Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 3

Kumaha Carana Ngajaga Haté Urang?

Kumaha Carana Ngajaga Haté Urang?

”Tina sagala nu kudu dijaga, utamana jaga haté manéh.”​—SIL. 4:23, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 36 Jaga Haté Urang

NU DIBAHAS *

1-3. (a) Ku naon Yéhuwa mikaasih Suléman, jeung berkah naon waé nu ditarima ku manéhna? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

SULÉMAN jadi raja Israil basa keur ngora. Dina awal pamaréntahanana, Yéhuwa némbongan ka manéhna dina impian tuluy nyarios, ”Maneh hayang dibere naon ku Kami?” Suléman némbalan, ”Abdi teh teu terang aturan marentah, kawantos sakieu nya ngora keneh. . . . Ku margi kitu abdi sumeja nyuhunkeun kapinteran sacekapna [”haté nu taat”, NW], supados tiasa ngatur umat Gusti kalayan adil.” (1 Rja. 3:5-10) Suléman bener-bener rendah haté! Pantes Suléman dipikaasih ku Yéhuwa! (2 Sam. 12:24) Allah resep pisan ku jawaban Suléman tuluy masihan ”kapinteran jeung kawijaksanaan” ka raja ngora ieu.​—1 Rja. 3:12.

2 Salila satia, Suléman narima loba berkah. Manéhna meunang kahormatan pikeun ngawangun ”gedong paranti ibadah ka GUSTI Allah Israil”. (1 Rja. 8:20) Manéhna gé jadi kasohor lantaran boga hikmat ti Allah. Salian ti éta, kekecapanana nu diilhamkeun ku Allah ditulis dina tilu buku Alkitab. Salah sahijina téh buku Siloka.

3 Dina Alkitab Terjemahan Dunia Baru, kecap ”haté” disebutkeun ampir saratus kali dina buku Siloka. Contona Siloka 4:23 (NW) nyebutkeun, ”Tina sagala nu kudu dijaga, utamana jaga haté manéh, lantaran éta anu nangtukeun hirup manéh.” Dina ayat ieu, naon maksudna ”haté”? Éta bakal dijawab dina artikel ieu. Urang gé bakal ngabahas dua pananya séjénna: Naon nu dilakukeun Sétan pikeun ngaruksak haté urang? Jeung, kumaha carana ngajaga haté urang? Sangkan bisa satia ka Allah, urang kudu paham jawaban tina pananya-pananya penting ieu.

NAON ”HATÉ” TÉH?

4-5. (a) Numutkeun Alkitab, naon nu dimaksud ”haté”? (b) Kumaha kaséhatan batin urang bisa digambarkeun ku kaséhatan awak urang?

4 Dina Siloka 4:23 (NW), kecap ”haté” ngamaksudkeun batin saurang jalma, kaasup pikiran, parasaan, motif, jeung hasratna. Éta téh diri urang sabenerna, lain rupa lahir nu katempo ti luar.

5 Kaséhatan batin urang bisa digambarkeun ku kaséhatan awak urang. Kahiji, sangkan awak urang séhat, urang kudu ngadahar dahareun nu séhat jeung rutin olahraga. Kitu ogé, sangkan kaayaan haté urang séhat, urang kudu rutin maca Alkitab jeung publikasi sarta rutin ngamalkeun iman urang. Urang ngamalkeun iman ku cara ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun jeung nyaritakeun kapercayaan urang ka batur. (Rum 10:8-10; Yak. 2:26) Kadua, ti luar mah awak urang bisa katingali jagjag tapi di jerona mah aya bagian nu teu séhat. Sarupa kitu, tina rutin rohani mah bisa waé urang ngarasa boga iman nu kuat, tapi hasrat nu salah bisa tumuwuh dina haté urang. (1 Kor. 10:12; Yak. 1:14, 15) Urang kudu inget, Sétan hayang ngaruksak urang ku cara pikirna. Naon persisna nu dilampahkeun ku manéhna? Jeung, kumaha urang bisa ngalindungan diri?

