Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Mugia . . . Sagala Rancangan Anjeun Sing Dilangsarkeun”

”Mugia . . . Sagala Rancangan Anjeun Sing Dilangsarkeun”

”Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.”​—JAB. 37:4.

KAWIH: 89, 140

1. Budak ngora kudu nyieun putusan naon ngeunaan mangsa kahareup? Naon nu bisa ngabantu manéhna sangkan teu sieun teuing? (Tingali gambar dina awal artikel.)

BUDAK ngora, anjeun meureun satuju lamun rék ngayakeun perjalanan, alusna mah nyieun rencana heula. Kahirupan téh siga perjalanan, jeung waktu nu cocog pikeun nyieun rencana téh basa keur ngora kénéh. Mémang éta téh teu gampang. Saurang mojang nu ngaranna Heather ngomong, ”Sieun ih kudu mutuskeun sésa hirup urang rék dipaké naon.” Lamun anjeun ogé ngarasa kitu, inget cariosan Yéhuwa, ”Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh. . . . Maneh ku Kami bakal diraksa.”​—Yes. 41:10.

2. Yéhuwa hoyong anjeun boga rencana pikeun kahirupan nu bagja. Jelaskeun.

2 Yéhuwa nganjurkeun anjeun nyieun rencana nu hadé keur mangsa kahareup. (Pan. 12:1; Mat. 6:20) Mantenna hoyong anjeun bagja. Ieu katémbong tina ciptaan Mantenna nu bisa katingali, kadéngé, jeung karasa ku anjeun. Aya deui bukti séjénna yén Yéhuwa merhatikeun urang. Mantenna masihan naséhat jeung ngajarkeun cara hirup nu panghadéna. Jadi, Mantenna teu suka lamun jalma-jalma nolak naséhat-Na. Allah nyarios ka jalma-jalma nu teu taat, ”Ti batan narurut anggur nyieun kalakuan goreng. Ku sabab kitu, sakur anu ngabakti jeung nurut ka Kami . . . bakal bagja, ari maraneh mah bakal nandang era. Maranehna bakal barungah.” (Yes. 65:12-14) Lamun urang nyieun pilihan nu bijaksana dina kahirupan, urang bakal mawa kamulyaan pikeun Yéhuwa.​—Sil. 27:11.

RENCANA NU BAKAL NGABAGJAKEUN ANJEUN

3. Yéhuwa hoyong anjeun ngalakukeun naon?

3 Yéhuwa hoyong anjeun nyieun rencana nu siga kumaha? Supaya bagja, anjeun perlu wanoh jeung ngalalayanan Yéhuwa. Ieu tujuan Yéhuwa nyiptakeun manusa. (Jab. 128:1; Mat. 5:3) Sasatoan ngan bisa nyatu, nginum, jeung anakan. Tapi, Yéhuwa hoyong anjeun ngarencanakeun kahirupan sangkan boga tujuan jeung bagja. Nu Nyiptakeun anjeun téh ”Allah anu sipat asih” nu nyiptakeun manusa ”nyeples Mantenna”. (2 Kor. 13:11; Kaj. 1:27) Anjeun bakal bagja lamun nyonto Allah nu asih. Alkitab nyebutkeun, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.” (Ras. 20:35) Naha anjeun pernah ngarasakeun hal ieu? Ieu prinsip dasar kahirupan. Jadi, Yéhuwa hoyong anjeun ngarencanakeun mangsa kahareup dumasar kana asih ka batur jeung ka Mantenna.​—Baca Mateus 22:36-39.

Anjeun bakal bagja lamun némbongkeun asih

4, 5. Naon nu ngabagjakeun Yésus?

4 Yésus Kristus méré tuladan nu sampurna keur budak ngora. Waktu leutik kénéh, anjeunna tangtu resep ulin. Firman Allah nyebutkeun, ”aya waktuna bungah” jeung ”aya waktuna igel-igelan”. (Pan. 3:4) Yésus ogé ngaraket ka Yéhuwa ku cara diajar Kitab Suci. Waktu Yésus umur 12 taun, guru-guru di bait tajub lantaran ”ngawaler-Na kacida pinterna”.​—Luk. 2:42, 46, 47.

