Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Néangan Harta nu Sajati

Néangan Harta nu Sajati

”Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun.”​—LUK. 16:9.

KAWIH: 32, 154

1, 2. Di dunya ieu, ku naon jalma miskin salawasna aya?

KIWARI, sistim ékonomi téh teu adil tur kejem. Contona, loba budak ngora hésé néangan gawé. Sababaraha jalma nepi ka narohkeun nyawana demi pindah ka nagri nu makmur. Sanajan kitu, di nagri nu makmur gé loba jalma nu miskin. Di sakuliah dunya, nu beunghar beuki beunghar, nu miskin beuki miskin. Aya nu nyebutkeun lamun 1 persén jalma beunghar di dunya boga duit nu sarua lobana jeung duit gabungan ti 99 persén jalma sésana. Jadi jelas, aya jalma-jalma nu duitna moal béak nepi ka tujuh turunan, tapi miliaran jalma séjénna kacida miskinna. Yésus apal, matakna anjeunna ngomong, ”Nu mariskin mah salawasna ge aya bae jeung maraneh.” (Mar. 14:7) Kumaha bisa aya kateuadilan siga kieu?

2 Yésus apal ngan Karajaan Allah nu bisa ngarobah sistim ékonomi dunya ieu. Alkitab nyebutkeun yén ”para padagang”, atawa sistim dagang, bareng jeung sistim pulitik sarta agama mangrupakeun bagian ti dunya Sétan. (Wahyu 18:3) Hamba Allah bisa bener-bener misahkeun diri ti pulitik jeung agama palsu. Tapi, lolobana mah moal bisa bener-bener misah ti sistim dagang dunya Sétan.

3. Pananya naon waé nu bakal dibahas ku urang?

3 Salaku urang Kristen, urang kudu mariksa sikep urang kana sistim dagang dunya ieu. Ku kituna, urang kudu ngalenyepan, ’Kumaha kuring bisa ngagunakeun harta banda pikeun némbongkeun kasatiaan ka Allah? Kumaha kuring bisa ngan saperluna ngagunakeun sistim dagang dunya ieu? Pangalaman naon waé nu némbongkeun lamun hamba Allah bener-bener ngandel ka Mantenna?’

CARITA NGEUNAAN PAGAWÉ NU TEU JUJUR

4, 5. (a) Naon nu kaalaman ku pagawé dina carita Yésus? (b) Yésus nitah murid-muridna pikeun ngalakukeun naon?

4 Baca Lukas 16:1-9. Carita Yésus ngeunaan pagawé nu teu jujur alus pikeun dipikirkeun. Manéhna diadukeun geus ngahambur-hambur kakayaan dununganana, tuluy rék dipecat. * (Tingali catetan handap.) Tapi, pagawé éta maké ”kapinteran akalna”. Saméméh ninggalkeun pagawéanana, manéhna nyieun pibatureun jeung jalma-jalma nu engkéna bisa nulungan manéhna. Yésus nyaritakeun hal ieu lain rék ngajurung murid-muridna jadi teu jujur sangkan bisa hirup, cara jalma-jalma séjénna. Sabalikna, Yésus rék ngajarkeun palajaran penting.

5 Yésus apal yén saperti éta pagawé nu ujug-ujug nyanghareupan masalah, kalolobaan muridna gé bakal nyanghareupan masalah dina nyiar napkah di dunya nu teu adil ieu. Ku kituna, anjeunna nitah, ”Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun.” Naon sababna? Sabab basa harta éta moal bisa nulungan deui, urang ”bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng” ku batur-batur urang, nyaéta Yéhuwa jeung Yésus. Naon palajaranana keur urang?

6. Ti mana urang nyaho yén sistim dagang kiwari téh lain pangersa Allah?

6 Alkitab ngajéntrékeun yén jual-beuli atawa dagang téh lain pangersa Allah. Contona, Yéhuwa masihan sagala pangabutuh Adam jeung Hawa sacara limpah di Taman Éden. (Kaj. 2:15, 16) Dina abad kahiji, basa Allah masihan roh suci ka jalma-jalma nu kaistrén, Alkitab nyebutkeun, ”Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.” (Ras. 4:32) Nabi Yésaya ogé nganubuatkeun yén bakal datang mangsana sakabéh manusa bisa bébas ngamangpaatkeun sagala hasil bumi. (Yes. 25:6-9; 65:21, 22) Tapi saacan éta kalaksana, murid-murid Yésus kudu ngagunakeun ”kapinteran akalna”. Maranéhna kudu nyumponan pangabutuhna maké harta banda sipat lahir, bari tetep nyukakeun Allah.

