Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngéléhkeun Musuh Pipikiran

Ngéléhkeun Musuh Pipikiran

AWAS, Sadérék keur diserang! Musuh urang, Sétan, ngagunakeun senjata nu kacida hébatna. Senjata ieu dijieun husus pikeun nyerang pikiran, lain raga Sadérék. Naon éta téh? Propaganda!

Rasul Paulus nyaho lamun propaganda Sétan bahaya pisan. Tapi, teu kabéh urang Kristen sadar kana bahayana. Misalna sababaraha urang Kristen di Korinta ngarasa kuat imanna tur teu bisa dipangaruhan ku Sétan. (1 Kor. 10:12) Éta sababna, Paulus ngélingan, ”Sim kuring risi sieun aranjeun kagembang ku nu sejen, henteu satia deui ka Kristus, cara Hawa kagendam ku tipu dayana si oray pelit.”​—2 Kor. 11:3.

Kekecapan Paulus nunjukkeun bahayana lamun urang ngarasa kuat iman. Pikeun ngéléhkeun propaganda Sétan, Sadérék kudu sadar bahayana propaganda éta sangkan bisa nyalindungan diri.

SAKUMAHA BAHAYANA PROPAGANDA?

Dina artikel ieu, propagada ngamaksudkeun katerangan nu salah atawa nyasabkeun pikeun ngabobodo jalma-jalma atawa ngadalikeun pikiran jeung laku lampah maranéhna. Numutkeun buku Propaganda and Persuasion, proganda téh ”teu sopan, ngabahayakeun, jeung licik”. Propaganda osok digambarkeun sabagé ”hal-hal nu bohong, nyimpangkeun, nipu, ngabobodo, [jeung] ngadalikeun pikiran”.

Propaganda téh bahaya pisan sabab lalaunan bisa mangaruhan pikiran urang tapi urang teu sadar. Éta disaruakeun jeung gas nu aya racunna nu teu katingal atawa kaambeu. Vance Packard, ahli nu sok nalungtik kalakuan manusa, ngomong yén pangaruh propaganda kana laku lampah urang téh ”leuwih gedé ti anggapan urang”. Ahli nu séjén ngomong yén propaganda nyababkeun jalma-jalma ngalakukeun hal-hal nu teu asup akal jeung bisa nyilakakeun, malah nyababkeun génosida (dimusnakeunana hiji ras manusa), perang, jeung panganiayaan lantaran béda ras atawa agama.​—Easily Led—A History of Propaganda.

Lamun manusa waé bisa ngabobodo urang ku propaganda, komo deui Sétan! Sétan geus merhatikeun kalakuan manusa ti mimiti diciptakeun. Ayeuna, manéhna ogé ngadalikeun ”saalam dunya”. Jadi, manéhna bisa ngagunakeun naon waé nu aya di dunya pikeun nyebarkeun kabohonganana. (1 Yoh. 5:19; Yoh. 8:44) Lantaran geus ’moekkeun pikiran’ loba jalma ku propaganda, Sétan ayeuna ”nyasarkeun saalam dunya”. (2 Kor. 4:4; Wahyu 12:9) Kumaha Sadérék bisa ngalawan propaganda Sétan?

KUATKEUN IMAN SADÉRÉK

Yésus ngajarkeun cara saderhana pikeun ngalawan propaganda, ”Aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” (Yoh. 8:31, 32, Sunda Formal) Dina peperangan, hiji tantara kudu nyaho di mana bisa meunang katerangan nu bisa dipercaya sabab musuh bakal nyebarkeun kabohongan pikeun ngabobodo manéhna. Jadi, di mana Sadérék bisa meunang katerangan nu bisa dipercaya? Yéhuwa nyadiakeunana dina Firman-Na, Alkitab. Di dinya, Sadérék bisa meunang naon waé nu Sadérék butuhkeun pikeun ngalawan propaganda Sétan.​—2 Tim. 3:16, 17.

