku urang, jeung kumaha Yesaya 25:4, 5 ngadukung hal éta? (b) Kumaha Yesaya 41:11, 12 ngajelaskeun naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu ngalawan urang?

15 Perhatikeun hal katilu nu kudu diinget ku urang. Yéhuwa nyarios yén ”satiap pakarang” nu dipaké keur nyerang urang ”moal matak kua-kieu”. Siga témbok nu ngalindungan urang tina angin topan nu ngaruksak, Yéhuwa bakal ngalindungan urang ti ”jalma-jalma lalim”. (Baca Yesaya 25:4, 5.) Musuh moal bisa ngaleungitkeun harepan urang pikeun hirup langgeng.​—Yes. 65:17.

16 Yéhuwa nguatkeun kayakinan urang ku cara ngajelaskeun naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma ”anu ambek” ka urang. (Baca Yesaya 41:11, 12.) Rék sakumaha hébatna atawa seringna musuh ngalawan urang, hasilna tetep sarua: Kabéh musuh umat Allah ”tangtu paraeh”.

CARANA NGUATKEUN KAYAKINAN URANG KA YÉHUWA

Urang bisa nguatkeun kayakinan urang ka Yéhuwa ku cara rutin maca ngeunaan Mantenna dina Alkitab (Tingali paragrap 17-18) *

17-18. (a) Ku naon maca Alkitab bisa nguatkeun kayakinan urang ka Allah? Béré contona. (b) Naon mangpaatna ngalenyepan ayat taunan pikeun 2019?

17 Urang bisa nguatkeun kayakinan urang ka Yéhuwa ku cara leuwih kenal ka Mantenna. Hiji-hijina cara pikeun leuwih kenal ka Mantenna nyaéta maca Alkitab kalawan taliti bari dilenyepan. Dina Alkitab, aya catetan nu bisa dipercaya ngeunaan cara Yéhuwa ngalindungan umat-Na di jaman baheula. Catetan éta ngayakinkeun urang yén Mantenna bakal ngajaga urang ayeuna.

18 Yésaya ngagunakeun kekecapan nu éndah pikeun ngagambarkeun cara Yéhuwa ngalindungan urang. Yéhuwa disaruakeun jeung pangangon, hamba-Na disaruakeun jeung domba. Yésaya ngomong ngeunaan Yéhuwa, ”Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku.” (Yes. 40:11) Lamun urang ngarasa dikeukeupan ku panangan Yéhuwa nu kuat, urang bakal ngarasa aman jeung tengtrem. Supaya urang bisa tetep tenang teu sual naon nu keur disanghareupan, gandék nu satia jeung bijaksana milih Yesaya 41:10 sabagé ayat taunan pikeun 2019, ”Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!” Pék lenyepan kekecapan ieu. Ayat ieu bakal nguatkeun Sadérék pikeun nyanghareupan tangtangan nu bakal datang.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

^ par. 5 Dina ayat taunan 2019, aya tilu alesan ku naon urang bisa tetep tenang sanajan nyanghareupan kaayaan dunya nu goréng atawa masalah dina hirup urang. Artikel ieu bakal ngabahas tilu alesan éta supaya urang teu pati hariwang jeung leuwih ngandelkeun Yéhuwa. Pék lenyepan ayat taunan ieu. Apalkeun mun bisa. Éta bakal nguatkeun Sadérék nyanghareupan tangtangan dina mangsa kahareup.

^ par. 1 Tingali Menara Pengawal Juli 2016 kaca 18.

^ par. 3 KATERANGAN TAMBAHAN: Jaminan téh omongan nu bener atawa jangji yén hiji hal pasti kajadian. Ku ayana jaminan ti Yéhuwa, urang jadi teu pati hariwang lamun nyanghareupan masalah nu bisa waé muncul.

^ par. 4 Ungkapan ”Ulah sieun” disebutkeun dua kali, nyaéta di Yesaya 41:10 jeung 13. Dina ayat-ayat éta ogé, kecap ”Kami” (ngamaksudkeun Yéhuwa) sering disebutkeun. Ku naon Yéhuwa ngilhamkeun Yésaya pikeun sering nulis kecap ieu? Pikeun nandeskeun hiji hal penting, nyaéta urang moal sieun deui lamun percaya ka Yéhuwa.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Para anggota kulawarga nyanghareupan masalah di pagawéan, masalah kaséhatan, tangtangan dina dines, jeung di sakola.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Pasamoan di hiji imah digerebeg ku pulisi, tapi sadérék-sadérék tetep tenang.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Ibadah Kulawarga nu rutin ngabantu urang tetep tabah.