Yéhuwa Sumber Panglipur dina Sagala Kasusah
”Allah sumbering panglipur . . . ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran.”—2 KOR. 1:3, 4, SUNDA FORMAL.
KAWIH: 38, 56
1, 2. Kumaha carana Yéhuwa ngalilipur urang basa ngalaman kasusah, sarta jangji naon nu aya dina Firman-Na?
HIJI sadérék ngora nu léngoh kénéh mikirkeun 1 Korinta 7:28 nu nyebutkeun lamun nu geus nikah téh ”loba karepot [”kasangsaraan”, Terjemahan Dunia Baru (NW)]”. Sadérék éta nanya ka hiji kokolot nu geus nikah, ”’Kasangsaraan’ naon ieu téh? Lamun nikah, kumaha abdi bisa nyanghareupanana?” Saméméh ngajawab, kokolot éta ménta supaya sadérék ieu mikirkeun hal séjén nu ditulis ku Rasul Paulus yén Yéhuwa ”ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran” atawa kasangsaraan.—2 Kor. 1:3, 4, Sunda Formal.
2 Urang nyaho yén Yéhuwa, Bapa urang, nyaah ka urang, jeung bakal ngalilipur urang lamun ngalaman kasusah. Sadérék bisa waé inget waktu Yéhuwa nguatkeun jeung ngabingbing Sadérék ku Firman-Na. Urang yakin yén Mantenna hoyong masihan nu panghadéna keur Yermia 29:11, 12.
urang siga ka hamba-hamba-Na baheula.—Baca3. Pananya-pananya naon nu rék dibahas dina ieu artikel?
3 Biasana, masalah jeung kasangsaraan leuwih gampang disanghareupan lamun urang nyaho naon sababna. Jadi, naon sababna urang ngalaman kasangsaraan dina perkawinan jeung kulawarga? Sarta, conto naon nu aya dina Alkitab jeung di jaman ayeuna nu bisa ngalilipur urang? Hayu urang bahas pananya-pananya éta jeung carana urang bisa tabah nyanghareupan kasusah.
MASALAH DINA PERKAWINAN
4, 5. Kasangsaraan naon nu bisa jadi dialaman ku salaki pamajikan?
4 Sanggeus nyiptakeun awéwé nu mimiti, Yéhuwa mawa manéhna ka Adam sangkan jadi pamajikanana. Yéhuwa nyarios, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kaj. 2:24) Tapi, ayeuna urang kabéh teu sampurna. (Rum 3:23) Ku kituna, waktu hiji lalaki jeung awéwé nikah, pasti maranéhna nyanghareupan masalah. Contona, saacan nikah, awéwé geus biasa nurut ka kolotna. Tapi, Firman Allah nyebutkeun lamun geus nikah, salaki bakal jadi kapala pamajikanana. (1 Kor. 11:3) Mimitina, salaki bisa jadi teu gampang méré pitunjuk ka pamajikan. Pamajikanana ogé bisa jadi leuwih hésé narima pitunjuk ti salakina ti batan kolotna. Salian ti éta, pasangan nu kakara nikah bisa jadi boga masalah jeung mitoha tur ipar, ieu ogé bisa nyusahkeun maranéhna.
5 Pikirkeun ogé kumaha parasaan pasangan salaki pamajikan basa nyaho maranéhna rék boga orok. Sanajan bungah pisan, maranéhna gé biasana ngarasa hariwang. Maranéhna kapikiran naha ibu jeung orokna bakal séhat jeung salamet. Maranéhna gé nyaho engkéna aya loba biayaeun. Sanggeus budakna lahir, aya parobahan nu kudu dijieun ku pasangan éta. Pamajikan bakal ngagunakeun loba waktu keur ngurus orokna. Jadi, salaki jeung pamajikan moal bisa silih merhatikeun siga saacanna. Salakina gé bakal boga leuwih loba tanggung jawab. Manéhna kudu mastikeun sangkan pamajikan jeung budakna bisa kacumponan pangabutuhna.
6-8. Kumaha parasaan salaki pamajikan lamun maranéhna teu bisa boga anak?
6 Sababaraha pasangan ngalaman kasangsaraan séjénna. Maranéhna hayang pisan boga turunan, tapi teu bisa. Lamun pamajikan teu bisa boga anak, manéhna bisa nalangsa. (Sil. 13:12) Dina jaman Alkitab, nikah jeung boga turunan téh penting pisan keur awéwé. Éta sababna, Rahél, pamajikan Yakub, jadi aral waktu manéhna teu bisa boga anak, padahal lanceukna boga loba anak. (Kaj. 30:1, 2) Kiwari di sababaraha nagri, jalma-jalma percaya lamun boga loba anak téh penting pisan. Misionaris nu cicing di nagri-nagri éta sering ditanya ku naon maranéhna teu boga anak. Sanajan geus dijelaskeun sabisa-bisana, aya waé nu ngomong, ”Urang doakeun nya, sing boga anak!”
