Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Terus Gumantung ka Yéhuwa?

Naha Sadérék Terus Gumantung ka Yéhuwa?

”Abdi tanggah ka Gusti, anu murba di sawarga.”​—JAB. 123:1.

KAWIH: 143, 124

1, 2. Naon hartina gumantung ka Yéhuwa?

URANG hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:1) Saacan Yéhuwa ngancurkeun dunya jahat ieu jeung mawa katengtreman sajati ka ieu dunya, kaayaan bakal leuwih susah. Éta alesanana urang kudu ngalenyepan, ’Abdi kudu gumantung ka saha waktu butuh pitulung jeung bingbingan?’ Urang bisa waé langsung ngajawab, ”Ka Yéhuwa.” Ieu téh jawaban nu bener pisan.

2 Naon hartina gumantung ka Yéhuwa? Kumaha carana mastikeun yén urang tetep gumantung ka Mantenna waktu aya masalah? Ti baheula, nu nulis Alkitab geus nyaho yén urang téh butuh bantuan Yéhuwa. (Baca Jabur 123:1-4.) Manéhna nyebutkeun yén gumantung ka Yéhuwa téh saperti badéga nu gumantung ka juraganana. Saurang badéga gumantung, atawa ngandel, ka juraganana pikeun narima dahareun jeung panyalindungan. Tapi, manéhna gé kudu terus merhatikeun juraganana sangkan paham naon kahayangna tuluy éta dilampahkeun. Kitu ogé, urang kudu taliti diajar Alkitab unggal poé sangkan paham naon kahoyong Yéhuwa tuluy éta dilampahkeun. Ku kituna, urang bisa yakin yén urang kamanah ku Yéhuwa jeung bakal ditulungan.​—Epe. 5:17.

3. Naon nu bisa nyimpangkeun urang nepi ka teu gumantung deui ka Yéhuwa?

3 Sanajan urang apal yén urang kudu terus gumantung ka Yéhuwa, sakapeung urang bisa disimpangkeun. Ieu kaalaman ku Marta, sobatna Yésus. Manéhna disimpangkeun ku sabab ”pakepuk sorangan keur nyayagikeun” dahareun. (Luk. 10:40-42) Sakitu Yésus aya di gigireunana, Marta bisa disimpangkeun, komo deui urang. Jadi, naon nu bisa nyimpangkeun urang nepi ka teu gumantung deui ka Yéhuwa? Artikel ieu bakal ngabahas kumaha urang bisa disimpangkeun ku lalampahan batur jeung kumaha urang bisa tetep gumantung ka Yéhuwa.

NABI NU SATIA KALEUNGITAN PAHALA

4. Ku naon urang bisa ngarasa héran yén Musa teu bisa asup ka Tanah Perjangjian?

4 Waktu butuh bingbingan, Musa gumantung ka Yéhuwa. Alkitab nyebutkeun yén manéhna tetep pengkuh ”lir anu geus ningali ka Allah”. (Baca Ibrani 11:24-27.) Disebutkeun ogé yén ”di Israil tacan aya nabi anu saperti Musa, anu dicandak sasauran papayun-payun ku PANGERAN”. (Pam. 34:10) Sanajan Musa akrab jeung Yéhuwa, manéhna teu bisa asup ka Tanah Perjangjian. (Bil. 20:12) Naon sababna?

5-7. Aya masalah naon teu lila sanggeus urang Israil kaluar ti Mesir, jeung naon nu dilakukeun ku Musa?

