Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Carana Sangkan Diajar Alkitab Leuwih Mangpaat jeung Pikaresepeun

Carana Sangkan Diajar Alkitab Leuwih Mangpaat jeung Pikaresepeun

YOSUA kudu mingpin bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian. Tugas ieu téh hésé pisan. Ku kituna, Yéhuwa nguatkeun jeung ngagedékeun haté Yosua ku nyarios, ”Sing teteg, sing yakin.” Mantenna ngabéjaan Yosua yén lamun manéhna maca jeung taat ka Hukum, manéhna bisa nyieun putusan nu bijaksana jeung suksés.​—Yos. 1:7, 8.

Urang hirup di jaman nu ”loba kasukeran”, jadi kahirupan urang gé teu gampang. (2 Tim. 3:1) Lamun urang hayang suksés siga Yosua, urang kudu nuturkeun naséhat ti Yéhuwa ka Yosua. Urang kudu rutin maca Alkitab jeung ngalarapkeun palajaranana pikeun nyieun putusan nu bijaksana.

Sababaraha bisa jadi teu nyaho carana diajar, atawa teu resep diajar. Tapi, palajaran Alkitab pribadi téh penting pisan. Pék pariksa kotak ” Tuturkeun Saran-Saran Ieu”. Sadérék bisa manggihan saran-saran nu bisa ngabantu Sadérék meunangkeun mangpaat jeung leuwih resep diajar.

Nu nulis jabur ngawih, ”Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja.” (Jab. 119:35) Sadérék ogé bisa resep diajar Firman Allah. Sadérék bakal meunangkeun loba palajaran nu alus lamun terus diajar Alkitab.

Mémang, Sadérék teu mingpin hiji bangsa saperti Yosua, tapi Sadérék ogé boga masalah. Jadi saperti Yosua, Sadérék kudu diajar jeung taat ka Firman Allah. Ku kituna, Sadérék bakal nyieun putusan nu bijaksana jeung suksés dina kahirupan.