Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Urang Milik Yéhuwa

Urang Milik Yéhuwa

”Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN, bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.”​—JAB. 33:12.

KAWIH: 40, 50

1. Ku naon urang bisa nyebutkeun yén sagala hal téh milik Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

SAGALA hal téh milik Yéhuwa! Mantenna ”nu kagungan langit, malah langit-langit beh ditueun langit ge kagungana-Na, kitu deui bumi jeung sagala eusina”. (Pam. 10:14; Wahyu 4:11) Yéhuwa nu nyiptakeun manusa, éta hartina urang gé milik Yéhuwa. (Jab. 100:3) Tapi, ti sakabéh jalma nu pernah hirup, Allah milih sababaraha jalma pikeun jadi milik-Na nu istiméwa.

2. Numutkeun Alkitab, saha nu jadi umat Yéhuwa nu istiméwa?

2 Misalna dina Jabur 135, umat Yéhuwa nu satia di Israil kuno disebut ”milik kagungana-Na”. (Jab. 135: 4) Hoséa ogé nganubuatkeun yén sababaraha jalma nu lain Israil bakal jadi umat Yéhuwa. (Hos. 2:23) Nubuat ieu laksana waktu Yéhuwa milih jalma-jalma nu lain Israil pikeun maréntah di sawarga babarengan jeung Kristus. (Ras. 10:45; Rum 9:23-26) Maranéhna diistrénan ku roh suci jeung disebut ”bangsa suci”. Maranéhna téh ”dipilih jadi umat” Yéhuwa nu istiméwa (1 Pet. 2:9, 10) Tapi, kumaha jeung urang Kristen nu satia kiwari nu boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi? Yéhuwa ogé nyebut maranéhna ”umat Kami”.​—Yes. 65:21, 22.

3. (a) Kiwari, saha nu boga hubungan istiméwa jeung Yéhuwa? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Kiwari, kumpulan ”anu ngan saeutik”, nu boga harepan hirup langgeng di sawarga, jeung ’domba-domba lian’, nu boga harepan hirup langgeng di bumi, ”disakandangkeun” pikeun nyembah Yéhuwa babarengan. (Luk. 12:32; Yoh. 10:16) Urang hayang némbongkeun ka Yéhuwa yén urang ngahargaan pisan hubungan nu istiméwa jeung Mantenna. Ieu artikel bakal ngabahas carana némbongkeun rasa sukur urang ka Yéhuwa pikeun kahormatan ieu.

NGABAKTIKEUN KAHIRUPAN URANG KA YÉHUWA

4. Kumaha cara urang nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran bisa nyobat jeung Mantenna? Kumaha Yésus ogé ngalakukeun nu sarupa?

4 Urang némbongkeun rasa sukur ka Yéhuwa waktu ngabaktikeun diri ka Mantenna tuluy dibaptis. Ku kituna, batur bisa ningali yén urang geus jadi milik Yéhuwa jeung réla taat ka Mantenna. (Ibr. 12:9) Yésus ogé dibaptis sanajan anjeunna bagian tina bangsa nu dibaktikeun ka Yéhuwa. Ku cara kitu, anjeunna ayeuna ngagunakeun sapinuhna kahirupanana keur ngawula Yéhuwa. Anjeunna saolah-olah ngomong, ”Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah.”​—Jab. 40:8, 9.

5, 6. (a) Naon nu dicarioskeun ku Yéhuwa waktu Yésus dibaptis? (b) Ibarat naon nu bisa ngabantu urang paham parasaan Yéhuwa waktu urang ngabaktikeun kahirupan?

5 Kumaha parasaan Yéhuwa waktu ningali Yésus dibaptis? Alkitab nyebutkeun, ”Sanggeus beres dibaptisna, Yesus timbul ti jero cai. Bray sapada harita keneh langit muka palebah Anjeunna, sarta Anjeunna ningali Roh Allah lungsur siga manuk japati, terus eunteup ka Anjeunna. Tuluy aya soara ti langit, ungelna, ’Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!’” (Mat. 3:16, 17) Yésus geus jadi milik Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa bungah waktu Yésus némbongkeun yén anjeunna réla ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawula ka Mantenna wungkul. Yéhuwa ogé bungah waktu urang ngabaktikeun kahirupan ka Mantenna sarta bakal ngaberkahan urang.​—Jab. 149:4.

6 Sagala hal milik Yéhuwa, jadi urang bisa méré naon ka Mantenna? Pék bayangkeun aya saurang bapa nu boga kebon kembang nu éndah. Hiji waktu, budak awéwéna nu leutik kénéh metik hiji kembang tuluy dibikeun ka manéhna. Sanajan kabéh kembang éta téh milikna, si bapa pasti bungah dibéré kembang ku budakna. Ieu bukti yén budakna nyaah ka manéhna. Kembang nu dibikeun ku budakna téh tangtu leuwih istiméwa ti batan sakabéh kembang di kebonna. Sarupa kitu, Yéhuwa ogé bungah waktu urang réla ngabaktikeun kahirupan ka Mantenna.​—Bud. 34:14.