5 Kurang ti dua bulan sanggeus urang Israil kaluar ti Mesir, méméh nepi ka Gunung Sinai, aya masalah gedé. Jalma-jalma kukulutus lantaran euweuh cai. Maranéhna gegelendeng ngalawan Musa bari ambek-ambekan nepi ka ”Musa sasambat ka PANGERAN, ’Kumaha pipetaeun abdi ka eta jalmi-jalmi? Sakedap deui ge moal teu maledogan ku batu ka abdi.’” (Bud. 17:4) Yéhuwa masihan pituduh nu jéntré pikeun nyokot iteukna tuluy neunggeul batu cadas di Gunung Sinai. Alkitab nyebutkeun, ”Ku Musa dilampahkeun, disaksian ku para pamingpin Israil.” Caina bijil, urang Israil bisa nginum, masalahna bérés.​—Bud. 17:5, 6.

6 Alkitab nyebutkeun yén Musa méré ngaran tempat éta téh Masa nu hartina ”Ngadoja”, jeung Mériba nu hartina ”Gegelendeng”. Naha bet dingaranan kitu? ”Lantaran urang Israil gegelendeng sarta ngadoja, pokna, ’Aya atawa euweuh PANGERAN teh di urang?’”—Bud. 17:7.

7 Kumaha parasaan Yéhuwa ningali kajadian éta? Mantenna nganggap maranéhna barontak ka diri-Na jeung wewenang-Na, lain ka Musa. (Baca Jabur 95:8, 9.) Nu dilakukeun ku urang Israil téh salah pisan. Tapi, nu dilakukeun ku Musa mah bener. Manéhna gumantung ka Yéhuwa jeung bener-bener nuturkeun pituduh-Na.

8. Aya masalah naon basa urang Israil geus téréh bérés ngumbarana di gurun?

8 Tapi kira-kira 40 taun sanggeusna, masalah nu sarua muncul deui padahal urang Israil geus téréh bérés ngumbarana di gurun. Maranéhna geus nepi ka deukeut Kadés, téréh nepi ka wates Tanah Perjangjian. Tempat ieu ogé disebut Mériba. * (Tingali catetan handap.) Ku naon? Lantaran urang Israil kukulutus deui pédah euweuh cai. (Bil. 20:1-5) Tapi ayeuna, Musa ngalakukeun kasalahan gedé.

9. Naon pituduh Yéhuwa ka Musa, tapi naon nu dilakukeun ku manéhna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Naon nu dilakukeun ku Musa? Musa gumantung jeung ménta pituduh deui ka Yéhuwa. Tapi ayeuna, Yéhuwa teu nitah manéhna neunggeul batu cadas. Musa dititah pikeun nyokot iteukna, ngumpulkeun jalma-jalma ka deukeut batu cadas, tuluy ngomong ka éta batu. (Bil. 20:6-8) Naha éta dituturkeun ku Musa? Henteu. Saking ambek jeung keuheulna, Musa ngagorowok, ”Darengekeun, eh jelema-jelema doraka! Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?” Tuluy Musa neunggeul éta batu, teu saukur sakali tapi dua kali.​—Bil. 20:10, 11.

Musa teu taat ka pituduh nu anyar ti Yéhuwa

10. Kumaha réaksi Yéhuwa?

10 Yéhuwa ambek pisan ka Musa. (Pam. 1:37; 3:26) Ku naon bisa kitu? Salah sahiji alesanana téh Musa teu taat ka pituduh nu anyar ti Yéhuwa.

11. Waktu Musa neunggeul batu, ku naon urang Israil bisa waé mikir yén éta téh lain mujijat Yéhuwa?

11 Bisa jadi aya alesan séjén ku naon Yéhuwa bet ambek. Batu-batu gedé nu aya di Mériba nu mimiti mah batu granit nu teuas. Diteunggeul sakumaha tarikna gé moal kaluar cai. Tapi, di Mériba nu kadua mah béda. Lolobana jenis batu di dinya mah batu kapur. Batu kapur téh teu pati teuas, jadi cai bisa nyerep jeung ngumpul di jero taneuh. Ku cara nyieun lombang gé caina bisa kaala. Urang mémang teu bisa mastikeun, tapi waktu Musa neunggeul éta batu lainna saukur ngomong, bisa waé urang Israil mikir yén éta cai kaluar sorangan, lain ku mujijat Yéhuwa. *—Tingali catetan handap.