BIJAKSANA NGAGUNAKEUN HARTA BANDA

7. Yésus méré naséhat naon di Lukas 16:10-13?

7 Baca Lukas 16:10-13. Pagawé dina carita Yésus nyieun pibaturan keur mangpaat dirina sorangan. Tapi, Yésus hayang murid-muridna nyieun pibatureun jeung nu di sawarga keur kapentingan Karajaan. Anjeunna ngajarkeun yén cara urang ngagunakeun harta banda sipat lahir bisa nunjukkeun naha urang satia atawa henteu ka Allah. Kumaha carana?

8, 9. Béré conto sababaraha sadérék nu nunjukkeun kasatiaan dina ngagunakeun harta banda.

8 Hiji cara nunjukkeun kasatiaan ka Allah nyaéta méré sumbangan keur kagiatan pangwawaran sadunya nu geus dinubuatkeun ku Yésus. (Mat. 24:14) Hiji budak awéwé di India ngumpulkeun duit récéh dina céngcélénganana. Manéhna malah teu meuli cocooan. Sanggeus céngcélénganana pinuh, manéhna nyumbangkeun sakabéh eusina pikeun kagiatan pangwawaran. Hiji sadérék di India boga kebon kalapa. Manéhna nyumbangkeun loba kalapa keur kantor panarjamahan basa Malayalam. Manéhna ngarasa nyumbangkeun kalapa téh leuwih mangpaat ti batan nyumbangkeun duit lantaran éta kantor osok meulian kalapa. Manéhna nunjukkeun ”kapinteran akalna”. Sadérék-sadérék di Yunani ogé rutin nyumbangkeun minyak jetun, kéju, jeung kadaharan séjénna keur kulawarga Bétel.

9 Sadérék séjénna di Sri Lanka ngarélakeun tanah jeung imahna dipaké jadi tempat masamoan, kongrés, sarta keur nampung palayan sapinuh waktu. Ieu téh pangorbanan matéri keur sadérék éta, tapi kacida mangpaatna keur para pawarta di daérah éta nu mariskin. Di nagri nu ngalarang kagiatan urang, sadérék-sadérék ngagunakeun imahna jadi Balé Karajaan. Ku kituna, para panaratas jeung sadérék-sadérék nu teu mampuh teu kudu nyéwa tempat masamoan.

Umat Allah ngagunakeun harta bandana keur kapentingan batur

10. Naon waé mangpaatna lamun urang béréhan?

10 Conto-conto éta nunjukkeun lamun umat Allah”satia dina urusan-urusan leutik”. (Luk. 16:10) Maranéhna ngagunakeun harta bandana keur kapentingan batur. Kumaha parasaan sobat-sobat Yéhuwa sanggeus nyieun pangorbanan? Maranéhna bungah pisan lantaran ku cara béréhan, maranéhna bisa meunang harta nu ”sajati” di sawarga. (Luk. 16:11) Hiji sadérék istri nu rutin méré sumbangan keur kagiatan Karajaan ngajelaskeun lamun dina lumangsungna waktu, manéhna ngalaman parobahan nu luar biasa. Ceuk manéhna, ”Lamun kuring beuki béréhan dina hal matéri, kuring téh jadi beuki béréhan dina hal séjénna. Kuring jadi gampang ngahampura, leuwih sabar, teu gampang kasinggung, jeung beuki gampang narima naséhat.” Loba nu geus ngarasakeun mangpaatna béréhan.​—Jab. 112:5; Sil. 22:9.

11. (a) Naon cara séjén pikeun ngagunakeun ’kapinteran akal’? (b) ’Kasaimbangan’ nu siga kumaha nu dialaman ku umat Allah kiwari? (Tingali gambar dina awal artikel.)

