Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sadérék Hayang Diaku ku Saha?

Sadérék Hayang Diaku ku Saha?

”Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.”​—IBR. 6:10.

KAWIH: 39, 30

1. Naon nu dipikahayang ku unggal jalma?

KUMAHA parasaan urang lamun panggih jeung batur nu dikenal jeung dihormat ku urang, ari pék téh manéhna poho ngaran urang, malahan teu inget ka urang? Urang bisa jadi sedih. Ku naon? Lantaran nu ngaranna jalma mah hayang diaku ku batur. Urang hayang manéhna teu saukur inget ka urang, tapi ogé apal kana sipat-sipat jeung pangabisa urang.​—Bil. 11:16; Ayub 31:6.

2, 3. Kumaha kahayang pikeun dihargaan ku batur bisa nyimpang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

2 Mémang, hayang dihargaan ku batur téh hal nu lumrah. Tapi lantaran teu sampurna, urang bisa jadi hayang kasohor atawa dianggap penting. Éta geus nyimpang. Lamun geus kitu, hak Yéhuwa pikeun dihormat jeung disembah jadi dipopohokeun.​—Wahyu 4:11.

3 Di jaman Yésus, sababaraha pamingpin agama nganggap diri penting. Pandangan maranéhna téh salah. Yésus mépélingan murid-muridna, ”Sing arati-ati maraneh ka guru-guru agama Yahudi. Karesep maranehna jalan-jalan marake jubah landung, harayang pada ngabageakeun jeung pada ngahormat di pasar-pasar. Di imah-imah ibadah dariukna dina korsi anu beunang ngahaja eukeurna, di nu hajat-hajat marilih tempat anu utama.” Anjeunna ogé ngomong, ”Beurat engke hukuman maranehna teh!” (Luk. 20:46, 47) Tapi, Yésus justru merhatikeun jeung muji saurang randa nu nyumbangkeun dua duit récéh sanajan katingalina euweuh nu merhatikeun manéhna. (Luk. 21:1-4) Pandangan Yésus téh béda pisan jeung batur. Ieu artikel bakal ngabantu urang boga pandangan nu bener sarta luyu jeung pandangan Allah Yéhuwa.

DIAKU KU PRIBADI NU PANGHÉBATNA

4. Nu panghadéna téh lamun urang diaku ku saha? Naon sababna?

4 Supaya diaku ku batur, jalma-jalma ngupayakeun pikeun sakola luhur, suksés dina bisnis, atawa jadi kasohor. Tapi, Rasul Paulus ngajelaskeun, ”Ari geus tarerang ka Allah—atawa: Allah anu kenal ka aranjeun—ku naon rek baralik ngawula deui ka roh-roh ieu dunya anu teu aya dayana? Naha make daek dijadikeun badega ku roh-roh ieu dunya?” (Gal. 4:9) Bayangkeun, urang bisa dikenal ku Allah, Pangawasa Pangluhurna sajagat raya! Mantenna nyaah jeung apal pisan ka diri urang. Mantenna ogé hoyong nyobat jeung urang. Sabenerna, éta tujuan Mantenna nyiptakeun urang.​—Pan. 12:13, 14.

5. Urang kudu kumaha supaya dikenal ku Allah?

5 Musa téh sobat Yéhuwa. Waktu manéhna ménta dibéré nyaho kahoyong Yéhuwa, Mantenna ngajawab, ”Hade, sapamenta maneh rek diturut, lantaran Kami ka maneh teh geus teu asa-asa jeung resep [”apal ngaran maneh”, Terjemahan Dunia Baru (NW)].” (Bud. 33:12-17) Yéhuwa ogé bisa apal ka ngaran urang atawa diri urang. Tapi, kumaha carana supaya urang dikenal ku Yéhuwa? Urang kudu mikanyaah jeung ngabaktikeun hirup urang ka Mantenna.​—Baca 1 Korinta 8:3.

6, 7. Naon nu bisa megatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa?

