Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Lamun lalaki jeung awéwé nu lain salaki pamajikan aya di hiji imah sapeupeuting bari euweuh alesan nu jelas, naha éta ngabuktikeun yén maranéhna geus ngalakukeun dosa tuluy para kokolot sidang kudu ngayakeun panitia pangadilan?

Enya, paduduaan di hiji imah bari euweuh alesan nu jelas téh bukti nu kuat yén maranéhna ngalakukeun lampah cabul. Éta sababna, kajaba aya alesan anu jelas, para kokolot kudu ngayakeun panitia pangadilan.​—1 Kor. 6:18.

Badan kokolot sidang kudu bener-bener mikirkeun unggal situasi naha kudu ngayakeun panitia pangadilan atawa henteu. Misalna: Naha maranéhna téh keur bobogohan? Naha para kokolot saacanna pernah méré naséhat ngeunaan paripolah di antara maranéhna duaan? Ku naon maranéhna bisa babarengan sapeupeuting? Naha éta geus direncanakeun? Naha euweuh deui cara séjénna, atawa aya kajadian nu teu kaduga sarta kaayaan darurat nu teu bisa dikadalikeun nu ngalantarankeun maranéhna euweuh pilihan séjén salian ti babarengan di hiji imah sapeupeuting? (Pan. 9:11) Maranéhna saré di mana? Unggal situasi téh béda-béda, jadi meureun aya informasi séjénna nu bakal mangaruhan putusan para kokolot.

Sanggeus mikirkeun sagala informasi, kakara badan kokolot mutuskeun naha kudu ngayakeun panitia pangadilan atawa henteu.