CARA SÉTAN NGARUKSAK HATÉ URANG

6. Naon tujuan Sétan, jeung kumaha sangkan tujuanana kahontal?

6 Sétan hayang urang barontak, nampik papakon Yéhuwa, sarta mentingkeun diri, siga manéhna. Sétan teu bisa maksa urang boga cara pikir jeung lalampahan siga manéhna. Jadi, manéhna maké cara séjén sangkan tujuanana kahontal. Misalna, Sétan nempatkeun jalma-jalma nu geus diruksak ku manéhna di sakurilingeun urang. (1 Yoh. 5:19) Manéhna hayang urang ngagunakeun loba waktu jeung maranéhna sanajan urang apal yén pergaulan nu goréng bisa ”ngaruksak” pikiran jeung lalampahan urang. (1 Kor. 15:33) Raja Suléman keuna ku taktik ieu. Manéhna kawin jeung loba awéwé kapir. Pangaruh maranéhna téh kuat nepi ka ”ngalantarankeun [Suléman] jadi mungkir ti Allah”.​—1 Rja. 11:3.

Kumaha urang bisa ngajaga haté tina upaya Sétan nu rék ngaruksak haté urang ku cara pikirna? (Tingali paragrap 7) *

7. Naon deui nu digunakeun ku Sétan pikeun nyebarkeun cara pikirna, jeung ku naon urang kudu ati-ati?

7 Sétan ngagunakeun film jeung acara TV pikeun nyebarkeun cara pikirna. Manéhna apal yén carita-carita téh lain saukur hiburan, tapi ogé bisa mangaruhan cara pikir, parasaan, jeung lalampahan urang. Yésus maké cara ieu pikeun ngajar. Contona, misil ngeunaan urang Samaria nu bageur sarta budak nu indit ti imah jeung miceunan duit warisan. (Mat. 13:34; Luk. 10:29-37; 15:11-32) Tapi, jalma-jalma nu kapangaruhan ku cara pikir Sétan ngagunakeun carita-carita pikeun ngaruksak urang. Urang kudu asup akal. Mémang, aya film jeung acara TV nu aman, bisa ngahibur, jeung méré informasi. Tapi, tetep urang kudu ati-ati. Waktu rék milih hiburan, pék lenyepan heula, ’Naha film jeung acara TV ieu mangaruhan abdi pikeun nuturkeun kahayang jasmani?’ (Gal. 5:19-21; Epe. 2:1-3) Sadérék bakal kumaha lamun nyaho acara éta téh nguarkeun cara pikir Sétan? Geuwat singkahan saperti Sadérék nyingkahan panyakit nu népa!

8. Kumaha kolot ngabantu budak pikeun ngajaga haté?

8 Kolot, Sadérék boga tanggung jawab husus pikeun ngalindungan budak tina pangaruh Sétan nu ngaruksak haté budak. Pasti Sadérék geus satékah polah ngalindungan budak tina panyakit. Sadérék mersihan imah jeung miceunan sagala hal nu bisa nyababkeun budak Sadérék gering. Kitu ogé, Sadérék kudu ngalindungan budak tina film, acara TV, game éléktronik, jeung situs Internét nu dipangaruhan ku cara pikir Sétan. Yéhuwa masihan wewenang ka Sadérék pikeun ngajaga kaséhatan rohani budak. (Sil. 1:8; Epe. 6:1, 4) Jadi, ulah asa-asa nyieun aturan di imah nu dumasar kana papakon Alkitab. Béré nyaho budak naon nu meunang jeung nu teu meunang ditongton, sarta jelaskeun alesanana. (Mat. 5:37) Lamun budak beuki gedé, latih manéhna supaya bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah numutkeun papakon Yéhuwa. (Ibr. 5:14) Inget, budak Sadérék mémang diajar loba tina omongan Sadérék, tapi bakal diajar leuwih loba tina tindakan Sadérék.​—Pam. 6:6, 7; Rum 2:21.

9. Naon salah sahiji cara pikir Sétan nu mangaruhan urang, jeung ku naon éta téh bahaya?

9 Sétan ogé mangaruhan haté urang sangkan leuwih percaya ka hikmat manusa ti batan hikmat Allah. (Kol. 2:8) Salah sahijina, Sétan ngajurung urang pikeun mikir yén jadi jalma beunghar téh nu pangpentingna dina hirup urang. Jalma nu boga pamikiran siga kitu bakal ngungudag duit. Aya nu jadi beunghar, aya ogé nu henteu, tapi maranéhna tetep meunang masalah. Ku naon? Lantaran maranéhna geus ngorbankeun kaséhatan, hubungan kulawarga, malahan sosobatan maranéhna jeung Allah. (1 Tim. 6:10) Untung urang mah dibantu ku Bapa urang nu di sawarga pikeun boga pandangan nu bener kana duit.​—Pan. 7:12; Luk. 12:15.

KUMAHA CARANA NGAJAGA HATÉ?