6 Tapi, urang gé kudu ngahargaan jeung ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Saperti urang Kristen di abad kahiji di Galata, urang kudu eureun ngawula ka hal-hal nu ”teu aya dayana” ti ieu dunya, kaasup dianggap suksés jeung kasohor ku ieu dunya. (Gal. 4:9) Urang Kristen di Galata geus kenal ka Allah jeung dikenal ku Allah. Tapi, maranéhna kalah ka ’baralik deui’ ngawula ka hal-hal nu cumah. Saolah-olah Paulus ngomong kieu, ’Naha maranéh bet baralik deui ka hal-hal nu euweuh gunana?’

7 Urang ogé bisa boga sikep saperti kitu. Siga Paulus, bisa jadi saacan diajar bebeneran, urang téh kasohor jeung suksés di dunya Sétan. Tapi, éta geus ditinggalkeun ku urang. (Baca Pilipi 3:7, 8.) Misalna, urang geus ngorbankeun béasiswa, pagawéan nu alus, atawa kasempetan pikeun boga loba duit. Urang gé bisa waé jadi kasohor atawa beunghar lantaran boga bakat di widang musik jeung olahraga. Tapi, éta kabéh ditampik ku urang. (Ibr. 11:24-27) Lamun urang ngarasa kaduhung atawa ngarasa hirup urang bakal leuwih genah lamun ngudag hal-hal éta, urang bener-bener teu bijaksana! Pandangan éta bisa ngalantarankeun urang balik deui ka ieu dunya, hal-hal nu geus dianggap ”teu aya dayana” ku urang.

KUATKEUN KAHAYANG PIKEUN DIAKU KU YÉHUWA

8. Naon nu bakal nguatkeun kahayang urang pikeun diaku ku Yéhuwa?

8 Kumaha carana supaya kahayang pikeun diaku ku Yéhuwa jadi leuwih kuat ti batan kahayang pikeun diaku ku dunya? Urang kudu inget kana dua hal penting. Kahiji, umat nu satia ngawula Yéhuwa bakal terus diaku ku Mantenna. (Baca Ibrani 6:10; 11:6) Yéhuwa ngahargaan unggal hamba-Na nu satia. Mantenna nganggap dirina ”jalir” lamun ngabaékeun maranéhna. ”Pangeran uninga ka umat kagungana-Na.” (2 Tim. 2:19) ”Jalma bener, diraksa jeung dijaga ku PANGERAN” tuluy bakal disalametkeun.​—Jab. 1:6; 2 Pet. 2:9.

9. Béré conto-conto kumaha umat-Na kamanah ku Yéhuwa.

9 Sakapeung, Yéhuwa ngagunakeun cara nu luar biasa pikeun nunjukkeun yén umat-Na kamanah ku Mantenna. (2 Bab. 20:20, 29) Pikirkeun waktu Yéhuwa nyalametkeun umat-Na ngaliwatan Laut Beureum basa keur diudag ku Piraon jeung prajuritna nu perkasa. (Bud. 14:21-30; Jab. 106:9-11) Kajadian ieu sakitu hébatna nepi ka kira-kira 40 taun ti harita, jalma-jalma masih ngomongkeun kajadian éta. (Yos. 2:9-11) Yéhuwa nyaah ka umat-Na di jaman baheula jeung ngagunakeun kakuatana-Na pikeun nyalametkeun maranéhna. Lamun inget hal ieu, urang tangtu gedé haté ku sabab sakeudeung deui urang bakal diserang ku Gog ti Magog. (Yeh. 38:8-12) Engké, urang bakal bungah pisan lantaran geus ngupayakeun pikeun kamanah ku Allah lainna ku dunya ieu.

Yéhuwa bisa masihan ganjaran ku cara nu teu kabayangkeun saacanna

10. Hal naon deui nu kudu diinget ku urang?

10 Hal kadua nu kudu diinget nyaéta urang bisa diaku ku Yéhuwa ku cara nu teu kabayangkeun saacanna. Lamun aya jalma nu ngalakukeun kahadéan tapi hayang kapuji ku batur, Yéhuwa moal masihan ganjaran. Yésus nyebutkeun yén pujian nu ditarima ku maranéhna téh geus jadi ganjaranana. (Baca Mateus 6:1-5.) Sabalikna, Yéhuwa merhatikeun jalma-jalma nu nyieun kahadéan ka batur sanajan euweuh nu merhatikeun atawa nu ngahargaan. Yéhuwa bakal masihan ganjaran atawa berkah ka maranéhna, sakapeung ku cara nu teu kabayangkeun saacanna. Hayu urang bahas sababaraha contona.

