Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Daék Ngupayakeun Karukunan?

Naha Sadérék Daék Ngupayakeun Karukunan?

ALLAH YÉHUWA miharep hamba-hamba-Na hirup rukun sarta ngupayakeun pikeun akur pada batur. Hasilna, bakal aya karukunan di sidang Kristen. Hal éta nu narik ati jalma-jalma.

Contona, aya hiji dukun di Madagaskar anu merhatikeun karukunan di antara umat Yéhuwa. Manéhna mikir, ’Lamun rék boga agama, kuring bakal asup agama ieu.’ Ahirna, manéhna teu ngalampahkeun spiritisme deui, nyaluyukeun perkawinana jeung prinsip Alkitab, sarta jadi hamba Yéhuwa, Allah karukunan.

Siga éta lalaki, unggal taun rébuan jalma asup ka sidang Kristen jeung ngarasakeun karukunan nu diarep-arep ku maranéhna. Tapi, Alkitab nyebutkeun lamun sipat ’dengkian jeung nyerian hate’ bisa ngaruksak sosobatan jeung nimbulkeun masalah di sidang. (Yak. 3:14-16) Tapi, Alkitab méré urang naséhat nu alus pikeun nyingkahan éta masalah jeung nguatkeun karukunan di antara dulur saiman. Hayu urang tingali kumaha naséhat ieu kabukti hasil dina kahirupan nyata.

MASALAH JEUNG CARA NGARÉNGSÉKEUNANA

”Kuring teu bisa akur jeung dulur saiman nu digawé bareng jeung kuring. Pernah sakali waktu, basa kuring duaan keur paséa, dua jalma nyaksian pacékcokan kuring.”—CHRIS.

”Hiji sadérék nu sering dines jeung kuring ujug-ujug ngabatalkeun dines. Terus manéhna embung ngobrol deui jeung kuring. Teuing ku naon.”—JANET.

”Kuring pernah teteleponan tilu urang sakaligus. Terus nu hiji ngomong rék enggeusan. Sugan téh teleponna geus dipareuman, ari pék téh teu acan, boro kuring geus ngagogoréng manéhna ka nu hiji deui.”—MICHAEL.

”Di sidang kuring aya dua panaratas nu jadi teu akur. Nu hiji nyengor ka baturna. Sadérék-sadérék jadi sedih ningalina.”—GARY.

Katingalina ieu lain masalah nu beurat. Tapi, kaayaan ieu bisa nyababkeun jalma-jalma nu keur pagétréng jadi teterusan nyeri haté sarta bisa ngaruksak karukunan sidang. Untungna, sadérék-sadérék tadi nuturkeun bingbingan Alkitab jeung rukun deui. Ceuk Sadérék, naséhat Alkitab mana nu bisa ngabantu maranéhna?

”Di jalan, ulah keuheul ka papada dulur.” (Kaj. 45:24, NW) Yusup méré saran nu bijaksana ka dulur-dulurna basa maranéhna rék mulih ka bapana. Lamun hiji jalma teu bisa ngadalikeun parasaanana jeung gampang keuheul, kaayaan bisa jadi beuki parah. Batur ogé bisa jadi ambek ka urang. Chris sadar yén teu gampang pikeun rendah haté jeung nuturkeun pituduh. Tapi, manéhna hayang barobah, jadi manéhna ménta dihampura ku sadérék nu paséa jeung manéhna. Chris ogé sabisa-bisa ngadalikeun émosina. Basa sadérék éta ningali upaya Chris, manéhna ogé ngalakukeun nu sarua. Ayeuna, maranéhna rukun ngawula Yéhuwa babarengan.

”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud.” (Sil. 15:22) Basa baturna Janet embung ngobrol deui jeung manéhna, Janet mutuskeun rék ngalampahkeun ayat ieu. Manéhna ngajak ngomong baturna. Janet nanyakeun naha manéhna pernah dinyenyeri ku Janet. Mimitina mah karagok, tapi maranéhna bisa ngobrol kalawan tenang, jeung lila-lila jadi genah ngobrolna. Sadérék éta sadar yén manéhna geus salah paham jeung sabenerna mah Janet henteu nganyenyeri manéhna. Manéhna ménta dihampura ku Janet. Ayeuna, maranéhna jadi nyobat deui jeung ngawula Yéhuwa babarengan.