5 Waktu déwasa, Yésus bagja lantaran ngalampahkeun pangersa Allah. Contona, Allah hoyong anjeunna ”mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin” jeung ’ngabeuntakeun nu lalolong’. (Luk. 4:18) Jabur 40:9 ngajéntrékeun parasaan Yésus, ”Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti.” Yésus resep pisan ngajar jalma-jalma ngeunaan Bapana. (Baca Lukas 10:21.) Sanggeus ngawawar ka hiji awéwé ngeunaan ibadah sajati, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.” (Yoh. 4:31-34) Yésus bagja lantaran némbongkeun asih ka Allah jeung ka batur. Anjeun ogé bakal bagja lamun ngalakukeun nu sarua.

6. Ku naon alus lamun anjeun ngobrolkeun rencana anjeun pikeun mangsa kahareup?

6 Loba urang Kristen ngarasa bagja lantaran jadi panaratas ti ngongora. Anjeun bisa ngobrolkeun rencana anjeun jeung maranéhna. ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.” (Sil. 15:22) Maranéhna bisa jadi méré nyaho lamun naratas téh mangrupakeun pendidikan nu hadé keur kahirupan anjeun. Yésus diajar loba hal ti Bapana basa keur di sawarga. Anjeunna ogé terus diajar basa ngalalayanan di bumi. Anjeunna bagja basa ngawawarkeun warta hadé jeung tetep satia dina kaayaan sulit. (Baca Yesaya 50:4; Ibr. 5:8; 12:2) Hayu urang bahas ku naon dines sapinuh waktu bisa ngabagjakeun anjeun.

NGAJADIKEUN MURID TÉH PAGAWÉAN NU PANGHADÉNA

7. Loba budak ngora resep ngajadikeun murid. Naon sababna?

7 Yésus nugaskeun urang pikeun ’ngajadikeun murid’ jeung ngajar batur. (Mat. 28:19, 20) Lamun ieu dijadikeun kariér, anjeun bakal boga kahirupan nu nyugemakeun lantaran ngamulyakeun Allah. Saperti kariér nu séjén, butuh waktu sangkan jadi ahli. Timothy, nu naratas ti rumaja kénéh, ngomong, ”Keur kuring, ngawula Yéhuwa dina dines sapinuh waktu téh cara keur némbongkeun asih ka Allah. Mimitina, kuring teu boga palajar Alkitab. Tapi sanggeus pindah ka daérah séjén, dina sabulan gé kuring boga sababaraha palajar Alkitab. Aya hiji nu geus masamoan. Sanggeus dua bulan miluan Sakola Alkitab kanggo Bujangan Kristen, kuring ditugaskeun ka tempat anyar jeung boga opat palajar Alkitab. Kuring resep ngajar batur, sabab bisa ningali roh suci ngarobah maranéhna.” * (Tingali catetan handap.)—1 Tes. 2:19.

8. Naon nu dilakukeun sababaraha budak ngora pikeun ngawawar ka leuwih loba jalma?

8 Sababaraha budak ngora diajar basa séjén. Contona, Jacob ti Amerika Serikat nulis, ”Waktu umur tujuh taun, batur sakelas kuring loba nu urang Vietnam. Kuring hayang nyaritakeun Yéhuwa ka maranéhna, jadi kuring nyieun rencana pikeun diajar basa maranéhna. Seringna mah, kuring diajar ku cara ngabandingkeun Warta Hadé nu basa Inggris jeung nu basa Vietnam. Kuring ogé néangan babaturan di sidang basa Vietnam. Waktu umur 18, kuring jadi panaratas. Ka dieunakeun, kuring milu Sakola Alkitab kanggo Bujangan Kristen. Ieu ngabantu tugas kuring ayeuna di kelompok basa Vietnam sabagé panaratas jeung hiji-hijina kokolot. Loba urang Vietnam nu haréraneun kuring bisa basa maranéhna. Maranéhna narima kuring ka imahna, jeung loba nu daék diajar Alkitab. Sababaraha bisa nepi ka dibaptis.”​—Bandingkeun Rasul 2:7, 8.