MUSA BARONTAK

12. Naon alesan séjénna nu ngalantarankeun Yéhuwa ambek ka Musa jeung Harun?

12 Aya alesan séjénna nu ngalantarankeun Yéhuwa ambek ka Musa jeung Harun. Musa ngomong ka jalma-jalma, ”Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?” Omongan Musa téh teu ngajénan Yéhuwa nu nyieun mujijat éta. Jabur 106:32, 33 nyebutkeun, ”Maranehna nyieun pibendueun Mantenna di cinyusu Meriba, balukarna Musa jadi kahukum ku kalakuan maranehna, maranehna ngalawan ka Musa, nepi ka anjeunna kalepasan saur.” * (Tingali catetan handap.) (Bil. 27:14) Musa teu méré kamulyaan nu sakuduna ditarima ku Yéhuwa. Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, ”Maraneh duaan . . . geus nyimpang [”barontak”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] tina timbalan Kami.” (Bil. 20:24) Ieu téh dosa gedé!

13. Naon sababna hukuman Yéhuwa ka Musa téh bener jeung adil?

13 Yéhuwa ngarepkeun leuwih ti Musa jeung Harun ku sabab maranéhna pamingpin umat-Na. (Luk. 12:48) Saacanna, Yéhuwa teu ngidinan hiji génerasi urang Israil asup ka Tanah Perjangjian ku sabab barontak ka Mantenna. (Bil. 14:26-30, 34) Jadi, tangtu bener jeung adil lamun Yéhuwa ogé ngahukum Musa ku cara nu sarua. Saperti jalma nu barontak séjénna, Musa teu bisa asup ka Tanah Perjangjian.

NU NYABABKEUN MASALAH

14, 15. Naon nu nyababkeun Musa barontak ka Yéhuwa?

14 Naon nu nyababkeun Musa barontak ka Yéhuwa? Perhatikeun deui kekecapan di Jabur 106:32, 33, ”Maranehna ngalawan ka Musa [”ngalantarankeun Musa ambek”, NW], nepi ka anjeunna kalepasan saur.” Urang Israil barontak ka Yéhuwa, tapi nu ambekna Musa. Manéhna teu bisa ngadalikeun diri jeung kalepasan omong bari teu mikirkeun balukarna.

15 Musa teu gumantung deui ka Yéhuwa lantaran disimpangkeun ku lalampahan batur. Waktu urang Israil mimiti kukulutus ngeunaan cai, Musa ngalakukeun hal nu bener. (Bud. 7:6) Tapi, lantaran capé jeung keuheul nyanghareupan urang Israil nu mangtaun-taun barontak, bisa waé ayeuna mah Musa ngan mikirkeun parasaanana ti batan kamulyaan Yéhuwa.

Urang kudu terus gumantung jeung taat ka Yéhuwa

16. Ku naon urang kudu diajar tina kasalahan Musa?

16 Lamun nabi nu satia saperti Musa waé bisa disimpangkeun jeung ngalakukeun dosa, urang gé bisa ngalakukeun nu sarua. Musa geus téréh asup ka Tanah Perjangjian, ari urang téréh asup ka dunya anyar. (2 Pet. 3:13) Urang pasti embung kaleungitan kasempetan ieu. Tapi sangkan bisa asup ka dunya anyar, urang kudu terus gumantung jeung taat ka Yéhuwa. (1 Yoh. 2:17) Tina kasalahan Musa, naon palajaranana keur urang?

