Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Karunyaan ka Kabéh Jalma

Sing Karunyaan ka Kabéh Jalma

WAKTU Yésus ngajarkeun carana ngawawar ka murid-muridna, anjeunna mépélingan maranéhna yén teu kabéh jalma bakal narima. (Luk. 10:3, 5, 6) Kitu ogé ayeuna. Waktu keur dines, urang sok panggih jeung jalma anu galak atawa kasar ka urang. Urang bisa jadi hésé pikeun ngarasa karunya jeung teu hayang ngawawar ka jalma-jalma nu siga kitu.

Waktu ningali jalma nu keur susah jeung boga masalah, jalma nu karunyaan mah hayang nulungan maranéhna. Naon balukarna lamun urang euweuh rasa karunya ka jalma-jalma dina pangwawaran? Urang bakal horéam, atawa teu sumanget deui ngawawar ka maranéhna. Tungtungna, urang teu bisa nulungan maranéhna. Sumanget téh ibarat seuneu. Sangkan terus ngagedur, seuneu kudu terus disuluhan. Kitu ogé, sangkan urang terus sumanget, urang butuh sipat karunyaan!​—1 Tes. 5:19.

Kumaha carana sangkan urang terus karunyaan sanajan hésé? Hayu urang bahas tilu tuladan nu bisa diconto ku urang: Yéhuwa, Yésus, jeung Rasul Paulus.

TULADAN YÉHUWA

Geus rébuan taun Yéhuwa dipitnah ku jalma-jalma. Tapi, ”Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah”. (Luk. 6:35) Kumaha Mantenna nunjukkeun hal éta? Mantenna sabar ka kabéh jalma. Yéhuwa hoyong ”manusa teh kabeh salamet”. (1 Tim. 2:3, 4) Sanajan Allah ijid kana kajahatan, Mantenna nyaah ka jalma-jalma jeung teu hoyong aya hiji-hiji acan nu binasa.​—2 Pet. 3:9.

Yéhuwa apal yén Sétan téh pinter ngabobodo jalma-jalma. (2 Kor. 4:3, 4) Ti leuleutik, loba jalma geus diajarkeun hal nu salah ngeunaan Allah. Pipikiran jeung parasaan maranéhna kapangaruhan. Jadi, maranéhna hésé narima bebeneran. Tapi, Yéhuwa tetep hoyong nulungan maranéhna. Ti mana urang apal?

Contona téh parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma di kota Ninéwé. Sanajan maranéhna barangasan, Yéhuwa nyarios ka Yunus, ”Kami, pohara ngarasa lebarna, pohara watirna ka Ninewe, kota nu sakitu gedena. Leuwih ti kitu, di dinya teh aya barudak anu can nyaraho naon-naon, lobana leuwih ti 120.000 urang.” (Yun. 4:11) Yéhuwa karunya ka maranéhna, nu teu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. Jadi, Mantenna ngutus Yunus pikeun ngélingan maranéhna.

Urang boga parasaan nu sarua jeung Yéhuwa ka jalma-jalma. Maranéhna pikarunyaeun. Urang hayang ngabantu maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa sanajan katingalina moal narima bebeneran.

TULADAN YÉSUS

Siga Bapana, Yésus karunyaeun ka jalma-jalma ”anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna”. (Mat. 9:36) Yésus paham ku naon maranéhna siga kitu. Éta téh ku sabab para pamingpin agama ngabobodo jeung teu ngahargaan maranéhna. Sanajan Yésus apal yén teu kabéh nu ngadéngékeun hayang jadi muridna, anjeunna tetep ngajarkeun loba hal ka maranéhna.​—Mar. 4:1-9.

Ulah leutik haté lamun aya jalma nu mimitina nampik pangwawaran urang

Waktu kaayaan hirupna barobah, jalma-jalma bisa waé boga pandangan nu béda kana bebeneran

Lamun aya jalma nu nampik warta urang, urang kudu paham ku naon manéhna siga kitu. Bisa jadi, manéhna goréng sangka ngeunaan Alkitab atawa urang Kristen lantaran ningali jalma nu ngaku Kristen ngalampahkeun kagoréngan. Nu séjén bisa jadi kapangaruhan ku kabohongan ngeunaan kapercayaan urang. Aya ogé nu sieun diléléwé ku baraya atawa ku babaturanana lamun ngobrol jeung urang.

Sababaraha jalma nu dipanggihan ku urang bisa jadi ngalaman hal nu pikasediheun nu mangaruhan kahirupanana. Saurang misionaris istri nu ngaranna Kim ngomong yén loba jalma di daérahna pernah ngalaman perang jeung kaleungitan sagala pangabogana. Maranéhna jadi aral, teu boga harepan nu pasti ngeunaan kahirupan, jeung teu percaya deui ka sasaha. Jalma-jalma di daérah éta sering nyaram Saksi Yéhuwa ngawawar di dinya. Hiji waktu, Kim ogé pernah diserang waktu keur dines.