9. Kumaha pagawéan ngajadikeun murid bisa ngadidik urang?

9 Pagawéan ngajadikeun murid téh ngajarkeun kabiasaan nu alus, carana komunikasi, jeung carana sangkan percaya diri tur bijaksana. (Sil. 21:5; 2 Tim. 2:24) Pagawéan ieu matak ngabagjakeun sabab anjeun diajar carana ngabuktikeun iman ngagunakeun Alkitab. Anjeun ogé diajar gawé bareng jeung Yéhuwa.​—2 Kor. 6:1.

10. Kumaha anjeun bisa tetep bungah dina ngajadikeun murid sanajan saeutik nu minat?

10 Anjeun bisa tetep bungah dina ngajadikeun murid sanajan ngan saeutik nu daék diajar Alkitab. Pikeun ngajadikeun murid, sakabéh anggota sidang kudu sabilulungan. Sanajan ngan hiji sadérék nu boga murid, urang kabéh bisa bungah lantaran milu néangan nu daék diajar Alkitab. Contona Brandon, nu geus salapan taun ngawawar di daérah nu jarang aya nu minat. Manéhna ngomong, ”Kuring resep ngawawarkeun warta hadé lantaran ieu nu dipénta ku Yéhuwa. Kuring jadi panaratas teu lila sanggeus lulus sakola. Kuring ogé resep nyumangetan barudak ngora di sidang jeung ningali kamajuan rohani maranéhna. Sanggeus milu Sakola Alkitab kanggo Bujangan Kristen, kuring narima tugas anyar. Mémang di daérah ieu kuring teu bisa manggihan jalma nu diajar nepi ka dibaptis, tapi batur bisa. Kuring tetep bungah lantaran geus nyieun rencana pikeun sabisa-bisa milu kagiatan ngajadikeun murid.”​—Pan. 11:6.

RENCANA ANJEUN BISA MUKA KASEMPETAN SÉJÉN

11. Kagiatan naon deui nu ngabagjakeun barudak ngora dina ngawula Yéhuwa?

11 Aya loba kasempetan pikeun ngawula Yéhuwa. Contona, loba budak ngora nu mantuan kagiatan pangwangunan. Ratusan Balé Karajaan perlu diwangun. Tempat ieu mawa kahormatan keur Yéhuwa, jadi mantuan pangwangunan téh bisa ngabagjakeun anjeun. Anjeun ogé bisa ngarasa bungah digawé babarengan jeung dulur saiman. Anjeun bisa diajar loba hal, saperti cara digawé nu alus tur aman jeung diajar taat ka pangawas.

Nu asup ka dines sapinuh waktu bakal narima loba berkah (Tingali paragrap 11-13)

12. Kumaha jadi panaratas bisa muka kasempetan corak dines nu séjén?

12 Kevin ngomong, ”Ti leuleutik, kuring boga cita-cita ngawula Yéhuwa sapinuh waktu. Ahirna, kuring naratas basa umur 19. Kuring digawé sambian ka sadérék nu jadi tukang bangunan. Kuring diajar masang suhunan, jandéla, jeung panto. Terus, meunang dua taun kuring gabung jeung tim bantuan kamanusaan basa aya angin topan, ngawangun deui Balé Karajaan jeung imah dulur saiman. Basa ngadéngé Afrika Selatan butuh rélawan pangwangunan, kuring ngadaptar jeung ditarima. Di Afrika, kuring pindah ti hiji proyék Balé Karajaan ka proyék séjénna unggal sababaraha minggu. Batur gawé di tim kuring siga kulawarga, hirup babarengan, diajar Alkitab babarengan, jeung digawé babarengan. Kuring ogé resep ngawawar jeung sadérék lokal unggal mingguna. Rencana basa kuring leutik kénéh ngahasilkeun kabagjaan nu teu kabayang saacanna.”