WANOJA NU RENDAH HATÉ DIAKU KU YÉHUWA

11. Kumaha Mariam diaku ku Yéhuwa?

11 Yéhuwa milih Mariam, wanoja nu rendah haté, pikeun jadi indungna Yésus. Mariam cicing di kota leutik nu ngaranna Nasarét, jauh ti Yérusalém jeung baitna nu megah. (Baca Lukas 1:26-33.) Ku naon Yéhuwa milih Mariam? Malaikat Jabrail ngomong yén Mariam ”kenging kurnia ti Allah [”kamanah ku Allah”, NW]”. Tina omongan Mariam ka Élisabét, katingali yén manéhna boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa. (Luk. 1:46-55) Yéhuwa geus merhatikeun Mariam. Ku sabab manéhna satia, Yéhuwa ngaberkahan manéhna ku cara nu teu kabayangkeun saacanna.

12, 13. Kumaha Yésus dihormat waktu anjeunna lahir jeung waktu dibawa ku Mariam ka bait 40 poé sanggeusna?

12 Waktu Yésus lahir, Yéhuwa teu ngabéjaan hal ieu ka para pajabat penting nu aya di Yérusalém jeung Bétléhém. Sabalikna, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun ngabéjaan hal ieu ka para pangangon nu rendah haté nu aya di tegalan di luareun Bétléhém. (Luk. 2:8-14) Tuluy, para pangangon éta nganjangan Yésus nu kakara dilahirkeun. (Luk. 2:15-17) Mariam jeung Yusup pasti teu nyangka Yésus dihormat ku cara ieu. Nu dilakukeun ku Yéhuwa béda jeung nu dilakukeun ku Sétan. Waktu Sétan ngirim para ahli nujum pikeun nganjangan Yésus jeung kolotna, jalma-jalma saeusi Yérusalém jadi nyahoeun kana kalahiran Yésus. Ieu nyababkeun loba masalah. (Mat. 2:3) Loba barudak leutik diparaéhan.​—Mat. 2:16.

13 Numutkeun Hukum Yéhuwa ka bangsa Israil, saurang indung kudu méré kurban ka Yéhuwa 40 poé sanggeus ngalahirkeun. Jadi Mariam, Yusup, jeung Yésus indit ti Bétléhém ka bait di Yérusalém nu jauhna salapan kilométer. (Luk. 2:22-24) Pas keur di jalan, bisa waé Mariam mikirkeun, ’Naha para imam bakal ngahormat Yésus ku cara nu istiméwa?’ Yésus mémang dihormat, tapi ku cara nu teu kapikirkeun ku Mariam. Yéhuwa milih Siméon, ”jalma hade anu sieun ku Allah”, jeung nabi istri nu ngaranna Hana, randa nu umurna 84 taun, pikeun ngumumkeun yén dina mangsa kahareup, Yésus bakal jadi Mésias, atawa Kristus.​—Luk. 2:25-38.

14. Mariam meunang ganjaran naon ti Yéhuwa?

14 Naha Mariam diberkahan ku Yéhuwa lantaran geus ngurus jeung ngagedékeun Yésus? Tangtu. Allah mastikeun sababaraha hal nu diucapkeun jeung dilampahkeun ku Mariam dicatet dina Alkitab. Katingalina, Mariam teu milu waktu Yésus ngawawar salila tilu taun satengah. Bisa jadi lantaran geus ngaranda, manéhna kudu cicing di Nasarét. Jadi, manéhna teu bisa ngalaman loba kajadian nu luar biasa siga batur. Tapi, manéhna nyarengan waktu Yésus maot. (Yoh. 19:26) Ka dieunakeun, Mariam aya di Yérusalém bareng jeung murid-murid Yésus saacan nampa roh suci dina poé Péntakosta. (Ras. 1:13, 14) Katingalina, manéhna diistrénan bareng jeung murid-murid séjénna. Mun kitu, manéhna boga kasempetan pikeun babarengan deui jeung Yésus di sawarga salalanggengna. Ieu ganjaran nu panghadéna!