11 Urang ogé ngagunakeun ’kapinteran akal’ lamun maké harta banda pikeun ngadukung pangwawaran. Malahan, sanajan urang teu bisa miluan dines sapinuh waktu atawa pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun, urang tetep bisa mawa mangpaat keur batur. (Sil. 19:17) Contona, sumbangan urang bisa dipaké keur nyitak bacaan jeung ngadukung pangwawaran di daérah nu miskin tapi loba nu minat kana bebeneran. Di nagri-nagri saperti Kongo, Madagaskar, jeung Rwanda, Alkitab téh mahal pisan. Aya nu hargana sarua jeung gajih saminggu atawa sabulaneun. Geus mangtaun-taun, sadérék-sadérék kudu milih antara meuli dahareun keur kulawarga atawa meuli Alkitab. Ayeuna, lantaran aya sumbangan ti nu séjén, organisasi Yéhuwa bisa narjamahkeun jeung ngabagikeun Alkitab haratis ka unggal anggota kulawarga, kitu ogé ka para palajar Alkitab. Jadi, aya ’kasaimbangan’. (Baca 2 Korinta 8:13-15.) Ku kituna, nu méré jeung nu narima, sarua jadi sobat Yéhuwa.

NGAN SAPERLUNA NGAGUNAKEUN SISTIM DAGANG DUNYA IEU

12. Naon buktina Ibrahim ngandel ka Allah?

12 Urang ogé bisa jadi sobat Yéhuwa lamun néangan harta nu ”sajati” sarta ngan saperluna ngagunakeun sistim dagang dunya ieu. Éta nu dilakukeun ku Ibrahim nu satia. Lantaran hayang jadi sobat Yéhuwa, manéhna taat, ninggalkeun kota Ur nu makmur, jeung cicing di kémah-kémah. (Ibr. 11:8-10) Manéhna salawasna ngandel ka Allah ti batan ka harta banda. (Kaj.14:22, 23) Yésus nganjurkeun batur sangkan boga iman nu sarupa kitu. Sakali waktu, anjeunna ngomong ka hiji lalaki beunghar, ”Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa.” (Mat. 19:21) Lalaki éta teu boga iman nu kawas Ibrahim. Tapi, aya jalma-jalma nu ngandel ka Allah.

13. (a) Paulus méré naséhat naon ka Timoteus? (b) Kiwari, kumaha urang ngalarapkeun naséhat Paulus?

13 Timoteus téh jalma nu iman. Paulus nyebut manéhna ”prajurit Yesus Kristus anu satia”. Sanggeus éta, Paulus ngomong, ”Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna.” (2 Tim. 2:3, 4) Murid-murid Yésus kiwari, kaasup leuwih ti sajuta palayan sapinuh waktu, sabisa-bisa ngajalankeun naséhat Paulus. Maranéhna nolak gogoda ti iklan-iklan dunya ieu. Maranéhna inget kana prinsip: ”Anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.” (Sil. 22:7) Sétan hayang urang méakkeun waktu jeung énergi dina sistim dagangna. Aya nu nginjeum loba duit pikeun mayar imah, mobil, sakola, atawa keur pésta kawin. Lamun teu ati-ati, urang bisa kabeulit hutang nepi ka mangtaun-taun. Urang ngagunakeun kapinteran akal lamun urang hirup basajan, nyingkahan hutang, jeung teu ngahambur-hambur duit. Ku kituna, urang bakal bébas ngawula Allah, moal jadi budakna sistim dagang dunya ieu.​—1 Tim. 6:10.

14. Naon tékad urang? Béré conto.

14 Sangkan bisa tetep hirup basajan, urang kudu miheulakeun Karajaan Allah. Sapasang salaki pamajikan boga bisnis nu gedé jeung loba untungna. Tapi, maranéhna hayang balik deui ngawula sapinuh waktu. Jadi, bisnis, kapal, jeung barang-barang séjénna dijarualan kabéh. Tuluy, maranéhna jadi sukarélawan pangwangunan kantor pusat di Warwick, New York. Ieu téh berkah nu gedé keur maranéhna lantaran bisa ngawula di Bétel bareng jeung anak minantuna. Malah, salila sababaraha minggu, kolot ti salakina ogé digawé bareng di proyék Warwick. Saurang sadérék istri nu jadi panaratas di Kolorado, AS, sambian digawé di hiji bank. Dununganana resep pisan kana pagawéan manéhna, jadi manéhna ditawaran digawé sapinuh waktu bari gajihna ditaékkeun jadi tilu kalieun. Tapi, lantaran naratasna bisa kaganggu, sadérék ieu nolak tawaran éta. Ieu ngan sababaraha conto ti sakitu lobana pangorbanan hamba-hamba Yéhuwa. Lamun urang tékad pikeun miheulakeun kapentingan Karajaan, éta hartina urang ngahargaan harta nu sajati sarta sosobatan jeung Allah leuwih ti batan harta banda.