Tangtu, Sétan ogé nyaho hal ieu. Jadi, manéhna ngagunakeun dunya nu dikadalikeunana pikeun nyimpangkeun atawa ngalantarankeun urang jadi horéam maca jeung diajar Alkitab. Ulah dibobodo ku ”tipu daya Iblis”! (Epe. 6:11) Teu cukup ngan nyaho bebeneran dasar wungkul. Urang kudu upaya pikeun nyaho leuwih loba bebeneran. (Epe. 3:18) Dina bukuna, Noam Chomsky ngomong, ”Moal aya nu bakal ngasupkeun bebeneran ka uteuk Sadérék. Sadérék nu kudu néanganana sorangan. Jadi, téangan sorangan ku cara ’unggal poe ngulik Kitab Suci’.​—Ras. 17:11.

Pikeun ngéléhkeun musuh pipikiran, Sadérék kudu sadar bahayana propaganda sangkan bisa nyalindungan diri

Sétan embung Sadérék boga pikiran nu hadé jeung ngarti kana bebeneran. Ku naon? Sabab propaganda téh ”kakara ampuh” lamun jalma-jalma ”dijieun horéam mikir”. (Media and Society in the Twentieth Century) Ulah gampang percaya kana naon waé nu didéngé ku Sadérék. Sadérék kudu mikirkeunana heula. (Sil. 14:15) Allah masihan ”pangarti” jeung ”akal budi”, jadi gunakeun éta pikeun nguatkeun iman Sadérék.​—Sil. 2:10-15; 3:21.

TETEP NGAHIJI

Tantara nu geus dipangaruhan ku propaganda bakal sieuneun jeung teu sumanget perang. Propaganda bisa nyababkeun maranéhna teu akur atawa misahkeun diri ti pasukanana. Numutkeun saurang jénderal ti Jerman, propaganda téh salah sahiji alesan Jerman éléh dina Perang Dunya I. Manéhna ngomong yén jalma-jalma geus dipangaruhan pisan ku propaganda siga nu dihipnotis. Sétan ngagunakeun cara nu sarua supaya urang Kristen ayeuna teu akur. Misalna, manéhna nyababkeun dulur saiman silih paséa. Atawa, Sétan nyababkeun maranéhna ninggalkeun organisasi Yéhuwa ku cara nyieun maranéhna nganggap organisasi téh teu adil atawa geus salah.

Ulah daék dibobodo! Tuturkeun naséhat ti Firman Allah sarta tetep ngahiji jeung dulur saiman. Misalna, Alkitab méré naséhat supaya urang ”kudu daek silih hampura” jeung gancang ngaréngsékeun masalah. (Kol. 3:13, 14; Mat. 5:23, 24) Alkitab ogé ngélingan urang supaya teu misahkeun diri ti sidang. (Sil. 18:1) Pastikeun Sadérék siap ngalawan propaganda Sétan. Pikirkeun, ’Basa aya dulur saiman nu nyinggung kuring, kumaha réaksi kuring? Nyenangkeun Allah atawa Sétan?’​—Gal. 5:16-26; Epe. 2:2, 3.

ULAH KALEUNGITAN KAPERCAYAAN

Saurang tantara nu teu satia ka komandanna moal bener perangna. Jadi, musuh ngagunakeun propaganda pikeun ngancurkeun kapercayaan tantara ka komandanna. Lamun komandanna nyieun kasalahan, musuh bakal ngamangpaatkeun ieu jeung ngomong, ”Komandan manéh teu bisa dipercaya!” jeung ”Manéh bakal cilaka lamun nuturkeun manéhna!” Kitu ogé Sétan, manéhna hayang ngancurkeun kapercayaan Sadérék ka jalma-jalma nu Yéhuwa gunakeun pikeun mingpin umat-Na.