7. Tina buku Malaki, kumaha urang bisa paham parasaan Yéhuwa ka jalma nu réla ngawula Mantenna?

7 Baca Malaki 3:16. Ku naon penting pisan sangkan Sadérék ngabaktikeun kahirupan ka Yéhuwa tuluy dibaptis? Mémang, ti saprak aya di kandungan, Sadérék téh geus jadi milik Yéhuwa. Tapi, pék pikirkeun sakumaha bungahna Yéhuwa waktu Sadérék ngakukeun Mantenna sabagé Pangawasa tuluy ngabaktikeun diri ka Mantenna. (Sil. 23:15) Yéhuwa apal ka jalma-jalma nu réla ngawula ka Mantenna. Ngaran maranéhna bakal ditulis dina ”kitab”-Na.

8, 9. Naon nu dipiharep Yéhuwa ti jalma-jalma nu ngaranna dicatet dina ”kitab”-Na?

8 Sangkan ngaran urang tetep aya dina ”kitab” Yéhuwa, aya nu kudu dilakukeun ku urang. Ceuk Malaki, urang kudu sieun ka Yéhuwa jeung ngajénan nami-Na. Lamun urang ngawula ka nu séjén, ngaran urang bakal dipupus tina kitab Yéhuwa!​—Bud. 32:33; Jab. 69:29.

Sapanjang hirup, urang kudu ngabuktikeun dina lalampahan yén urang taat ka Yéhuwa

9 Urang teu cukup saukur jangji bakal ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa tuluy dibaptis. Éta mah ngan sakali dilakukeun, tapi ngawula Yéhuwa mah jalan hirup. Unggal poé sapanjang hirup, urang kudu ngabuktikeun dina lalampahan yén urang taat ka Yéhuwa.​—1 Pet. 4:1, 2.

URANG NAMPIK SAGALA KAHAYANG DUNYA

10. Urang kudu kumaha sangkan katingali jelas yén urang téh béda jeung nu teu ngawula Yéhuwa?

10 Dina artikel saacanna, urang diajar yén Kain, Suléman, jeung bangsa Israil ngakuna mah nyembah Yéhuwa tapi teu satia. Conto-conto ieu ngajar urang yén teu cukup ngan saukur ngomong yén urang ngawula Yéhuwa. Urang kudu ngamusuh kagoréngan jeung mikaresep kahadéan. (Rum 12:9) Yéhuwa nyebutkeun yén bakal katingali jelas bédana ’jalma-jalma anu harade kalakuan jeung nu jarahat, nu ngabarakti ka Kami jeung nu henteu’.​—Mal. 3:18.

11. Ku naon batur sakuduna bisa ningali jelas yén urang nyembah ka Yéhuwa wungkul?

11 Urang nganuhunkeun pisan lantaran Yéhuwa geus milih urang jadi umat-Na! Batur sakuduna bisa ningali jelas yén urang mihak ka Yéhuwa. (Mat. 5:16; 1 Tim. 4:15) Pék lenyepan: ’Naha batur bisa ningali yén abdi téh bener-bener satia ka Yéhuwa? Naha abdi reueus ngaku sabagé Saksi Yéhuwa?’ Bayangkeun sakumaha sedihna Yéhuwa lamun urang éra ngaku yén urang téh hamba Yéhuwa.​—Jab. 119:46; baca Markus 8:38.

Naha katingali jelas ti gaya hirup Sadérék yén Sadérék téh Saksi Yéhuwa? (Tingali paragrap 12, 13)

12, 13. Naon sababna aya sababaraha Saksi nu hésé dikenal sabagé Saksi Yéhuwa?

12 Hanjakalna, sababaraha Saksi kabawakeun ku ”roh dunya”. Maranéhna jadi teu jauh béda jeung jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa. (1 Kor. 2:12) ”Roh dunya” nyababkeun jalma-jalma ngutamakeun kahayangna sorangan nu mentingkeun diri. (Epe. 2:3) Contona, sanajan urang geus meunang loba naséhat, tetep aya nu maké papakéan nu teu sopan. Papakéan maranéhna merecet jeung ngaboléklak, malahan dipaké ogé ka pasamoan. Atawa, potongan buukna dimodél-modél nepi ka narik perhatian batur. (1 Tim. 2:9, 10) Balukarna, batur jadi hésé ngabédakeun naha maranéhna téh Saksi Yéhuwa atawa lain.​—Yak. 4:4.

13 Sababaraha Saksi teu pati béda ti dunya dina hal-hal séjénna. Misalna, waktu keur pésta, aya nu jogédna jeung lalampahanana teu pantes keur urang Kristen. Aya ogé nu masang poto jeung méré komentar di média sosial nu némbongkeun cara pikir dunya. Bisa jadi maranéhna teu meunang disiplin da teu ngalakukeun dosa gedé, tapi maranéhna bisa méré pangaruh goréng ka dulur saiman nu keur bajoang pikeun béda ti dunya.​—Baca 1 Petrus 2:11, 12.

