Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Terang?

Naha Sadérék Terang?

Naon sababna tukang dagang sasatoan di bait Yérusalém disebut ”begal” ku Yésus?

INJIL MATEUS nyebutkeun, ”Yesus lebet ka Bait Allah. Anu tukang dagang di dinya diusiran. Meja-meja tukang nalukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun. Saur-Na, ’Dina Kitab Suci disebut, kieu dawuhan Allah: ”Bait Kami bakal disarebut tempat paranti sembahyang.” Ari ku maraneh dijieun sayang begal!’”—Mat. 21:12, 13.

Sajarah ngabuktikeun yén tukang dagang di bait ngalicikan nu meuli ku cara méré harga nu kacida luhurna. Contona, japati hargana murah pisan, jadi bisa kabeuli ku nu miskin keur kurban. Tapi, catetan Yahudi kuno nyebutkeun yén di abad kahiji, dua japati téh pernah dihargaan sadinar emas. Éta sarua jeung upah 25 poé digawé. Lantaran kacida mahalna, japati teu bisa kabeuli ku jalma miskin. (Ima. 1:14; 5:7; 12:6-8) Guru Yahudi nu ngaranna Simeon bin Gamaliel ambek ningali kaayaan ieu. Tuluy, manéhna ngurangan jumlah sato nu kudu dikorbankeun ku urang Yahudi. Teu lila, harga dua japati diturunkeun jadi sapersaratus dinar emas.

Geus kabukti yén tukang dagang di bait téh hawek jeung osok ngamangpaatkeun nu meuli. Éta sababna Yésus nyebut maranéhna ”begal”.