”Rencana basa kuring leutik kénéh ngahasilkeun kabagjaan nu teu kabayang saacanna”

13. Ku naon loba budak ngora resep ngawula Yéhuwa di Bétel?

13 Sababaraha panaratas ayeuna ngawula di Bétel. Ngawula di Bétel ngabagjakeun hirup anjeun sabab kabéh nu dilakukeun di ditu pikeun Yéhuwa. Kulawarga Bétel nyadiakeun Alkitab jeung publikasi pikeun ngajarkeun bebeneran ka batur. Dustin nu ngawula di Bétel nyarita, ”Ti umur salapan, cita-cita kuring téh dines sapinuh waktu, terus kuring jadi panaratas sanggeus lulus sakola. Hiji satengah taun sanggeusna, kuring diondang ngawula di Bétel. Di ditu, kuring diajar ngajalankeun mesin citak tuluy diajar nyieun program komputer. Di Bétel, kuring bisa ngadéngékeun langsung laporan ngeunaan kagiatan pangwawaran sadunya. Kuring resep ngawula di dieu sabab bisa mantuan jalma-jalma raket ka Yéhuwa.”

NAON RENCANA ANJEUN PIKEUN MANGSA KAHAREUP?

14. Ayeuna, kumaha carana anjeun nyiapkeun diri pikeun dines sapinuh waktu?

14 Kumaha carana anjeun nyiapkeun diri pikeun dines sapinuh waktu? Sangkan suksés ngalalayanan Yéhuwa, anjeun perlu mekarkeun sipat-sipat Kristen. Sing rutin diajar Firman Allah, pék lenyepan, jeung béré koméntar di pasamoan. Bari sakola kénéh, anjeun bisa ningkatkeun kamampuh pikeun ngawawarkeun warta hadé. Anjeun bisa diajar nunjukkeun perhatian ka jalma-jalma ku cara nanyakeun pamikiran maranéhna kalawan bijaksana jeung ngadéngékeun jawabanana. Anjeun ogé bisa nawarkeun bantuan di sidang, saperti ngabersihan atawa ngoméan Balé Karajaan. Yéhuwa resep ngagunakeun saha waé nu rendah haté sarta réla digawé. (Baca Jabur 110:3; Ras. 6:1-3) Rasul Paulus ngajak Timoteus jadi misionaris sabab Timoteus ’disebut jelema hade’ ku sadérék-sadérék.​—Ras. 16:1-5.

Bari sakola kénéh, anjeun bisa ningkatkeun kamampuh pikeun ngawawar

15. Kumaha carana anjeun bisa meunang pagawéan nu ngadukung naratas anjeun?

15 Kalolobaan palayan sapinuh waktu butuh pagawéan. (Ras. 18:2, 3) Anjeun bisa milu kursus singget sangkan meunangkeun pagawéan sambian nu aya di daérah anjeun. Bari nyieun rencana, pék tatanya jeung ménta saran ka pangawas wilayah sarta panaratas séjén. Terus, saperti nu ditulis dina Alkitab, ”Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.”​—Sil. 16:3; 20:18.

16. Kumaha dines sapinuh waktu bisa nyiapkeun anjeun narima tanggung jawab séjén dina mangsa kahareup?

16 Anjeun bisa yakin lamun Yéhuwa miharep anjeun ”bisa ngamilik” mangsa kahareup nu bagja. (Baca 1 Timoteus 6:18, 19.) Dina dines sapinuh waktu, anjeun bisa digawé bareng jeung palayan sapinuh waktu séjénna sarta dibantu pikeun raket ka Yéhuwa. Salian ti éta, dines sapinuh waktu ogé ngabantu budak ngora lamun engkéna nikah. Lolobana, nu naratas saacan nikah bakal terus naratas duaan sanggeus nikah.​—Rum 16:3, 4.

17, 18. Anjeun kudu nyieun rencana nu siga kumaha?

17 Jabur 20:5 nyebutkeun, ”Mugia kahoyong anjeun ku Mantenna dikabul, sagala rancangan anjeun sing dilangsarkeun.” Waktu nyieun rencana pikeun mangsa kahareup, pikirkeun naon nu bener-bener hayang dilakukeun ku anjeun. Pikirkeun ogé naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa kiwari jeung kumaha urang bisa ngadukungna. Terus, jieun rencana nu ngabungahkeun Mantenna.

18 Lamun anjeun ngagunakeun kahirupan pikeun ngamulyakeun jeung ngawula Yéhuwa sapinuhna, anjeun bakal bagja. Anjeun bakal meunang ”kabagjaan di PANGERAN, angen-angen [anjeun] ku Mantenna baris dicumponan”.​—Jab. 37:4.

^ par. 7 Sakola ieu diganti ku Sakola kanggo Pawarta Injil Karajaan.