Siga prajurit jaga jeung nu jaga lawang, urang kudu waspada bari nyieun tindakan sangkan haté urang teu ruksak (Tingali paragrap 10-11) *

10-11. (a) Urang kudu kumaha pikeun ngalindungan diri? (b) Naon nu dilampahkeun ku prajurit jaga di jaman baheula, jeung ku naon haté sanubari disaruakeun jeung prajurit jaga?

10 Supaya bisa ngajaga haté, urang kudu apal naon waé nu bisa ngaruksak haté tuluy geuwat nyieun tindakan pikeun ngalindungan diri. Kecap ”dijaga” dina Siloka 4:23 ngingetkeun urang kana pagawéan saurang juru kemit atawa prajurit jaga. Dina jaman Raja Suléman, prajurit jaga nangtung di luhur bénténg kota jeung ngabéjaan lamun aya musuh nu rék nyerang. Tina gambaran ieu, urang jadi apal kudu kumaha sangkan Sétan henteu ngaruksak pikiran urang.

11 Dina jaman baheula, prajurit jaga gawé babarengan jeung nu jaga lawang. (2 Sam. 18:24-26) Maranéhna ngajaga kota ku cara nutup gerbang lamun aya musuh nu rék nyerang. (Neh. 7:1-3) Haté sanubari * nu geus dilatih ku Alkitab disaruakeun jeung prajurit jaga. Éta bisa ngélingan urang lamun Sétan rék nyerang haté urang, atawa lamun Sétan rék mangaruhan pikiran, parasaan, motif, atawa hasrat urang. Unggal diélingan ku haté sanubari lamun aya bahaya, urang saolah-olah kudu geuwat nutup gerbang, atawa nyingkahan bahaya.

12-13. Urang bisa jadi kagoda pikeun ngalampahkeun naon, tapi naon sakuduna réaksi urang?

12 Pikirkeun hiji conto kumaha urang bisa ngalindungan diri tina cara pikir Sétan. Urang geus diajar yén ”kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di [diri urang], kecapna ge ulah disebut-sebut acan”. (Epe. 5:3) Tapi, kumaha lamun batur gawé atawa batur sakola ngobrol jorang? Urang apal kudu ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan”. (Tit. 2:12) Prajurit jaga, atawa haté sanubari urang, bisa jadi mépélingan. (Rum 2:15) Tapi, naha ku urang diwaro? Urang bisa waé kagoda pikeun ngadéngékeun obrolan éta atawa nempo gambar nu ditempokeun ku maranéhna. Tapi, ieu waktuna pikeun saolah-olah nutup gerbang, ku cara ngaganti topik obrolan atawa nyingkah ti dinya.

13 Butuh kawani pikeun nampik gogoda ti babaturan nu ngajurung urang mikirkeun atawa ngalampahkeun nu salah. Urang yakin Yéhuwa ningali upaya urang. Mantenna bakal masihan urang kakuatan jeung hikmat pikeun nampik cara pikir Sétan. (2 Bab. 16:9; Yes. 40:29; Yak. 1:5) Naon deui nu bisa dilakukeun ku urang pikeun ngajaga haté?

SING TERUS WASPADA

14-15. (a) Urang kudu muka haté kana hal naon, jeung kumaha carana? (b) Kumaha Siloka 4:20-22 méré nyaho urang carana meunang mangpaat saloba-lobana tina maca Alkitab? (Tingali ogé kotak ”Cara Ngalenyepan”.)

14 Pikeun ngajaga haté, urang teu ngan saukur kudu nampik pangaruh nu salah, tapi ogé kudu narima pangaruh nu positif. Pikirkeun deui ibarat ngeunaan kota nu dibénténgan. Nu jaga lawang bakal nutup gerbang lamun aya musuh nu nyerang, tapi bakal muka gerbang lamun aya kiriman dahareun jeung kaperluan séjénna. Lamun gerbang tara dibuka, penduduk kota bakal kalaparan. Sarupa kitu, urang kudu rutin muka haté pikeun narima pangaruh tina cara pikir Allah.

15 Alkitab eusina pikiran Yéhuwa. Jadi unggal maca Alkitab, pikiran, parasaan, jeung lalampahan urang dipangaruhan ku cara pikir Yéhuwa. Kumaha urang bisa meunang saloba-lobana mangpaat tina maca Alkitab? Koncina ngadoa. Ceuk saurang sadérék istri, ”Saacan maca Alkitab, abdi ngadoa heula ka Yéhuwa ménta supaya abdi bisa ’ningal hal-hal nu narik ati’ tina Firman-Na.” (Jab. 119:18) Urang ogé kudu ngalenyepan naon nu dibaca. Ku cara ngadoa, maca, jeung ngalenyepan, Firman Allah bakal ’nyangreud dina ati’. Ku kituna, urang bakal resep kana cara pikir Yéhuwa.​—Baca Siloka 4:20-22; Jab. 119:97.