Ulah kapangaruhan ku jalma-jalma nu teu katingali jelas mihak ka Yéhuwa

14. Naon nu kudu dilakukeun pikeun ngajaga sosobatan urang nu istiméwa jeung Yéhuwa?

14 Sagala hal nu aya di ieu dunya dijieun pikeun ”panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema”. (1 Yoh. 2:16) Urang milik Yéhuwa, jadi urang mah béda. Urang kudu ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan” sarta kudu ”bisa ngadalian diri, jujur, ibadah”. (Tit. 2:12) Batur kudu bisa ningali jelas dina kahirupan urang, kaasup dina omongan, kadaharan, inuman, papakéan, jeung pagawéan urang, yén urang téh milik Yéhuwa.​—Baca 1 Korinta 10:31, 32.

URANG KUDU ”ENYA-ENYA SILIH PIKANYAAH”

15. Ku naon urang kudu bageur jeung nyaah ka dulur saiman?

15 Urang ngahargaan sosobatan urang jeung Yéhuwa ku cara bageur ka dulur saiman. Maranéhna milik Yéhuwa saperti urang. Lamun urang inget kana hal ieu, urang bakal terus bageur jeung nyaah ka maranéhna. (1 Tes. 5:15) Sakumaha pentingna hal ieu? Ceuk Yésus ka murid-muridna, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.”​—Yoh. 13:35.

16. Urang diajar naon tina Hukum Musa ngeunaan kanyaah Yéhuwa ka hamba-hamba-Na?

16 Aya conto ti Hukum Musa nu bisa ngabantu urang paham pentingna ngajénan dulur saiman. Di bait Yéhuwa, aya parabot nu husus digunakeun pikeun ibadah. Hukum éta ngajéntrékeun carana kaom Léwi kudu ngarawat parabot éta. Nu teu nuturkeun pituduh éta bakal dihukum pati. (Bil. 1:50, 51) Lamun cara ngarawat parabot waé diperhatikeun ku Yéhuwa, Mantenna ogé tangtu merhatikeun pisan sikep urang ka hamba-hamba-Na nu geus ngabaktikeun diri jeung satia! Yéhuwa nyebutkeun sakumaha istiméwana urang waktu nyarios, ”Sing saha anu narajang ka maraneh, narajang buah hate Kami.”​—Jak. 2:8.

Yéhuwa merhatikeun lamun urang soméah, béréhan, hampuraan, jeung bageur

17. Naon nu ”didangukeun” jeung diperhatikeun ku Yéhuwa?

17 Yéhuwa ’ngadangukeun’ omongan sarta merhatikeun sikep urang ka dulur saiman. (Mal. 3:16) Yéhuwa ”uninga ka umat kagungana-Na”. (2 Tim. 2:19) Mantenna apal pisan naon nu diomongkeun jeung nu dilampahkeun ku urang. (Ibr. 4:13) Yéhuwa merhatikeun lamun urang teu bageur ka dulur saiman. Tapi, urang bisa yakin yén Yéhuwa gé merhatikeun lamun urang soméah, béréhan, hampuraan, jeung bageur.​—Ibr. 13:16; 1 Pet. 4:8, 9.

YÉHUWA MOAL NINGGALKEUN UMAT-NA

18. Kumaha urang bisa nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran urang geus jadi umat-Na?

18 Urang hayang nunjukkeun ka Yéhuwa yén urang nganuhunkeun pisan geus jadi umat milik-Na. Urang paham yén ngabaktikeun kahirupan ka Yéhuwa téh putusan nu paling bijaksana. Sanajan urang hirup ”di tengah jelema-jelema nu teu balener di ieu dunya nu pinuh ku dosa”, urang bisa tetep ”mulus laku beresih hate” ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit”. (Pil. 2:15, 16) Jadi, urang boga tékad pikeun nampik sagala nu dipikaijid ku Yéhuwa. (Yak. 4:7) Urang mikanyaah jeung ngajénan dulur saiman lantaran maranéhna ogé milik Yéhuwa.​—Rum 12:10.

19. Kumaha Yéhuwa ngaberkahan umat milik-Na?

19 Alkitab jangji, ”PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na.” (Jab. 94:14) Ieu téh jaminan. Teu sual naon nu bakal kajadian, Yéhuwa bakal nyarengan urang. Sanajan urang maot, Mantenna moal mopohokeun urang. (Rum 8:38, 39) ”Keur hirupna, hirupna teh pikeun Pangeran, geus maotna, maotna teh pikeun Pangeran.” (Rum 14:8) Urang ngadagoan waktuna Yéhuwa ngahirupkeun deui kabéh sobat-Na nu geus maraot. (Mat. 22:32) Ayeuna ogé, urang bisa narima loba kurnia nu éndah ti Bapa urang. Alkitab nyebutkeun, ”Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN, bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.”​—Jab. 33:12.