Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Naha urang Kristen meunang boga senjata, saperti péstol atawa bedil, pikeun nyalindungan dirina ti jalma séjén?

Numutkeun prinsip-prinsip ieu, urang Kristen teu meunang ngagunakeun senjata saperti péstol, bedil, atawa nu séjénna pikeun nyalindungan diri ti jalma séjén. Pék pikirkeun hal-hal ieu:

Kahirupan manusa téh suci di pandangan Yéhuwa. Dina hiji jabur, Daud nulis ngeunaan Yéhuwa, ”Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk.” (Jab. 36:10) Jadi, lamun urang Kristen hayang nyalindungan diri atawa pangabogana, manéhna bakal ngalakukeun naon waé sangkan teu katempuhan lamun aya nu paéh.​—Pam. 22:8.

Mémang, barang naon waé nu digunakeun pikeun nyalindungan diri bisa nyababkeun paéhna hiji jalma. Tapi, hal éta bakal leuwih gampang kalaksana lamun aya senjata, boh dihaja boh henteu. * (Tingali catetan handap.) Salian ti éta, nu nyerang bisa jadi geus geumpeur, jadi lamun manéhna ningali aya senjata, kaayaan bisa jadi leuwih parah jeung hiji jalma bisa nepi ka paéh.

Waktu Yésus maréntahkeun murid-muridna mawa pedang dina peuting saacan anjeunna pupus, ieu téh lain supaya maranéhna bisa nyalindungan diri. (Luk. 22:36, 38) Sabalikna, Yésus hayang ngajarkeun hiji hal: Murid-muridna teu meunang ngagunakeun kakerasan, sanajan nyanghareupan sakumpulan jalma nu mawa senjata. (Luk. 22:52) Sanggeus Pétrus nyerang bujang imam agung maké pedang, Yésus nitah manéhna, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui.” Terus, Yésus nyebutkeun hiji prinsip pikeun urang Kristen, ”Anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.”​—Mat. 26:51, 52.

Luyu jeung nubuat di Mika 4:3, umat Allah mah ”pedang-pedangna . . . dijieunan wuluku, tumbak-tumbakna dijieunan peso pangkas”. Cirina urang Kristen sajati téh nyaéta resep rukun. Maranéhna nuturkeun paréntah-paréntah Allah nu ditepikeun ku Rasul Paulus supaya ”nu goreng ulah dibales ku goreng” jeung ”sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae”. (Rum 12:17, 18) Sanajan Paulus ngalaman kaayaan sulit, misalna kaancam ”ku begal”, manéhna tara ngalanggar prinsip Alkitab demi nyalindungan diri. (2 Kor. 11:26) Sabalikna, manéhna ngandel ka Allah sarta nyaho lamun naséhat Alkitab ”leuwih seukeut batan gobang”.​—Pan. 9:18.

Keur urang Kristen, kahirupan jauh leuwih penting ti batan harta banda. Urang nyaho lamun ”hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana”. (Luk. 12:15) Jadi, lamun geus leuleuy ngomong ka bégal nu mawa péstol tapi teu hasil, urang nuturkeun naséhat Yésus, ”Lamun jubah maraneh aya nu nyokot, bikeun jeung bajuna.” Ieu bisa ngahartikeun urang ngantep manéhna nyokot naon waé nu dipikahayang. (Luk. 6:29; Mat. 5:39, 40) * (Tingali catetan handap.) Tangtu, pangalusna mah lamun urang teu mancing kajahatan. Urang moal jadi mangsa jalma jahat lamun nuturkeun naséhat Alkitab pikeun henteu ’ngugung-ngugung’ harta banda urang. (1 Yoh. 2:16) Urang ogé bakal leuwih aman lamun dikenal sabagé Saksi Yéhuwa nu resep rukun.​—Sil. 18:10.

Urang Kristen ngajénan haté sanubari batur. (Rum 14:21) Bisa jadi aya dulur saiman nu reuwas, malah kasinggung, lamun manéhna nyaho aya urang Kristen nu boga senjata pikeun nyalindungan diri ti jalma séjén. Urang bisa waé boga idin resmi pikeun ngapimilik senjata, tapi lamun urang nyaah ka dulur saiman, urang moal ngalakukeun hal anu bakal nyinggung maranéhna.​—1 Kor. 10:32, 33; 13:4, 5.

Urang Kristen hayang jadi tuladan keur batur. (2 Kor. 4:2; 1 Pet. 5:2, 3) Lamun saurang Kristen boga senjata pikeun nyalindungan diri ti jalma séjén, kokolot bakal méré naséhat tina Alkitab. Lamun keukeuh, manéhna lain tuladan nu alus. Balukarna, manéhna moal dibéré tanggung jawab atawa tugas husus di sidang. Kitu ogé jeung urang Kristen nu kudu mamawa senjata dina pagawéanana. Bakal leuwih alus lamun manéhna néangan pagawéan anyar. *—Tingali catetan handap.

Urang Kristen kudu mutuskeun sorangan kumaha manéhna bakal nyalindungan dirina, kulawargana, pangabogana, jeung mutuskeun naon pagawéanana. Tapi, putusanana kudu luyu jeung prinsip Alkitab. Allah urang nu bijaksana masihan prinsip-prinsip ieu sabab nyaah ka urang. Éta sababna, urang Kristen nu raket jeung Yéhuwa moal boga senjata pikeun nyalindungan diri ti jalma séjén. Manéhna nyaho lamun ngandel ka Allah jeung nuturkeun prinsip Alkitab, manéhna bakal ngarasakeun kaamanan sajati salalanggengna.​—Jab. 97:10; Sil. 1:33; 2:6, 7.

Dina mangsa cilaka, urang Kristen bakal ngandel ka Yéhuwa jeung moal ngalawan pikeun ngabéla dirina

^ par. 3 Saurang Kristen bisa jadi mutuskeun boga bedil pikeun moro sato keur kadaharan atawa nyalindungan dirina ti sato galak. Tapi, lamun éta bedil keur teu dipaké, pélor jeung babagian éta bedil kudu dilaanan, terus disimpen jeung dikonci. Di nagri nu pamaréntahna ngalarang atawa ngawatesan wargana pikeun ngapimilik senjata, urang Kristen kudu taat ka éta hukum.​—Rum 13:1.

^ par. 6 Ngeunaan cara nyalindungan diri ti jalma nu rék merkosa, tingali artikel ”Cara Mencegah Pemerkosaan” dina Sedarlah! 8 Maret 1993.

^ par. 2 Katerangan leuwih loba ngeunaan pagawéan nu kudu mamawa senjata bisa ditingali di Menara Pengawal 1 Nopémber 2005 kaca 31 jeung The Watchtower 15 Juli 1983 kaca 25-26.