16. Naon waé mangpaat tina nongton JW Broadcasting?

16 Cara séjénna sangkan cara pikir Allah mangaruhan urang nyaéta nongton vidéo-vidéo nu aya dina JW Broadcasting®. Hiji salaki pamajikan nyarita, ”Acara bulanan ieu bener-bener jawaban doa! Ieu nguatkeun jeung ngagedékeun haté urang mun keur sedih atawa ngarasa euweuh batur. Kawih-kawihna ogé osok disetél di imah, waktu keur masak, bébérés, atawa keur ngetéh.” Acara-acara ieu ngabantu urang ngajaga haté. Urang diajar sangkan boga cara pikir Yéhuwa jeung bisa nampik pangaruh tina cara pikir Sétan.

17-18. (a) Numutkeun 1 Raja 8:61, naon hasilna lamun urang ngalarapkeun pangajaran ti Yéhuwa? (b) Urang bisa diajar naon tina conto Raja Hiskia? (c) Luyu jeung doa Daud nu ditulis di Jabur 139:23, 24, naon nu bisa didoakeun ku urang?

17 Unggal urang ngarasakeun mangpaatna ngalampahkeun nu bener, iman urang beuki kuat. (Yak. 1:2, 3) Urang reugreug lantaran Yéhuwa reueus nganggap urang sabagé anak-Na. Hasrat urang pikeun nyenangkeun Mantenna gé beuki kuat. (Sil. 27:11) Unggal gogoda téh kasempetan keur urang pikeun némbongkeun yén urang teu satengah haté dina ngawula Bapa urang nu nyaahan. (Jab. 119:113) Urang hayang ngabuktikeun yén urang nyaah ka Yéhuwa ku sapinuh haté. Urang gé hayang sapinuh haté tuhu ka paréntah jeung kahoyong Yéhuwa.​—Baca 1 Raja 8:61.

18 Tapi, naha urang bisa nyieun kasalahan? Bisa, lantaran urang teu sampurna. Lamun nyieun kasalahan, inget conto Raja Hiskia. Manéhna nyieun salah, tapi manéhna tobat jeung ”sakiat-kiat ngajalankeun pangersa” Allah atawa ngawula sapinuh haténa. (Yes. 38:3-6; 2 Bab. 29:1, 2; 32:25, 26) Jadi, tampik upaya Sétan pikeun ngaruksak urang ku cara pikirna. Pék ngadoa sangkan urang ngamekarkeun ”haté nu taat”. (1 Rja. 3:9, NW; baca Jabur 139:23, 24.) Jadi, tina sagala nu kudu dijaga, jaga haté urang. Ku kituna, urang bisa tetep satia ka Yéhuwa.

KAWIH 54 ”Ieu Jalanna”

^ par. 5 Naha urang bakal tetep satia ka Yéhuwa atawa kagoda ku Sétan tuluy ngajauh ti Allah? Jawabanana lain gumantung kana sakumaha beuratna gogoda éta, tapi sakumaha kuatna urang ngajaga haté. Naon hartina ”haté”? Naon nu dilakukeun ku Sétan pikeun ngaruksak haté urang? Jeung, kumaha urang bisa ngajaga haté? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya penting éta.

^ par. 11 KATERANGAN TAMBAHAN: Yéhuwa masihan kasanggupan pikeun mariksa pikiran, parasaan, jeung lalampahan urang sarta ngahakiman diri sorangan. Alkitab nyebut kasanggupan ieu sabagé haté sanubari. (Rum 2:15; 9:1, Sunda Formal) Haté sanubari nu dilatih ku Alkitab ngagunakeun papakon Yéhuwa nu aya dina Alkitab pikeun ngahakiman bener henteuna pikiran, lalampahan, atawa omongan urang.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék lalajo TV terus di layarna muncul adegan nu cabul. Manéhna kudu mutuskeun naon nu rék dilampahkeun.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Prajurit jaga di jaman baheula nempo bahaya di luareun kota. Manéhna ngageroan nu jaga lawang sangkan geuwat nutup jeung ngonci gerbang kota.