7 Conto séjénna, aya hiji sadérék istri di Inggris nu hayang boga anak. Basa nyaho yén manéhna teu bisa boga anak di jaman ieu, manéhna remuk haténa. Ku kituna, manéhna jeung salakina mutuskeun ngukut anak. Sanajan kitu, manéhna sakapeung masih ngarasa sedih. Manéhna ngomong, ”Rék kumaha gé, ngukut anak mah béda jeung ngalahirkeun anak sorangan.”
8 Ceuk Alkitab, ”Awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun.” (1 Tim. 2:15) Ieu téh lain hartina manéhna bakal narima hirup langgeng lantaran boga anak. Jadi, naon hartina ayat ieu? Awéwé nu boga anak sibuk pisan ngurus anak jeung imahna. Ku kituna, manéhna moal boga waktu keur ngagosip atawa pipilueun urusan batur. (1 Tim. 5:13) Sanajan kitu, manéhna masih boga masalah dina perkawinan jeung kulawargana.
Yéhuwa masihan loba jangji nu bisa ngalilipur urang dina kaayaan sulit
9. Kasangsaraan naon deui nu bisa kaalaman ku pasangan salaki pamajikan?
9 Aya kasangsaraan séjénna nu bisa kaalaman ku pasangan salaki pamajikan, nyaéta lamun batur hirupna maot. Sanajan maranéhna teu pernah ngabayangkeun éta bakal kajadian, loba nu kudu ngalaman kasusah ieu. Urang Kristen iman kana jangji pihudangeunana nu maot. Hal ieu ngalilipur maranéhna. (Yoh. 5:28, 29) Dina Firman-Na, Bapa urang, Yéhuwa, masihan loba jangji nu bisa ngalilipur urang dina kaayaan sulit. Hayu urang tingali conto sababaraha hamba Yéhuwa nu dililipur jeung kumaha carana.
PANGLIPUR BASA NGALAMAN KASUSAH
10. Kumaha Hana dililipur? (Tingali gambar dina awal artikel.)
10 Pikirkeun naon nu kaalaman ku Hana, pamajikan nu dipikanyaah ku Élkana. Hana hayang pisan boga anak, tapi teu bisa. Ari pamajikan séjénna, Penina, boga loba anak. (Baca 1 Samuel 1:4-7.) Parahna deui, Pénina mamanas Hana ”saban taun”. Hana téh nyeri haté pisan. Naon nu dilampahkeun ku Hana? Manéhna ngadoa ka Yéhuwa. Hana gé indit ka kémah tepangan Yéhuwa jeung ngadoa lila pisan. Manéhna ménta ka Yéhuwa sangkan dibéré anak, jeung percaya Mantenna bakal ngabantu. Sanggeus ngadoa, manéhna teu sedih deui, ”hatena geus janglar”. (1 Sam. 1:12, 17, 18) Manéhna nyaho yén Yéhuwa bakal masihan anak atawa ngalilipur manéhna ku cara séjén.
11. Sangkan urang kalipur, naon nu kudu urang lampahkeun basa ngadoa?
1 Yoh. 5:19) Tapi, aya bantuan. Urang bisa ngadoa ka Yéhuwa, ”Allah sumbering panglipur”. Hana gé kitu, manéhna ngungkabkeun eusi haténa jeung sasambat ka Yéhuwa. Kitu ogé waktu urang ngalaman kasusah, teu cukup ngan saukur nyebutkeun masalahna. Urang kudu sasambat ka Yéhuwa jeung ngungkabkeun eusi haté urang.—Pil. 4:6, 7.
11 Lantaran teu sampurna jeung hirup di dunya Sétan, urang bakal terus ngalaman kasusah. (12. Ku naon Hana bisa tetep bagja sanajan loba kasusah?
12 Urang bisa jadi nalangsa lantaran teu bisa boga anak atawa jalma nu dipikanyaah ku urang maot. Tapi, urang bisa meunang panglipur. Perhatikeun conto séjén di jaman Yésus, nyaéta Hana. Sanggeus tujuh taun nikah, salakina maot, jeung sigana manéhna teu boga anak. Naon nu bisa nguatkeun manéhna? Hana ”tara incah ti Bait Allah”. Manéhna geus 84 taun, tapi manéhna teu weléh ngadoa jeung ibadah ka Yéhuwa di bait. (Luk. 2:36, 37) Hana bisa kalipur jeung tetep bagja sanajan ngalaman kasusah.