Kumaha Kim bisa tetep boga rasa karunya sanajan dipikangéwa? Manéhna terus inget kekecapan di Siloka 19:11, ”Jalma anu asak sasar mah sok bisa mengkek amarah.” Jadi, waktu mikirkeun naon nu geus kaalaman ku jalma-jalma di daérahna, Kim karunya ka maranéhna. Teu kabéh jalma ngéwa ka manéhna. Di daérah éta kénéh, manéhna panggih jeung sababaraha jalma nu daék didatangan deui.

Urang bisa ngalenyepan, ’Lamun abdi can kenal bebeneran, kumaha sikep abdi ka Saksi Yéhuwa nu ngawawar ka abdi?’ Misalna, kumaha lamun abdi geus ngadéngé béja goréng ngeunaan Saksi? Bisa jadi urang ogé nampik jeung butuh dipikarunya. Yésus nyebutkeun yén urang kudu migawé kahadéan ka batur, sakumaha urang hayang meunang kahadéan ti batur. Jadi, urang kudu paham kana parasaan batur sarta sabar ka maranéhna, sanajan éta téh hésé.​—Mat. 7:12.

TULADAN PAULUS

Rasul Paulus nunjukkeun sipat karunya malahan ka jalma-jalma nu ambek waktu diwawaran. Ku naon? Ku sabab manéhna inget yén baheula manéhna gé kitu. Ceuk manéhna, ”Bareto bapa ka Anjeunna teh ngagogoreng, nganiaya jeung moyok. Sukur, bapa ku Allah dipikawelas, kawantu harita mah bapa tacan percaya jeung tacan nyaho yen peta bapa kitu teh salah.” (1 Tim. 1:13) Paulus ngarasa dipikawelas pisan ku Yéhuwa jeung Yésus. Jadi, manéhna ngarti parasaan jalma-jalma nu hayang manéhna eureun ngawawar, ku sabab manéhna gé pernah boga parasaan nu sarua.

Sakapeung, Paulus panggih jeung jalma-jalma nu panatik kana pangajaran nu salah. Kumaha parasaanana? Dina Rasul 17:16 dicaritakeun yén basa di Aténa, Paulus ”ngaraos kacida sedihna ningali eta kota pinuh ku brahala”. Tapi, hal éta justru digunakeun ku Paulus pikeun ngajar jalma-jalma. (Ras. 17:22, 23) Manéhna nyaluyukeun pangwawaranana jeung cara ngomongna ka rupa-rupa jalma ”supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana”.​—1 Kor. 9:20-23.

Waktu ngawawar ka jalma-jalma nu teu resep ka urang atawa nu boga kapercayaan nu salah, urang bisa nyonto Paulus. Gunakeun informasi ngeunaan maranéhna pikeun nepikeun ”beja matak suka”. (Yes. 52:7) Saurang sadérék istri nu ngaranna Dorothy ngomong, ”Di daérah abdi, jalma-jalma diajarkeun yén Allah téh kejem jeung sok ngahukum. Tapi, abdi muji yén maranéhna masih kénéh percaya ka Allah tuluy némbongkeun tina Alkitab sipat Yéhuwa nu nyaahan jeung jangji-jangji-Na ngeunaan mangsa kahareup.”

’ELEHKEUN SIPAT JAHAT KU SIPAT NU HADE’

Beuki deukeut ka ahir dunya ieu, jalma-jalma nu ”geus jahat teh bakal beuki jahat”. (2 Tim. 3:1, 13) Sanajan kitu, urang bisa tetep boga rasa karunya jeung kabungah. Yéhuwa bakal masihan kakuatan sangkan urang bisa ’ngelehkeun sipat jahat ku sipat nu hade’. (Rum 12:21, Sunda Formal) Saurang panaratas nu ngaranna Jessica nyarita yén manéhna sok panggih jeung jalma nu sombong sarta ngahina urang jeung warta Karajaan. Manéhna gé ngomong, ”Abdi jadi keuheul. Matakna waktu rék ngajawab, abdi ngadoa heula dina jero haté ka Yéhuwa sangkan boga cara pandang nu sarua jeung Mantenna ka éta jalma.” Éta ngabantu Jessica teu kabawa ku parasaanana, tapi leuwih mikirkeun carana ngabantu éta jalma.

Urang terus ngadatangan jalma-jalma nu néang bebeneran

Dina waktuna, sababaraha jalma bakal narima bantuan urang tuluy diajar bebeneran

Urang ogé bisa ngagedékeun haté dulur saiman waktu dines bareng jeung maranéhna. Jessica ngomong yén waktu manéhna dines jeung saurang sadérék nu boga pangalaman goréng dina dines, manéhna teu terus ngobrolkeun hal éta. Tapi, manéhna ngobrolkeun hal-hal nu hadé, misalna hasil alus dina dines sanajan sababaraha jalma nampik ku cara nu kasar.

Yéhuwa apal yén sakapeung ngawawar téh teu gampang. Tapi, Mantenna bungah pisan waktu urang miconto welas asih-Na! (Luk. 6:36) Tangtu, Yéhuwa moal salilana karunya jeung sabar ka jalma-jalma di dunya. Urang yakin yén dina waktuna, Mantenna bakal ngabinasakeun dunya ieu. Saacan éta laksana, pangwawaran téh penting pisan. (2 Tim. 4:2) Jadi, hayu urang terus sumanget ngawawar jeung bener-bener karunya ka ’kabeh jalma’.