YÉSUS DIAKU KU YÉHUWA

15. Waktu Yésus di bumi, kumaha Yéhuwa nunjukkeun yén Yésus kamanah ku Mantenna?

15 Yésus teu hayang dihormat ku para pamingpin agama atawa pulitik. Tapi, Yésus tangtu gedé haté waktu ngadéngé Yéhuwa nyarios ti sawarga dina tilu kasempetan yén Mantenna nyaah ka Yésus! Sanggeus Yésus dibaptis di Walungan Yordan, Yéhuwa nyarios, ”Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!” (Mat. 3:17) Katingalina ngan Yohanes Jurubaptis nu ngadéngé hal ieu. Kira-kira sataun saacan Yésus maot, di hareupeun tilu murid Yésus, Yéhuwa nyarios, ”Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!” (Mat. 17:5) Tungtungna, sababaraha poé saacan Yésus maot, Yéhuwa nyarios deui ka anjeunna ti sawarga.​—Yoh. 12:28.

Sadérék diajar naon tina cara Yésus diaku ku Yéhuwa? (Tingali paragrap 15-17)

16, 17. Kumaha Yésus dibéré kahormatan ku cara nu luar biasa ku Yéhuwa?

16 Yésus apal yén jalma-jalma bakal nganggap anjeunna tukang ngahina Allah tuluy maot ku cara nu hina. Tapi, anjeunna ngadoa sangkan kahoyong Bapana nu laksana lain kahayangna sorangan. (Mat. 26:39, 42) Anjeunna réla disiksa dina tihang jeung dihina lantaran hayang diaku ku Bapana, lain ku dunya. (Ibr. 12:2) Kumaha Yésus diaku ku Yéhuwa?

17 Waktu di bumi, Yésus ngadoa pikeun meunangkeun deui kamulyaan nu saacanna ditarima waktu anjeunna di sawarga jeung Bapana. (Yoh. 17:5) Alkitab teu nyebutkeun yén anjeunna ngarepkeun hal anu leuwih ti éta. Anjeunna ogé teu ngarepkeun ganjaran lantaran geus ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa di bumi. Tapi, naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Yésus dibéré kahormatan ku cara nu luar biasa. Waktu Yésus dihirupkeun deui, Yéhuwa masihan ”gelaran anu unggul” di sawarga. Mantenna masihan kahirupan sabagé mahluk roh nu teu bisa maot, hal nu can pernah ditarima ku saha waé! * (Tingali catetan handap.) (Pil. 2:9; 1 Tim. 6:16) Ieu ganjaran nu luar biasa nu ditarima ku Yésus!

18. Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan diaku ku Yéhuwa lain ku dunya ieu?

18 Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan diaku ku Yéhuwa lainna ku dunya ieu? Urang kudu inget yén hamba-hamba-Na nu satia bakal terus diaku ku Yéhuwa. Inget ogé yén Mantenna sering masihan ganjaran nu teu kabayangkeun saacanna. Komo deui dina mangsa kahareup, ganjaran ti Yéhuwa pasti luar biasa! Ayeuna, salila urang nyanghareupan masalah di dunya nu jahat ieu, urang kudu inget yén dunya téréh dibinasakeun. Jadi, sakabéh hal nu diaku ku dunya ogé bakal dibinasakeun. (1 Yoh. 2:17) Tapi Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan, moal pernah mopohokeun naon nu geus dipigawé ku urang jeung kanyaah nu geus ditunjukkeun ku sabab Mantenna téh ”lain anu sok jalir”. (Ibr. 6:10) Tangtu, urang bakal diberkahan ku Mantenna, bisa jadi ku cara nu teu pernah kabayangkeun saacanna!

^ par. 17 Ganjaran ieu luar biasa lantaran kahirupan sabagé mahluk roh nu teu bisa maot téh teu pernah dicatet dina Kitab-Kitab Ibrani.