13. Kumaha sobat sajati bisa ngabantu lamun kulawarga nguciwakeun urang?
13 Urang bisa dililipur ku sobat sajati di sidang. (Sil. 18:24) Paula kakara lima taun umurna basa indungna teu ngawula deui ka Yéhuwa. Paula sedih pisan, ieu téh beurat keur manéhna. Tapi, hiji panaratas nu ngaranna Ann nguatkeun jeung merhatikeun manéhna. Paula ngajelaskeun, ”Sanajan Ann lain dulur kuring, manéhna perhatian jeung nyaah ka kuring. Kuring jadi bisa terus ngawula ka Yéhuwa.” Ti saprak éta, indungna Paula ngawula deui ka Yéhuwa. Paula bungah pisan. Ann gé bungah bisa ngabantu Paula terus ngawula ka Yéhuwa.
14. Naon mangpaatna lamun urang ngalilipur batur?
Pil. 2:4) Ieu nu dilampahkeun ku Rasul Paulus. Manéhna nyaah ka dulur saimanna ”kawas indung rumawat ka anak”. Paulus gé ngalilipur jeung nguatkeun dulur-dulurna ”lir bapa ka anak”.—Baca 1 Tesalonika 2:7, 11, 12.
14 Lamun urang sibuk nyieun kahadéan ka batur, urang bisa poho kana masalah sorangan. Contona, loba sadérék istri, boh nu geus nikah boh nu teu acan, tetep bagja lantaran nyaho lamun ngawawarkeun warta hadé Karajaan téh hartina digawé bareng jeung Yéhuwa sarta ngalampahkeun pangersa-Na. Sabenerna, urang kabéh bisa merhatikeun kapentingan batur ku cara ngawawarkeun warta hadé. Urang gé beuki raket jeung dulur saiman lamun urang nyieun kahadéan ka maranéhna. (PANGLIPUR DINA KULAWARGA
15. Saha nu dibéré tanggung jawab pikeun ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa?
15 Kumaha urang bisa ngalilipur kulawarga-kulawarga di sidang? Sakapeung, sadérék nu anyaran jadi Saksi ménta saran kumaha carana ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa atawa ménta urang nu ngajarkeun Alkitab ka barudakna. Alkitab némbongkeun yén Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kolot pikeun ngajar jeung ngadidik barudakna. (Sil. 23:22; Epe. 6:1-4) Dina sababaraha kaayaan, batur bisa waé ngabantu. Tapi, sakuduna mah kolot nu ngajar barudakna. Ieu téh penting sabab kolot jadi bisa rutin ngobrol jeung barudakna.
Kolot perlu rutin ngobrol jeung barudakna
16. Naon nu kudu diinget waktu ngajar budak batur?
16 Basa aya kolot nu ménta urang pikeun ngajar barudakna, urang kudu inget yén urang teu boga wewenang nu sarua siga kolotna. Sakapeung, urang bisa waé ngajarkeun Alkitab ka budak nu kolotna lain Saksi. Lamun urang kudu ngajar anak batur, alusna mah éta diayakeun di imah manéhna basa aya kolotna atawa aya sadérék séjén nu geus pangalaman, atawa diayakeun di tempat umum. Ku kituna, batur moal bakal salah paham. Dina waktuna, bisa waé kolot éta budak bisa ngajar budakna sorangan.
17. Kumaha carana barudak bisa ngalilipur kulawargana?
17 Barudak nu diajar nyaah ka Yéhuwa bisa ngalilipur jeung nguatkeun kulawargana. Kumaha carana? Ku cara hormat jeung dina prakna méré bantuan ka kolotna. Barudak ogé bisa nguatkeun kulawargana ku cara tetep satia ka Yéhuwa. Saacan Caah Gedé, Lamék ngawula Yéhuwa. Manéhna ngomong ngeunaan budakna, Nuh, ”Ieu budak bakal ngajait urang tina gawe beurat migawe taneuh anu geus keuna ku panyapa PANGERAN.” Nubuat ieu kalaksana sanggeus Caah Gedé basa Yéhuwa ngaleungitkeun tulah-Na tina taneuh. (Kaj. 5:29; 8:21) Kiwari, barudak nu satia ka Yéhuwa bisa ogé ngalilipur kulawargana. Maranéhna bisa ngabantu kulawargana sangkan tetep tabah nyanghareupan kasusah boh ayeuna boh dina mangsa kahareup.
18. Naon nu ngabantu urang tetep tabah nyanghareupan kasusah?
18 Kiwari, umat Yéhuwa dililipur ku cara ngadoa, ngalenyepan conto-conto Alkitab, sarta nyobat jeung dulur saiman. (Baca Jabur 145:18, 19.) Urang yakin Yéhuwa salawasna siap ngalilipur urang, sarta pasti ngabantu urang tetep tabah nyanghareupan kasusah dina kahirupan!