ULAH DISIMPANGKEUN KU LALAMPAHAN BATUR

17. Waktu aya kakeuheul, kumaha urang bisa ngadalikeun diri urang?

17 Kudu ngadalikeun diri waktu aya kakeuheul. Sakapeung, urang ngalaman masalah nu éta-éta waé. Tapi Alkitab nyebutkeun, ”Ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.” (Gal. 6:9; 2 Tes. 3:13) Waktu aya jalma atawa kaayaan nu teterusan ngalantarankeun urang keuheul, naha urang mikir heula saacan ngomong? Naha urang nahan émosi? (Sil. 10:19; 17:27; Mat. 5:22) Waktu aya jalma nu pikakeuheuleun, ”ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah”. (Baca Rum 12:17-21.) Naon hartina? Ti batan jadi ambek, urang kudu sabar. Lamun dianggap perlu, Yéhuwa bakal ngaréngsékeun masalah urang. Lamun urang teu gumantung ka Yéhuwa, malahan rék ngabales, éta hartina urang teu ngajénan Mantenna.

18. Naon nu kudu diinget ngeunaan nuturkeun pituduh?

18 Tuturkeun pituduh nu panganyarna. Naha urang taliti dina nuturkeun pituduh nu panganyarna ti Yéhuwa? Ulah ngan saukur ngalakukeun nu geus jadi kabiasaan. Tapi, urang kudu nuturkeun pituduh panganyarna ti organisasi Yéhuwa. (Ibr. 13:17) Urang gé kudu ati-ati, ”ulah liwat ti nu geus kaserat”. (1 Kor. 4:6, Sunda Formal) Lamun urang bener-bener nuturkeun pituduh Yéhuwa, éta hartina urang gumantung ka Mantenna.

Waktu aya nu nyieun kasalahan, urang diajar naon tina pangalaman Musa? (Tingali paragrap 19)

19. Kumaha sangkan kasalahan batur teu ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa?

19 Kasalahan batur ulah nepi ka ngaruksak sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. Lamun urang terus gumantung ka Yéhuwa, lalampahan batur moal ngalantarankeun urang ambek atawa ngaruksak sosobatan urang jeung Mantenna. Ieu penting utamana keur jalma nu boga tanggung jawab di organisasi Allah, saperti Musa. Mémang, urang kabéh kudu ngupayakeun taat ka Yéhuwa sangkan salamet. (Pil. 2:12) Tapi lamun urang boga tanggung jawab nu leuwih gedé, Yéhuwa gé ngarepkeun leuwih ti urang. (Luk. 12:48) Sanajan kitu, lamun urang bener-bener nyaah ka Yéhuwa, euweuh nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Mantenna atawa megatkeun kanyaah Mantenna ka urang.​—Jab. 119:165; Rum 8:37-39.

20. Naon tékad urang?

20 Urang hirup di jaman nu susah jeung loba masalah. Jadi, urang kudu terus gumantung ka Yéhuwa, nu ”murba di sawarga”, sangkan bisa paham naon nu dipiharep ku Mantenna. Lalampahan batur ulah nepi ka ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Urang meunang palajaran penting tina pangalaman Musa. Ulah kaleuleuwihi waktu batur nyieun kasalahan, tapi sing boga tékad pikeun ”museur ka Gusti, ngarep-ngarep piwelas” Mantenna.​—Jab. 123:1, 2.

^ par. 8 Mériba nu disebutkeun di dieu téh béda jeung Mériba nu di deukeut Répidim, nu disebut ogé Masa. Tapi, dua tempat ieu dingaranan Mériba ku sabab di dinya urang Israil gegelendeng, atawa kukulutus.​—Tingali peta di Lampiran B3 dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru.

^ par. 11 Saurang ahli Alkitab nyebutkeun yén numutkeun carita urang Yahudi, jalma-jalma nu barontak nganggap yén éta téh lain mujijat ku sabab Musa apal di jero batu éta aya cai. Jadi, maranéhna hayang Musa ngalakukeun mujijat deui di batu séjén. Tangtu ieu saukur carita turun-tumurun.

^ par. 12 Tingali ”Pananya ti Nu Maca” dina The Watchtower 15 Oktober 1987.