”Ku sabab kitu, lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh, tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula.” (Mat. 5:23, 24) Yésus méré naséhat ieu dina Hutbah di Gunung. Sanggeus Michael ngagogoréng baturna, manéhna ngarasa hanjakal pisan. Manéhna daék ngalampahkeun naon waé pikeun mulihkeun deui sosobatanana. Jadi, manéhna ngadatangan sadérék éta jeung ménta hampura. Naon hasilna? Ceuk Michael, ”Manéhna réla ngahampura kuring.” Maranéhna jadi nyobat deui.

”Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura.” (Kol. 3:12-14) Kumaha jeung dua panaratas nu paséa basa keur dines? Ku cara nu lembut, hiji kokolot méré nyaho yén batur jadi sedih jeung teu ngeunah haté ningali maranéhna. Maranéhna diélingan sangkan silih sabaran jeung ngajaga karukunan di sidang. Maranéhna narima jeung ngalarapkeun naséhat kokolot éta. Ayeuna maranéhna akur deui jeung terus ngawawar babarengan.

Naséhat di Kolosa 3:12-14 ieu bisa mantuan Sadérék jadi rendah haté, resep ngahampura batur nu nganyenyeri Sadérék, jeung henteu teterusan mikirkeun masalahna. Kumaha lamun urang geus upaya, tapi tetep teu bisa ngahampura? Prinsip di Mateus 18:15 bisa ngabantu urang. Sanajan Yésus keur ngabahas dosa nu gedé, urang bisa ngalampahkeun prinsip éta iraha waé urang boga masalah jeung sadérék-sadérék. Kalawan lembut jeung rendah haté, urang bisa paduduaan ngabahas jeung ngaréngsékeun masalahna.

Aya loba naséhat nu alus dina Alkitab. Sangkan bisa ngalarapkeun naséhat-naséhat éta, urang kudu ngandel ka roh suci Allah nu mantuan urang miboga sipat-sipat nu hadé, saperti ”nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia, handap asor, nahan napsu”. (Gal. 5:22, 23) Saperti oli nu bisa ngalancarkeun mesin, sipat-sipat hadé éta bisa nyieun masalah jadi leuwih gampang diréngsékeun jeung bisa nguatkeun sosobatan.

BÉDA KAPRIBADIAN TAPI TETEP BUNGAH

Unggal jalma boga kapribadian masing-masing. Urang boga sipat-sipat, cara pandang, jeung cara ngungkabkeun diri nu béda-béda. Ku kituna, sosobatan jeung nu séjén jadi nyenangkeun jeung teu ngabosenkeun. Tapi, éta ogé bisa nimbulkeun salah paham jeung pacékcokan. Hiji kokolot nu geus pangalaman méré contona, ”Hiji sadérék nu éraan bisa ngarasa kararagok lamun bareng jeung sadérék nu céréwéd tur soméah pisan. Katingalina siga nu teu pira, tapi éta bisa jadi masalah gedé.” Naha Sadérék ngarasa lamun jalma-jalma nu béda kapribadian moal bisa akur? Hayu urang tingali tuladan ti dua rasul. Lamun urang ngabayangkeun Pétrus, kabayangna téh sadérék nu resep ngungkabkeun naon waé nu aya di pikiranana. Béda deui jeung Yohanes, nu kabayangna téh sadérék nu nyaahan jeung mikir heula sateuacan ngomong atawa nyieun tindakan. Pétrus jeung Yohanes béda kapribadianana, tapi maranéhna bisa sabilulungan ngawula Yéhuwa. (Ras. 8:14; Gal. 2:9) Kitu ogé urang kiwari. Sanajan béda kapribadian, urang Kristen bisa digawé sabilulungan.