WAKTU HARTA BANDA TEU BISA NULUNG DEUI

15. Harta naon nu paling ngabagjakeun urang?

15 Boga loba harta téh lain hartina diberkahan ku Allah. Yéhuwa ngaberkahan saha waé nu ”sugih ku sipat asih”. (Baca 1 Timoteus 6:17-19.) Contona, saurang sadérék nu ngaranna Lucia nyaho lamun di Albania dibutuhkeun loba pawarta. * (Tingali catetan handap.) Jadi, ti Italia manéhna pindah ka ditu taun 1993. Manéhna teu boga pagawéan tapi ngandel ka Yéhuwa nu bakal nyumponan pangabutuhna. Manéhna diajar basa Albania jeung geus ngabantu leuwih ti 60 jalma ngabaktikeun diri. Hasil pangwawaran urang bisa waé teu saloba manéhna. Tapi sagala upaya urang, pikeun mantuan jalma séjén diajar ngeunaan Yéhuwa jeung jadi sobat-Na, bakal jadi harta urang salanggengna.​—Mat. 6:20.

Sagala nu dilampahkeun demi Yéhuwa jeung Karajaana-Na bisa ngabagjakeun urang

16. (a) Naon nu bakal kaalaman ku sistim dagang kiwari? (b) Ku kituna, kumaha sakuduna pandangan urang kana hal-hal matéri?

16 Basa Yésus ngomong, ”Samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung,” maksud anjeunna téh nyaéta harta banda bakal aya ahirna. (Luk. 16:9) Dina ahir jaman ieu, aya bank nu bangkrut jeung aya nagri nu ngalaman krisis ékonomi. Tapi sakeudeung deui, kaayaan bakal beuki goréng. Sistim Sétan, kaasup sistim pulitik, agama, jeung dagang, bakal ancur. Nabi Yéhéskél jeung Sépanya nganubuatkeun yén pérak jeung emas, nu penting dina sistim dagang, bakal euweuh hargaan. (Yeh. 7:19; Sep. 1:18) Kumaha parasaan urang lamun dina panungtungan hirup, urang kakara sadar yén saumur hirup urang henteu néangan harta sajati lantaran sibuk ngumpulkeun harta banda? Parasaan urang bakal siga lalaki nu néangan loba duit saumur hirupna, ari pék téh duitna palsu. (Sil. 18:11) Harta banda dunya ieu bakal teu aya gunana. Jadi, gunakeun sabisa-bisa harta banda Sadérék pikeun nyieun pibatureun jeung nu di sawarga. Sagala nu dilampahkeun demi Yéhuwa jeung Karajaana-Na bisa bener-bener ngabagjakeun urang.

17, 18. Naon waé nu bakal ditarima ku sobat-sobat Allah?

17 Basa Karajaan Allah datang, moal aya nu kudu ngahutang atawa mayar séwa. Kadaharan bakal limpah jeung teu kudu meuli. Urang teu kudu mayar dokter jeung meuli ubar. Sobat-sobat Yéhuwa bakal nganikmatan hasil bumi nu pangalusna. Emas, pérak, jeung batu permata dipaké keur perhiasan, lain keur ngabeungharkeun hiji jalma. Kai, batu, jeung logam nu alus bakal bébas dipaké keur ngawangun imah nu éndah. Babaturan daék nulungan téh lantaran réla, lain lantaran dibayar ku urang. Bakal aya sistim anyar pikeun ngagunakeun sagala hasil bumi keur sakabéh jalma.

18 Ieu ngan sabagian berkah nu bakal ditarima ku jalma-jalma nu nyieun pibatureun jeung nu di sawarga. Hamba-hamba Yéhuwa di bumi bakal sarurak gumbira basa ngadéngé Yésus ngomong, ”Ka darieu aranjeun, anu diberkahan ku Rama Kami. Geura arasup ka Karajaan anu geus disadiakeun pikeun aranjeun, ti barang dunya gumelar.”​—Mat. 25:34.

^ par. 4 Yésus teu nyebutkeun bener henteuna pangaduan éta. Dina basa aslina, kecap ”pangaduan” dina Lukas 16:1 bisa ngamaksudkeun pitnah ka pagawé éta. Yésus ngan nandeskeun réaksi pagawé éta, lain alesan manéhna dipecat.

^ par. 15 Pangalaman hirup Lucia Moussanett aya di majalah Sedarlah! 22 Juni 2003 kaca 18-22.