Kumaha Sadérék bisa nyalindungan diri? Sing tékad pikeun tetep aya dina organisasi Yéhuwa. Terus satia sarta dukung priya-priya nu mingpin umat Allah, sanajan maranéhna teu sampurna. (1 Tes. 5:12, 13) Nu murtad jeung nu nipu bisa nyerang organisasi. (Tit. 1:10) Sanajan nu diomongkeun ku maranéhna sigana bener, ”ulah bingung pipikiran”. (2 Tes. 2:2) Tuturkeun naséhat Paulus ka Timoteus, ”Kudu pangger kana kayaktian beunang diajar,” jeung, ”Sing inget saha guru-guru hidep.” (2 Tim. 3:14, 15) Lenyepan bukti-bukti nu ngayakinkeun Sadérék yén Yéhuwa geus ngagunakeun gandék nu satia salila kira-kira saratus taun pikeun ngajarkeun bebeneran.​—Mat. 24:45-47; Ibr. 13:7, 17.

ULAH SIEUN

Sétan ogé mangaruhan Sadérék ku cara nu leuwih langsung. Sakapeung, manéhna nyieun Sadérék sieun. Téror téh ”salah sahiji bentuk propaganda nu pangheubeulna.” (Easily Led—A History of Propaganda) Hiji propésor ti Inggris nu ngaranna Philip M. Taylor nulis yén urang Asur, misalna, ngagunakeun téror jeung propaganda pikeun ngawasaan musuhna. Sétan bakal ngagunakeun kasieun, misalna sieun ka jalma, ka panganiayaan, jeung ka maot supaya Sadérék eureun ngawula Yéhuwa.​—Yes. 8:12; Yer. 42:11; Ibr. 2:15.

Ulah daék disingsieunan ku Sétan! Yésus ngomong, ”Ulah sieun ku tukang maehan. Jelema mah ngan bisa maehan raga badag, teu bisa leuwih ti kitu.” (Luk. 12:4) Sing yakin yén Yéhuwa bakal nyumponan jangji-Na pikeun ngajaga Sadérék, masihan ”kawasa nu maha agung”, jeung ngabantu Sadérék ngalawan serangan Sétan.​—2 Kor. 4:7-9; 1 Pet. 3:14.

Tangtu sakapeung Sadérék bisa ngarasa lemah atawa sieun. Tapi, inget kekecapan Yéhuwa nu nguatkeun Yosua, ”Masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.” (Yos. 1:9) Waktu ngarasa honcéwang, buru-buru ngadoa ka Yéhuwa ngeunaan parasaan Sadérék. Sadérék bisa yakin yén ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun”. Ku kituna, Sadérék bakal boga kakuatan pikeun ngalawan sakabéh propaganda Sétan.​—Pil. 4:6, 7, 13.

Naha Sadérék inget kana propaganda nu digunakeun ku utusan raja Asur pikeun nyingsieunan umat Allah? Manéhna hayang umat Allah percaya lamun teu aya nu bisa nyalindungan maranéhna ti Asur, kaasup Yéhuwa. Terus manéhna ngomong yén Yéhuwa nu nitah urang Asur ngancurkeun Yérusalém. Naon nu dicarioskeun ku Yéhuwa? ”Teu kedah rempan ku ancaman urang Asur anu nyebatkeun PANGERAN moal iasa mitulung.” (2 Rja. 18:22-25; 19:6) Terus, Yéhuwa ngutus hiji malaikat pikeun maéhan 185.000 tantara Asur dina sapeuting!​—2 Rja. 19:35.

SING BIJAKSANA, REGEPKEUN YÉHUWA

Naha Sadérék pernah nongton film ngeunaan hiji jalma nu teu sadar keur dibobodo? Sadérék pasti hayang méré nyaho, ’Ulah percaya! Manéh keur dibobodo!’ Terus, bayangkeun malaikat-malaikat ngomong ka Sadérék, ”Ulah daék dibobodo ku Sétan!”

Ulah didéngékeun propaganda Sétan téh. (Sil. 26:24, 25) Regepkeun jeung andelkeun Yéhuwa dina sagala hal. (Sil. 3:5-7) Mantenna nyaah ka Sadérék jeung nganjurkeun, ”Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang.” (Sil. 27:11) Ku kituna, Sadérék bakal ngéléhkeun musuh pipikiran!