Tapi, kumaha lamun aya batur di sidang nu ucapan atawa lalampahanna nganyenyeri Sadérék? Ulah poho Yésus téh maot keur Sadérék jeung keur manéhna. Jadi Sadérék kudu nyaah ka dulur saiman. (Yoh. 13:34, 35; Rum 5:6-8) Jadi, teu bener lamun urang megatkeun sosobatan jeung manéhna atawa nyingkahan manéhna. Sabalikna, pék pikirkeun, ’Naha manéhna téh geus ngalanggar hukum Yéhuwa? Naha manéhna ngahaja nganyenyeri kuring? Atawa, naha kuring ngan saukur béda kapribadian? Sabenerna, naha manéhna boga sipat hadé nu hayang diconto ku kuring?’

Misalna, lamun dulur saiman nu céréwéd dines bareng jeung Sadérék nu cicingeun, naha Sadérék bisa diajar ti manéhna? Atawa, naha manéhna téh leuwih béréhan ti Sadérék? Naha Sadérék sadar lamun urang béréhan ka nu kolot, ka nu gering, atawa ka nu ngabutuhkeun, urang bakal leuwih bagja? Naha Sadérék bisa diajar hal éta ti manéhna? Nu penting, sanajan Sadérék jeung dulur saiman téh béda, Sadérék bisa merhatikeun sipat-sipat hadéna. Sadérék duaan meureun moal bisa jadi sobat dalit, tapi hubunganana bakal tetep alus. Sadérék jeung manéhna bakal tetep akur sarta bakal aya karukunan di sidang.

Di abad kahiji, aya dua sadérék istri nu ngaranna Eodia jeung Sintika. Katingalina maranéhna boga kapribadian nu béda pisan, tapi Rasul Paulus ngajurung maranéhna, ”Sing alakur dina sakapercayaan ka Gusti.” (Pil. 4:2) Urang ogé hayang nyembah ka Yéhuwa bareng jeung dulur-dulur saiman sarta ngupayakeun karukunan di sidang.

PACÉKCOKAN ULAH DIANTEP

Ku naon urang kudu buru-buru miceun sagala parasaan négatif ka batur? Ieu diibaratkeun siga eurih nu tumuwuh di kebon kembang nu éndah. Lamun teu dicabutan, eurihna bakal minuhan sakabéh kebon. Kitu ogé, lamun parasaan négatif beuki lila beuki kuat, sidang bakal kapangaruhan. Tapi, lamun urang nyaah ka Yéhuwa jeung ka dulur saiman, urang bakal ngalampahkeun naon waé sangkan sidang tetep rukun.

Lamun urang rendah haté dina ngupayakeun karukunan, urang bakal tajub ningali hasilna

Lamun urang ngupayakeun karukunan, urang bakal tajub ningali hasilna. Saurang sadérék istri nyaritakeun pangalamanana, ”Kuring ngarasa dianggap budak leutik ku hiji sadérék. Sebel pisan. Lantaran keuheul, kuring ngabaeudan manéhna. Kuring mikir, ’Manéhna gé teu ngahargaan kuring, ku naon kuring kudu ngahargaan manéhna?’”

Terus, sadérék ieu mikirkeun deui sikepna. ”Kuring rumasa boga sipat-sipat goréng, jadi kuring tékad rék robah. Sanggeus doa ka Yéhuwa, kuring meuli hadiah leutik jeung nulis kartu nu eusina ménta hampura lantaran geus baeud ka manéhna. Kuring duaan silih tangkeup jeung satuju moal inget deui ka nu enggeus-enggeus. Ayeuna, kuring duaan jadi akur.”

Kabéh jalma hayang hirup rukun. Tapi, lamun martabat jeung kadudukanana kaancam, maranéhna osok keuheul atawa ambek. Éta bisa ngaruksak karukunan. Sikep ieu téh jamak di dunya, tapi Yéhuwa teu miharep hamba-hamba-Na siga kitu. Saksi Yéhuwa kudu rukun jeung ngahiji. Yéhuwa masihan ilham ka Paulus pikeun ngélingan urang Kristen, ”Hirup aranjeun sing sakumaha layakna anu geus disaur ku Allah.” Maranéhna dijurung pikeun ”rendah ati, someah, sabar. Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun. Katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan”. (Epe. 4:1-3) Urang ngahargaan pisan karukunan nu dipimilik ku umat Yéhuwa. Jadi, hayu urang satékah polah ngajaga karukunan sarta ngaréngsékeun unggal masalah jeung dulur saiman.